13. Fredi nulungan Lastri

Fantasy Series 36

"Sia teu gableg ceuli? Ceuk aing kabéh nya kabéh. Ayeuna tulungan Ema sangkan duit bisa balik deui lain tatanya bari siga anu nyalahkeun!" Ceuk Lastri ambek bari mayar céndol terus ngingkig deui ka tengah riungan démo. Udin buburu nuturkeun.

"Lamun manéh moal nulungan, balik deui ka imah teu kudu cicing didieu! Dasar minantu euweuh guna!" Ceuk Lastri bari molototan ka Udin anu masih nuturkeun.

Dipolototan ku Lastri Udin buburu ngabébérkeun deui spanduk bari diacung-acung,
"kaluarkeun hak aing! Balikeun duit aing!" Eta kalimah anu digorowokkeun ku Udin terus diulang-ulang.

Sabab ukur Udin anu pangorana, jadi sorana pangtarikna, tangtu langsung jadi perhatian kabéh jelema.

"Lastri, éta minantu?" Ceuk saurang nini-nini nanya ka Lastri.

"Enya" témbal Lastri.

"Naha teu digawé kitu bet boga waktu miluan démo?" ceuk si Nini deui.

Lastri ditanya kitu ngarasa éra,
"nyéta henteu, lamun seug aya gantina mah kuring ogé teu sudi gableg minantu siga kieu, pangangguran" ceuk Lastri sangeunahna.

Udin anu geus biasa dihina ukur nyengir,
"Susah nyinghareupan kolot bedegong mah, ditémbal majang, teu ditémbal beuki sangeunahna" gerentesna.

Saenggeus ditanya ku si nini. Lastri malah jadi ngalamun, haténa ngagerentes,
"Lamun seug aya si Iyus, pasti masalah asuransi ieu bakal bisa dibéréskeun, ngan hanjakal si Iyus geus bangkrut.

Ras Lastri inget ka adina Ibro, nyaéta Frédi anu anyar panggih dina acara sukuran Palapa tadi peuting. Sabab katémbongna Frédi sukaeun pisan ka Icih. Jadi Lastri buburu kaluar tina riungan terus nelepon Ibro,
"Bro, sambungkeun ka adi manéh, si Frédi"

Teu lila kadéngé Sora Fredi,
"Bi, abdi Frédi. Aya peryogi naon?"

"Bibi butuh bantuan, Asuransi Mutiara teu ngaluarkeun dévidén, malah duit prémi ogé teu bisa ditarik. Bibi aya di jalan Suci, anjeun boga cara pikeun nulungan bibi?" Ceuk Lastri langsung kana poko masalahna.

"Mangga bi, abdi sumping kadinya, antosan" témbal Frédi.

"Nuhun" Lastri nutup telepon bari melong ka Udin anu masih kénéh cocorowokan démo. Terus disampeurkeun. Lastri nyarita,
"Bieu ema nelepon Frédi ménta tulung pikeun méréskeun masalah di dieu, sakeudeung deui manéhna bakal datang"

Udin ukur seuri,
"Ma perusahaan kieu anu wantun nipu puluhan jalmi pasti kagungan béking kiat, Frédi budak bolon anu teu acan uninga nanaon, moal ogé sanggem nguruskeun"

Ngadéngé Udin nyapélékeun Fredi Lastri ambek,
"Mémangna manéh bisa?"

"Antosan sakedap ma, abdi ogé badé nelepon" témbal Udin bari kaluar tina riungan.

Nini-nini bawél anu loba tatanya ka Lastri tadi, nyampeurkeun terus nanya deui ka lastri,
"Lastri. Manéh bieu nelepon Saha?"

"Nelepon Frédi Wijaya, adina Ibro Wijaya, manéhna rék datang kadieu pikeun nulungan kuring" ceuk Lastri.

"Baruk! Anjeun wawuh jeung kulawarga Wijaya?" si Nini colohok teu percaya.

"Enya" témba Lastri reueus ka dirina.

