39. Udin nyalametkeun icih

Fantasy Series 36

Sabot Icih nelepon, Zoe ngajieun 2 cangkir cai entéh di minibarna. Cangkir keur Icih ngahaja dipurulukan 'obat tidur' rada loba. Zoe mémang geus lila nyetok obat tidur di kantorna anu sabenerna obat éta biasana di paké keur nyekok pamajikanna lamun datang ka kantor, sabab sok bawél pipilueun kana urusan perusahaan. Saupama pamajikanna diantep sadar dina kaayaan keur ambek. Pamajikanna bakal nyorocos mangjam-jam nyarékan dirina.

Zoe ayeuna nékad hayang ngalaksanakeun niatna ngagadabah Icih bari rék difotoan sarta dividéokeun. Sabab ieu kasempetan langka pikeun bisa nyaréan awéwé séjén salain pamajikanna. Foto jeung vidéo bisa dijadikeun bahan pikeun méla diri atawa ngancem Icih dimana aya masalah saenggeusna. Sakaligus bakal jadi bahan fantasi dirina saupama keur nyaréan pamajikanna atawa saupama pamajikanna keur ambek. Sabab lamun pamajikanna keur ambek, bisa sabulan moal daék ngalayanan salaki.

Icih réngsé nelepon, Zoe ogé bérés ngajieun 2 cangkir cai entéh. Cangkir di tunda dina luhur méja, hiji hareupen Icih, hiji deui keur dirina.
"Sok di inum heula caina" Ceuk Zoe bari miheulaan ngangkat cangkir terus ngaregot nginum tiheula

Icih teu curiga nanaon sanajan aya parobahan dina cara ngomong Zoe anu awalna adab ayeuna henteu. Icih ukur ngaduga hal éta disababkeun kulantaran Zoe geus kasinggung sabab rék diinjeuman barang. Jadi sangkan Zoe teu terus-terusan kasinggung, bari nganuhunkeun Icih ogé nginum. Bubuhan mémang capé geus nyupiran jarak jauh, katambah bieu rada stréss waktu ngadéngé Zoe nolak. Tikorona karasa garing hanaang.

Nempo Icih ngaleguk cai bari rada tanggah, Zoe kumétap nempo beuheung mulus Icih, terus panona turun kana dada Icih anu katempo beuki muncugug sabab keur nginum. Haténa beuki ratug. Kabayang sakeudeung deui awak éndah éta bakal jadi milikna, sakeudeung deui pingping mulus Icih anu ayeuna rapet bakal ngadéngkak keur dirina. Kitu pikiran Zoe harita bari terus-terusan neureuyan ciduhna sorangan bari nungguan éfék ubar.

Bérés nginum, Icih sadar aya anu teu bérés. Sabab sirahna ngadadak bareurat jeung lieur. Katambah nempo Zoe anu kumetap bari terus mencrong kana awakna. Sadar aya dina bahaya, Icih rék nangtung hayang lumpat ka luar. Tapi bujurna asa beurat, Icih teu sanggup ngangkat awakna sorangan tina sofa.

Icih buburu mencét nomer Udin dina HP anu masih dicekelan dina leungeun kéncana. Tapi leungeuna teu wasa ngangkat HP kana ceulina. Icih Ukur bisa ngarérét kana layarna pikeun mastikeun yén teleponna geus nyambung. Jadi pas katempo nyambung, Icih nanya ku sora anu tarik ka Zoe, boga harepan Udin bisa ngadéngéeun kana sorana.

"Naon anu geus diasupkeun ku anjeun kana cai entéh? Anjeun rek ngajieun kuring teu sadar?" Ceuk Icih.

Zoe seuri nyakakak,
"Éta entéh mahal, sigana anjeun can biasa nginum cai entéh mahal"

"Sirah kuring lieur, anjeun bisa muka panto? Kuring butuh hawa seger" ceuk Icih.

Zoe nangtung ngaléngkah kana panto, ngan lain rék dibuka, tapi malah dikoncikeun. Saterusna Zoe diuk di gigireun Icih.
"Loba anu nyebutkeun anjeun panggeulisna sa kota Bandung. Ayeuna kuring percaya saenggeus nempo sorangan" bari leungeuna mimiti nyingkahkeun tas Icih anu keur dilahun.

Icih ngageserkeun bujurna ngajauhan bari nangkubkeun HPna sangkan teu katempoeun ku Zoe yén HP keur nyambung.

"Kunaon kawas anu sieun? Tianhao jeung Palapa bakal kerjasama. Naha salah lamun ngobrol leuwih deukeut?" Ceuk Zoe bari nerus mepedkeun awakna kana awak Icih anu beuki undur-unduran bari murungkut. Icih geus mépéd ka sisi sofa, pikeun nangtung dirina mémang geus teu kuat, kapaksa ukur bisa murungkut.

Sedengkeun Udin harita karék réngsé nyeuseuh, keur moé baju. Lantaran aya telepon ti Icih, buburu diangkat tapi anu kadéngé ukur obrolan antara Icih jeung bos Tianhao. Udin sadar Icih aya dina bahaya, jelas Icih geus dicekok ku inuman sarta aya di hiji rohangan anu pantona nutup jeung dina kaayaan keur dirayu. Getih Udin langsung naék kana sirahna. Awakna ngagidir kulantaran ambek.

Buburu Udin nelepon Isak,
"Mang! Kerahkeun kabéh kakuatan perang anu bisa di mobilisasi ku mamang, langsung kirim ka perusahaan bahan wangunan Tianhao di Majalaya. Kuring hayang ngaratakeunna ayeuna!"

Isak ngarénjag,
"Aya naon gan? Pamajikan bos Tianhao ti kulawarga kuat. Bari boga pakait sababaraha proyék jeung kulawarga Subrata sabagé supplier utama. Kumaha ngajelaskeunna mamang ka juragan sepuh?"

Udin ambek,
"Nyawa jeung kahormatan pamajikan kuring dina bahaya, Naha ceuk mamang teu penting?"

Getih Isak langsung naék, tugas utamana mémang ngajaga kasalametan kulawarga Subrata. Komo deui kajadian ieu aya di wilayah Bandung anu jadi tanggung jawabna. Jadi buburu Isak némbalan,
"Mangga gan, di burudulkeun ayeuna kénéh kabéh kakuatan mamang. Téangan lapangan anu rada lega di sakitaran imah, mamang rék mawa hélikopter keur ngajemput juragan"

"100 méter kalereun imah kuring aya lapangan bola, Kuring nungguan didinya" ceuk Udin nutup teleponna terus lumpat ka sisi lapangan anu di maksud.

Teu lila hiji Super Puma ngaguruh di langit, lalaunan turun. Udin lumpat nyampeurkeun. Méméh ban hélikopter antel kana taneuh, Udin geus luncat asup kana panto anu geus di buka ti jero ku Isak,
"Langsung berangkat!" Ceuk Udin bari ngarérétan ka kabéh jelema anu geus araya di jero hélikopter.

Di jero mémang geus nyampak Isak jeung 10 pangawalna anu maraké pakéan hideung, teregos hideung jeung marawa péstol. Kabéh diuk ngajajar kénca katuhueun kabin, sararéa manggut ka Udin. Hélikopter langsung ngabiur ngapung ka lebah Majalaya.

Isak méré laporan,
"Gan. 10 dozer ti proyék anu aya di warung peuteuy jeung di Ciparay ogé tos bergerak, di taksir tepina ka lokasi bakal babarengan jeung urang"

"Alus" Udin unggeuk bari ngacungkeun jempolna.

Di kantor anu pantona geus dikonci, leungeun Zoe geus ngaragamang mukaan kancing baju Icih anu geus ngalempréh teu daya dina sofa. BH pink anu nutupan dada bodas icih geus katémbong. Ngan can parat mukaan kancing baju Icih, panto geus ngagubrag lantaran di dobrak ti luar. Saurang awéwé jangkung gedé anu buukna galing asup dituturkeun ku 4 karyawan Tianhao anu bieu ngadobrak panto.

