Unah sumanget ngadéngéna, ngan sakilat kartu namana béak dibagi-bagikeun ka satiap jelema. Teu saeutik anu langsung katarik hayang bisa kerjasama jeung Palapa.
Anu aya dina fikiran Unah hayang buburu panggih jeung Icih pikeun némbongkeun yén dirina ogé mampu nyalametkeun Palapa tina kabangkrutan. Jadi Unah mimiti luak-lieuk néangan Icih anu pastina ogé bakal datang.
Ahirna unah bisa nempo Icih anu harita keur ngaréndéng jeung Udin. Unah can ngarasa puas basa nyékék beuheung Icih, jadi ayeuna boga niat hayang ngahina sarta ngawiwirang Icih.
Unah buburu nungtun Firman sangkan ngadeukeutan Icih,
"Kang. Itu wargi abdi anu dicarioskeun ku nini téa sareng carogéna. Hayu urang tepangan"
"Oh. Jadi éta anu dicaritakeun ku anjeun geus ngahina anjeun teh? Anu majar salakina jelema sangsara sarta pangangguran? keun ku akang urang warah" témbal Firman bari nuturkeun Unah.
"Kang. Salira mémang bageur. Abdi percanten akang sanés mung kiat dina ranjang" ceuk Unah bari ngiceupan centil.
Firman seuri,
"Masalah éta mah anjeun ogé sarua. Sumanget lalaki kumaha awéwéna. Lamun awéwéna ukur bisa ngajedog kawas gebog, lalaki ogé moal aya gairah"
Nempo Firman gedé haté pikeun ngabéla dirina. Unah nyekelan pageuh leungeun Firman bari terus leumpang ngadeukeutan Udin jeng Icih. Pamikirna, ieu kasempetan hadé pikeun males kanyerina.
Geus pahareup-hareup, Unah ngomong sinis ka Icih,
"Aéh geuning anjeun. Diréktur Bima Raya mémang teu boga mata. Piraku Diréktur perusahaan leutik anu ngan ukur boga karyawan 2 urang bisa diondang datang kadieu? Ieu saha, supir anjeun?" Ceuk Unah bari ngarérét ka Udin.
Udin kerung,
"Can lila anjeun nyuuh ka kuring ménta dihampura di rumah sakit, sigana nyeri awak anjeun urut dibalangkeun ku kang Bahar ogé can leungit, tapi ayeuna anjeun geus wani ngagogog deui ka kuring"
Beungeut Unah langsung bareureum nahan kaéra jeung ambek,
"Kuring lain Unah anu kamari, kuring ayeuna diréktur Palapa. Ayeuna anjeun anu kudu sujud sarta ménta dihampura ka kuring"
Udin seuri sinis,
"Jelema anu kudu disembah ku kuring iwal kolot kuring, lian ti éta, euweuh!"
"Kamari anjeun bisa ngahina kulawarga Kusumah, ayeuna moal bisa!" ceuk Unah ampir ngajerit, ngajadikeun kabéh jelema ngaérét lalajo.
"Naha? Mémangna saha anu diandelkeun ku anjeun?" Udin nanya.
Unah nunjuk ka Firman anu keur colohok kasima ku kageulisan Icih,
"Din. Ieu direktur Mutiara Sagara, Firman Kusumah. Anjeunna mamang kuring, anak adi aki Wawan Kusumah, anjeunna ogé anu geus ngabantu Palapa sangkan jalan deui, jadi euweuh gunana anjeun sombong didieu. Perusahaan ceu Icih bakal di blokir jeung dihapus ti dunya bisnis. Moal aya anu daék kerjasama"
Terus unah ngarérét ka Icih bari molotot,
"Ceu. Lamun bener anjeun ngarasa hébat pedah boga andelan Bima Raya. Titah Bima Raya pikeun ngancurkeun deui Palapa. Roda muter terus, mimiti poé ieu, giliran Palapa anu bakal naék ka puncak piramida usaha. Perusahaan anjeun ukur jadi rereged anu kudu dimusnahkeun"
Icih seuri ningali sikep Unah, teu merhatikeun ka Firman anu terus melong ka dirina.
"Sanajan kuring sangsara, tapi kuring bisa nangtungkeun usaha ku kadaék kuring sorangan tanpa kudu méménta modal kaditu kadieu. Ayeuna anjeun wani nyombongkeun diri sabab dibantu modal ku batur, bari ukur neruskeun usaha anu saméméhna mémang geus aya. Jadi teu pantes anjeun reueus sanajan geus jadi dirékturna"
Dibalikeun kitu ku Icih bari ngomong tenang euweuh kasieun, Unah beuki ambek.
"Oké. Tunggu tindakan Firman anu bakal ngajieun usaha anjeun tutup deui"
Udin tungkul neuteup ka Firman anu pendék, terus nanya,
"Bener anjeun anu rék jadi béking Palapa? Moal hanjakal?"
Firman anu keur tanggah melong beungeut Icih bari muji-muji kageulisan Icih dina haténa, ngarénjag ditanya ku Udin, jadi teu bisa némbalan sabab fikiranna teu fokus kana naon anu ditanyakeun ku Udin.
Saacan nempo Icih. Firman muji bébéakan kanan kageulisan Unah. Ayeuna nempo beungeut jeung dedegan Icih, lir ibarat nempo inten dina tumpukan keusik. Timbul rasa lebar geus ngaluarkeun duit 150 juta pikeun ngabantu Palapa jeung méré ka Unah. Komo deui saenggeus nyaho sifat asli Unah anu sombong, Firman samasakali teu nyangka.
Nempo Udin, haté Firman panas. Lain pédah dipapanas ku Unah. Tapi panas sabab Udin anu béjana ukur pangangguran jeung teu nyakola tapi bisa meunangkeun Icih.
"Manéh nanya naon bieu?" Ceuk Firman nanya ka Udin.
Udin nepak tarangna,
"Beu! Karunya teuing, keur pendék teh nyatana kurang déngé ogé. Naha kuring kudu tungkul sangkan deukeut kana ceuli anjeun?"
Firman kerung, beungeutna langsung beureum,
"Kuring ngadéngé anjeun kungsi sababaraha kali ngahina Unah. Hal éta kudu dibéréskeun jeung kuring"
"Ulah diengké-engké, béréskeun ayeuna" ceuk Udin nangtang.
Nempo Udin euweuh kasieun ka dirina, Firman ambek, terus nepak dadana bari nyarita,
"Wah. Sigana anjeun can nyaho saha kuring? Kuring Firman Kusumah, diréktur Mutiara Sagara"
"Wah. Anjeun ogé pasti can nyaho saha kuring? Yeuh kuring Udin Subrata, mantan tukang ngaduk di proyék wangunan" ceuk Udin nurutan bari nepak dadana.
Firman muncereng,
"Dasar koplok. Sanajan kuring lain urang Bandung. Tapi anjeun ogé pasti nyaksian, euweuh anu wani campelak ka kuring di dieu salian ti anjeun"
"Sarua. Anjeun oge pasti nempo, di dieu euweuh anu wani deukeut sarta wani nanya ka kuring, sabab di Bandung kuring raja maung. Anjeun jadi naon di lembur anjeun? Bayawak atawa kadal? Sanajan jadi sato naon waé ogé, anjeun kudu ngajauhan maung lamun hayang salamet" témbal Udin molotot.
Firman reuwas nempo panon Udin anu molotot, sarta wani ngucapkeun kalimah anu nyingsieunan dirina. Firman sataker kebek nyobaan nahan amarahna anu geus naék kana tungtung sirah,
"Unah bener, anjeung gedé omong jeung tukang bohong, témbongkeun sihung anjeun ka kuring lamun bener anjeun maung, maung lain ukur bisa ngagaur. Dimata kuring anjeun ukur keuyeup apu"
Saenggeus ngomong ka Udin, Firman nyarita ka Icih bari gumasép,
"Icih. Saumur hirup, karék ayeuna kuring panggih jeung awéwé anu kacida geulisna. Tibatan anjeun mimilu ka lalaki siga kieu, lewih hadé tuturkeun kuring, anjeun bakal panggih jeung kasenangan lahir batin, cukup cicing di imah teu perlu digawé" ceuk firman bari ngarérét ka Unah,
"Contona Unah, kuring geus méré 50 juta. Keur anjeun 100 juta dibayar ayeuna kénéh asal tingalkeun salaki anjeun"
Unah anu ngadéngéna langsung jamedud, teu nyangka Firman bakal ngarayu Icih hareupeun dirina jeung hareupeun Udin
"Dasar buaya, teu gableg kaéra" ceuk Icih bari nampiling pipi Firman.
Tapi Firman teu ambek, Firman malah nyéréngéh,
"Kuring resep ucing bikang anu galak, biasana bakal leuwih galak ditempat saré. Kuring sanggup ngajieun anjeun jadi lindeuk, anjeun bakal nguang-ngéong bari ngaléndéan saenggeus dilindeukkeun ku kuring"
Parat ngomong, peureup Udin geus ngahantem beungeutna. Cukang irungna langsung remuk, getih ngucur tina liang irungna, huntuna ogé punglak dua sarta biwirna langsung jeding.
Jelema anu pada nyaksian jelas reuwas, saurang pamuda wani nonjok beungeut bos Mutiara Sagara. Tapi euweuh nu wani ngabéla, sabab sararéa oge nyaho jeung ngadéngé, Firman anu ngamimitian ngajieun kaributan.
Firman ngadayagdag ngagubrag nangkarak, sirahna tidagor kana ubin,
"Bangsat, sia wani neungeul aing!" Ceuk Firman bari usey-useyan hayang hudang, kawantu awakna lintuh jadi teu bisa ngoréjat sakaligus, leungeuna rumpa rampa ka gigir néangan pamuntangan.
"Lain saukur neunggeul, kuring rék ngajauhkeun anjeun ti awéwé mana waé" ceuk Udin nyampeurkeun bari nincak tarang baga Firman.
Firman pias, sabab disangkana Udin bakal ngajejekan bobogaanna nepi ka ancur. Lantaran moal sanggup ngalawan Udin sorangan, Firman ngalengis,
"Ampun, ulah dijejek, lamun anjeun butuh duit, sabaraha sebutkeun"
"Naha karék sageprakan geus ngomong ampun siah? Ongkoh jago?" Ceuk Udin.
Firman wani ngahina lantaran teu nyangka Udin bakal bener-bener wani nonjok. Dirina lain ahli silat, ukur bisa ngandelkeun harta jeung kakawasaan, disangkana Udin bakal sérab ku pamor dirina,
"Kuring ngaku salah, Kuring anu ngamimitian, hampura" ceuk Firman ngalengis.
Anu kapikir ku Firman, kumaha carana bisa leupas ti Udin sarta bisa indit ti tempat éta, terus mayar jelema pikeun maéhan Udin.
Udin kawas ucing anu keur nincak beurit. Panonna seukeut mencrong ka Firman,
"Oké, ku kuring dihampura. Anjeun mémang can pantes paéh ku leungeun kuring. Tapi anjeun kudu ménta dihampura ka pamajikan kuring anu geus dihina ku anjeun bieu, létakan sapatuna ku létah anjeun"
Firman teu bisa narima paréntah ti Udin. Piraku saurang diréktur Mutiara Sagara kudu daék ngalétakan sapatu awéwé bari dilalajoanan ku jelema loba. Harga dirina pasti bakal langsung rungkad. Tapi suku Udin masih nincak tarang bagana, sakali dijejekkeun, bobogaana pasti bakal langsung aduy.
Firman teu nyaho, sanajan ukur nincak, tapi sabenerna aya énérgi spiritual anu keur disalurkeun ku Udin ngaliwatan sukuna. Persis kawas anu dilakukeunna pikeun ngawarah Dudung. Udin keur ngaleungitkeun kamampuan kalalakian Firman. Sabab teu lila kaciri calana Firman mulai jemblong, terus ciompol mulai maseuhan ubin tanpa karasaeun ku Firman yén dirina keur ngompol. Firman ukur ngarasakeun haneut, sabab calanana baséh padahal euweuh anu nyicikeun cai kana calanana. Teu nyahoeun lamun klep tina bobogaanna sorangan geus dol.
Saenggeus réngsé, Udin buburu ngangkat sukuna pura-pura geuleuh,
"Bagong téh. Kolot-kolot ngompol, bauna meni pengar kieu. Nyaho teu sapatu kueing anyar kénéh? Kakara dipangmeulikeun ku pamajikan, ayeuna malah diompolan ku manéh"
Saenggeus nyaho yén anu baseuh téh ciompolna sorangan, Firman langsung ceurik ngageungeuik. Ngarasa hanjakal asup ka aula teu mawa pangawal atawa asisténna. Lamun mawa pangawal, mustahil Udin wani ngawiwirang dirina. Buburu Firman nangkuban terus ngorondang sarta ngalétakkan sapatu Icih.
Kabéh jelema colohok nempo Firman anu geus ngompolan manéh ayeuna keur ngalamotan sapatu batur. Ningali Firman ngalétakkan sapatu Icih, Unah ambek,
"Mang Firman, cekap. Ulah ngawiwirang diri nyalira payuneun batur!"
Tapi ku Firman teu dipaliré, Saenggeus ngalétakkan sapatu Icih kénca katuhu, Firman tanggah neuteup ka Udin,
"Ayeuna leupaskeun kuring, kuring rék indit" ceuk Firman ngalengis.
Udin seuri,
"Ménta dihampura heula ka pamajikan Kuring, terus indit" ceuk Udin.
Buburu Firman nyarita ka icih,
"Icih, hampura kuring. Kuring moal wani deui ngaganggu ajeun"
"Tapi kuring ogé ménta dihampura" ceuk Udin.
"Sanajan bobogaan ajeun teu dijejek nepi ka lenyéd, kagagahanna geus leungit, jeung lila-lila bakal buruk, aduy buyatak anu ahirna bakal leupas tina tempatna"
Firman teu ngarti kana maksud omongan Udin, jadi nanya,
"Naon maksud anjeun?"
Udin seuri,
"Déngékeun sing bener sangkan leuwih jelas! Kuring geus mupus kamampuan bobogaan anjeun, tah karasa teu?" Ceuk Udin bari noélan bobogaan Firman anu masih nonggéng nyuuh ku tungtung sapatuna"
Firman ngarénjag, sabab mémang euweuh anu karasa nanaon. Buburu Firman diuk bari ngaranggeum bobogaanna, jelas bobogaana mah masih aya kénéh, ngan kunaon siga anu paéh rasa? Bakat ku panasaran leungeuna dikodokeun kana jero calanana anu baseuh, bobogaanna diciwitan, tapi angger teu karasa nanaon. Ahirna bonogaanna dibenyéng satarikna, anggeur euweuh anu karasa nyeri. Firman ngagoak ceurik bari neunggeulan bobogaanna. Ngan leungeuna buburu ditahan ku Unah.
Firman ahirna eureun, terus nyarita,
"Kuring geus bisa indit?"
"Nanya ka saha?" Udin nanya.
"Nya ka anjeun. Ka saha deui?" Ceuk Firman.
"Oké. Jadi geus nyaho saha kuring? Udin nanya deui.
Firman unggeuk,
"Nyaho, anjeun Udin, urut kuli ngaduk" témbal Firman.
"Lain koplok! Sing bener! Ceuk Udin.
Firman ngahuleng,
"Buru sebutkeun saha kuring? Anu ceuk maneh ukur bisa ngagaur hungkul" Udin nanya deui.
"Anjeun maung, maung Bandung!" Ceuk Firman bari awakna ngadarégdég.
"Tah éta karék bener, masih wani deukeut jeung maung?" Udin molotot.
"Moal wani, kuring rék indit" ceuk Firman.
"Lamun kitu, mantog sing jauh!" Udin nyorowok bari curukna nunjuk ka lawang luar aula.
Firman ugal ugil hayang nangtung, sabab gendut Firman kapaksa muntangan kana erokna Unah anu keur nangtung gigireunna. Atuh sanajan bisa nangtung ogé erok Unah jadi morosot nepi kana bitis sabab kabenyéng.
Share this novel