Udin can nelepon sasaha. Ukur diuk ngiuhan handapeun tangkal ngageberan awakna anu hareudang ku dampal leungeuna sorangan bari nempokeun démo ti kaanggangan. Bari istirahat, sakalian nungguan Frédi datang. Udin hayang nyaho. Naon anu bakal dilakukeun ku Frédi pikeun nulungan jelema loba siga kieu.

Selang sababaraha menit, reg Fortuner beureum eureun teu jauh ti lokasi démo, katempo Fredi maké setélan jas rapih jeung kacamata hideung kaluar tina mobil. Nempo Frédi geus datang, Lastri langsung mapagkeun,
"Frédi ieu bibi, hayu kahareup" bari nungtun leungeun Frédi langsung ka barisan démo panghareupna. Kabéh jelema nyingray méré jalan.

Udin anu panasaran ogé nguniang nangtung terus asup kana riungan démo. Geus dihareup Fredi ngomong ka Lastri,
"Hapunten bi, abdi telat, bibi pasti ngantosan lami"

"Ah henteu" témbal Lastri

"Sabaraha artos bibi di dieu?" Frédi nanya.

"Sajuta, kuduna poé ieu perusahaan ngaluarkeun dévidén 200 rébu, tapi bohong. Alesanna rugi, anu sajuta duit bibi ogé dianggap hangus" témbal Lastri ngajelaskeun.

"Manga bi, pasti ku abdi dibantos" témbal Frédi bari ngalieuk ka Udin anu katempo aya di dinya ogé.

"Aéh, aya kang Udin gening. Kunaon bibi boga masalah diantep waé? Kuduna ogé saméméh nelepon ka kuring, anjeun heula sabagé minantuna anu kudu nindak" ceuk Frédi nyindiran Udin.

"Keun antep si Udin mah, manéhna ku bibi keur ditugaskeun gogorowokan. Sabab ngan ukur éta pangabisana. Euweuh anu bisa diharepkeun" ceuk Lastri sangkan Frédi teu kapapanjangan ngobrol jeung Udin.

Frédi unggeuk,
"Mangga bi, keun ku abdi dibéréskeun"

Udin nyorowok deui nyumangetan,
"Ayo Fredi anjeun pasti bisa! Anjeun pasti bisa! Anjeun pasti bisa!" Kituna téh bari ngacungkeun peureupna ka luhur bari mimpin batur sangkan cocorowokan ogé. Atuh langsung ngaguruh réang sora nini-nini jeung aki-aki ngagorowokeun,
"Anjeun tangtu bisa! Anjeun tangtu bisa!" terus diulang-ulang teu eureun-eureun.

Nini-nini célémbéng anu loba tantanya, ayeuna geus nanya deui ka Lastri,
"Lastri, bisaeun moal Frédi nulungan sararéa?"

"Frédi datang ka dieu pikeun nulungan kuring. Ceuk saha rék nulungan sararéa?" témbal Lastri ketus.

Ngadéngé kitu si Nini nyekelan leungeun Frédi,
"kasép, tulungan nini ogé nya?"
Frédi unggeuk terus malik ka jelema loba,
"Kulantaran kabéh sanasib jeung bibi kuring. Jadi ulah hariwang, kuring bakal nulungan kasusah aranjeun saraéa"

Atuh kabéh para lansia surak muji sarta nganuhunkeun ka Frédi. Ningali saraéa atoh, Frédi nyarita deui,
"Tapi aya syaratna, kuring aya didieu lantaran bibi Lastri. Jadi dimana duit prémi geus balik deui ka aranjeun, aranjeun kudu mayar 10% tina duit anu katarima ka bibi Lastri. Kumaha sanggup?"

Si nini bawél buburu némbalan,
"Teu masalah. Hadé kénéh narima 90% tibatan duit leungit kabéhanana"

Nu séjén ogé pating corowok satuju. Lastri anu ngadéngéna langsung bungah. Dina otakna langsung kabayang poé ieu manéhna bakal mupu duit jutaan. 10% ti puluhan jelema tangtu bakal loba pisan.

