61. Darwin geus cageur

Fantasy Series 36

Si lalaki némbalan,
"Kuring manager toko Hérmes, dua poé katukang anjeun nyobaan sababaraha pakéan jeung aksésoris di rohangan ganti toko. Anjeun inget?"

"Enya, kuring inget. Aya naon?" Ceuk warni beuki panasaran.

Si lalaki ngajelaskeun,
"Pagawé kuring manggihan kangkalung di juru kamar ganti, dina liontina aya ngaran anjeun. Barangna ayeuna aya di kuring"

Warni ngajerit surak, sabab ahirna kangkalungna ogé kapanggih deui. Jadi buburu nyarita,
"Rawatan heula pa, pasti ku kuring dicokot kadinya"

Bari nutup teleponna cimata Warni geus nyurucud sabab atoh narima kabungahan anu terus terusan, patukang tonggong jeung kajadian-kajadian saméméhna. Saterusna warni ngarérét ka Udin, terus nyarita dumareuda,
"Guru, kangkalung éta hiji-hijina perhiasan anu dikantunkeun ku almarhumah pun biang kanggé abdi. Haturnuhun guru"

Udin unggeuk,
"Sabab sagalana geus bérés, buru cokot kangkalungna ayeuna. Kuring ogé rék pamit"

Warni buburu nulis cék 200 juta terus di bikeun ka Udin, sedengkeun cék 100 juta anu dipulangkeun ku Legi dibikeun ka Bahar.

Ngan Udin nolak,
"Warni, anjeun jeung kuring babaturan, kuring datang ikhlas pikeun ngabantu. Teu ngarepkeun bayaran nanaon"

Warni maksa,
"Guru, ieu sanés mayar. Nanging tanda panuhun ti abdi kumargi abdi nuju bagja. Abdi hoyong salura oge ngaraosan rejeki abdi"

Udin tetep nolak,
"Anjeun ayeuna butuh bantuan kuring, kahareupna kuring ogé tangtu bakal butuh bantuan anjeun. Jadi teu kudu itung-itungan"

Lantaran Udin nolak, Bahar ogé jadi éra narimana. Ahirna Bahar ogé nolak bari ngungkapkeun alesan anu sarua.

Warni garahuh kuciwa, cék ahirna diselapkeun deui kana bukuna,
"Upami kitu, hapunten abdi anu bodo. Teu kedah kasinggung. Upami kapayunna salira duaan peryogi bantosan ti abdi, ulah asa-asa nyarios"

Udin unggeuk bari seuri,
"Cokot kangkalungna. Kuring rék pamit"

Warni unggeuk, terus ngarérét ka Boyo,
"Boyo, anteurkeun pa Udin jeung kang Bahar ka luar"

Bari balik, dina mobil Bahar nyarita ka Udin,
"Dén. Lamun aya nanaon, ulah asa-asa béjaan ogé kuring. Kuring réla narohkeun nyawa demi Adén"

"Nuhun kang" ceuk Udin seuri.

Terus Bahar nelepon ka anak buahna,
"Mus, Aya parab anjing di imah Warni Nataprawira, cokot ayeuna!"

Saenggeus nelepon Muslihat, Bahar ogé nelepon ka Warni,
"Néng, anak buah kuring bakal ngajemput Legi ka dinya"

Saenggeus ningali teleponna ditutup. Udin nanya ka Bahar lantaran panasaran,
"Rék di kumahakeun si Legi kang?"

Bahar nyakakak terus ngajelaskeun,
"Aya jelema kapercayaan kuring di Cicaléngka anu usahana kana ngajieunan kicimpring. Ti hareup, mémang katempona ukur imah jeung pakarangan lega tempat moé kicimpring. Tapi ditukangna aya tanah belasan héktaran tempat kuring nahan jelema-jelema jahat siga si Legi. Pa Udin iraha-iraha kudu nempo kaditu"

Udin ngarérét ka kang Bahar anu keur fokus nyupiran, aya rasa teu panuju kana caritaanna. Matak Udin teu némbalan atawa tumanya deui.

Ngan Bahar nyarita deui,
"Dukun, tukang tipu bari sok neluh. Pasti geus biasa maéhan jelema, tibatan Aya korban deui. Leuwih hadé dibérésan. Néng Warni rék ditipu 100 juta, lamun bieu euweuh Adén, nyawana ogé pasti ngalayang"

Nepi ka Imah, nyampak Icih keur nyo'o HP, Udin nanya,
"Keur naon nyi?"

"Nyobian galamar damel sacara online kang. Di sumpingan hiji-hiji mah capé bari teu aya hasilna" témbal Icih.

Udin teu loba tatanya sanajan sungutna mah hayang nyarita sangkan Icih daék muka usaha sorangan. Tapi kulantaran katempona Icih leuwih resep digawé ka batur. Ahirna niatna teu dikedalkeun. Jeung deui dina daékna ogé, Udin moal téga nempo Icih capé, sabab ngarana muka usaha sorangan pasti bakal leuwih nguras tanaga jeung pikiranna.

Peutingna Udin narima telepon ti sobatna, nyaéta Darwin. Darwin ngabéjaan yén peuting éta dirina geus dinyatakeun séhat sarta meunang balik ti rumah sakit. Niatna rék neruskeun deui usaha réstoran anu pastina geus ditingalkeun ku Hérman jeung Lili anu geus diancem ku Udin. Jadi Darwin ngondang Udin sangkan datang isukan pikeun ngajamu makan malam sacara husus. Udin nyanggupan.

"Telepon ti saha kang?" Icih anu karék kaluar ti kamar mandi nanya.

"Ti Darwin, ngondang akang jeung nyai makan malam isukan. Nyai bisa pan?"

Icih unggeuk,
"Tiasa kang, hayu"

Isukna ba'da Magrib Udin jeung Icih indit ka réstoran Warung Taru di Dago nyumponan ondangan Darwin. Sanajan lain rumah makan méwah kelas hiji. Tapi keur ékonomi Darwin anu kakara meunang cocoba mah geus kawilang lumayan. Di Warung Taru geus nyampak aya Élsa jeung sababaraha batur sakolana anu sarua ondang ku Darwin.

Elsa ahir-ahir ieu mémang keur teu bungah. Jadi jarang kaluar. Haténa ogé kuciwa. Sabab jauh-jauh datang ti Jakarta sarta digawé di Bima Raya pikeun ngajalin hubungan jeung Dirutna lantaran paréntah ti kulawargana, tapi can bisa laksana waé. Paamprok beungeut ogé can kungsi. Komo ayeuna dirina ditempatkeun di bagéan pamasaran anu jarang kantor, beuki ipis harepanna pikeun bisa ngawujudkeun niatna.

Malah batinna leuwih kasiksa deui, sabab dipanggihkeun jeung pamuda bageur teu dikenal anu geus nulungan nyawana bari teu apal beungeut jeung ngarana. Komo deui si lalaki geus nempo jeung kungsi nyabak oratna. Teu adil lamun kudu mopoheukeun kajadian éta.

Mémang perasaan anu anéh, hayang wawuh sarta bogoh ka dua lalaki bari can nempo-nempo acan beungeutna. Anu hiji dirékturna sorangan, anu hijina deui teuing saha.

Nempo Udin jeung Icih datang, Darwin buburu nangtung mapagkeun. Terus Suri bungah bari nyarita,
"Udin, Icih. Kumaha kabar aranjeun. Hayu diuk"

Élsa ukur neuteup, aya haté timburu nempo Icih layeut jeung Udin, hayang boga kabogoh bageur siga Udin anu bisa marengan dirina dina kaayaan kumaha waé. Ngan teu lila Élsa ogé nangtung langsung nyampeurkeun ka Icih,
"Cih. Kabeneran aya anu rék dicaritakeun ka anjeun" ceuk Elsa bari nungtun Icih kana méja kosong anu rada nenggang, terus duanana dariuk.

"Aya naon? Meni asa rareuwas!" Icih nanya panasaran.

"Kuring pan kungsi nyarita geus disalametkeun ku pamuda misterius. Ayeuna pamuda éta sok kabayang waé dina fikiran kuring nepi kabawa kana ngimpi sagala. Jujur haté kuring geus mimiti bogoh. Kudu kumaha nya?" Ceuk Elsa ngomongna ngagerendeng bari luak lieuk sieun aya baturna anu ngadengeeun.

"Terus, naon anu bisa dibantu ku kuring?" Icih nanya bari kerung.

Udin anu ayeuna boga dédéngéan seukeut saenggeus boga kakuatan tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun. Jelas bisa ngadéngé kabéh obrolan Icih jeung Élsa. Haténa langsung ratug, sabab teu nyangka Élsa bakal bogoh ka dirina sarta nyaritakeun perasaanna ka Icih. Bakal barabé saupama kanyahoan.

Sabab anu diondangna geus datang kabéh. Darwin nyarita ka sararéa,
"Nuhun ka kabéh sobat-sobat kuring anu geus nyempetkeun datang kana ondangan ieu, sabab réstoran kuring can dibuka deui. Jadi Kuring milih tempat di dieu, sok didalahar hidanganna. Saupama aya anu kurang, ulah asa-asa mesen ka palayan" ceuk Darwin ngajak sararéa dahar tanpa basa basi deui.

"Kuring ngadéngé Darwin ayeuna duda nya. Lamun butuh bantuan keur ngurus réstoran. Kuring daék" ceuk saurang babaturan awéwé nyarita centil bari ngiceupan ka Darwin.

Kabéh langsung saleuseurian surak ngadukung jeung nyatujuan. Beungeut Darwin langsung beureum sabab éra.
"Lamun sakadar digawé, hayu bantuan kuring tapi lamun aya maksud séjén, kuring masih can bisa move on" ceuk Darwin bari ngarérét éra ka Udin.

Darwin mémang masih bangbaungeun saenggeus ditipu ku Lili jeung bapana, can kapikir ku dirina pikeun ngajalin hubungan deui sacara serieus jeung awéwé. Udin ngarérét ka awéwé anu bieu nyarita, nyatana Jihan, digireunna aya saurang pamuda ngarana Jian. Duanana mémang kembar sarta mémang sakelas jeung Darwin katut Icih baheula. Ngan dina acara peresmian restoran Darwin. Duanana teu datang.

Bari dahar Darwin nanya ka pamuda kembaran Jihan,
"Jian, Kuring ngadéngé anjeun geus jadi éksékutif di hiji perusahaan. Bener?"

Jian unggeuk,
"Enya. Tapi prospékna goréng, kuring rék résign, rék pindah ka perusahaan KIKI. Sabab kuring ngadéngé Endang anu jadi managerna di KIKI"

"Oh" ceuk Darwin pondok.

Hubungan Endang jeung Darwin mémang kurang hadé. Matak Darwin teu ngondang Endang. Tapi Jian jeung Endang sosobatan. Wajar Jian boga tekad hayang nuturkeun Endang pikeun bisa digawé bareng.

Élsa ogé milu nyarita,
"Perusahaan KIKI mémang gedé, teu nyangka Endang bisa jadi manager di dinya"

Sabab keur ngaromongkeun masalah pagawéan, Icih anu mémang keur néangan gawé jadi kabita. Sabab Icih ogé kungsi ngasupkeun lamaran ka KIKI, ngan can aya kabarna deui. Jadi Icih nyarita,
"Kuring ogé geus ngasupkeun lamaran ka KIKI, sugan wé ditarima"

Kabéh kerung bari mencrong ka Icih. Jihan nanya,
"Anjeun pan direktur Palapa, Naha bet ngalamar ka Kiki?"

"Kuring geus resign" ceuk Icih, nada sorana siga anu hanjelu.

Jian langsung mencrong ka Udin, terus nyarita sinis,
"Udin! anjeun jadi salaki kumaha atuh? Bet ngantep pamajikan anu néangan gawé. Naha teu karunya? Naha anjeun ogé teu ngalamar ka Kiki. Jadi upama Icih ditolak. Suga anjeun mah ditarima sanajan jadi tukang sasapu ogé"

Udin seuri,
"Pék anjeun heula cobaan ngalamar. Anjeun ogé pan can tangtu ditarima. Kuring can hayang digawé"

Jian nyakakak,
"Dasar lalaki runtah. Ngamanfaatkeun pamajikan digawé. Sedengkeun dirina sorangan malah hayang senang-senang cicing di imah"

Darwin nangtung langsung negor Jian,
"Jian. Kuring ngondang anjeun ka dieu pikeun silaturahmi lantaran basa reunian anjeun teu datang. Jadi ulah jadi silih sindir kieu"

Saterusna Darwin diuk deui terus nyarita ka Udin,
"Hampura Din, Jihan jeung Jian tibaheula mémang siftqna kitu, lamun ngomong sok sangeunahna"

Jihan teu tarima, jadi langsung nyarita,
"Darwin. Naon maksud anjeun? Anu diomongkeun ku Jian pan kanyataan"

Kulantaran ngahargaan Darwin. Udin teu hayang ngaladénan. Jadi ukur cicing. Nempo Udin cicing, Jian jeung Jihan beuki maceuh. Kina nyarita deui,
"Cih, anjeun geulis, loba batur-batur urang anu can kawin. Malah Darwin ogé ayeuna duda. Leuwih hadé tingalkeun lalaki pangedulan kitu mah"

Tina lawang panto, 3 préman anu dipingpin ku Komar asup rék ménta uang kaamanan ka pengelola restoran. Udin wawuh kénéh ka Komar. Tapi ngahaja teu nanya. Udin bisa ngamaklum. Warung Taru mémang lokasina di Dago, jadi masih kaasup wilayahnya Komar kénéh. Sarua jeung rétoran Sans Co milik Darwin.

komar langsung nyampeurkeun kana méja kasir,
"Kuring nagih duit kaamanan bulan ieu"

Kasir nyarita,
"Antosan sakedap. Abdi nyaur manajer abdi heula"

Komar unggeuk langsung nyampeur kana méja anu ukur didiukan ku Élsa jeung Icih. Langsung ngagebrag méja,
"Kosongkeun méja ieu, Kuring butuh 3 korsi"

Jian nangtung
"Rék naraon anjeun? Teu nempo maranéhna keur dalahar? Kunaon anjeun teu néangan méja séjén tinimbang ngaganggu tamu?"

Komar molotot ka Jian, terus disampeurkeun. Pipi Jian langsung dicabok.
"Rek ngajago ka aing? Aing Komar!"

Jian muringis nyekelan pipina,
"Anjeun Komar? Anak buah kang Bahar? Hampura kang Kuring teu nyaho"

Saterusna Jian ngarérét ka Icih jeung Élsa,
"Icih, Élsa, pindah. Méjana rék dipaké ku kang Komar"

Anu séjén kabeh neuteup teu suka ka Jian anu malah ngabéla préman tibatan ngabéla babaturanna sorangan. Buburu Udin nyarita ka Komar,
"Komar, anjeun wawuh kénéh ka Kuring pan?"

Ngan Jian miheulaan némbalan
"Udin. Sia nanaonan? Ieu kang Komar anak buahna kang Bahar. Anjeun ulah macem-macem"

Saterusna Jian manggut ka Komar,
"Hampura babaturan kuring kang. Manéhna tangtu can nyaho saha akang"

Lalaunan Komar ngarérét ka Udin, sabab asa wawuh kana sorana. Paroman beungeut anu tadina perenges ngadadak pias,
"Pa Udin aya di dieu?" Ceuk Komar, sabab can lila kungsi panggih di Sans Co.

"Naha siga anu reuwas, mémangna teu meunang?" ceuk Udin.

"Aduh, hapura pa. Sugan téh euweuh anjeun" ceuk Komar bari ngabongkokkeun awakna méré hormat.

Jian kerung, teu ngarti Komar bet siga anu sieun ka Udin, saacana Jian kungsi ngadéngé kabéh préman ukur sieun ka kang Bahar hungkul. Jadi Jian nanya,
"Kang Komar, Aya naon ieu? Mémang akang wawuh ka jelema éta. Jelema anu ukur jadi runtah di imah mitohana, jelema nganggur urut tukang kuli ngaduk"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience