"2 milyar, Naha ageung teuing?" Témbal Icih rada asa-asa nyebutkeun nilai proyék anu di ajukeunna.
Susi seuri,
"Ah henteu, ieu sanés proyék alit, 20 milyar téh kanggo tahap awal. Naha teu ngajengkeun anu langkung ageung deui? Upamina 6 milyar. Kinten-kintena Palapa moal kaabotan?"
"Maksad ibu?" Icih nanya bingung.
Susi nunda draft MOU dina méja terus nunjuk nilai proyék anu geus ditulis kalawan jelas,
"Margi dina kontrak anu tos disiapkeun kanggé Palapa, didieu tos pameng diserat 6 milyar. Upami satuju. Tiasa langsung ditanda tawis ayeuna kénéh"
Icih molohok mata simeuteun, mencrong kana keretas anu ditunjuk ku Susi. Icih sacongo buuk ogé teu nyangka Bima Raya geus nyiapkeun kontrak 6 milyar pikeun ditandatangan ku dirina. Targét ti Rukmini 2 milyar, awalna dianggap geus gedé teuing, matak Icih rada leutik haté. Teu nyangka ayeuna malah disogrogan pagawéan 6 milyareun.
Icih jadi ras inget kana kajadian tadi peuting. Udin maksa dirina sangkan nyanggupan nyokot tugas ieu. Nepi ka wani tarohan Jeung Dudung. Terus tadi dihandap basa dirina asa-asa rék asup, Udin ogé anu nguatkeun sangkan Icih wani asup. Saolah-olah Udin mah optimis pisan, kawas anu geus nyaho kana hasil ahirna.
Icih ngarasa usahana asa digampangkeun pisan. Saha atuh Diréktur Bima Raya téh? Terus saha Udin anu ayeuna jadi salakina? Naha masih aya pakaitna jeung pamilik anyar Bima Raya? Sagala rupa pertanyaan pacampur aduk aya dina fikiranna tanpa aya anu bisa ngajelaskeun. Anu ngajadikeun Icih beuki bingung.
Icih teu bisa nahan rasa panasaranna, ahirna nanya ka Susi bari nunjuk kana ngaran diréktur anu aya dina draft kontrak, malah geus nandatangan leuwih tiheula saacan dirina,
"Bu, abdi badé tumaros, tapi hapunten upami abdi lepat. Naha huruf U dina nami Diréktur ieu maksadna Udin?"
Susi gogodeg, terus ngajelaskeun,
"Bu Icih, juragan abdi ningrat ti keluarga Subrata, trah lansung ti katurunan prabu Siliwangi, Pajajaran. abdi teu kagungan hak nyebatkeun nami payunna, janten ibu Icih ogé teu kedah ngaduga-duga"
Icih kerung saterusna ménta dihampura sabab geus sologoto ngaduga-duga tur wani tatanya ngeunaan direktur Bima Raya. Réngsé nandatangan kontrak jeung narima salinan aslina. Icih ahirna pamit kaluar ti gedung Bima Raya bari masih dina kaayaan bingung. Keretas anu dicekel ku dirina kontrak sanilai 6 milyar. Bener-bener asa ngimpi.
Pas nempo Udin anu masih nungguan di luar, Icih langsung lumpat bari ngagabrug bungah,
"Kang, abdi hasil!"
Udin milu bungah bari nyium tarang Icih, jero haténa ngagerentes,
"Pasti hasil, pan bosna salaki anjeun" tapi kecap anu kaluar mah béda deui,
"Nyai bisa nganégosiasikeun pangajuan ténder proyék anu ceuk batur hésé? Bener-bener hebat!"
Icih gogodeg bari tetep seuri lantaran bungah,
"Henteu kitu kang, dilebet abdi teu négosiasi malih teu mréséntasikeun nanaon. Kontrak langsung disodorkeun ka abdi, ieu sami waé sareng dipasihan"
"Naon? Sagampang éta?" Udin pura-pura reuwas.
Icih unggeuk,
"Panjang upami dijelaskeun mah, hayu urang langsung ka Palapa. Nini Kedah énggal diwartosan kang"
"Hayu nyi, akang ogé geus teu sabar hayang nempo si Dudung sujug ka nyai" ceuk Udin milu bungah.
"Leres kang, jalmi sombong kedah neureuy akibatna" témbal Icih.
Nepi ka kantor Palapa duanana langsung asup, dibéjaan ku saurang pagawé yén kadatanganna mémang keur ditungguan ku sareréa di rohangan rapat kantor. Jadi anu dituju téh langsung ka rohangan rapat, lain ka rohangan kerja Rukmini.
Di rohangan rapat Palapa, anggota kulawarga Kusumah geus ngarumpul. Kabéh ngarérét ka Icih anu kakara asup ku teuteupan anéh, sabab kabéh oge nyaho Icih indit ampir jam 10 beurang, ayeuna can lohor-lohor acan geus balik. Teg wéh panyangka sareréa ogé ampir sarua, pasti Icih gagal.
"Hadé, rekor gawé tercepat. Pasti karék tepi ka gerbang Bima Raya ogé geus diusir pan? Ceuk Dudung bari nyakakak nyeungseurikeun.
"Matak ulah ngababarikeun, dikira gampang nguruskeun proyék" ceuk Unah sinis.
"Icih! Bener anjeun gagal?" Ceuk Rukmini molotot.
"Har! Sugan garélo kabéh" Ceuk Icih dina jero haté. Sabab rék teu kitu kumaha, kabéh langsung ngaduga yén usahana gagal, padahal icih can ngomong sakecap-kecap acan.
Udin kerung, keluarga Kusumah mémang pikasebeleun, teu tatanya heula tapi langsung ngahujat. Utamana Dudung anu sakeudeung deui bakal sujud. Icih anu tadina sumanget, kulantaran nempo sareréa nyapélékeun, ahirna nyarita sangeunahna, sanajan aya ninina didinya, bahasana ogé geus teu maké adab deui sabab ambek,
"Hampura lamun kuring nguciwakeun sararéa. Pengajuan proyék 2 milyar mémang ditolak"
Kabéh anu aya langsung jempé, sareréa ngarahuh leuleus lantaran ngarasa handeueul. Terus silih rérét.
"Naha bet caricing? Reuwas? Ambek? Hanjakal? Pan ti saméméhna ogé kabéh geus ngaduga kuring bakal gagal. Naha bet siga anu teu tarima?" Icih ngomong deui, sorana ngageter nahan amarahna nu ampir bitu.
Saterusna Icih nyarita deui,
"Mémang kuring teu bisa ngagolkeun anu 2 milyar, tapi kuring geus hasil nyokot kontrak 6 milyar. Tah ieu MOU na. Sok pariksa" ceuk Icih, kituna téh bari ngaluarkeun map anu eusina berkas kamufakatan kerjasama anu geus ditéken ku dirina jeung ku bos Bima Raya. Langsung ditunda dina méja hareupeun Rukmini.
Kontrak anu ditunda ku Icih dina méja lir ibarat bom anu bitu hareupeun sararéa, kabéh ampir ngajengkang tina korsina bakat ku reuwas jeung teu percaya.
"Ieu pasti kontrak palsu, Kuring teu percaya Bima Raya ngaluarkeun kontrak 6 milyar keur Palapa dina waktu kurang ti 2jam, mustahil!" Ceuk Dudung.
Disambung ku Unah,
"Enya, bet kuring ogé anu geus pangalaman di bagian marketing jeung humas can kungsi ngalaman ngasupkeun penawaran langsung kaluar kontrakna, pasti kudu nungguan sababaraha poé karék aya jawabanna sabab panawaran pasti kudu dipariksa heula"
Rukmini nangtung bari molotot ka Icih,
"Dikira ku manéh kabéh anu aya didieu monyét anu teu ngarti nanaon? Indit siah ka bagéan personalia, ayeuna kénéh, ajukeun pangunduran diri ti Palapa. Teu tarima kuring dibohongan jeung dicampelakan ku incu ku cara kieu"
Icih colohok, terus muka kontrak bari némbongkeun tandatangan asli diréktur jeung cap perusahaan Bima Raya kasaréan.
"Nu kieu disebut palsu?"
Udin maju milu ngomong,
"Lamun teu rumasa maranéh monyét, sok atuh da baroga HP, buka websitena Bima Raya, pemberitahuan naon waé anu sifatnya umum pasti bakal langsung di-update"
Ngadéngé Udin milu ngomong, kabéh pating rarérét, terus muka HPna séwang-séwangan. Langsung néangan akun resmi Bima Raya. Bener wé, didinya aya rilis béja anyar nyaéta pangumuman daftar 3 perusahaan pemenang ténder. Diantarana ngajeblag ngaran Palapa anu bakal migawé dékorasi intérior tahap pertama anu nilai kontrakna 6 milyar. Kabéh calangap bari masih kénéh narempo layar HPna.
Rukmini buburu ngarebut kontrak tina leungeun Icih terus ditempo,
"Anjeun bener-bener hasil cih?" ceuk Rukmini seuri bungah bari melong kana beungeut Icih.
"Kumaha carana Bima Raya bisa langsung méré kontrak ka anjeun?"
"Pokona ibu Susi ngarasa yakin Palapa bisa migawé pagawéan ieu" ceuk Icih pondok. Saacana Icih mémang hayang nyaritakeun kabéh pangalamana di Bima Raya. Tapi kusabab geus kapalang ambek, jadina haroréam pikeun ngajelaskeunna deui sacara panjang lébar.
Dudung geus teu genah cicing. Hal éta katempo ku Udin,
"Dung, anjeun inget kana jangj?" Ceuk Udin nanya ka Dudung.
Beungeut Dudung pias bari rurat rérét ka sakabéh jelema kawas anu ménta tulung hayang dipikarunya, késang tiis ngadadak ngagarajag tina tarangna. Mustahil dirina poho kana jangji anu karék diucapkeunna tadi peuting. Jadi buburu mencrong ka Udin bari nyarita,
"Udin, kuring moal mopohokeun Kana jangji. Tapi Icih téh pan kapilanceuk Kuring, icihna sorangan can tangtu daék disembah ku kuring. Piraku tégaeun nempo kapiadi sorangan kudu sembah depong" ceuk Dudung néangan alesan sangkan teu sujud.
Udin seuri bari nanya,
"Rido kitu mun nini paéh lantaran manéh jalir? Saksina loba"
Rukmini jamedud ngadéngé dirina disebut, terus molotot ka Dudung. Dipolototan ku Rukmini, Dudung beuki ngeleper.
"Ni, ieu mah mung akal-akalan si Udin kanggé ngawiwirang abdi"
Ngan pipina ditampiling ku Rukmini,
"Jangji sarua jeung sumpah. Sumpah manéh bakal sujud ka si Icih saupama bisa ngagolkeun kontrak. Jeung anjeun ogé geus nyatujuan lamun manéh jalir, aing paéh. Sia ngarepkeun aing modar?!"
"Ampun paralun ni, teu pisan-pisan" ceuk Dudung muringis bari ngusapan pipina anu peureus.
"Naha atuh bet loba alesan, sujud!" Ceuk Rukmini nyorowok.
"Muhun mangga ni" témbal Dudung unggeuk kapaksa terus nangtung. Sukuna siga nu dibeungbeuratan ku jubleg, digusur ngaléngkah saeutik-saeutik ngadeukeutan Icih bari ditarempokeun ku sararéa. Ngan panonna mah mureleng ka Udin lantaran ambek sabab Udin ngaluarkeun HPna pikeun ngarékam kajadian éta.
Nepi ka hareupeun Icih, awaknya langsung ngudupruk émok kawas kapuk kaibunan. Dudung sujud terus ngomong laun,
"Tétéh, hapunten abdi lepat"
"Ngomong naon manéh bieu, teu kadéngé, sing tarik!" Ceuk Udin.
Dudung tanggah melong beungeut Icih bari nyorowok nyorowok tarik,
"Tétéh, hapunten abdi lepat!" Terus Dudung sujud deui kawas tadi, ngan teu cengkat-cengkat. Kalah langsung ceurik ngageunggeuik kawas budak bolon bari nyekelan kana suku Icih.
"Oh, manéh salah, salah kulantaran naon?" Udin nanya.
"Salah lantaran geus nyapirakeun kamampuan téh Icih" témbal Dudung bari beuki nyegruk.
Icih anu diuk rada bingung nempo parobahan sikep Udin. Anu biasana kalem, sieunnan jeung loba ngéléhan. Ayeuna bisa teges jeung euweuh ampun. Jaba maké jeung kapikir ngarékam sagala seolah-olah geus direncanakeun ti saméméhna sarta geus nyaho bakal meunang tarohan.
"Tah ieu akibat tina sok nganggap énténg ka batur téh. Kajadian ieu sugan bakal jadi eunteung keur anjeun. Kahareupna, fikirkeun heula saméméh nyatujuan tarohan anu anjeun sorangan can yakin meunang. Komo deui bari nandonkeun nyawa kulawarga. Ngarti?!" Ceuk Udin mapatahan Dudung anu masih kénéh ngagukguk ceurik bari sujud.
"Muhun kang, abdi moal kumawantun deui" témbal Dudung. Tapi dina haténa mah Dudung masih ngageremet ambek,
"Awas siah, iraha-iraha dibales ku aing. Bila perlu dipodaran"
Udin teu nyaho yén Dudung masih teu tarima sarta nyimpen dendam ka dirina,
"Sok nangtung, diuk deui!" Ceuk Udin.
Saenggeus Dudung diuk sarta situasi geus balik deui normal, Rukmini nyarita,
"Kusabab kontrak geus jelas benerna, ieu mangrupakeun hiji kagumbiraan lain sakadar keur Nini, tapi keur maranéh ogé. Jadi geus sawajarna urang kudu ngayakeun sukuran gedé"
"Ni, sapertos janji Nini sateuacana. Kumargi Icih tos hasil mancén tugas. Saéna mah perkawis jabatan diréktur Palapa pasrahkeun heula ka Icih, supados dina ngatur-ngatur pelaksanaan proyék, anjeuna bakal langkung laluasa. Margi mung anjeuna anu kahubung langsung ka Bima Raya" ceuk Udin.
Rukmini teu buburu némbalan tapi mikir tarik bari ngahuleng,
Rukmini mémang jangji, tapi haténa ngarasa beurat saumpama anu jadi direktur Icih, sabab salila ieu Icih geus loba nguciwakeun dirina. Teu daék nyeréikeun Udin, teu daék narima Iyus anu salila ieu geus bageur ka Rukmini.
Anu leuwih utama deui saupama Icih anu jadi Diréktur, tangtuna ogé bakal ngalibatkeun salakina di perusahaan. Rukmini moal bisa tarima saupama Udin nepi ka ulubiung kana sagala urusan di Palapa. Jeung Barina ogé waktu ngajieun jangji, Rukmini teu nandonkeun nanaon, teu kawas Dudung anu nandonkeun nyawa Rukmini.
Ngan keur nutupan sangkan teu dianggap jalir jangji, ahirna Rukmini ngomong.
"Ulah hariwang, isukan peuting urang ngayakeun sukuran gedé di buruan villa Kusumah. Ayeuna mah sok sareréa atur persiapanna. Téangan katering anu méwah, bila perlu nyéwa ténda, dékor saalus-alusna. Terus ondang pangusaha-pangusaha anu biasa kerjasama jeung Palapa. Ondang ogé ibu Susi jeung diréktur utama Bima Raya sabagé tamu kahormatan. Didinya Nini bakal ngumumkeun pangangkatan Icih jadi Diréktur anyar Palapa hareupeun para ondangan"
Ngadéngé ucapan Rukmini, haté Udin ngarasa ngeplong. Pon kitu deui anu karasa ku Icih, haténa reugreug sabab kahareupna geus kabayang kahirupan kulawargana, utamana kolotna, moal balangsak-balangsak teuing. Sabab engké mah Icih anu bakal ngatur sirkulasi keuangan di Palapa. Udin ogé tangtu moal jadi bahan hinaan deui.
Share this novel