Ilyas unggeuk, terus nyarita dumareuda,
"Mémang bener pa, kuring geus lila diperlakukeun teu adil. Kuring aya di Bandung kulantaran jasa aki anu bageur. Waktu aki masih aya, kuring teu ambisi kana kakawasaan. Tapi ayeuna aki geus euweuh, kari bapa jeung lanceuk anu boga sipat ijid ka kuring. Jadi kuring boga niat hayang ngambil alih usahana. Rék némbongkeun ka maranéhna yén kuring ogé jelema anu aya gunana, kuring mampu. Tapi kuring moal dendam. Ukur hayang sangkan maranéhna bisa ngeureunan panghinaanna ka kuring. Éta geus cukup. Salian ti éta, indung kuring geus ti tingalkeun ku bapa sawaktu kuring masih aya dina kandunganna. Nepi ka kuring lahir, kuring gedé, bapa can kungsi datang deui. Datang sakali-kalina nyaéta sawaktu ngajemput kuring anu harita geus umur 12 taun, tapi hanjakal ema geus euweuh. Sanajan datang ngajemput kuring, tapi bapa teu daék nempo makanna Ema. Kuring hayang pisan mawa bapa ka makan Ema pikeun ménta dihampura ka Ema anu geus dimomorékeun samasa hirupna, sarta daék meresihan makamna" pokna bari ujug-ujug langsung ceurik kanyenyerian.
Lantaran Ilyas ceurik, kabéh kabawa sedih sarta euweuh anu wani nanya. Udin nyokot tisu tina méja makan terus ditunda di hareupeun Ilyas. Ilyas nyokot tisu ngelap Cimatana terus nyarita deui,
"Indung kuring anak tunggal ti kulawarga miskin anu pakasabanna nyiar bahan ubar. Sedengkeun bapa, bandar anu sok meulianna. Nyaho dipikabohoh ku bandar, jelas indung kuring teu bisa nolak sawaktu diajak kawin. Ngan teu nyangka kakara 4 bulan bakal langsung ditingalkeun bari ningalkeun budak dina jero kandunganna, nyaéta kueing. Ti harita indung kuring kagegeringan. Belasan taun diganggayong ku kasedih. Anu ahirna maot teu lila saenggeus ngalahirkeun kuring" ceuk Ilyas sisimekeun.
Ilyas digedékeun di lingkungan desa leutik anu jauh ti kota. Indungna dikucilkeun ku tatangga, malah jadi hinaan warga lembur sabab dipangkaburkeun ku salaki anu lain urang papua. Sanajan indungna geus maot. Sabagé anak anu euweuh bapaan, Ilyas oge disarebut anak haram padahal masih boga bapa anu sah. Hiji-hijina panyalindungan Ilyas ukur indungna ninina anu masih hirup. Ngan ninina ogé pada ahirna maot di umur Ilyas kakara 12 taun.
Ilyas dijemput ti Papua ku Atang. Kitu ogé lantaran aya paréntah ti bapana Atang, lain lantaran kasadaranna sorangan salaku bapa. jadi di Bandung ogé Ilyas lain senang, hinaan tetep teu leungit, malah nepi ka diteunggeulan sagala, hususna ku lanceuk téréna, nyaéta Barena. Ukur akina anu nyaah sarta daék nyakolakeun. Ayeuna kasempetan keur Ilyas hayang némbongkeun kamampuan dirina.
Ilyas nyarita deui,
"Lamun pa Udin bisa ngabantu kuring, saumur hirup kuring moal poho kana jasa anjeun. Kuring bakal males kamuliaan haté anjeun"
Ngadéngé Carita Ilyas, Udin ras kana nasibna sorangan, sabab loba kamiripan. Bédana Udin mah masih inget beungeut dua kolotna. Sedengkeun Ilyas teu nyaho beungeut indungna. Nyaho beungeut bapana ogé saenggeus dijemput dina umurna anu geus 12 taun. Tangtu kanyeri kapeurihna geus teu kudu dicaritakeun deui sabab Udin ogé ngalaman dihina batur. Malah nepi ka ayeuna hinaan éta masih sok kadéngé utamana ti mitoha awéwé jeung ti kulawarga mitoha lalakina, nyaéta kulawarga Kusumah.
Panggihna jeung Asép anu méré Bima Raya jeung duit, jadi titik balik kahirupan Udin. Geus robah tina kahirupan saméméhna. Ditambah berkah teu kahaja anu diwasiatkeun ku karuhunna ngaliwatan Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu ayeuna geus ngahiji jeung awakna. Udin ogé masihnberjoang pikeun némbongkeun kamampuan diri sangkan bisa leupas tina hinaan. Persis jeung kahayang Ilyas ayeuna.
Jadi Udin boga tékad kudu nulungan Ilyas. Katambah Firman jeung Baréna memang waraheun kénéh. Ayeuna aya waraheun anyar, nyaéta Atang. Salian ti éta, Udin ogé mémang butuh ginséng saljuna keur nyampurnakeun ubarna ka lével pamungkas.
"Kuring bisa ngabantu anjeun" pokna.
Ilyas langsung deku ngadéngéna, cerik kasedih digantikeun ku ceurik kabungah,
"Nuhun pa Udin, Kuring Ilyas, bakal satia ka anjeun. Kuring moal mopohokeun kana jasa anjeun"
"Dimana Firman ayeuna?" Udin nanya.
"Peuting saenggeus ngamuk, manéhna indit heula. Tapi isuk-isuk geus datang deui pikeun narima suntikan anti baktéri jeung anti inflamasi ti dokter husus Triman. Kuduna ayeuna aya kénéh di imah" témbal Ilyas.
"Hayu indit, urang ubaran ayeuna" ceuk Udin.
"Tapi ukur hiji anu rek dicageurkeun, nyaéta budugna, masalah impoténsina, ku kuring moal dicageurkeun"
"Teu nanaon pa. Impoténsi Firman euweuh pakaitna jeung Triman. Sabab étamah panyakit bawaan manéhna saacan datang ka Triman. Jadi euweuh alesan pikeun ngajabel harta kulawarga kuring saupama buruhna geus cageur" ceuk Ilyas.
"Oké, Hayu urang indit" ceuk Udin.
Saenggeus nunda ginséng salju kana lomari di kamarna. Udin jeung Ilyas dianteurkeun ku Zofia sarta tiandi ka imah Baréna. Sedengkeun Tiandi jeung Zofia mah langsung baralik ka klinik.
Harita di imah Baréna mémang keur ngarariung. Kabéh ngaharuleng nungguan béja ti Ilyas anu ditinggalkeun ku Baréna di klinik Tiandi. Sabab ukur Ilyas sorangan anu can balik.
Watés waktu anu dibikeun ku Firman geus beuki deukeut. Malah asistén Firman mah geus nyiapkeun berkas-berkas persetujuan pengalihan hak harta Atang ka Firman. Kari ditandatangan ku Atang.
Beungeut Firman beuki pias jeung awakna katémbong beuki laleuleus, éta tanda inféksina geus leuwih parah tibatan kamari.
"Atang! Baréna! Naha euweuh deui cara anu bisa dilakukeun salian ngajeredog?" Ceuk Firman nyorowok ambek.
"Tungguan Ilyas, manéhna can balik" ceuk Atang sakeunana, sabab manéhna ogé bingung kudu kumaha jeung kudu kamana deui.
Awalna anu diharepkeun Baréna bisa mawa Tiandi, tapi Tiandi teu méré harepan pisan. Saenggeus diusir ti klinik Tiandi, Baréna sempet nguriling heula ka sababaraha dokter jeung tabib séjén. Tapi pas ngadéngé anu rék ditulungan Firman, kabéh nolak. Lantaran tina kajadian demi kajadian, ngaran Firman di Bandung geus mimiti goréng malah geus jadi omongan warga. Komo deui aya béja geus kaluar vonis médis yén bobogaanna kudu diamputasi, hartina budugna geus bener-bener parna. Dokter jeung tabib séjén ogé mustahil bisa nulungan.
Salian kasus éta, ayeuna kadéngé ogé béja kulawarga Atang malah diancem rék dijabel Hartana ku Firman gara-gara gagal ngubaran. Jelas dokter jeung tabib séjén ogé jadi sieun.
Kabéh mémang geus pasrah, hiji-hijina harepan ukur Ilyas anu can balik. Atang geus ngabayangkeun isukan kulawargana bakal ancur. Sabab Triman geus jadi milik Firman. Imah anu ayeuna dicicingan ogé tangtu kudu ditinggalkeun. Malah bisa jadi kabéh paéh dina leungeun Firman.
Ningali tina kondisi Firman sorangan, paling dua poé deui bobogaanna bakal pegat. Sabab inféksina nyatana teu bisa ditahan ku anti baktéri jeung anti inflamasi.
Baréna ngajak Atang ngajauhan Firman. Terus nyarita,
"Pa, kumaha? Rék kabur moal?"
Atang ambek,
"Kaayaan geus kieu, rék kabur kamana? Firman pasti moal ngantep. Manéh ogé belegug, euweuh gunana, piraku teu bisa mawa Tiandi"
"Masalah Tiandi, bapa teu bisa nyalahkeun kuring. Firman boga masalah jeung Tiandi saméméhna. Jadi sanajan lain kuring anu ménta. Tetep Tiandi moal daék lamun nyahoeun anu kudu ditulunganna Firman" ceuk Baréna ngabantah omongan Atang.
Atang ambek, Baréna dicabok,
"Kabiasaan siah. Euweuh robahna tileuleutik, tiap salah pasti embung disalahkeun. Saha anu mawa Firman kadieu? Saha anu ngajangjikeun bisa ngubaran? Pan sia! Kabéh gara-gara sia, demi awéwé akibatna jadi kieu"
Baréna teu nembal deui, langsung cicing bari tungkul bingung. Sabab mémang bener, awalna akibat kasalahan dirina. Lantaran kapincut ku Unah terus ngajangjian bisa ngubaran Firman.
"Enya pa hampura. Kuring mémang salah. Kuring teu nyaho panyakit Firman teu bisa diubaran. Niat kuring hadé, hayang ngarekrut Firman sangkan daék nunda modal di Triman, jeung mémang kabita ku alona"
Saurang pagawé Atang asup ka imah, langsung nyampeurkeun ka Atang,
"Pa Atang. Ilyas sumping sareng saurang pamuda"
Kabéh teu kaciri atoh, sabab ngadéngé Ilyas datang ukur mawa pamuda, lain dokter atawa tabib. Jadi sararéa euweuh anu mapagkeun, ukur narempo ka lebah lawang panto.
Pas ningali Ilyas asup mawa Udin, Baréna langsung jamedud. Baréna jelas moal poho kungsi disiksa ku Boyo ngalétakkan urinoir gara-gara udin. Tapi Baréna teu sieun ka Udin sabab can kungsi nempo Udin gelut. Ayeuna nempo Udin wawuh jeung Ilyas. Kaceuceubna ka Ilyas jadi beuki nambahan.
Béda deui jeung Firman. Firman makah beuki leutik harepan. Sabab gara-gara Udin manéhna jadi kitu. Firman mah nyaho kahébatan gelut udin anu bisa ngéléhkeun 6 pangawalna malah bisa maréntah Bahar. Tapi boh Firman atawa Baréna, duanana sarua boga dendam ka Udin. Nyaéta hayang maéhan.
Ilyas anu teu nyaho nanaon bingung, sabab kabéh euweuh anu kaciri bungah. Jadi Ilyas nyarita ka Firman,
"Pa Firman. Kuring mawa pa Udin. Pamuda anu bisa nyageurkeun anjeun"
Firman kerung teu percaya,
"Naon? Rék nyageurkeun kuring?"
Udin seuri,
"Naha siga anu teu percaya? Masih hayang boga bonténg pan?"
Ilyas ogé kerung kunaon firman siga anu teu yakin. Jadi Ilyas nyarita deui,
"Pa Firman. Pa Udin hiji-hijina anu bisa nyageurkeun anjeun. Kuring mawa pa Udin lantaran disarankeun ku tabib Tiandi. Hartina kamampuan pa Udin saluhureun Tiandi"
Firman teu buburu némbalan sabab masih bingung. Sanajan can aya bukti, tapi jelas panyakitna datang saenggeus riributan jeung Udin. Jadi Firman yakin Udin panyababna. Ditambah Udin geus sababaraha kali ngawiwirang dirina. Malah Firman geus nganggap Udin musuh bubuyutanna anu kudu dipaéhan. Tapi kanaon ayeuna datang rek ngubaran? Boa-boa malah boga niat rék nambahan kasangsaraanna.
Ngan ngadéngé penjelasan ti Ilyas yén Udin datang lantaran saran ti Tiandi. Firman ahirna ngubur kacurigaanna. Jadi Firman nyarita,
"Din. Kuring mémang kungsi salah ka anjeun, hampura kuring, cageurkeun kuring"
"Ngaran kuring mémang Udin, tapi kuring datang ka dieu sabagé tabib anu rék nulungan pasiénna. Jadi anjeun pasti nyaho kumaha kudu nyebut kuring pan?" ceuk Udin seuri.
Firman kékérot ambek, umur Udin jauh sahandapeunna. Tapi wani calutak, wani ngawiwirang. Ngan kusabab Firman mémang butuh diubaran, ahirna nurut.
Firman langsung nangtung, terus ngabongkokkeun awakna,
"Pa Udin. Kajadian saacana kasalahan kuring. Ulah diasupkeun kana haté, tulungan kuring"
Anu séjén colohok, hususna Baréna. Firman pengusaha beunghar anu saméméhna arogan rék ngajabel kakayaanna. Sarta geus mites-miteskeun ramonna. Ayeuna ngabongkokkeun awakna ka Udin bari nyebut bapa. Tapi kusabab sieun ku Firman, Baréna teu wani ngoméntaran nanaon. Udin geus bisa nundukeun Bowo, ayeuna nundukkeun Firman. Pasti Udin mémang lain jelema sambarangan.
Atang jeung Ilyas anu can nyaho ka Udin ogé bengong. Atang buburu ngomong, bari rengkuh hormat,
"Saenggeus dijelaskeun ku Ilyas anjeun datang lantaran di sarankeun ku Tiandi. Kuring jadi nyaho aya tabib hébat séjén di Bandung. Jadi kuring ogé yakin anjeun pasti bisa. Kuring ménta tulungan Firman"
Baréna nempo bapana ngahormat ka Udin langsung ambek,
"Pa, si Udin lain tabib. Kuring tukang Ulin di Bandung jadi leuwih nyaho tibatan bapa anu sapopoé ukur aya di Imah. Jelema ieu ukur dukun tukang tipu, pasti si Ilyas geus ngarencanakeun niat teu hadé jeung si Udin pikeun nyilakakeun kulawarga urang jeung Firman"
Atang langsung nampiling Baréna 2 kali. Kitu deui Firman anu keur nangtung, langsung nyampeurkeun sarta nampiling Barena 2 kali ogé.
Baréna teuwas meunang 4 kali gaplokan ti dua jelema alatan omonganna. Padahal niatna ukur hayang méré nyaho yén Udin mémang dukun tukang tipu. Tapi kunaon kabéh jelema jadi langsung percaya sarta tunduk ka Udin, lain percaya ka dirina. Baréna bener-bener beuki bingung.
Wajar lamun Firman ambek, sabab gara-gara dibohongan ku Baréna, panyakit Firman jadi beuki parah. Ngan Atang pipilueun ambek. Hak éta anu teu kaharti ku Baréna.
Jadi Baréna neuteup ka Atang bari ngusapan dua pipina anu peureus. Terus protés,
"Pa. Kunaon bet nyabok? Kuring salah naon?"
"Ngajedog!" Atang molotot.
Share this novel