"Zoe! Keur naon sia?" Ceuk si awéwé bari metot kaméja Zoe ti tukang terus awak Zoe dibantingkeun.
"Saha palacur ieu?" Kituna téh bari dampal leungeunna nampiling Icih.

"Ampun nyi, lain akang anu ngimitian, akang dirayu" ceuk Zoe anu bieu dibantingkeun bari diuk undur-unduran nyarandé kana tembok.

Icih anu mémang masih sadar, ngarasa pipina ditampiling sarta disebut palacur, langsung muka panonna terus ngarérét kana kaméjana anu geus muka satengah. Leungeunna hayang menerkeun bajuna, tapi euweuh tanaga pikeun ngalakukeunna. Ahirna panonna peureum deui sabab rasa tunduh anu teu bisa ditahan.

"Sia anjing bikang jeung anjing jalu. Ulah ngarepkeun bisa salamet kaluar ti rohangan ieu" ceuk si awéwé bari molotot ka Icih jeung ka Zoe.
"Tangtungkeun duanana!" Ceuk si awéwé mére paréntah ka 4 pagawéna.

Duaan langsung maju nangtungkeun Icih, anu dua deui nangtungkeun Zoe. Leungeun Zoe di tilepkeun ka tukang. Kawantu Icih mah dina kaayaan leuleus teu bisa nangtung, jadi cangkéngna kénca katuhu di sangkéh di jungjungkeun, sirah Icih tetep tungkul leuleus sanajan geus nangtung bari panonna peureum, malah sukunna masih rada nilep satengah ngagantung.

Awéwé galak anu ngarana Lia langsung nampiling Zoe satarikna.
"Kulawarga aing geus nganggap sia anak. Lamun kahirupan sia teu di jait ku aing. Sia ayeuna masih jadi galandangan anu barang hakan tina ngoréhan runtah. Ayeuna sia khianat ka aing jeung ka kulawarga aing" kituna téh bari beuteung Zoe ditonjokkan ku peureupna anu gedé. Nepi ka Zoe Utah getih.

Lia asli urang Majalaya, salian jangkung gedé, pakulitana ogé hideung, buukna pondok kiriting. Beungeutna pinuh ko bopéng urut cacar air basa dirina keur leutik, jeung mémang kungsi diajar béladiri. Matak wajar tonjokan-tonjokanna kana beuteung Zoe anu begang bisa ngakibatkeun Zoe utah getih.

"Nyi, ulah nyalahkeun akang terus, ti iraha akan wani salingkuh satukangeun nyai. Kabéh gara-gara awéwé palacur ieu" ceuk Zoe bari ngalieuk ka icih terus nyiduhan Icih anu keur tungkul leuleus.

"Jelaskeun jujutanna!" Ceuk Lia nyentak ka Zoe.

Zoe ngaréka carita,
"Awéwé ieu datang rék nganjuk barang. Ku akang teu di béré. Tapi maksa rék mayar ku awakna pikeun jaminan. Tapi da akang can ngalakukeun nanaon kaburu nyai datang"

Lia ngaléngkah ka Icih, terus buuk Icih dijenggut di dangheuakkeun sangkan ningali ka manéhna, tapi Icih tetep peureum lantaran pangaruh ubar,
"Kurang ajar, aing moal maéhan anjeun. Tapi beungeut anjeun kudu diruksak" ceuk Lia bari nampilingan pipi Icih bulak balik nepi ka biwir Icih getihan.

Sabab ditampilingan, Icih sadar deui, panona beunta,
"Saha anjeun jeung naon anu rék di lakukeun ka Kuring?" Ceuk Icih nanya.

"Dasar tukang lacur, masih kénéh nanya. Aing rék ngaruksak beungeut sia" ceuk Lia bari nampiling deui Icih sakali.

"Cokot péso cutter dina méja, aing hayang nyisit heula biwirna!" Ceuk Lia nitah ka pagawéna.

Saurang pagawé anu nyekelan Zoe ngaléngkah nyokot cutter anu ngagolér dina méja kerja Zoe. Terus nangtung di gigireun Lia.
"Ibu teu kudu ngotoran leungeun sorangan, keun ku kuring, béré paréntah wéh kudu di kumahakeun?" Ceuk si pagawé bari ngabijilkeun mata péso ku jempolna.

Lia teu némbalan, tapi ngarebut péso tina leungeun pagawéna,
"Bangsat! Ti iraha sia wani ngatur aing?" kituna téh bari molototan si pagawé.

Pagawé anu dipolototan buburu mundur, balik deui kana posisina nyekelan leungeun Zoe,
"Hampura Bu" ceuk si lalaki sieun.

Lia ngantelkeun péso cutter anu seukeut kana biwir Icih. Icih ngadégdég tapi teu bisa ngomong sumawona ngalawan.

"Ragragkeun péso!" Ceuk hiji sora ti tukangeun Lia.
Lia ngarérét, katempo Udin geus ngabedega dina lawang panto sarta satukangeunna ogé aya 10 urang lalaki deui anu kabéh maraké baju sarwa hideung jeung maké teregos hideung.

"Saha anjeun! Wani ulubiung kana urusan aing. Sia nyaho saha aing?" Ceuk Lia ka Udin.

"Kuring teu paduli saha anjeun" ceuk Udin bari ngaléngkah asup ngagusur awak Lia anu jangkung badag terus di balangkeun ka luar rohangan kantor.

Ningali Udin datang Icih nyora laun ampir teu kadéngé,
"Kang, salametkeun abdi"

Sakilat peureup Udin langsung dihantemkeun kana beungeut 2 pagawé anu keur nyangkéh Icih. Duanana langsung rubuh ka tukang ngahantem tembok terus ngagolér teu sadar. Icih ngarampéol rék rubuh, buburu awakna di tangkeup ku Udin terus di golérkeun dina sofa. Pengawal Isak anu 3 urang langsung ngaringkus Zoe jeung 2 pagawé anu nyekelanna. Sésana kaluar deui pikeun ngajaga bisi aya pagawé séjén anu asup.

Ningali pipi Icih anu geuneuk sarta aya getih tina biwirna, amarah Udin beuki ngaléntab.

“Candak abdi uih kang” Ngan sakitu kecap anu kaluar tina biwir Icih terus Icih peureum deui.

Nempo Icih teu sadar, Udin ngahelas,
"Ulah hariwang nyi, anjeun geus salamet, akang moal ngantep saha waé anu rék nyilakakeun nyai"

Udin Malik ka Isak anu masih nangtung deukeut lawang panto,
"Tungguan pamajikan kuring di dieu mang" ceuk Udin terus ngagedig ka luar rohangan kantor nyampeurkeun ka Lia anu masih nangkarak sabab dialungkeun bieu.

Isak unggeuk terus asup ka jero kantor.

"Sia geus nampilingan pamajikan aing?" Ceuk Udin bari deku nonjok beungeut Lia.

Irung Lia langsung ngucur getih, Lia ohék-ohékan kabesékan bari nyekelan beuheungna lantaran aya sababaraha huntu anu lésot langsung asup kana tikorona. Lia nyangigir bari ngaburakeun 8 huntu anu geus pacampur jeung getih tina sungutna.

"Sia teu nyaho saha aing!" Ceuk Lia bari oséh-oséhan rék diuk terus nyorowok ngagero para pagawéna,
"Saha waé anu bisa modaran lalaki ieu, saratus juta hadiahna ti kuring" ceuk Lia.

Sanajan sababaraha pagawé geus daratang ka dinya sabab ngadéngé ayana riributan. Tapi euweuh anu wani maju atawa némbalan pikeun nulungan Lia, sabab kabéh geus di halangan bari ditodong ku péstol ku 7 pangawalna Isak.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience