22. Udin nyalametkeun acara

Fantasy Series 36

Darwin kerung. Sabab saméméhna mémang kungsi aya 2 préman anu datang majeg duit ménta biaya kaamanan. Tapi teu nyangka ayeuna bakal daratang deui préman séjén bari jumlahna leuwih loba.

Si pamingpin préman nyarita deui,
"Aing datang kadieu lantaran paréntah ketua, geus jadi aturan saha waé anu muka usaha di wilayah ieu, kudu méré 5% tina hasil usahana pikeun biaya kaamanan. Sarta mikeun lahan parkir pikeun dikelola ku kuring. Lamun kawajiban éta dibayar lancar, kaamanan réstoran sapinuhna jadi tanggungjawab kuring. Kaharti?" Pokna bari matana molotot ka Darwin anu kerah bajuna masih kénéh diranggeum pageuh. Terus nyarita deui,
"Lamun teu satuju, tutup réstoran ieu ayeuna kénéh"

Darwin ngahuleng bari ngagerentes dina haté,
"5% tina kauntungan réstoran jeung mikeun lahan parkir keur kaamanan ilégal. Jelas pameresan"

Saterusna Darwin nyarita,
"Béré kuring waktu keur mikirkeunna"

Teuing boga kawani timana, Ibro ujug-ujug nangtung langsung muncereng ka si pamingpin préman,
"Saha anjeun?"

Pamimpin préman ngaleupaskeun ngaranggeumanna tina kerah baju Darwin. terus mureleng ka Ibro
"Diuk! Mémangna aing kudu laporan heula ka sia saha aing?"

Ibro ngomong deui bari nulak cangkéng,
"Kulawarga kuring wawuh jeung camat sarta perwira pulisi di daérah ieu"

Si pamingpin préman nyakakak seuri,
"Oh. Manéh rék nelepon camat jeung pulisi?"

"Enya. Ayeuna maranéh kaluar lamun teu hayang modar" ceuk Ibro ngancem bari ngaluarkeun HPna.

Si pamingpin préman nyakakak deui,
"Sok telepon béjakeun aing Komar, lamun bener aya anu bisa ngahalangan niat kuring. Kuring moal pernah datang deui kadieu. Tapi lamun henteu, anjeun anu bakal disiksa tiheula ku kuring"

"Ibro, gancang telepon, tulungan" ceuk Lili

Ibro buburu unggeuk terus nelepon camat ,
"Halo pa camat. Abdi Ibro Wijaya. Putra cikal ti Salman Wijaya. Kunaon bet aya préman diwilayah bapa?"

"Dimana? Coba jelaskeun kronologina!" Ceuk camat anu ditelepon.

"Di Dago pak, réréncangan abdi nuju ngaresmikeun réstoran. Ayeuna nuju diganggu ku sababaraha préman anu nyuhunkeun dana kaamanan kalawan maksa. Janten abdi nelepon bapa" témbal Ibro.

"Hampura, kuring teu boga wewenang turun langsung ka lapangan. Hadéna anjeun ngahubungi heula kelurahan setempat atawa nelepon pulisi. Kuring masih aya meeting" témbal camat bari langsung nutup teleponna.

Ibro colohok, Teu sangka camat bakal ngomong kitu. padahal sawaktu bapana masih kénéh jaya. Tiap aya proyék di wilayah éta. Pasti camat sok kacéprétan duit ti bapana. Tapi ayeuna Ibro asa teu di anggap pisan padahal geus nyebutkeun ngaran bapana.

Saterusna Ibro nelepon deui ka saurang perwira pulisi,
"Wilujeng sonten pa Anwar. Abdi Ibro Wijaya, putra cikal ti Salman Wijaya. Abdi peryogi bantosan ti salira kanggé méréskeun gangguan préman di réstoran réréncangan abdi. Sans Co, di Dago"

Anwar némbalan,
"Ibro, préman anu nyekelan wilayah éta ngarana Komar, tangan kananna Murad, Murad sorangan anak buahna kang Bahar. Hadéna anjeun ulah pipilueun saupama embung aya masalah"

Ibro colohok,
"Janten bapa teu tiasa ngabantos abdi?"

Anwar ngarahuh,
"Anjeun tangtu nyaho saha kang Bahar pan?"

Ibro kuciwa, terus nyarita deui,
"Pa Anwar, bapa pan dibayar ku ibu abdi kanggé ngabékingan sababaraha padamelanna di Bima Raya. Kunaon ayeuna teu tiasa ngabantos abdi? abdi murangkalihna pa"

Anwar nyakakak,
"Mémangna anjeun can nyaho? Karék bieu indung anjeun dipecat ti Bima Raya. Ayeuna kuring geus euweuh pakaitna deui jeung indung anjeun"

"Hah! Dipecat? Aya naon?" Ibro colohok.

"Leuwih hadé anjeun balik terus tanyakeun langsung ku sorangan" témbal pulisi bari langsung nutup teleponna.

Komar nempo Ibro bingung buburu nanya,
"Mana? Geus aya anu majar bisa nulungan téh?"

Ibro teu némbalan sabab masih reuwas ngadéngé indungna dipecat ti Bima Raya, jadi Ibro tungkul bari nyakuan HPna. Terus diuk deui. Na atuh ari gelepok téh pipina ditampiling ku Komar disusul ku beuteungna ditonjok. Ibro mundur bari nyekelan beuteungna anu karasa seueul jeung mules. Anu séjén kabéh murungkut beuki sieun, euweuh anu wani nyarita.

"Manéh wani neunggeul kuring" ceuk Ibro bari muringis. Curukna nunjuk beungeut Komar.

"Na salah kitu mun aing neunggeul sia?" Ceuk Komar bari habek najong beuteung Ibro disusul ku peureup buleudna ngajebrod pipina. Nepi ka Ibro labuh tina korsi terus ngagolér dihandap. Ibro nyorowok ménta tulung, tapi euweuh batur-baturna nu usik.

"Enggeus. Ampun" ceuk Ibro nutupan beungeutna ku dua dampal leungeun bari ngaréngkol.

"Gusur kaluar!" Ceuk komar nyorowok ka dua anak buahna anu masih ngabedega dina lawang panto sangkan ngagusur Ibro kaluar. Saterusna Ibro digusur ku duaan. Diluar Ibro langsung ditareunggeulan ku lobaan.

Komar ngarérét deui ka Darwin bari kekerot ambek,
"Kusabab geus aya anu wani pipilueun. Kawajiban anjeun anu tadina 5% ayeuna naék jadi 10%, saupama masih nolak, nasib anjeun bakal sarua"

"Lamun anjeun ménta 10%. Leuwih hadé paéhan Kuring" ceuk Darwin pasrah.

"Dikira aing keur heureuy?" Komar molotot bari nyabut belati tina sapatuna terus disangsangkeun dina taktak Darwin.

Kabéh jelema ngarénjag, anu awéwé pating kocéak terus meungpeun lantaran mangpaurkeun kana kasalametan Darwin. Ngan saenggeus kaayaan jempling, Udin nyarita lalaunan,
"Komar! Tunda péso anjeun, tempo beungeut kuring"

"Sia ogé hayang dipodaran?" Ceuk Komar bari ngarérét ka Udin. Tapi teu disangka ku sararéa, pas nempo beungeut Udin. Komar langsung ngaragragkeun pésona terus deku.

Can béak kareuwas sararéa balas kajadian bieu nempo Darwin anu geus ditodong ku péso, ayeuna kabéh jadi colohok nempo Komar anu deku ka Udin.

Komar ngalengis,
"Dén, hapunten abdi, abdi teu uninga salira aya didieu"

Udin ogé reuwas sabab teu nyangka Komar nyaho ka dirina. Jadi Udin nanya,
"Anjeun wawuh ka kuring?"

Komar unggeuk,
"Uninga dén. Abdi bawahan kang Murad. Abdi ningal salira kamari di Rumah Klasik"

Udin inget, Murad kamari mémang teu datang sorangan nepungan dirina di lobi Rumah Klasik, tapi masih aya dua urang deui anu marenganna. Ngan teu milu nganteurkeun nepi ka rohangan VVIP. Salah sahijina Komar. Teu anéh lamun Komar wawuheun.

Kabéh ngajenghok, teu ngarti kunaon Komar bet sieun ku Udin jaba nyebut adén. Ukur Élsa anu faham.

"Aya naon kang, akang uninga ka jalmi ieu?" Ceuk Icih kerung bari nanya ka Udin lalaunan.

Udin gogodeg sabab sieun Icih nyangka salila ieu Udin gaul jeung préman. Ningali Udin gogodeg, Komar ngarti, buburu ngajelaskeun,
"Kuring teu wawuh non, pa Udin ogé pasti moal wawuheun ka Kuring, ngan kamari kuring nempo pa Udin aya di Rumah Klasik jeung kuring nyaho kana ngaranna sabab kuring tatanya ka bagéan resépsionis"

Icih ahirna bisa ngamaklum, sabab Udin kamari mémang dititah ku dirina ngajemput sarta mawa dahar Élsa anu kakara datang ti Jakarta di rumah klasik. Sedengkeun pamilik rumah klasik nyaéta kang Bahar, saurang raja préman. Anu hartina Rumah Klasik ogé markasna para préman. Tangtu Komar salah sahiji anak buahna kang Bahar anu kabeneran kamari aya di Rumah Klasik.

Ngadéngé penjelasan ti Komar, Udin hayang nyakakak seuri. Tapi ditahan. Saterusna Udin nitah Komar nangtung,
"Nangtung. Tamu anu aya di dieu kaasup pamilikna, kabéh babaturan kuring. Ulah diganggu"

Komar unggeuk terus ngarérét ka Darwin,
"Sabab anjeun babaturanna pa Udin. Mimiti ti ayeuna réstoran anjeun bébas tina pungutan kaamanan. Lamun butuh nanaon. Béjaan kuring, kuring pasti bakal datang kadieu pikeun ngabantu"

Lili ceurik atoh bari ngagabrug ka Darwin. Anu hadir langsung kerprok bungah sarta nganuhunkeun ka Komar jeung ka Udin.

"Sabaraha urang batur anjeun anu aya diluar? Hayu titah arasup kabéh, urang ngariung dalahar babarengan di dieu" ceuk Darwin ka Komar bari seuri.

Komar unggeuk bari nyebutkeun jumlah anak buahna. Saterusna Komar kaluar pikeun ngabéjaan kabéh anak buahna sangkan arasup. Sababaraha palayan buburu nyiapkeun deui méja jeung korsi. Sarta langsung dipinuhan ku hidangan. Saterusna kabéh préman anu geus arasup dariuk siap-siap pikeun dalahar.

Darwin nyampeurkeun ka Udin bari ngarangkul nganuhunkeun.
"Lamun euweuh anjeun, teuing kumaha nasib kuring bieu. Nuhun nya Din"

Saenggeus ngagero anak buahna sarta kabéh geus dariuk. Komar ogé nyampeurkeun deui ka Udin, bari tungkul sieun.
"Pa. Hapunten nembé abdi tos nyiksa batur bapa. ayeuna batur bapa teu sadar diluar. Abdi kedah kumaha?"

Udin seuri,
"Antep diluar sasadarna, anu éta mah lain babaturan kuring, ukur wawuh saliwat. Atawa telepon ambulan, bawa ka rumah sakit bisi kaburu manéhna sadar terus asup deui kadieu pikeun ngaganggu acara"

"Mangga pa" ceuk Komar bari buburu ngaléos ngagabung diuk jeung anak buahna terus nelepon ambulan.

Kabéh panon neuteup ka Udin, tina anu awalna nyapélékeun ayeuna kabéh ngarasa reueus.

Darwin diuk hareupeun Udin dina korsi urut Ibro. Terus nyarita ka Udin jeung Icih,
"Din. Saupama anjeun datang deui kadieu iraha waé pikeun dahar, kabéh gratis husus keur anjeun jeung Icih"

Udin unggeuk nganuhunkeun. Saterusna acara makan-makan diteruskeun deui. Darwin ogé ngagusur deui hiji korsi keur Lili sangkan ngagabung dahar. Soréna acara dibubarkeun.

Sabalikna ti Sans Co, Icih nanya ka Udin ngeunaan mobil
"Kang, naha BMW 520 ieu bet tiasa ngéléhkeun BMW 530 mikik Ibro?"

"BMW ieu hasil ujicoba modifikasi ti fihak BMWna sorangan. Sabab loba anu nyangka BMW 520 euweuh tanagaan, nyatana dimodif saeutik tanagana bisa maksimal" témbal Udin

Icih mémang teu pati ngarti kana mobil, jadi ukur unggut-unggutan teu tumanya deui. Béda jeung Élsa, Élsa mah mémang nyaho jenis asli BMW anu dipaké ku Udin, ngan Élsa teu ngoméntaran nanaon. Saenggeus nganteurkeun Élsa ka hotél. Udin jeung Icih mah langsung balik ka imah.

Ibro sanepina ka rumah sakit langsung diasupkeun ka bangsal lantaran perlu dirawat, Frédi geus balik deui ka Australia lantaran ngarasa sieun ku kang Bahar. Sedengkeun Salman Wijaya ngadadak kaserang stroke jeung dilumpatkeun ogé ka rumah sakit lantaran ngadéngé pamajikan dipecat ti Bima Raya sarta keur digugat lantaran kanyahoan ku tim auditna ibu Susi geus nyalahgunakeun wewenangna. Ayeuna keur ngajalanan prosés hukum. Kuluarga Wijaya bener-bener geus rungkad.

Tapi éta lain kajadian gedé anu ngageunjleungkeun Bandung. Perhatian warga Bandung masih tetep ka peristiwa anu bakal lumangsung di Taman Gantung. Kabéh sarua pada-pada hayang gera nyaho saha anu geus nyéwa Taman Gantung pikeun acara ulang taun kawinan. Sedengkeun acarana bakal lumangsung peuting ayeuna.

Geus lila Udin mémang hayang méré hadiah kejutan keur Icih. Jadi ngajangjikeun ka Icih yén peutingna rék ngajak Icih makan malam pikeun ngarayakeun sataun kawinanna. Saenggeus duanana istirahat sarta marandi. Peutingna saacan indit, Udin nitah Icih maké gaun malam kelir bodas. Sedengkeun Udin maké jas milikna anu mémang ngan ukur hiji-hijina.

Icih nyatujuan, tapi tetep nanya lantaran bingung,
"Kang, ieu pan mung kaluar kanggé makan malam, naha abdi kedah nganggé raksukan resmi sapertos badé ka uleman penting waé? Sanaos dinten ieu ulang taun pernikahan urang. Nanging naha kedah resmi kieu?"

Udin seuri,
"Akang geus nyiapkeun tempat dahar anu moal disangka-sangka ku nyai. Komo ieu pas dina poé ulang tau pernikahan urang. Geus sawajarna dangdanan urang kudu leuwih istimewa ti poé-poé biasa. Sakali dina sataun"

Icih unggeuk bari seuri, Icih ogé panasaran hayang nyaho, naon anu geus disiapkeun ku Udin anu cenah mah kejutan keur dirina. Saenggeus duanana siap, duanana kaluar naék taxi langsung nuju ka hotél Padma. Duanana teu pamitan ka sasaha, sabab Lastri jeung Mardi teu nyampak di imah sarta can baralik. BMW mah ditingalkeun di buruan imah.

Turun tina taxi Udin ngagéndéng Icih,
"Di dieu akang rék méré kejutan ka nyai. Kumaha miturut nyai?"

Diajak turun di Padma bari Udin ngomong kitu, geus pasti Icih bingung jeung reuwas,
"Akan teu nuju heureuy ngajak abdi tuang didieu? Nembé kamari pan urang tuang di dieu sareng Élsa? Mémangna akang kagungan kartu mémber?"

Udin seuri deui,
"Akang teu bohong, 3 poé katukang akang geus pesen tempat didieu maké kartu mémber babaturan. Saupama nyai teu yakin. Hayu tanyakeun ka bagéan informasina di jero"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience