Sabab euweuh deui anu bisa diandelkeun pikeun ngabéla dirina, ahirna Unah ngelapan cimata terus ngomong bari sisimekeun,
"Ni. Mémang kuring geus kotor. Lamun kuring kudu jadi tumbal keur kulawarga ieu, teu nanaon. Ngan nini kudu inget, lain kabagjaan hungkul anu bakal kaasaan ku sararéa, tapi dosa kuring ogé jadi tanggung jawab aranjeun. Pikeun ngalancarkeun niat nini. Ayeuna angkat kuring jadi direktur Palapa"
Rukmini curinghak bungah, terus unggeuk.
"Nini satuju, teu nanaon anjeun anu jadi direktur Palapa gaganti si Icih. Pék kelola deui Palapa. Ngan Ulah mapatahan Nini masalah dosa"
Peutingna saenggeus mandi, Unah ngetrokan panto kamar Firman bari ukur maké anduk. Terus asup sarta teu kaluar deui tepi ka isuk.
Isukna duanana kaciri turun bareng bari pecekel-cekel leungeun ngajugjug kana méja makan. Duanana geus maké pakéan rapih siga anu rék arindit. Pamandangan anu bener-bener kontras. Lalaki kolot nungtung awéwé ngora. Anu awéwé jangkung, tapi lalakina ukur sadadaeun si awéwé.
Karsidi, Isah jeung Dudung teu bisa nyumputkeun kasedihna. Komo deui ningali dina beuheung Unah loba tapak beureum anu tangtuna akibat digaléntoran ku Firman sapeupeuting. Tapi béda jeung Rukmini, Rukmini mah seuri marahmay bari ngabagéakeun duanana,
"Hayu kadarieu, urang dahar ngariung" ceuk Rukmini ka Firman jeung Unah.
Firman diuk terus ngaluarkeun ponsélna,
"Kuring geus jangji ka Unah rék nunda modal di Palapa 800 juta. Ayeuna kuring rék transfer 100 juta heula, sésana bulan hareup"
Rukmini nyakakak seuri, sedengkeun anu séjén ukur silih rérét. Rukmini langsung mikeun nomer rekening dina ponsélna ka firman. Harita kénéh 100 juta langsung ditransferkeun ku Firman. Malah Firman ogé mere 50 juta kana rekening pribadi Unah hareupeun sararéa.
"Eta keur jajan anjeun" ceuk Firman bari seuri ka Unah.
Unah ogé seuri bungah, buburu nyium pipi Firman, terus nganuhunkeun. Rék teu bungah kumaha, sapeupeuting Unah geus dibéré kasenangan anu saacana can kungsi dirasakeun sawaktu masih kénéh jeung Ibro. Sanajan umur Firman geus kolot, pendék sarta gendut. Tapi nyatana dina ranjang Firman saurang fighter sajati anu bisa ngajieun dirina sababaraha kali KO. Pantes pamajikanna loba ogé, da mémang hébat. Sanajan dilayanan ku 10 awéwé ogé, pasti Firman moal kéok. Ukuranna ogé teu biasa. Panjang, gedé jeung heuras. Anu ngajadikeun Unah kapéngpéongan. Komo deui ayeuna dibere 50 juta, kabungahna geus teu bisa digambarkan deui.
Firman ogé kacirina bungah pisan, teu ngarasa lebar mikeun duit 50 juta ka Unah. Sabab sasuai jeung ékspéktasina. Salian geulis, awak unah ogé mulus tanpa cacad sarta daék ngalakukeun sagala rupa posisi pikeun nyumponan imajinasina. Malah Firman boga niat hayang ngawin Unah sacara sah jadi pamajikan anu ka-5.
Firman neuteup ka karsidi,
"Pak, kuring aya paménta"
Karsidi kerung, sabab disebut bapa ku Firman anu umurna sapantaran jeung dirina.
Tapi Rukmini buburu némbalan bari seuri,
"Aya kahayang naon? Sok sebutkeun! Ulah asa-asa"
Firman ngarérét heula ka Unah, terus ngomong deui,
"Tadi peuting kuring geus ngobrol jeung Unah. Sanajan umur béda jauh, tapi masalah cinta mah teu bisa kahalangan ku umur. Kuring aya niat hayang ngawin Unah"
Unah sabenerna mah teu bogoh. Teu saperti anu disebutkeun ku Firman. Tapi mémang geus nyanggupan dék dikawin. Pamikirna, éta kaputusan hadé tinimbang ukur dijieun simpenan.
Rukmini jelas bungah,
"Lamun ajeun duaan geus paheut sarta ngarasa cocok, Nini mah sakadar ngarojong"
Tapi sabagé indung, Isah ngarasa salempang ku nasib Unah. Jadi Isah nyarita ka Firman,
"Firman, anjeun geus boga 4 pamajikan, kumaha lamun pamajikan anjeun yahoeun anjeun kawin deui ka anak kuring. Kuring teu hayang kahareupna aya riributan"
"Teu masalah bu, salila Unah tetep bisa ngajaga diri di hareupeun batur. Kuring geus ngabahas masalah éta jeung Unah" témbal Firman.
"Salian rék nunda modal di Palapa, kuring ogé rék mikeun salah sahiji usaha kuring pikeun di kelola ku Unah"
Unah di gigireunna langsung meulitkeun leungeuna kana cangkéng Firman bakat ku atoh. Sirahna di golérkeun dina taktak Firman. Bisa kitu sotéh pedah duanana keur diuk, da lamun nangtung mah Unah jangkung. Firman ukur sadadaeun Unah. Mustahil taktakna bisa dipaké pikeun panyarandéan sirahna.
Nempo Unah bungah, Karsidi jeung Isah anu tadina ukur jamedud, ahirna maksakeun seuri pait.
Firman ngarérét ka Unah,
"Sayang, akang diondang rapat ku pangurus Ikatan Pengusaha Jawa Barat. Anjeun bisa marengan akang sabab akang ogé rék ngumumkeun ka Batur yén akang rék nunda saham di Palapa, saha anu nyaho aya batur-batur akang anu katarik pikeun miluan nunda saham ogé"
Unah ngarenjag,
"Kumaha upami anu sanes uningaeun akang aya hubungan sareng abdi? Moal sawios-wios?"
Firman seuri,
"Dihareupeun Batur anjeun kudu nyébut akang mamang, da mémang kanyataan kitu. Batur moal nyuriga, komo deui ngaran tukang urang sarua Kusumah"
Unah bungah, terus ngaharéwos,
"Kang. Abdi parantos teu sabar hoyong énggal-énggal ditikah, supados tiasa bébas kaditu kadieu sasarengan, teu aya anu peryogi disumputkeun deui ka batur"
"Ulah hariwang. Anjeun bakal jadi pamajikan akang anu terahir jeung paling dipikacinta. Akang moal boga niat kawin ka sasaha deui saenggeus ka anjeun" ceuk Firman.
Udin can ngadéngé yén diluaran geus sumebar béja Palapa bangkit deui lantaran aya dukungan di Mutiara Sagara. Sabab Udin unggal poé sibuk bulak-balik ti imah ka rumah sakit. Salian kudu nungguan Mardi, kawajiban Udin di imah ogé tetep kudu digawéan. Sedengkeun Lastri, saprak narima duit 1,6 juta geus tara aya di imah, komo daék nolol ka rumah sakit mah. Saolah-olah geus poho kana kawajibanna salaku pamajikan Mardi.
Mémang kaayaan Mardi geus euweuh anu kudu dipikahariwang deui, awakna geus jagjag. Malah tiap aya Udin, pasti duanana langsung maén catur. Atawa dahar babarengan méakeun dahareun anu dipasak sarta dibawa ku Udin ti imah.
Béja ngeunaan cageurna paraplégia Mardi ogé geus sumebar ka saantéro dunya sabagé kaajaiban médis. Ngaran tabib Tiandi beuki kakoncara, malah jadi bahan obrolan para dokter di kabéh nagara.
Loba anu muji ka Indonesia, sabagé nagara berkembang tapi boga ahli médis anu masih ngulik ubar tradisional. Loba ogé wartawan mancanagara anu hayang bisa ngawawancara sacara husus ka Tiandi. Malah aya sababaraha pabrik farmasi anu nawaran kerjasama pikeun bisa mroduksi massal ubarna. Tapi kabéh ditolak ku Tiandi.
Tiandi embung ngamanfaatkeun kaayaan jeung katénaran dirina. Sabab sadar yén sabenerna Udin anu boga jasa, lain dirina. Saperti jangjina ka Udin, Tiandi ayeuna matuh di Bandung, sabab keur Tiandi, cicing sarta babakti ka masarakat Bandung sarua waé jeung mulang tarima ka Udin.
Tiandi muka prakték ngagunakeun ruko anu kungsi di séwa ku Icih saacan pindah ka Wings Star. Di Bandung, Tiandi teu wani kawas di Jakarta deui. Di Jakarta Tiandi ukur daék ngubaran jelema-jelema beunghar sarta ménta bayaran mahal. Tapi di Bandung, kabéh di bébaskeun. Saha waé bisa datang uubar, sarta teu matok bayaran. Tiandi ukur nyadiakeun kéncléng saiklasna anu ditunda dina lawang kaluar klinikna. Otomatis saprak klinikna dibuka, anu uubar langsung ramé. Pasién jul-jol ti mana-mana. Malah aya anu ti luar kota sagala.
Zofia ngadukung pisan kana kaputusan Tiandi. Sabab cicing di Bandung hartina kasempetan Zofia pikeun bisa panggih jeung Udin ogé bakal leuwih gampang.
Saumurna, Zofia anu sapopoéna ukur babantu Akina ngubaran jelema, jarang boga waktu pikeun wawuh jeung lalaki. Sakalina boga kasempetan, dirina langsung kapikat ku Udin. Lamun keur nyaring, anu kabayang Udin. Keur saré, anu kaimpikeun ogé Udin. Sanajan nyaho Udin geus kawin, sarua jeung anu kapikir ku awéwé-awéwé séjénna. Zofia ogé ngarasa masih boga kasempetan pikeun bisa jadi pamajikan Udin, sabab Udin geus dilalaworakeun ku mitohana. Sakali waktu pasti Udin bakal leupas.
Harita wanci geus soré. Udin keur ngaboséh sapédahna ka rumah sakit bari mawa rantang satiir anu eusina rupa-rupa dahareun sarta bungkusan koran anu eusina sababaraha setel pakéan keur salin Mardi. Keur anteng ngaboséh, Udin ditelepon ku Tiandi. Jadi Udin ngarandeg heula di sisi jalan sangkan bisa narima teleponna.
Saenggeus telepon ditarima, kadéngé. Sora Tiandi,
"Guru, kuring ayeuna muka klinik dina ruko anu kungsi diséwa ku ibu Icih. Saumapa anjeun butuh bantuan ti kuring, anjeun bisa nelepon kuring iraha waé"
Udin seuri sugema,
"Alus. Ruko éta geus dibayar sataun ku pamajikan kuring, tapi karék dipaké 3 poé, jadi lumayan tah, sataun anjeun teu kudu mayar séwa"
"Bener pisan, mémang kitu ceuk pamilik rupina ogé. Nuhun guru, hampura kuring geus ngaganggu" témbal Tiandi.
"Teu nanaon, sing betah di Bandung" ceuk Udin terus nutup teleponna.
Isukna Icih geus réngsé mandi, terus dangdan ngamakeup beungeutna. Udin anu karék balik ti rumah sakit nempo Icih keur dangdan bari diuk nyinghareupan kaca, ngarandeg heula. Udin merhatikeun Icih, sabab jarang kaciri Icih ngamakeup beungeutna. Jadi Udin nanya sabab panasaran,
"Nyi. Biasana tara ngarias beungeut, akang asa ngimpi ningalina. Aya naon?"
Icih némbalan bari tetep neuteup kana eunteung,
"Pangurus Ikatan Pengusaha Jawa Barat ngulem abdi. Ieu kasempetan saé kanggé abdi supados tiasa tepang sareng pangusaha-pangusaha Jawa Barat sanésna. Silaturahmi sakantenan ngajalin kerjasami"
"Naha gening bisa kaondang? Pan perusahaan Nyai kakara diresmikeun" Udin nanya deui.
Icih seuri,
"Pan panggagasna Bima Raya, abdi di ulem ku ibu Susi, anjeuna ketuana"
Udin gagaro sirahna. Udin mémang jarang datang ka Bima Raya, jadi loba anu Udin can nyaho. Nyaho Wings Star anu Bima Raya ogé basa rék peresmian kantorna Icih. Sigana Susi ngahaja ngayakeun pertemuan keur ngenalkeun usaha Icih hususna ka pangusaha-pangusaha luar Bandung.
"Kang. Upami akang parantos ibak. Anggé acuk ieu nya, akang kedah nyarengan abdi" ceuk Icih bari nunda setelan jas dina luhur kasur lengkep jeung dasi sarta sapatu kulit anyar.
Udin unggeuk nyatujuan.
Singket carita. Nepi ka anu dituju geus loba jelema. Kawantu Udin mah tara gaul di dunya bisnis, jadi teu wawuh ka sasaha. Béda deui jeung Icih anu saméméhna kungsi jadi diréktur Palapa, loba anu ngucapkeun salam jeung ngajak ngobrol.
Sedengkeun Udin ukur busa cicing gigireun Icih bari rurat-rérét ka sakitar. Panon Udin entreup di sapasang lalaki kolot pendek gendut bari ngagédéng awewe ngora jangkung leutik anu keur nukangan. Pasangan éta sigana pengusaha anu geus kasohor, sabab keur dirariung ku pangusaha sejenna anu keur muji-muji, utamana muji kana kageulisan awéwé anu marenganna.
Tapi beuki lila merhatikeun, Udin karék sadar yén si awéwé anu keur ditempo nyatana Unah. Jadi Udin nanya ka Icih bari curukna nunjuk ka lebah Unah,
"Nyi, Palapa pan geus bangkrut, naha Unah bet aya didieu?"
Icih némbalan,
"Muhun kang, Ema kantos ngawartosan ka abdi. Saurna aya parusahaan anu ngamodalan Palapa, janten ayeuna Palapa parantos jalan deui. Unah anu janten dirékturna"
"Nunda modal di Palapa? Perusahaan mana anu wani nunda modal di Palapa anu boga réputasi goréng sarta teu boga prospék. Pasti aya niat séjén" Gerentes Udin.
Teu lila kadéngé saurang lalaki gigireun Udin ngomong ka pasanganna, curukna nunjuk ka Firman,
"Mah. Itu Firman Kusumah, direktur Mutiara Sagara. Hayu urang sampeurkeun" terus nungtun pamajikanna ngadeukeutan riungan anu keur ngurilingan Firman jeung Unah.
Udin nanya deui ka Icih,
"Nyi. Naon hubungana Firman Kusumah jeung kulawarga Kusumah anjeun, naha masih aya pakait dulur?"
"Abdi teu uninga kang" témbal Icih.
"Asa rada anéh, ningali kaakraban duanana siga euweuh watesan dulur. Leuwih mirip salaki jeung pamajikan" ceuk Udin bari kerung.
"Ulah ngaco ah kang, Firman langkung sepuh ti mang Karsidi, piraku mang Karsidi keresa kagungan minantu ka aki-aki" ceuk Icih.
Sabab Unah jadi pasanganna Firman sarta loba anu muji kana kageulisanna. Sifat sombong unah mimiti kaciri, beungeutna rada tanggah sarta dada dibusungkeun. Sabab pangrasana asa geus jadi ratu.
Saperti anu dijangjikeun ka Unah, ampir ka tiap jelema Firman ngawawuhkeun Unah sabagé direktur anyar Palapa anu dimodalan ku dirina. Sarta Palapa siap ngajalin kerjasama jeung saha waé anu rék invéstasi bareng jeung Firman.
Share this novel