4. Palapa rék miluan tendér

Fantasy Series 36

Beungeut Ibro langsung pias, sabab beuki bingung kana maksudna. Sedengkeun satengah panghasilan Astina lantaran ayana proyék ti Bima Raya. Kari-kari ayeuna rék di setop teu meunang ngesub deui. Tada teuing bapana bakal ambek ka dirina. Ibro gogodeg sabab ngarasa teu tarima,
"Teu bisa. Kuring teu percaya éta omongan ibu Susi. Sabab kuring teu panggih langsung jeung ibu Susi, naha mémang paréntahna atawa ukur jijieunan anjeun?"

"Anjeun teu bisa nuduh kuring sangeunahna. Jadi nungguan naon deui? Buru kaluar!" Ceuk sékrétaris bari nunjuk koridor anu nuju kana lift.

Ibro jelas ambek,
"Calukan ibu Susi ka dieu, kuring teu tarima!"

Sékrétaris ngarérét ka dua security, terus méré paréntah,
"Paksa duanana kaluar!"

Dua security maju, Ibro jeung Unah langsung dicerek, leungeuna dipurilitkeun ka tukang terus di surungkeun dibawa asup kana lift.

Di jero lift Ibro abrug-abrugan hayang ngaleupaskeun leungeunna bari nyorowok ka security,
"Aya naon ieu? Jelaskeun heula ka kuring. Anjeun nyaho saha kuring?"

Gelepok! Ku security pipi Ibro ditampiling,
"Gandéng! Katempo tina monitor CCTV anjeun datang kadieu bari nyieun masalah. Masih rék mungkir?"

Sanepina ka loby, Ibro jeung Unah langsung disurungkeun kaluar. Di luar Ibro buburu ngaluarkeun HP rék nelepon supirna sangkan mawa mobil ka loby. Tapi kaburu aya telepon asup ti bapana nyaéta Salman Wijaya. Jadi buburu ku Ibro diangkat.
"Ibro! Bieu aya béja ti Bima Raya, cenah Astina di blokir akibat kasalahan anjeun, Aya naon?"

Ibro némbalan,
"Kuring oge teu ngarti, sabab can panggih jeung ibu Susi, ngan ujug-ujug kuring di usir ku sékrétarisna"

"Buru balik, jelaskeun ka aki manéh ayeuna kénéh!" Ceuk Salman.

Ibro pias ngadéngéna. Teleponna ditutup terus dipésakan, Ibro nungtun Unah nyampeurkeun mobil ka parkiran. Bari leumpang Ibro nanya ka Unah,
"Nah! Moal Kitu masalah ieu gara-gara si Udin? aya hubungan naon si Udin jeung Bima Raya?"

"Mustahil kang. Urang pan uninga sumpingna Udin kadieu nembé badé ngalamar padamelan" témbal unah.

Ibro unggeuk, terus ngarames buukna sorangan bakat ku teu ngarti,
"Mémang mustahil. Tapi naha ucapan sékrétaris bieu bet sarua jeung anu diucapkeun ku si Udin. Majar urang goréng ahlak"

Unah nyarita,
"Pan nembé security ngajelaskeun. Uninga kalakuan akang tina rékaman SCTV. Sapertosna hal éta langsung dilaporkeun ka ibu Susi?"

Ibro kerung, ahirna nyarita deui,
"Oké. Ayeuna akang kudu buburu balik pikeun ngajelaskeunna ka aki" saterusna duanana arasup kana mobil.

Béja diblokirna Astina ku Bima Raya langsung sumebar di kalangan pangusaha sa Bandung. Sanajan euweuh anu nyaho naon masalahna, tapi anu jelas pasti Astina geus ngajieun kasalahan gedé. Keur mah ahir-ahir ieu bisnis Astina turun terus, katambah ku kajadian poé ieu di blaclist ku Bima Raya. Pasti lila-lila Astina bakal pareum sabab pasti perusahaan séjén ogé moal daék kerjasama jeung Astina lamun teu hayang boga masalah jeung Bima Raya. Unah diturunkeun ku Ibro di hareupen kantor Palapa, sedengkeun Ibro mah langsung balik ka kantor Astina.

Unah gura-giru asup ka rohangan diréktur Palapa nepungan Rukmini. Ngalaporkeun kajadian bieu di Bima Raya. Ngadéngé laporan ti Unah, Rukmini kacida ambekna lantaran tujuanna gagal. Rukmini kuciwa sabab Ibro boro-boro bisa ngawawuhkeun Unah anu ngawakilan Palapa ka ibu Susi, justru Astinana sorangan malah di blacklist.

Udin anu masih kénéh aya di Bima Raya ngarasa panuju sabab Susi lancar dina ngajalankeun paréntahna saluyu jeung kahayangna tanpa méré nyaho yén Udin anu jadi panyabab utama tina kajadian bieu. Jadi Udin nyarita,
"Susi, anu dilakukeun ku anjeun hadé pisan. Ti mimiti bulan ieu, gajih anjeun ditaékeun 100% tina nilai gajih terahir anu geus katarima"

Susi ngarénjag pacampur bungah, buburu Susi manggut ka Udin,
"haturnuhun juragan!"

"Tapi Kuring rék méré deui dua paréntah" ceuk Udin deui.

"Mangga sebatkeun juragan. Ku abdi pasti dipidamel" témbal Susi.

Udin ngajelaskeun,
"Umumkeun ka publik ngeunaan parobahan kapamilikan Bima Raya yén ayeuna kuring sabagé pamilik anyarna. Tapi ulah nyebutkeun ngaran Udin sacara jelas. Cukup disingkét jadi U. Subrata. Éta anu kahiji"

"Mangga juragan" Susi unggeuk bari gutret nulis dina buku agénda kerjana.

Udin neruskeun deui,
"Anu kadua, umumkeun yén Bima Raya bakal ngainvéstasikeun dana 20 milyar dina tahap pertama pikeun ngamimitian ngawangun hotél béntang 6 di Bandung. Sakaligus muka ténder kerjasama di widang konstruksi jeung dékorasina anu terbuka keur umum tanpa kualifikasi. Jadi perusahaan gedé atawa leutik bisa ngajukeun panawaranna"

"Mangga juragan" témbal Susi deui.

Bisnis utama Palapa mémang spésifikasina di widang intérior jeung ékstérior. Sedengkeun Rukmini boga kahayang gedé bisa ngajalin kerjasama jeung Bima Raya. Tah ayeuna Bima Raya geus mutlak milik Udin. Matak ku Udin diatur hiji proyék anu bisa dipigawé ku Palapa, Ieu hiji jalan pikeun nulungan kasusah Icih.

Dua berita anu dirilis ku Bima Raya langsung ngageunjleungkeun kalangan bisnis sa Bandung. Kitu deui di Palapa, Harita Rukmini keur kerung mikiran kajadian di blacklistna Astina ku Bima Raya. Miturutna sigana diréktur anyar ieu mémang boga pangaruh gedé. Tapi saha ari U. Subrata téh? Asét Bima Raya anu nilaina ratusan milyar bisa kabeuli, sedengkeun jelema pangbeungharna sa Bandung ogé can tangtu mampu meuli. Ampir di tiap kantor perusahaan gedé atawa leutik, Bima Raya jadi bahan obrolan. Pada kabongroy ku proyék hotél anu ténderna bakal diluncurkeun. Nyaéta 20 miliar.

Rukmini ogé sarua, kabayangkeun ku manéhna sabaraha kauntungan anu bakal ditarima ku Palapa lamun proyék ieu beunang sanajan ukur dékorasina hungkul. Jadi Rukmini buburu kaluar ti rohanganna terus nyampeurkeun ka Icih anu keur ngadisain gambar dina komputer,
"Cih, tutup kantor, balikeun kabéh karyawan. terus béjaan kabéh anggota kulawarga Kusumah anu pakait jeung pagawéan Palapa sangkan daratang ka imah peting ieu. Nini rék ngayakeun rapat penting"

"Mangga ni" Icih unggeuk.

Peutingna di villa Kusumah. Kulantaran rapat kulawarga, jadi kabéh incu-incu Rukmini hadir. Kaasup Udin anu kudu maturan icih, bari sabenerna mah Udin haroréam datang sabab masih nyeri haté ku kajadian peuting mangkukna, jeung deui Udin geus bisa ngaduga naon anu bakal dibahas, pasti masalah proyék di Bima Raya. Ngan kusabab Icih maksa kudu maturan, nya ahirna Udin nurut.

Di rohangan rapat, kabéh geus nyampak. Pas nempo aya Udin asup, Dudung langsung ngomong,
"Ku eweuh kaéra ari sia din! Masih wani datang kadieu?"

Buburu ditémbalan ku Icih,
"Montong loba bacot, mémangna salah mun tétéh mawa salaki? Kang Udin ogé pan masih sarua kulawarga"

"Tapi pan ukur minantu, euweuh hak aya dina rapat Palapa da si Udin mah lain karyawan Palapa" témbal Dudung.

"Ulah dilayanan nyi, sok diuk, urang déngékeun naon nu rék ditepikeun ku nini" ceuk Udin ka Icih bari ngagusur hiji korsi anu ngurilingan méja gedé sangkan icih diuk.

Lantaran nempo kabéh geus daratang, Rukmini anu diuk dina korsi utama nyarita,
"Geus sataun saprak almarhum kaserang stroke tepi ka kamari maot. Omsét Palapa turus terusan turun, malah sababaraha karyawan aya anu geus dieureunkeun lantaran teu ka gajih. Tunggakan injeuman ka sababaraha bank ogé ampir teu kacicilan. Tah ayeuna aya kasempetan hadé pikeun malikeun kaayaan"

Sakedapan Rukmini cicing bari matana nguriling mencrong ka kabéh anu hadir, bisi euweuh anu merhatikeun omonganna. Rukmini ngarénghap panjang. Terus nyarita deui,
"Ayeuna Bima Raya dina kapamimpinan pemilik anu anyar geus ngaluarkeun proyék perdana 20 milyar tanpa kualifikasi. Rék ngawangun hotél béntang 6 anu salah sahiji spésifikasina mémang cocok jeung pagawéan Palapa, nyaéta dékorasi. Hartina ieu pagawéan lila sarta bakal manjang, teu mustahil kahareupna bakal aya deui proyék-proyék séjéna. Saméméhna Palapa can kungsi hasil meunangkeun proyék langsung ti Bima Raya lantaran kualifikasi urang anu rendah. Urang ukur bisa ngesub ka Batur. Tah ayeuna mah béda, tanpa kualifikasi. Jadi Palapa kudu miluan. Ngan kusabab dana Palapa minim, jelas Palapa moal sanggup migawé kabéhanana. Ayeua Nini rék nanya, Saha anu sanggup datang ka Bima Raya ngajukeun panawaranna? Teu kudu loba-loba, ménta 3 milyareun wéh"

Kabéh anu hadir euweuh anu némbalan, malah silih rérét. Anu ngajadikeun Rukmini ambek ,
"Naha bet ngajaredog! Anu sanggup sarta bisa meunang ténderna, bakal jadi pamingpin di Palapa. Lain ukur pamingpin proyékna"

Kabéh anu hadir colohok reuwas, sabab karék ayeuna kadéngé Rukmini ngajangjikeun hal gedé, wani narohkeun korsi diréktur demi proyék. Sabab salila Wawan Kusumah gering ogé, Rukmini can kungsi daék mercayakeun kapamingpinan ka sasaha. Kabéh kudu ku manéhna. Tapi ayeuna dirina sadia mundur demi proyék. Jelas proyék ieu dianggap penting pisan ku Rukmini. Rukmini sadar, mémang teu gampang meunangkeun proyék ti Bima Raya, sanajan dirina anu maju ogé can tangtu bisa. Matak jabatan diréktur pamikirna pantes dihadiahkeun pikeun anu sanggup.

Sakedapan rohangan ngadadak simpé, kabéh katembong kerung mikir. Kecuai Udin, Udin mah ukur ngaregepkeun bari dina haténa mah nyalakatak seuri.

Sabab euweuh anu némbalan, Rukmini ngagebrag méja,
"Jadi kumaha? Kunaon ngabaretem?"

Kabéh langsung murungkut sieun. Saenggeus ngarérétan beungeut incuna hiji-hiji, Rukmini ahirna melong ka Dudung,
"Dung, manéh sanggup?"

"Bujeng-bujeng abdi ni, Ceu Unah sareng kang Ibro ogé nyobian sumping ka Bima Raya malah diusir, komo abdi" Ceuk Dudung.

"Dasar incu euweuh guna, can dicoba geus nyerah. Hirup ukur jadi beban kulawarga kawas si Udin waé" ceuk Rukmini bari ngadilak ceuceub ka Udin.

Rukmini jelas kuciwa, harepan Rukmini ka Dudung sabenerna gedé. Sabab salian sarjana ékonomi, Dudung ogé incu lalaki hiji-hijina. Pantes pisan lamun kahareupna Dudung anu mingpin Palapa. Tapi harepana ngadadak laas ku jawaban Dudung anu pésimis, ahirna Rukmini ngadayagdag nyarandé dina korsina bari mikir tarik.

"Kumaha nu séjén? Sarua nolak?" Rukmini nanya ka sararéa.

Udin nyiku Icih, bari ngomong lalaunan,
"Sanggupan ku nyai"

"Alim kang, moal ogé dipaliré perusahaan alit kieu mah" témbal Icih ngarasa leutik haté.

"Ulah ngéok méméh dipacok, sok cokot. Akang percaya, lamun nyai anu maju. Pasti hasil" ceuk Udin nyumangetan.

"Akang yakin?" Ceuk Icih bari mencrong beungeut Udin.

Udin unggeuk,
"Yakin, sabab nyai can aya codéka jeung Bima Raya, jeung akang nyaho kamampuan nyai leuwih punjul tibatan anu séjén"

Sanajan asa-asa, Icih ahirna ngacungkeun leungeunna nyanggupan,
"Ni, abdi badé nyobian"

Ngadéngé icih nyanggupan, kabéh colohok bengong bari melong ka Icih anu masih kénéh ngacung. Dudung nyarita sinis,
"Sugan gélo, ieu masalah serieus lain keur coba-coba, tarohana masa depan Palapa jeung panghasilan urang sararéa. Saeutik kasalahan, Palapa bisa tutup salilana"

Disambung ku Unah,
"Enya téh, anjeun kuduna sadar diri, Saha anjeun? Saha Palapa? Jeung perusahaan kumaha nu rék didatangan? Bima Raya lain ukuran urang-urang. Ulah ngérakeun"

Icih diuk, beungeutna langsung bareureum kulantaran éra, mémang salila ieu Icih ngarasa kurung batok, sabab di Palapa ogé ukur jadi bagian disain grafis, samasakali tara kaluar nguruskeun urusan anu pakait jeung perusahaan séjén. Sedengkeun Unah, geus leuwih pangalaman dina widang marketing jeung operasional, leuwih jago ngalobi tibatan dirina.

Gantawang téh Rukmini nyarékan Unah jeung Dudung,
"Tadi ditanya euweuh anu narémbalan, hartina aranjeun teu sanggup. Ayeuna aya anu nyanggupan lain didukung malah dijejeléh. Kahayang saria naon?"

Sanajan Rukmini ogé rada rempan, jeung mémang geus ngarasa ngéwa ka Icih saprak nolak kahayangna pikeun nyeréikeun Udin. Tapi ayeuna ngan ukur Icih anu nganyatakeun sanggup narima tugas. Jadi Rukmini nyarita deui,
"Ulah loba omong deui, sararéa kudu gerak. peuting ieu kénéh bantuan icih, siapkeun kabéh berkas, data-data Palapa, rekening koran jeung sajabana anu dibutuhkeun. Ulah aya nu ngajedog! Keun Icih isukan anu bakal mawana ka Bima Raya!"

"Teu kedah salempang ni, énjing ku abdi dibantun ka Bima Raya" Ceuk icih.

Ngan Dudung nangtung,
"Mun yakin bisa mah sok pigawé berkas-berkasna ku sorangan, teu kudu ngalibatkeun kuring. Teu sudi kuring kudu mantuan!"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience