Bari nuturkeun léngkah Udin, Icih ngahuleng. Sataun ngarumahtangga jeung Udin, mémang can kungsi Udin ngabohong. Jadi pamohalan Udin ngabohong komo dina poé penting kawas ayeuna. Icih unggeuk,
"Abdi percanten kang, nanging akang teu mesen di Taman Gantung pan? Margi wengi ieu Taman Gantung masih ditutup"
Udin seuri,
"Akang mesen tempat di sabeulahna, sangkan bisa ningali leuwih jelas, saha anu geus nyéwa Taman Gantung"
Icih seuri,
"Abdi ulah disamikeun sareng batur kang, abdi sanes tukang gosip, tara hoyong terang kana urusan batur, badé saha waé anu nyéwana, abdi mah moal paduli, teu hoyong ningal"
Karék oge duanana asup, sapasang awéwé jeung lalaki nyampeurkeun, anu awéwé langsung nanya ka Icih,
"Anjeun Icih pan? Naha aya didieu?"
Icih ngarérét. Jelas Icih nyaho ka anu awéwé anu nanya. Nyaéta Nikén. Nikén babaturan sakamar Icih salila sataun basa masih kuliah semester ahir. Sanajan sakamar di asrama anu sarua tapi teu sakelas jeung teu sajurusan. Hubungan duanana ogé teu pati akrab. Éta kulantaran Nikén boga sifat sombong, rada bangor jeung timburuan. Nikén teu weléh ngarasa leuwih geulis, lewih beunghar, jeung leuwih pinter ti Icih. Padahal kanyataana mah jauh mela-melu dina sagala hal.
Kaleuwihan Nikén ukur pinter ngarayu sarta morotan lalaki beunghar. Ampir tiap minggu gonta ganti kabogoh. Malah biaya kuliahna salia 4 taun ogé dibayaran ku para lalaki éta. Icih seuri marahmay sanajan maksakeun,
"Hei Nikén. Lila teu panggih. Kuring jeung salaki rék makan malam didieu, anjeun naha di dieu oge?"
Nikén némbalan centil bari nyekelan pageuh kana leungeun pamuda gigireunna.
"Sarua, Kuring jeung salaki ogé rék makan malam di dieu. Di rohangan mana anjeun mesen tempatna? Biasa, Prémium atawa Platinum?"
"Kuring can nyaho, kabéh diurus ku salaki" témbal Icih.
Nikén ngarérét ka Udin,
"Oh, jadi ieu salaki anjeun, anu béjana kuli ngaduk téa?"
Icih teu némbalan, tapi tungkul éra. Nempo parobahan beungeut Icih, Nikén nyarita deui,
"Aduh hampura, kuring teu boga maksud nanaon. Sakadar nanya. Ulah kasinggung nya?"
Udin melong beungeut Nikén ku juru panona, haténa ngagerentes,
"Awéwé ieu kawas anu ngahaja rék nyieun masalah"
Niken nyarita deui,
"Aéh enya Cih, kenalkeun ieu salaki kuring, ngarana Jéjén. Anak cikal hajah Dédéh anu boga armada beus Budiman"
Icih unggeuk tapi teu nyarita. Udin ogé beuki teu resep ka Niken. Niken terus ngocoblak,
"Salaki kuring mémber Platinum. Lamun anjeun ukur di kelas biasa, leuwih hadé batalkeun. Urang babarengan ka kelas Platinum maké kartu mémber salaki kuring. Kumaha, daék?"
Udin buburu némbalan,
"Teu bisa. Kuring geus mesen tempat anu leuwih alus ti Platinum"
Ngan Nikén siga anu teu panuju ku jawaban Udin. Sabab langsung negor ka Icih,
"Cih, salaki anjeun kudu diwarah deui masalah tatakrama. Kuring keur nanya ka anjeun, tapi salaki anjeun anu nyamber némbalan. Keur kuring anu sapopoé hirup dilingkungan jelema beunghar, sikep kitu jelas teu sopan jeung nyinggung perasaan"
Jéjén ngarérét sinis ka Udin
"Nikén, martabat jelema bisa katingali tina omonganna. Ku nolak pangajak kahadéan batur ogé geus némbongkeun kasombonganna. Ka jelema model kieu kuring teu sudi nginjeumkeun kartu mémber Platinum"
Nikén unggeuk terus nyarita deui ka Icih,
"Icih, Kuring manglebarkeun anjeun kawin ka kuli ngaduk bari sombong siga kieu. Pasti bakal jadi mangandeuh keur kahirupan anjeun kahareupna. Leuwih hadé talapung salaki kieu mah. Néangan deui anu leuwih berkelas"
Icih anu geus nahan-nahan teu hayang ambek, ahirna muncereng,
"Niken! Euweuh hak anjeun nganilai salaki kuring. Teu kudu méré koméntar anu matak pikanyerieun haté kuring"
Nikén ngarahuh,
"Anjeun euweuh robahna tibaheula Cih. Jaman kuliah diajak nuturkeun cara hirup kuring sangkan bisa senang embung. Ayeuna meunangkeun salaki kieu disarankeun pipisahan ogé embung. Kunaon satiap kahadéan anu ditawarkeun ku kuring katarimana ku anjeun salah waé?"
Sirah Udin mimiti jangar ngadéngéna. Ahirna Udin ngaluarkeun HP ngirim chat ka Isak sangkan néangan informasi lengkep ngeunaan Nikén minantuna hajah Dédéh bos Budiman.
3 menit sagala rupa informasi ngeunaan Nikén geus asup kana ponsélna Udin. Jadi ku Udin dibaca kalawan taliti. Kadéngé sora Niken nyarita deui ka Icih,
"Tempo tuh salaki anjeun, kuring keur ngajejeléh anjeun, tapi salaki anjeun malah sibuk nyo'o HP. Euweuh kanyaah pisan ka pamajikan"
Udin seuri, terus nyarita bari neuteup beungeut Nikén jeung Jéjén,
"Kuring boga informasi penting, aranjeun hayang nyaho?"
"Info naon?" Nikén kerung.
Udin maca tulisan dina layar HP,
"Niken umur 26 taun, lulusan ITB jurusan ékonomi bisnis. Di tahun kahiji kuliah kungsi 4 kali kaperego ku kaamanan asrama lantaran ngasupkeun lalaki ka kamar nyaéta Béni, Idrus, Tatang jeung Endang"
Nikén calangap,
"Ngomong naon manéh, dilaporkeun ka pulisi siah geus wani mitenah kuring"
Jéjén oge ngarénjag, tapi ukur kerung.
"Kéheula can bérés" ceuk Udin, saterusna nyarita deui,
"Sakali pernah kaperego lantaran ngasupkeun sakaligus dua lalaki kembar, Dino jeung Doni"
"Bohong! Éta informasi Bohong!" Ceuk Niken bari jejebris keuheul.
Udin teu paduli tapi neruskeun deui maca,
"Ahirna anjeun diusir ti asrama terus dirawatan dihiji apartmént ku saurang bos diskotik sarta narima gajih 5 juta sabulan salila dua taun, anjeun ogé kungsi 4 kali ngagugurkeun kandungan. Aborsi ka opat anjeun ngalaman pendarahan anu ahirna kudu dirawat di rumah sakit pikeun ngajalanan operasi pengangkatan rahim, anu hartina anjeun geus mustahil boga katurunan saumur hirup. Taun terahir dimeunangkeun deui cicing di asrama sarta sakamar jeung pamajikan kuring salila sataun"
Saterusna Udin nanya ka Jéjén,
"Jéjén, geus sabaraha taun anjeun kawin ka Nikén jeung geus boga budak sabaraha ayeuna?"
Jéjén molotot ka Nikén,
"Niken! Informasi éta bener?"
Nikén ngalengis bari neuteup beungeut Jéjén,
"Ulah percaya kang, akang inget waktu malam pertama, abdi masih parawan pan? Ieu jelas fitnah"
"Ulah waka geumpeur, informasina can anggeus" ceuk Udin.
"Hayu kang nyingkah ti dieu, ulah didéngé deui, ayeuna geus waktuna makan malam" ceuk Nikén bari metot leungeun Jéjén, tapi Jéjén merod.
Jéjén neuteup ka Udin teu maliré deui ka Nikén sabab panasaran kana informasi saterusna,
"Baca deui tuluyanna"
"Tah anu ieu pasti bakal ngayakinkeun anjeun" ceuk Udin ka Jéjén. Saterusna ku Udin dibaca,
"Lulus ti ITB Nikén indit ka Singapura pikeun operasi palastik selaput dara. Balikna, digawé di perusahaan beus Budiman sarta ngadeukeutan Jéjén ku cara ngabaréd mobil Bentley Jéjén ku setang motorna"
Udin ngarénghap panjang, terus neuteup ka jéjén,
"Informasi panutup bieu lain bohong pan? Bener kungsi aya kajadian kitu?"
Jéjén unggeuk,
"Anu dibacakeun ku anjeun bener, Harita mobil Bentley Kuring memang disérémpét ku motor Nikén tepi ka baréd panjang"
Saterusna Jéjén ngarérét ka Nikén. Nikén ngalengis pikarunyaeun bari neuteup beungeut Udin,
"Udin, ulah dibaca deui, hampura kuring geus ngahina anjeun"
"Geus dibolékérkeun karék ménta dihampura, sok aya-aya waé" ceuk udin bari maca deui tulisan dina layar HPna.
"Sabulan Nikén digawé di Budiman, perusahaan ngayakeun tour wisata karyawan ka Bali, di hotél Grand Indonesia, kaparawanan palsu Nikén dibikeun ka Jéjén, saminggu balik ti Bali, duanana kawin"
Nikén langsung andéprok ceurik, teu ngarti timana Udin bisa meunang informasi dirina kalawan detail siga Kitu.
Jéjén ngalieuk ka Nikén bari molotot,
"jadi salila ieu aing dibohongan? Téga manéh"
"Kabéh fitnah, éta fitnah" ceuk Nikén bari ngagukguk ceurik
Udin seuri,
"Lamun can percaya kénéh, Kuring bisa némbongkeun laporan médis sawaktu Nikén ngalakukeun operasi selaput dara di Singapura jeung operasi pengangkatan rahim di Bandung. Kumaha?"
Jéjén langsung ngajéwang leungeun Nikén rék digusur kaluar ti lobi hotél.
"Hayu balik ayeuna kénéh, urang béréskeun kabéhanana"
Ngan Udin nyarita deui,
"Jén, Bisi anjeun butuh bukti mangrupa foto-foto ti kaamanan asrama saacan digerebeg, éta aya di kuring kabéh. Lamun anjeun kuat nempona bisa dikirim Kana WA anjeun. Jeung aya hiji vidéo durasi 27 menit anu ngahaja dirékam ku bos diskotik di aperteménna"
Nikén ngajerit bari muntangan kana suku Jéjén,
"Kang, Kuring mémang salah, Harita kuring masih bodo can ngarti nanaon, ayeuna kuring rék robah, ampun. Kuring can kungsi ngalakukeun deui saenggeus kawin ka akang"
Udin seuri sinis terus ngomong deui ka Jéjén,
"Ulah percaya, ieu aya sababaraha foto teu pantes anu dilakukeun pamajikan anjeun jeung sababaraha oknum supir Budiman, padahal geus jadi pamajikan anjeun"
"Enggeus Din, Kuring 100% percaya, kirimkeun ka nomer ieu kabéh bukti foto jeung vidéo anu bieu disebutkeun ku anjeun keur disodorkeun ka pangadilan agama. Kuring kudu buburu nyeréikeun awéwé ieu" ceuk Jéjén bari mikeun kartu namana terus ngagusur Nikén anu andéprok diuk kaluar ti lobi.
"Hayu nyi, urang naék" ceuk Udin nungtun Icih asup kana lift teu madulikeun Nikén jeung Jéjén deui.
Dina lift Icih beuki reueus ka Udin, nepi ka nyaho detail latar belakang jeung masa lalu Nikén.
"Akang ngahajakeun milarian info Nikén tina internét?"
Udin gogodeg,
"Akang teu boga kamampuan nepi ka lebah dinya, dina enyana ogé ngoréhan dina internét moal tepi ka sakumplit éta, jeung pasti kudu ti sababaraha sumber sarta butuh waktu lila pikeun ngumpulkeun datana"
"Teras akang kénging timana?" Icih nanya deui.
Udin ngajelaskeun,
"Babaturan fac akang kungsi dinyenyeri ku Nikén, nepi ka manéhna ngahajakeun salila 8 bulan ngumpulkeun informasi kagoréngan Nikén pikeun males kanyerina. Teu sangka info éta bakal aya gunana keur akang ayeuna"
Icih kakara sadar tadi Udin mencét tombol lift anu nuju ka lantéi pangluhurna. Jadi Icih negor lantaran bingung,
"Kang naha akang mencét tombol anu ka Taman Gantung? Pan teu kénging, Taman Gantung ditutup total wengi ieu"
"Urang pan mémang rék ka Taman Gantung" témbal Udin bari seuri.
Icih colohok sabab reuwas,
"Ulah milarian masalah kang, urang pasti diusir ku kaamanan"
Buburu Icih dirangkul ku Udin,
"Tenang Nyi, pamohalan akang nyilakakeun pamajikan sorangan"
Dina jero haté, Icih mikir. Boa-boa Udin anu salila ieu jadi obrolan jelema loba, boa Udin anu geus nyéwa Taman Gantung. Tapi Udin lain mémber, jelas mustahil. Sabab panasaran Icih nanya,
"Janten, akang anu parantos nyéwa Taman Gantung?"
Udin tungkul melong beungeut Icih bari seuri deui,
"Enya, akang anu nyéwa pikeun nyugemakeun nyai. Mémangna kunaon?"
Icih colohok deui, ngarasa otakna asa konslét, naon anu kadéngéna bieu tina biwir Udin ngajadikeun dirina kawas jelema idiot, molohok calangap bari teu bisa ngomong nanaon. Aya bungah anu taya papadana, aya reuwas tapi lain reuwas biasa. Lalaunan cipanonna ngucur, cipanon kabungah anu can kungsi karasa saacana. Icih ngarangkul awak udin tipepereket. Hayang ngucapkeun sukur jeung nuhun tapi biwirna teu mampu ngucapkeun nanaon.
Lalaunan fanto lift muka, diluar geus nyampak ngajajar 3 palayan awéwé jeung 3 palayan lalaki kénca katuhu.
"Nyonya Icih sareng tuan Udin, hotél Padma ngucapkeun selamet kanggé ulang taun pernikahan salira duaan" Ceuk saurang palayan lalaki.
2 urang palayan awéwé jeung lalaki maju bari ngongkorongkeun kangkalung kembang ka Udin jeung ka Icih.
"Mangga teras kalebet" Ceuk genepanna bari rengkuh hormat. Terus kabéh ngaraléos indit saenggeus Udin jeung Icih ngaléngkah asup ka jero Taman Gantung.
Di taman gantung anu sakitu legana, biasana réa jelema. Tapi ayeuna mah Ukur Aya Udin jeung Icih duaan. Icih asa ngimpi bari rurat rérét ka sakuriling nempoan Taman Gantung anu ayeuna dékorasina geus robah, teu kawas basa manéhna datang kadinya dahar jeung Élsa kamari.
Share this novel