"Ayeuna kuring rék asup ka jero. Tungguan" ceuk Frédi bari ngaléngkah ka kantor Asuransi Mutiara.

"Frédi, tungguan, bibi milu ka jero" ceuk Lastri.

Udin buburu metot leungeun lastri,
"Bu, Saéna ibu mah didieu waé, ulah kalebet. Upami Frédi gagal, ibu bakal aya dina bahaya"

Lastri muncereng ka Udin,
"Anjeun teu yakin kana kamampuan Frédi?"

Nempo pahlawanna disapélékeun, para nini-nini jeung para aki-aki nyurakan Udin lantaran teu panuju. Ngan ku Udin teu dipaliré, pamikirna anu leuwih penting nyalametkeun heula mitohana,
"Bu, Kedah ngadangu ka abdi. Heulang ogé aya kalana gagal néwak anak hayam"

Ngadéngé omongan Udin, Frédi ngarandeg terus ngarérét ka Udin,
"kang, Kuring wani asup hartina kuring mampu. Tong disaruakeun jeung anjeun anu ti tadi ukur bisa cicing"

"Frédi, ulah diasupkeun kana haté. Cungur si Udin mah mémang kitu, maklum teu nyakola. Hampuraeun" ceuk Lastri bari terus nyurungkeun tonggong Frédi sangkan nuluykeun léngkahna.

Lantaran Lastri teu bisa dicarék keukeuh hayang milu asup, Udin ahirna pasrah,
"Nya teu langkung ibu wé, abdi mah mung sakadar ngémutan"

"Teu sawios bi, mung cariosan kitu mah ku abdi dianggap radio butut" témbal Frédi bari seuri terus ngaléngkah deui.

Tepi ka lawang panto Frédi langsung nyorowok ka security anu ngajaga,
"Kuring Frédi Wijaya. Calukan bos anjeun. Balikeun duit kabéh jelema anu aya diluar. Atawa kuring bakal ngagero pangacara jeung pulisi sangkan saraéa diringkus"

"Mangga antosan sakedap" témbal security, terus nelepon bosna maké telepon anu ngajagrag dina méja resépsionis.

Di rohangan kantorna bos Héri keur nyinghareupan tamu saurang lalaki lintuh umur 40an.
"Kang Bahar, ieu jatah akang bulan ieu, dilebetna aya 20juta, mangga diétang heula" ceuk Héri ka tamuna bari mikeun amplop.

Sa Bandung pasti moal bireuk deui ka anu ngarana Bahar, manéhna raja préman anu anak buahnya rébuan nyebar di tiap wilayah 'baseuh' di Bandung. Saurang ogé moal aya nu wani cucungah.

"Ti iraha déwék sok ngitung duit? Déwék percaya ka silaing. Tapi ulah ngarepkeun hirup lamun silaing bohong" ceuk Bahar bari narima amplop terus diselapkeun dina cangkéngna.

"Kang, kumaha sareng jalmi-jalmi anu aya diluar, upami diantep pasti bakal ngondang kacurigaan pulisi" ceuk Heri.

"Singhareupan heula ku silaing, Mun teu bisa, déwék kaluar" jawab Bahar bari nyuruput kopi dina méja.

"Mangga kang, hatur nuhun" ceuk Héri manggut.

"Kahareupna, leuwih hadé tingalkeun bisnis model kieu, gedé teuing résikona. Leuwih hadé gawé jeung déwék" ceuk Bahar.

"Mangga kang, nuhun upami akang keresa dituturkeun ku abdi mah" témbal Héri atoh.

Héri saurang sarjana anu ahli dina urusan management keuangan, ngan kapinterana disalah gunakeun. Saméméhna Héri kungsi jadi réntenir di Cirebon terus lumpat ka Bandung muka asuransi. Anu sabenerna mah ukur kedok, dina prak-prakanna mah leuwih jahat ti ngaréntenkeun.

Salila ieu Bahar ukur ngabékingan Héri sarta narima jatah bulanan anu lumayan gedé, ngan dina haté leutikna Bahar manglebarkeun kana kapinteran otak Héri, Matak boga fikiran hayang ngarékrut Héri pikeun jadi anak buahna.

Telepon dina méja Héri disada,
"Bos, aya pamuda ti kulawarga Wijaya. Manéhna nungtut masalah buburu dibéréskeun, Mun henteu, manéhna bakal mawa pangacara jeung pulisi" ceuk security ngalaporkeun.

"Kang kumaha ieu? Situasina darurat, klien geus mimiti ngalibatkeun urang luar ti kulawarga Wijaya" ceuk Héri ka Bahar bari geumpeur.

"Kulawarga Wijaya dimata déwék ukur rametuk, hayu ka hareup. Hayang nyaho saha mangkeluk ti kulwarga Wijaya nu wani pipilueun kana urusan ieu" ceuk Bahar bari nagtung. Dituturkeun ku Héri jeung 4 préman pengawal Bahar.

Dihareup, Frédi masih nangtung bari lajag léjég, ieu waktuna pikeun nunjukeun sihungna dihareupeun Lastri sangkan Lastri neundeun simpati ka manéhna keur muka jalan pikeun bisa ngadeukeutan Icih. Kitu ceuk fikirna. Lantaran katempona Lastri geus teu sabar, Frédi nyarita,
"Bibi, Kuring pasti bakal bisa mulangkeun duit bibi. Ulah hariwang"

Udin anu nempokeun saluareun panto kantor anu molongo ukur bisa seuri nempo kalakuan Frédi jeung mitohana di jero. Udin ngahaja ngadeukeutan lawang salian ti hayang leuwih jelas ningali kaayaan di jero, ogé taki-taki bisi aya kajadian anu teu dipiharep ka mitohana.

Kurunyung ti jero Héri jeung Bahar bijil dituturkeun ku 4 anak buah Bahar. Sanajan umur Bahar geus teu kasebut ngora. Tapi Sima anu kaluar tina panona bisa ngaruntagkeun haté jelema anu ningalina. Ngaran Bahar mémang geus kakoncara sabagé raja préman, tapi karék saeutik jelema anu ngalaman amprok langsung. Kitu deui Udin, Udin ogé teu nyaho lamun anu aya di jero téh Bahar. Komo deui Frédi anu mémang karék baik ti Australia.

Tapi ari ka Héri mah, Lastri jeung kabéh lansia anu aya diluar nyaho. Matak pas nempo beungeut Héri saraéa anu aya diluar langsung patingcorowok nyarékan Héri. Kusabab Frédi teu wawuh ka sasaha anu bieu bijil tijero, jadi langsung ngaduga yén bos asuransi téh Bahar. Frédi ngaléngkah ka hareupeun Bahar deukeut pisan, tepi ka beuteungna hampir antel kana beuteung bahar. beungeutna langsung ditampeukeun kana beungeut Bahar bari nyentak,
"Sia bos Mutiara?"

Bahar ukur seuri,
"lain, Tah digigireun déwék bosna mah" ceuk Bahar.

Udin nyakakak ti luar nempo kalakuan Héri,
"Deuh! maké jeung salah jelema sagala"

Frédi ngagésér saléngkah ka gigir nyinghareupan Héri, tapi karék ogé biwirna rék calangap nanya, hiji peureup anu datangna ti saurang préman anak buah Bahar anu nangtung tukangeun Héri nyuruwuk langsung kana beungeut Frédi.

Jekuk! meneran pisan kana cukang irungna, tepi ka kacapanon hideung anu dipaké ku Frédi potong jadi dua terus murag. Frédi ngadayagdag mundur bari nyekelan irungna, ley getih beureum ngucur bijil tina irungna, mapay kana leungeuna, terus ngagarajag maseuhan jasna.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience