"Muhun bu, buka wéh, teu sawios" ceuk Alan ka Icih.
Icih unggeuk terus nyokot deui cepuk anu geus ditunda dina méja. Tutup cepuk dibuka. Nyatana salian cepukna anu mémang di jieun tina emas, jerona ogé aya liontin Jamrud warna héjo hérang ngagenclang.
Kabéh colohok. Dudung nyaho éta Jamrud anu kungsi dilélang di Bandung, mémang aya béja dibeuli ku pangusaha asal garut saharga 500 juta. Tapi teu nyaho lamun Alan anu meulina. Sedengkeun ayeuna jadi milik Icih.
Lantaran tamu ngeus mimiti jul jol daratang. Resépsionis geus teu sempet ngabéjaan deui kana telepon. Tapi langsung maké mic gedung anu langsung kahubung kana speaker anu aya dina lalangit rohangan.
"Ibu icih. Aya anu ngintun pakét kembang"
Disusul ku sora ngaguruh diluar. Sararea narempo kaluar ngaliwatan kaca jandéla gedung. Dilapangan hareupeun gedung geus mendarat hélikopter ukuran gedé. Ti jero hélikopter 4 jelema turun ngangkutan rupa-rupa karanjang anu eusina kekembangan seger tina jero hélikopter dipindahkeun ka gedung langsung ka lantéi-2 terus dijajarkeun rapih di hareupeun rohangan kantor Icih sapanjang koridor.
Kabéh colohok nwmpona. Saha anu geus ngirim pakét kembang sakitu lobana ku helikopter bari maké karanjang mérek Tiffany.
"Wow! Karanjangna hungkul oge hargana 10 juta" ceuk Unah.
"Karanjang anu ieu tulip Belanda, anu éta enchantress biru, anu itu mawar Juliet. Kabéh kembang import" ceuk Isah bari nunjukkan kembang dina tiap karanjang.
Unah unggeuk,
"Enya, kembang kieu moal hirup di nagara urang, pantes rék dikirim ku hélikopter ogé. Karanjang, taneuh jeung kembangna pasti import kabéh"
Icih ngarérét ka Udin, terus nanya lantaran panasaran,
"Kang. Ieu sadayana aya 20 karanjang, sakaranjang pangaosna sakitar 20 juta. Saha anu parantos miceunan artos 400 juta sakaligus kanggé acara abdi? Cuaca di nagara urang moal cocok kanggé kembang kieu. Paling saminggon ogé sadayana parantos layu"
Udin gogodeg,
"Akang ogey teu nyaho. Coba pelak di villa Bougenville, pan Lémbang mah hawana tiis siga di éropa, sugan wé aya anu hirup"
Rukmini ukur neureuyan ciduhna. Rukmini mémang resep melak kekembangan tapi can kungsi ngimpi kudu boga kembang import anu hargana belasan juta satangkal. Jero haténa réngsé acara Rukmini boga niat rék ménta ka Icih keur pelakeun di villa Kusumah.
Réngsé nurunkeun kembang Hélikopter hiber deui. Tapi treuk box ogé katémbong parkir di hareupeun gedung bari sarua nurunkeun parabotan kantor sarta barang-barang éléktronik anu masih warareuteuh sarta di dusan kénéh. Aya kulkas, sababaraha sét komputer, laptop, dispénser, korsi jeung méja kantor, lomari arsip, sofa sét jeung sajabana. Kabéh langsung diakutan sarta diéntép rapih di hareupeun ruangan kantor Icih. Jelas ieu ogé harga totalna teu leutik.
Sararéa beuki colohok, hususna pikeun kulawarga Kusumah. teu nyangka kantor anyar Icih bakal meunang perhatian gedé ti batur.
Tina speaker gedung kadéngé deui sora patugas resépsionis,
"Uleman parantos kempel sadayana badé lebet. Aya Ibu Susi ti Bima Raya, ibu Warni ti Nataprawira Group, kulawarga Wijaya ti KIKI. Aya ogé kulawarga Qin Gang, Tabib Tiandi, présdir Isak ti hotél Padma, kalih kang Bahar ti Rumah Klasik"
Lain ngan ukur kulawarga Kusumah. Kabeh staf gedung Wings Star ogé ngarénjag. Sanajan gedung Wings Star milik Bima Raya, tapi teu nyangka wakil diréktur 'ibu Susi' daék nincak ka Wings Star bari dibarengan ku pengusaha-pengusaha kelas atas Bandung. Pikeun peresmian perusahaan Icih. Hiji kahormatan keur Wings Star sabab poé éta geus kadatangan para gegedén.
Kabéh boga pertanyaan anu sarua dina fikiranna séwang-séwangan ti para staf pengelola gedung jeung para staf perusahaan-perusahaan anu geus aya leuwih tiheula nyéwa kantor di dinya. Naon latar belakang kantor anyar anu keur diresmikeun ayeuna bet bisa ngondang para gegedén hungkul.
Icih sorangan bingung pas ngadéngé ngaran-ngaran anu disebut ku resépsionis bieu. Haténa jelas tagiwur sabab éra. Kumaha cara nyinghareupanna? Sabab icih sadar dirina sabagé pendatang anyar di dunya bisnis. Mustahil bisa meunang panghormatan anu sakieu gedéna. Komo deui bisnisna dimimitian ku tanpa modal.
Dua awéwé geulis Susi jeung Warni ngurunyung leuwih tiheula bari seuri, duanana maraké pakéan gawé biasa tapi sopan. Ditukangeunna aya Salman, Ibro jeung Frédi. Di barisan katilu Aya Qin Gang, Steven jeung Auxé. Saterusna Tiandi, Zofia jeung kang Bahar. Panutup aya Isak.
Ningali iring-iringan tamu, mata kulawarga kusumah nepi ka marolotot, biwirna calangap. Sabab bener-bener teu nyangka. Unah mah nepi ka nanya ka Icih bari nadana sirik,
"Cih, maké pélét naon manéh bisa ngadatangkeun para gegeden ka dieu?"
Kulawarga Kusumah anu tadina dariuk papencar sakadaék ayeuna kabéh ngariung euweuh anu wani nyarita.
Icih teu maliré kana pananya Unah sabab icih ogé sarua bingung. Justru Icih ogé nanya ka Udin,
"Kang. Salira anu ngulem aranjeunna ka dieu?"
Udin unggeuk, terus ngaharéwos ka Icih,
"Ieu kabéh jelema-jelema anu kungsi dudukun ka akang, sarta percaya ka akang. Maranéhna sieuneun apes lamun nepi ka teu datang kana ondangan akang"
Icih langsung kerung sabab ambek. Geus sabaraha kali ngabéjaan ka Udin sangkan Udin ngeureunan kalakuana pura-pura jadi dukun. Ayeuna malah beuki ngahajakeun nipuan jelema-jelema beunghar. Bakal barabé saupama pada ahirna katohian. Icih hayang nyarékan Udin tapi Susi jeung Warni kaburu tepi ka hareupeunna sarta ngajak sasalaman terus ngarangkul ngucapkeun salamet.
"Hatur wilujeng kana acara peresmian kantorna ibu Icih. Upami Nataprawira Group peryogi bantosan ngadamel design. Tangtos abdi bakal nepangan salira kadieu" ceuk Warni.
Naon anu diucapkeun ku Warni hiji jangji. Kadatanganna langsung muka peluang bisnis keur Icih, teu bisa dilukiskeun kumaha bungahna Icih pas ngadéngé ucapan ti Warni.
Kulawarga Kusumah anu sarua ngadéngé langsung leuleus. Warni Nataprawira, sasaha ogé tangtu pada nyaho, pengusaha nomer hiji di Bandung. Naon anu diucapkeun ku Udin nyatana bener, moal lila perusahaan Icih bakal ngaleuwihan Palapa. Sabab karék opening ogé geus kieu, komo kahareupna. Padahal sanajan Palapa kungsi jaya. Can kungsi bisa migawé pagawéan ti Nataprawira Group sabab prosésna pasti bakal ngaliwatan ténder.
"Hatur nuhun ibu Warni" ceuk Icih sorana ngagétér balas geumpeur sakaligus bungah.
Udin ngaérét ka Icih anu keur pahareup-hareup jeung Warni. Duanana sarua geulis, sarua jangkung, tapi wibawa Warni anu mémang geus icikibung di dunia bisnis ti leuleutik teu bisa dibandingkeun jeung Icih anu masih polos saayana. Icih katémbong loba tungkul jeung éraan.
"Salira garwa pa Udin, abdi parantos seueur dibantos ku pa Udin. Janten salira ka abdi teu kedah asa-asa" ceuk Warni ka Icih.
Icih ngarérét ka Udin, aya rasa timburu, aya rasa ambek. Sabab Warni bieu nyebutkeun geus loba ditulungan ku Udin. Pasti maksudna ditulungan ku prakték dudukun. Hartina kabéh anu datang lain tamu keur Icih, tapi tamuna Udin.
Susi ogé ngucapkeun selamat ka Icih,
"Ibu Icih, ngahaturkeun wilujeng kana peresmian kantorna. Bima Raya aya proyék anu kedah dilajengkeun sareng dipidamel ku salira saénggalna"
"Leres Bu?" Icih nanya atoh.
Susi unggeuk bari imut,
"Leres bu. Nyaéta proyék anu kawitna badé didamel ku Palapa nanging proyékna ditangguhkeun. Ayeuna parantos aya instruksi ti diréktur supados proyékna diteraskeun deui. Janten ku abdi badé dipercanten keun ka salira"
Rukmini calangap, jantungna asa rék coplok. Kontrakna jeung Palapa diputus alesan proyék a ditunda lantaran kaputusan diréktur, ayeuna proyékna rek dijalankeun deui sarta dibikeun ka Icih tanpa kudu dipénta atawa kudu ngajieun pangajian heula. Aya naon ieu?
Haté Rukmini langsung tugenah, kamampuan Icih mémang teu bisa dilalaworakeun. Rukmini boga tekad kudu bisa mawa Icih balik deui ka Palapa.
Salman, Ibro jeung Frédi ogé maju.
"Ibu Icih, salamet. Ti ayeuna kahareup, lamun aya pagawéan dékorasi keur perusahaan kuring. Pasti bakal dibikeun ka anjeun" ceuk Salman. Terus tiluanana ngabongkokkeun awakna ka Icih.
"Haturnuhun pa Salman" ceuk Icih bungah.
Unah nempu Ibro urut tunanganna ngabongkokkeun awakna ka Icih langsung ngahdab panas. Unah jelas teu tarima. Komo bari dirina teu dirérét-rérét acan, padahal nangtungna teu jauh ti Icih.
Unah langsung maju bari nyekelan leungeun Ibro.
"Kang, kunaon meni teu aya wartos pisan ka abdi?"
"Geus euweuh hubungana deui, rék naon kudu sagala hayang nyaho? Kuring datang kadieu ngahadiran acara peresmian. Lain hayang panggih jeung anjeun. Kaditu! Hargaan Kuring! Ulah nyekelan leungeun kuring!" Témbal Ibro bari ngépéskeun leungeun Unah.
"Hargaan? Abdi sareng akang ampir sataun hubungan, ayeuna nyuhunkeun dihargaan nanging akang teu ngahargaan abdi. Mana tanggungjawab akang anu kantos ngareuneuhan abdi? Mana jangji akang anu kantos dikedalkeun ka abdi. Naon anu kedah dihargaan?" Ceuk Unah ceurik kanyenyerian. Haténa ngarakacak. Éra sakaligus ambek sabab leungeuna dikepeskeun dihareupeun jelema loba.
"Ulah loba nyadiwara, putus cinta hal wajar. Anu ngajieun kuring beuki hayang jauh jeung anjeun lantaran anjeun teu bisa ngahargaan batur" ceuk Ibro.
Nempo Unah ngaganggu antrian anu rék ngucapkeun selamét ka Icih, Udin nyampeurkeun. Ningali Udin nyampeurkeun, Ibro sieun, buburu manggut,
"Pa Udin, sifat awéwé ieu mémang teu nyaho sopan santun, anjeun kudu buburu ngusir, ulah nepi ka acara anjeun diruksak"
Ngadéngé Ibro ngomong kitu ka Udin, Unah langsung ambek,
"Kunaon anjeun jadi sieun ku si Udin? geus dikumahakeun anjeun ku si Udin nepi ka teu bisa deui mikir bener? Si Udin ukur lalaki sangsara anu pangangguran, tapi saolah-olah kabéh geus teu baroga tetempoan. Naon anu kudu dipikasieu ti si Udin?"
Dampak leungeun Ibro langsung ngalayang nampiling pipi Unah,
"Gandeng koplok! Abong létah euweuh tulangan siah, sungut teu diwengku, ngacaprak kamana daék wani ngahina pa Udin. Anu teu boga tetempoan mah sia. Kudu dipodaran heula karék sadar"
Rukmini muncereng ka Salman,
"Salman, tempo tah kalakuan anak manéh ka incu aing. Naha rék diantep?"
Salman kerung, terus molotot ka Unah,
"Lamun ieu lain dina acarana ibu Icih, maranéh kabéh geus kudu modar ku leungeun déwék. Jauhan anak aing!"
Terus Salman mureleng ka Rukmini,
"Manéh deuih, geus kolot teu bisa méré conto anu bener. Ulah dikira aing teu nyaho manéh boga niat hayang ngarampas villa aing anu geus dibikeun ka pa Udin. Sakali deui wani nyinggung aing jeung kulawarga aing, atawa nyinggung pa Udin jeung kukawargana. Ulah ngarepkeun hirup sia bakal tenang"
Iteuk dina leungeun Rukmini ngageter, sukuna rarampéolan rék labuh, teu nyangka Salman wani nyarékan dirina dihareupeun Batur.
Baheula basa rék tunangan, Salman nepi ka ngabongkok-bongkokkeun awakna ka Rukmini mémenta Unah keur Ibro. Di kulawargana kabéh tunduk kana omongana, tapi di luar, Rukmini ngarasa euweuh hargana pisan.
Rukmini bingung, buburu ngomong bari tungkul,
"Kuring kalepasan ngomong, ulah jadi ambek"
"Indit kabéh ti dieu, karunya ka anu boga acara" ceuk Salman.
Rukmini lalaunan ngaléngkah kaluar dituturkeun ku Dudung, Karsidi jeung Isah. Tapi Unah malah ngarangkul pageuh ka Ibro bari jejeritan ceurik,
"Kunaon anjeun kang? Naon salah kuring? Kuring masih bogoh, awak kuring, haté kuring, kabéh masih milik anjeun. Béré kuring kasempetan pikeun ngoméan saupama mémang kuring salah, béjakeun naon kahayang anjeun, kuring bakal nurut"
Unah anu keur ngarangkul langsung dibantingkeun ku Ibro,
"Kahayang aing, sia indit ti tempat ieu ayeuna kénéh" Ceuk ibro ka Unah anu keur nangkarak lantaran dibantingkeun.
Lantaran Unah masih nangkarak bari terus ceurik, Ibro geus ngangkat sukuna rék ngajejek beuteung Unah, tapi buburu dihalangan ku Icih bari nyarita ka Ibro,
"Anjeun kungsi silih mikacinta, ayeuna geus putus, tapi teu kudu jadi mumusuhan nepi ka kudu maén kakerasan"
Ibro reuwas lantaran ditegor ku Icih. Buburu metot deui sukuna terus manggut jero ka Icih,
"Anjeun bener bu, hampura kuring"
Unah nangtung bari nyusutan cimatana, Ibro bisa kasar ka dirina tapi tunduk ku Icih. Matana langsung mureleng ka Icih lantaran teu panuju. Teu diduga ku sasaha, Unah langsung ngoréjat nangtung, dua leungeuna langsung nyekék beuheung Icih,
"Gara-gara sia nasib aing jadi kieu, sia kudu modar!"
Share this novel