76. Udin ngabagikeun ubar

Fantasy Series 36

Kabéh colohok nngadéngéna. Tiandi anu kasohor tabib hadé anu bayaranna mahal. Ngan para gegedén hungkul anu mampu uubar ka manéhna. Ayeuna ngucapkeun jangji anu agung.

Udin seuri bari nunda ubar dina dampal leungeun Tiandi. Cipanon Tiandi geus nyalangkrung dina kongkolak panonna. Nahan rasa bungah anu kacida.
"Tabib, inum ayeuna satengahna. Panyakit anjeun bakal cageur. Satengahna deui simpen keur paparantieun"

Cipanon Tiandi ahirna bahé, sabab teu nyangka ukur butuh satengah ubar keur nyageurkeun panyakitna. Leungeunna dikeupeulkeun pageuh nyekelan ubar terus ngagukguk ceurik bari nyuhun ubar dina embun-embunanna. Lalaunan leungeunna diturunkeun deui, terus ngodok silet tina sakuna, ubar dibeulah jadi dua, satengahna langsung ditunda dina létahna.

Kabéh neuteup ka Tiandi, hayang nempo éfék kaajaibanna. Ukur sababara detik saenggeus ubar liur dina létahna, beungeut Tiandi anu awalna pias kaciri rada beureum cahayaan tanda aliran getihna geus mimiti lancar. Késang ngagarajag tina sakujur awakna mawa kokotor. Aya rasa panas anu laun laun jadi haneut dina sakabéh urat getihna. Jelas éta aliran magis anu teu bisa dirasakeun tina pangaruh obat biasa.

Lir ibarat taneuh sawah anu geus lila kahalodoan sarta bareulah terus kakeueum ku cai. Taneuh anu bareulah langsung rapet deui, taneuh teuas balik deui jadi leutak anu hipu.

Sorot panonna anu awalna ceuleuyeu ogé cahayaan deui. Malah garis-garis kariput dina tarang sarta juru panonna samar samar ngipisan. Beungeut Tiandi jadi katémbong ngora deui sanajan teu total kawas budak ngora. Tapi katempona geus siga anu 5 taun leuwih ngora tina umur aslina.

"Luar biasa. Rasa lalinu dina satiap tulang sandi kuring anu geus kolot ieu langsung leungit" ceuk Tiandi bari nangtung terus ngaderekdek-derekdekkeun cangkéngna.

Zofia colohok bari nutupan biwirna. Sabab Tiandi anu tadina rada bongkok ayeuna bisa nangtung ajeg dina prosés anu ngan ukur sababaraha menit. Panona anu cureuleuk jadi beureum ku piceurikeun. Milu bagja nempo kaayaan akina. Cipanonna langsung nyurulung mapay pipina.

Tiandi buburu nunda satengah ubar sésa dina cepuk urut ubar saméméhna. Terus disakuan bari nganuhunkeun sababara kali ka Udin.

Udin seuri,
"Anjeun geus ngucapkeun jangji. Wujudkeun niat mulia anjeun. Kuring milu bungah. Nuhun"

Saterusna Udin ngarérét ka Warni, terus nyokot hiji ubar deui,
"Warni, ieu keur aki anjeun"

Warni buburu narima ubar ku dua dampal leungeunna bari nyarita,
"Nuhun pa Udin. Kulawarga Nataprawira moal hilap kana jasa salira"

Ubar di suhun terus disimpen kana cepuk kai leutik anu geus disiapkeun samémehna. Tapi saméméh kotak kai ditutupan, Udin nyintreukeun hiji deui kana jero cepuk kai tanpa sakanyo batur. Ukur Warni anu nyaho. Buburu cepuk ditutupan bari neuteup bingung ka Udin. Udin ukur seuri bari unggeuk. Warni surti, anu hiji deui pasti keur dirina sanajan Udin teu ngajelaskeun.

Udin méré hiji ubar keur Warni tanpa aya maksud nanaon. Ngan Udin boga firasat Warni bakal panggih jeung musibah gedé anu bisa ngancem nyawana tapi teu bisa dijelaskeun. Udin embung ngaleuleuwihi pangéran. Ogé teu wani balaka bisi jadi fikiran keur Warni. Ubar bieu, asal Warni bisa ngamanfaatkeunna. Warni bakal salamet tina musibah éta. Ngan Warni mah bungah kacida sabab asa dibéré perhatian gedé. Siga budak leutik anu meunang panyalindungan ti lanceukna.

Sabab Salman diukna rada angang, Udin anu nyampeurkeun Salman,
"Ieu hiji keur anjeun, cageurkeun sésa stroke anjeun ku saparapat ubar"

Salman bungah buburu narima ubar terus turun tina korsi langsung deku hareupeun Udin bari nganuhunkeun. Udin nyarita,
"Dua anak anjeun kungsi ngajieun kuring ambek. Lamun teu nempo anjeun, kuring sigana geus lila miceun nyawa duanana. Jadi hampura kuring"

Salman unggeuk,
"Nuhun pa Udin geus bisa ngahapura kasalahan anak-anak kuring. Kuring jangji anak-anak kuring geus moal wani ngajieun masalah deui ka anjeun"

"Ajarkeun tata krama anu hadé, sangkan ngarti yén darajat kabéh manusa sarua. Aya langit disaluhureun langit" ceuk Udin méré amanat.

"Mangga pa, ulah hariwang" témbal Salman.

Saterusna Udin mikeun hiji ka Qin Gang, terus diuk deui kana korsina bari mikeun hiji deui ka Auxé anu diuk di katuhueunna. Anak jeung bapa bener-bener bungah narimana, duanana nganuhunkeun bari narangtung terus sababaraha kali ngabongkokkeun awakna.

"Kuring geus nganggap anjeun kulawarga sorangan, Imah jeung harta kuring sarua anu anjeun. Anjeun bebas datang iraha waé ka imah kuring. Sagala anu bisa digunakaeun, paké ulah asa-asa. Lamun butuh bahan ubar deui, kari nyarita ka kuring" ceuk Qin Gang.

Udin unggeuk terus ngagero Bahar anu aya di luar,
"Kang Bahar, asup kang!"

Ngadéngé ngaranna digeroan, Bahar tituturubun asup. Bahar nyaho Udin keur babagi ubar, jelas bahar ogé kabita, tapi teu Bahar wani ménta.
"Adén, aya anu tiasa dibantos?" ceuk kang Bahar manggut.

"Anjeun jeung kuring geus euweuh jarak, teuing geus sabaraha kali anjeun diririweuh ku kuring. Anjeun ogé bakal meunang jatah hiji ubar. Sanajan anjeun séhat, kakuatan anjeun butuh ditingkatkeun. Kerok ubarna saeutik kana cai hérang, terus inum sacara rutin saminggu sakali" ceuk Udin bari ngeupeulkeun hiji ubar kana dampal leungeun Bahar.

Ngadéngé ucapan Udin anu geus nempatkeun dirina jadi jelema anu pangdeukeutna jeung Udin. Keur Bahar jelas nangrupa kahotmatan anu teu bisa diucapkeun. Ukur Bahar anu geus nyaho yén Udin incuna Agus Subrata ti Isak, sakaligus direkturna Bima Raya. Anu séjén di rohangan éta euweuh anu nyahoeun. Saurang préman dianggap deukeut jeung incu konglomerat nomer dua sa Indonesia. Saha anu teu ngarasa reueus.

"Kuring siap binasa demi anjeun dén. Kuring buta huruf, pergaulan kuring di lingkungan jelema anu dianggap ku batur teu eucreug, tukang gelut, tukang ngajieun kaonaran sarta hina. Tapi ku anjeun, harkat jeung darajat kuring geus diangkat. 5 rébu préman Bandung anu aya dina dampal suku kuring, siap ngajaga ajeun jeung kulawarga anjeun" ceuk Bahar sumanget. Buburu ubar di asupkeun kana saku jasna kalawan ati-ati.

Udin nangtung seuri bari nepakan taktak Bahar,
"Kuring hayang boga lanceuk kang. Anggap kuring adi anjeun" ceuk Udin bari ngarangkul Bahar.

Kabéh colohok ningali kadeukeutan Udin jeung Bahar. Salman anu saacanna ngarasa leuwih deukeut sabab kungsi méré villa jadi sirik. Tapi tetep muji ka Udin dina memperlakukeun jelema.

"Kang, Saha waé jelema anu bisa ngahargaan sarta daék tutulung ka sasama, éta dulur kuring. Anjeun inget Darwin? Tina masalah kaayaan, manéhna leuwih ripuh tibatan akang. Tina masalah kakuatan, leuwih lemah tibatan akang. Dikhianatan pamajikana sorangan ogé nepi ka teu mampu ngalakukeun nanaon malah ngagolér di rumah sakit. Tapi akang daék datang pikeun mantuan méréskeun kasusahna, kuring moal bisa poho. Komo deui ayeuna kuring ngadéngé restoran Darwin dijaga ku Komar jeung anak buahna. Anjeun pantes jadi lanceuk kuring. Kaagungan ajeun lain dina harta jeung kapinteran, tapi dina sifat" ceuk Udin.

Bahar ceurik, saurang raja préman teu mampu nahan cimatana pas ngadéngé omongan Udin. Sanajan harta Udin moal béak tujuh turunan, sanajan kahébatan Udin leuwih kuat ti Bahar. Tapi Udin bakal terus ngajaga Bahar. Sabab hiji waktu Udin pasti bakal butuh Bahar pikeun ngerahkeun rébuan anak buahna anu pastina geus teu sieun paéh.

Ahirna sararéa dariuk deui, terus balakécrakan dahar bari suka seuri bungah. Kaasup Bahar, milu diuk bareng ngariung jeung para gegedén séjénna. Geus teu kaciri deui mana Tabib kasohor, mana Raja préman, mana pangusaha. Dina méja makan, kabéh sarua ngadahar kadaharan anu sarua sarta diuk sajajar euweuh anu ngarasa aing pangluhurna.

Réngsé dahar, Salman ngaluarkeun konci mobil tina saku jasna,
"Pa Udin, ieu konci mobil sport édisi husus anu ngahaja dipesen indén, Bugatti Véyron harga 65 Milyar, ayeuna barangna geus aya di Bandung Auto Show, keur dipamérkeun tapi lain keur dijual. Éta milik anjeun" ceuk Salman bari mikeun konci mobil ka Udin.

Saolah geus badami, Qin Gang ogé kabeneran sarua geus nyiapkeun konci mobil. Jadi buburu dikaluarkeun terus dibikeun ka Udin,
"Ieu ti kuring, Aston Martin one77 hargana 17 milyar édisi terbatas, pa Udin tiasa nyokot mobilna di tempat anu sarua"

Salman colohok sakaligus ambek,
"Qin Gang. Kunaon anjeun bet nurutan kuring sarua mére mobil sport?"

Qin Gang seuri,
"Salman. Lain nurutan, kabeneran wé. Puguh kuring bingung rék méré naon keur pa Udin. Sabab imah geus dibéré ti anjeun. Jadi anu kapikir ku kuring iwal ti mobil, teu sangka anjeun ogé bakal méré mobil. Malah hargana leuwih mahal ti anu disiapkeun ku kuring"

Nempo anu séjén méré hadiah, Tiandi ogé ngaluarkeun kotak kai cendana tina sakuna, eusina tasbéh tina rangkaian batu fairus. Terus dibikeun ogé ka Udin,
"Ieu tasbéh warisan ti aki kuring, fairus asli ti Arab"

Warni ogé teu éléh géléng, buburu nulis cék samilyar. Terus ditunda di hareupeun Udin,
"Abdi teu balanja nanaon kanggé salira, tampi cék ieu pa"

Udin teu paduli kana hadiah, sabab mémang teu butuh. Tapi sangkan teu nyinggung anu méréna, kabéh ditarima. Kabéh disakuan.

Pikeun méré waktu sangkan sararéa bisa ngarobrol deui kalawan tenang. Bahar nyarita ka Udin,
"Den. Kuring rék nungguan deui diluar"

Ngan kulantaran waktu beuki nyérélék ka peuting. Ahirna Udin ngabubarkeun riungan. Kabéh ahirna balik maké mobilna séwang-séwangan. Ukur Tiandi jeung Zofia anu kana taksi sabab can boga mobil.

Warni anu harita nyetir Bentleyna sorangan kerung mikiran 2 ubar anu dikeupeul dina leungeun kéncana. Naha bikeun duanana ka Aki? Atawa simpen hiji keur dirina? Saupama dibikeun duanana, sok sieun diinum kabéh. Tapi lamun anu hiji deui disimpen, dina kapanggihna sok sieun Soni ambek.

Ahirna anu hiji disimpen dina kotak sarung tanganna. Hiji mangsa saupama dirina leuwih butuh, bakal dipaké keur dirina sorangan. Tapi saupama Soni anu butuh, moal hésé pasti rék langsung dibikeun.

Warni seuri sorangan, sabab pasti Soni bakal atoheun pisan dirina datang bari mawa ubar ti Udin. Harepanna, kasempetan pikeun narima warisan kulawarga Nataprawira bakal tambah gedé.

Di imahna, Soni keur diuk dina sofa panjang bari sukuna disanghujarkeun nungguan Warni balik. Sapaninggal Udin, awakan geus bisa hudang tapi masih can kuat leumpang rada jauh, awakna masih babari lungsé. Leumpang kudu maké iteuk sarta kudu ménta dibaturan sabab inggis labuh. Ayeuna ogé saurang palayan satia nungguan teu jauh ti dirina.

Saperti umumna anu dirasakeun ku kabéh kolot. Kaséhatan penting pisan. Sanajan nyaho kabéh jelema bakal timu jeung ajalna, tapi lamun masih bisa ditarékahan. Naon waé pasti bakal dilakonan sok sanajan kudu béak harta banda. Harepanna ayeuna nyaéta ubar ajaib ti Udin anu bakal dibawa ku Warni.

Nempo Warni datang, Soni maksakeun diuk ajeg. Terus nanya bari ngadarégdég,
"Warni, pa Udin geus méré ubarna?"

Warni unggeuk bari seuri terus diuk gigireun Soni. Leungeunna ngaluarkeun ubar tina tasna,
"Ieu landongna ki, landong anu parantos disampurnakeun, mangga ditampi"

Bari nyokot ubar tina leungeun warni Soni nanya,
"Tiandi kumaha?"

"Anjeuna ogé dipasihan, malih langsung dileueut saténgahna. Panyawatna damang langsung jagjag waringkas, Malih pameunteuna katawis langkung anom" témbal Warni ngajelaskeun anu kasaksianna di rumah klasik.

Soni bungah ngadéngé kaampuhan ubar. Buburu ngarérét ka palayanna,
"Buru pangnyokotkeun cai, kuring rék nginum ubarna"

Ngadéngé Warni geus balik, kabéh anak incuna ogé nyalampeurkeun hayang nyaksian Soni nginum ubar. Harepanna sarua, hayang nempo Soni jagjag deui sangkan bisa mimpin kulawarga jeung perusahaana saperti biasa.

Warni nyarita ka Soni,
"Saur pa Udin, ngaleueutna cekap simpen dina ilat dugi ka liur nyalira. Nembé diorong ku cai"

Soni unggeuk. Saenggeus cai datang, ubar ditunda dina létahna. Bener wé ubar téh langsung liur kawas brem. Buburu Soni nginum terus nyarandé ngararasakeun réaksi ubar. Karasa tina lambungna sumebar hawa haneut tur seger nyaliara ka sakabéh awakna. Sarua jeung anu kaalaman ku Tiandi, nyareri dina jero awak jeung tulang sandi Soni ogé langsung leungit, kariput dina kulitna ngurangan, aya gairah anu ngadorong dirina sangkan ngagerakeun awakna.

Lalaunan Soni nangtung tanpa menta dibantuan ku batur. Iteukna disingkirkeun. Awakna asa hararampang, Soni geus bisa nangtung kalawan ajeg.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience