72. Amprok jeung Élsa di pasar

Fantasy Series 36

Dua kanyataan pait pabeulit dina pikiran Élsa. Kahiji, Lalaki anu dipikabohohna nyatana Udin, salaki Icih. Kadua, anu rék maéhan dirina nyatana ti kulawargana sorangan. Batin Élsa ngarasa disiksa ku dua masalah. Kumaha saupama Icih nyahoeun dirina bogoh ka Udin. Kumaha ogé nasibna kahareupna sabab Élsa jelas moal bisa ngahindar ti kulawargana sorangan.

Sabot keur mikiran Udin, Icih ujug-ujug ngarangkul ngupahan.
"Elsa, teu kudu néanga bodyguard, kang Udin bisa ngajaga anjeun. Lamun iraha-iraha anjeun butuh di kawal, ulah asa-asa telepon kang Udin. Kang Udin tara kamana-mana jeung tara boga kasibukan. Pasti daék marengan anjeun"

Élsa beuki sedih, ceurikna narikan. Sabab Icih bisa nyarita kitu lantaran teu nyaho. Piraku Élsa kudu hianat ka sobatna sorangan anu sakitu bageurna. Jelas moal téga. Tapi Élsa teu bisa nolak. Komo deui anu diomongkeun ku Icih lain urusan haté. Ahirna Élsa unggeuk,
"Lamun geus aya ijin ti anjeun, nya teu nanaon. Wéyahna kang Udin bakal diririweuh ku Kuring"

"Teu nanaon" ceuk Icih. Udin ogé unggeuk nyanggupan bari seuri.

Nempo seuri Udin, haté Élsa langsung nyeblak, haténa ngadadak pating serédét bungah, padahal Élsa mineng ningali Udin seuri. Tapi seuri anu ayeuna karasana béda saeungeus kanyahoan yén Udin anu geus nyalametkeun nyawana 2 kali.

Élsa jangji ka dirina sorangan bakal terus ngajaga rusiah haténa ka Icih. Mémang aya fikiran teu hadé ngolébat mudah-mudahan kahareupna Udin jeung Icih pipisahan. Sabab kalah kumaha ogé kawinan maranéhna akibat paksaan ti kolot lain dumasar ku Bogoh. Tapi buburu pikiran éta dipiceun. Sabab Icih sobatna, Élsa teu meunang hianat.

Sabab hujan geus raat. Élsa ngaluarkeun ponsélna tina tasna terus dibikeun ka Udin,
"Lebetkeun nomer telepon akang kana HP abdi supados gampil ngahubungi"

Udin teu mikiran anu lain-lain, buburu ngetikkein nomer kontaknba dina HP Élsa bari diaranan 'Ultramen' saacan disimpen. Ponsél dibikeun deui ka Élsa. Terus Udin ngarérét ka Érwin,
"Érwin. Kunaon tadi anjeun rék kabur? teu yakin kuring bakal meunang?"

Érwin gogodeg,
"Henteu pa, tadi kuring ukur bingung, ulah salah faham, ulah diasupkeun kana haté. Hampura"

Icih nanya ka Udin,
"Kang, badé nelepon pulisi moal?"

"Akang anu nelepon. Tarungguan wéh dina mobil" ceuk Udin bari ngajauhan terus nelepon Isak.

"Juragan, Aya naon?" Ceuk Isak nanya.

"Mang, kapaksa kuring kudu maéhan 2 anjing anu ngarana Oliv jeung Viki sabab geus ngagogog ka kuring bari rék ngégél. Sarta aya 2 mobil, anu Mercedes kudu didérék terus asupkeun ka béngkél, éta milik babaturan kuring. Anu Jeep milik si Oliv jeung Viki. Beresihan kabéh ti lokasi ieu nya mang, alamatna bakal dishareloc ku kuring"

Isak ngagebeg,
"Naon? Agan geus maéhan 2 buronan anu salila ieu diboro ku pulisi? Mamang teu salah déngé? Lamun juragan sepuh nyahoeun, pasti bakal reueus ngadéngéna. Sabab euweuh di kulawarga Subrata anu bisa gelut ngalawan musuh nyata, salian ti almarhum bapa juragan jeung juragan sorangan"

"Ulah geruh mang, cukup mamang anu nyaho, omat aki atawa kulawarga Subrata anu séjén ulah aya anu nyaho" ceuk Udin.

"Pasti juragan, mamang moal wani cumarita. Ayeuna Mamang rék ngirim jelema ka dinya jeung mobil dérék Shareloc ka mamang lokasina"

"Oké" ceuk Udin langsung nutup teleponna, terus ngirimkeun shareloc kana WA Isak.

Udin buburu asup kana mobil terus indit. Élsa anu diuk dina jok tukang maling-maling ngarérétan spion tengah nempo beungeut Udin anu keur nyupiran. Élsa ngarasa reueus sakaligus beuki bogoh.

Langit mimiti caang deui ningalkeun katumbiri anu melengkung éndah kasorot ku cahaya panon poé.

Udin nurunkeun Érwin di hareupeun kantor pos pusat.
"Nuhun pa" ceuk Érwin bari ngabongkokkeun awakna ka Udin ngaliwatan kaca jandéla saenggeus kaluar tina mobil.

"Ulah gujrud ka sasaha masalah kajadian bieu" Ceuk Udin.

"Bérés pa. Sing percaya ka kuring" ceuk Érwin seuri.

Udin unggeuk tuluy majukeun deui mobilna. Érwin tetep nangtung nempokeun nepi ka mobil Udin ngiles dina péngkolan.

Élsa dianteurkeun ka hotél Padma tempat cicingna ayeuna saprak kajadian di Papandayan. Miturut Élsa, salian kaamananna alus, Padma ogé milik kulawarga Subrata, harepan Élsa cicing didinya saha anu nyaho bisa panggih jeung boss Bima Raya, incuna Agus Subrata.

Saenggeus turun, Élsa nganuhunkeun ka Udin jeung ka Icih. Tapi panonna teu bisa bohong, aya rasa timburu nempo kari Icih jeung Udin duaan dina mobil. Loba kalimah anu hayang diucapkeun ka Udin. Hayang nganuhunkeun sabab geus 2 kali nyalametkeun nyawana. Hayang blak-blakan yén dirina bogoh. Jeung sajabana. Tapi Icih aya didinya, mustahil rasa éta dikedalkeun.

Nempo Elsa siga anu ngalamun sedih, Icih turun terus ngarangkul,
"Ulah poho telepon kang Udin lamun butuh dibaturan. Ulah ngantep diri dina bahaya"

Élsa unggeuk terus malik, leumpang lalaunan asup ka hotél siga anu haroréam. Icih ogé sarua, buburu asup kana mobil terus nitah Udin majukeun mobilna.

Udin ngetik chat ka Isak,
"Mang, kirim pesen ka kulawarga Wisésa, lamun aya anu coba-coba rék nyilakakeun Elsa deui, kudu urusan heula jeung kuring, Udin Subrata"

Tepi ka imah, Udin buburu mandi sarta ganti baju sabab geus kahujanan. Réngsé ganti baju, Udin nyampeurkeun ka Mardi bari mikeun duit 3 juta ti Érwin.

Mardi nyakakak bungah,
"3 juta ieu kauntungan bapa anu munggaran tina ngajual barang. Duitna rék dimodalkeun deui kabéh. Ti ayeuna kahareup, bapa anu rék néangan duit keur nyukupan pangubutuh kulawarga"

Udin teu ngoméntaran nanaon, ukur bisa gogodeg. Sabab watir ka Érwin, lamun terus dimanfaatkeun ku Mardi lambat laun usahana bakal tutup. Tapi lamun dijelaskeun ka Mardi ogé moal pihadéeun. Sanajan Érwin tukang tipu, tapi sifat kamanusaana teu goréng-goréng teuing.

Hiji-hijina anu bisa dilakukeun ku Udin nyingsieunan Mardi,
"Pa, Érwin tukang tipu. Teu mustahil ayeuna nuju aya dina pangawasan pulisi. Upami teras-terasan bapa gaul sareng anjeunna. Lambat laun bapa ogé bakal kacacandak"

Mardi gogodeg,
"Ulah mapatahan bapa, anjeun ogé sarua, ngadukun bari teu dumasar kana kaahlian. Pan éta oge nipu. Naon anu dilakukeun ku bapa murni jual beuli jeung si Érwin, lamun si Érwin nipu batur, nya résikona sorangan. Euweuh pakaitna jeun bapa"

Udin teu bisa kumaha, ahirna balik deui ka kamar rék saré. Icih ogé nyatana karék réngsé mandi sabab buukna masih dibeulit ku anduk sarta keur ngadapang dina ranjang bari geus maké lingerie ipis, jeroana sanajan samar katempo kabéh. Udin kerung sabab tara biasana Icih dangdan kawas kitu.

Sabab Icih ngagolér nangkuban, Udin ngajanteng merhatikeun. Taktak sarta tonggongna anu kabuka nembongkeun pakulitanna anu beresih bodas. Cangkéng leutik tapi bujurna bahenol jeung pepel. Tikoro Udin ngadadak asa garing nepi ka kudu neureuyan ciduh sababaraha kali.

Lingerie Ipis anu ngan seret pingping teu mampu nutupan kamulusan awak Icih, pingping sarta bitis anu beresih euweuh cacad katembong sampurna di mata Udin.

Waktu Icih malikeun awakna nangkarak, rada reuwas sabab Udin nyampak keur ngajanteng merhatikeun dirina bari teu kiceup-kiceup. Ngadadak beungeut Icih ngahéab panas lantaran éra.
"Ningal naon kang sapertos anu nembéan, sanés parantos biasa ningal abdi? Naha ayeuna katawisna bénten, naha aya anu robih dina diri abdi?" Pokna nanya basa-basi. Padahal haténa mah atoh diteuteup ku Udin.

Udin némbalan,
"Nyai teu biasa maké lingerie saméméh saré, jelas béda ti sasari"

Icih seuri, ngan seurina oge lain seuri biasa, tapi seuri ngagoda. Poe ieu Icih memang beuki resep jeung reueus ka udin. Saacanna Icih nempo Udin ukur lalaki biasa anu rajin tur bisa gelut. Tapi teu nyangka aya kapinteran jeung kakuatan séjén anu disumputkeunna. Kharisma Udin beuki naék dimata Icih. Komo kasaksian Udin geus jadi pahlawan, nyalametkeun nyawa sobat dalitna.

Icih nyangigir terus nepak kasur gigireunna,
"Kang calik didieu, jelaskeun ka abdi kunaon salira janten hébat. Tiasa ngéléhkeun 2 buronan anu dipikasieun ku sasaha?"

"Sun heula akang, ké dijelaskeun" ceuk udin bari seuri ngagoda terus diuk dina sisi ranjang.

"Ngimpi" ceuk Icih ngadilak, bari pura-pura nangkuban deui ngarepkeun Udin terus ngagoda dirina. Atawa langsung ngarontok ngagaléntoran dirina ti tukang.

Tapi teu disangka Udin malah cengkat, terus leumpang ka juru kamar rumpa-rampa kana sisi lomari rék nyokot samak, tapi geus euweuh. Terus muka lomari, simbut anu biasa dipaké saré ogé euweuh. Jadi Udin nanya,
"Nyi, kamana samak jeung simbut akang?"

Icih diuk bari muka anduk anu nutupan buuk baseuhna,
"Di seuseuh ku abdi, margi tos barau"

Udin ngajanteng kawas anu bingung, terus nyarita,
"Akang moal bisa saré lamun teu ditilaman, sieun rématik katiisan. Kapaksa akang kudu saré dina korsi"

"Dasar!" Ceuk Icih bari buburu nyokot simbut milikna terus dialungkeun ka Udin.
"Tah anggé simbut abdi kanggé tilam"

Terus Icih turun tina ranjang muka lomarina sorangan nyokot jakét. Jaket ogé dialungkeun deui ka Udin,
"Anggé jakét abdi supados teu tiris"

Saterusna Icih ngabeubeutkeun awakna nangkarak dina ranjang bari kukulutus,
"Kawas sanés pameget" pokna, maksudna mah kunaon Udin teu ngarti kana isyaratna.

Tapi Udin salah tarima, simbut diamparkeun bari némbalan,
"Har! Lalaki mana waé ogé ari kudu saré dina ubin sapeupeuting bari teu ditilaman mah pasti gering atuh nyi"

"Seueur alesan, peureum!" Ceuk Icih bari nangkeup guguling.

Udin buburu ngagolér ngaréngkol nyinghareup kana ranjang Icih bari ngaharudumkeun jaket Icih kana awakna. Terus nyarita,
"Nyi, kunaon bageur pisan ka akang. Nyai moal tiris saré ukur maké baju ipis bari teu simbut?"

"Gandéng! Peureumkeun socana ulah nyarios waé" ceuk Icih beuki keuheul bari bari nyokot bantalna anu disaréan dipaké nutupan beungeutna sorangan.

Teu lila Icih nyingkahkeun bantal tina beungeutna terus nyangigir malik ka Udin anu geus ngaréngkol di handap bari peureum,
"Kang" ceuk Icih sorana lalaunan.

"Naon nyi?" Tembal Udin tapi panona tetep peureum.

"Abdi tos mendak tempat kanggé ngantor satauneun kumplit sareng méja kerja, korsi kalih rak arsip. Parantos dilunasan online. Énjing ku abdi badé dibérésan deui sakantenan masang banner sareng spanduk teras badé langsung milarian orderan. Wéyahna akang di bumi ngaréncangan bapa bilih angkat deui méséran barang antik" ceuk Icih.

"Akang kudu milu ka nyai. Nyai bisa langsung néangan orderan. Masalah bébérés kantor, masang banner jeung sepanduk, akang anu migawé" Témbal Udin.

"Teu kedah kang, anu kagungan tempat badé ngabatos sakantenan masihkeun koncina ka abdi. Salajengna abdi badé teras nguriling milari orderan ka perumahan sareng proyék-proyék bangunan. Akang mah didamel di bumi wéh sapertos biasa bari ngaréncangan bapa" ceuk Icih. Terus nguniang deui hudang nyokot daster tina lomari langsung dipaké, saterusna ngagolér deui saré.

Isukna Icih geus indit. Udin ogé geus ngaboséh sapédahna ka pasar. Sabab Icih geus mimiti sibuk, Udin balanja rada loba jeung ngahaja meuli daging, endog, lauk jeung sayuran aralus sarta bubuahan seger. Sanajan duit balanja ti Lastri kurang, ngahaja ditambahan ku duitna sorangan. Sabab Icih kudu séhat, ulah nepikeun ka gering lantaran capé teuing digawé.

Kaluar ti pasar nyampak deukeut sapédahna anu diparkir geus aya Élsa nungguan,
"Kang Udin!" Ceuk Élsa atoh kawas anu anyar panggih.

Udin kerung, sabab teu katempo Élsa mawa balanjaan. Papakéanna ogé baju kantoran sarta maké selop hak jangkung,
"Naha aya didieu? Mémangna teu digawe?"

Élsa ngadadak geumpeur, sabab bingung rék némbalan naon.

Ningali Elsa siga anu geumpeur, Udin beuki bingung,
"Aya naon? Anjeun boga masalah deui?"

Élsa malah beuki katempo rampang reumpeung serba salah. Élsa geus lila nungguan Udin kaluar ti imah, saterusna nuturkeun sapédah Udin kana mobilna, terus nungguan didinya ampir sajam. Ayeuna Udin nanya, naon anu kudu dijelaskeun?

Ahirna Élsa nyarita sanajan sorana rada ngageter,
"Abdi badé nganuhunkeun ka akang. Margi mobil parantos saé deui. Malih langsung dijajapkeun ka Padma ku béngkélna subuh kénéh. Sareng abdi ogé badé nganuhunkeun wiréhna salira parantos nyalametkeun nyawa abdi"

"Sugan téh aya naon" ceuk Udin reugreug, ahirna seuri.
"Kawajiban kuring kudu nulungan, sabab kajadianna hareupeun kuring, komo deui anjeun sobatna Icih. Piraku rék diantep"

"Nanging salira nyalametkeun nyawa abdi dua kali sareng di Papandayan" ceuk Elsa deui.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience