Ahirna juru lélang muka harga 90 juta. Loba jelema anu nawar, kurang ti samenit harga geus naék jadi 120 juta. Beuki luhur harga panawaran, jumlah anu masih wani nawar ogé beuki ngurangan, sabab hiji-hiji mimiti mulundur sabab ngarasa hargana geus teu kauntup deui.
Ki Waja masih kaasup anu nawar, bari nagtung ki Waja nyarita
"Kuring naék jadi 150 juta" pokna bari ngabongkokeun awakna sababaraha kali ka sararéa. Terus nyarita deui,
"Dulur-dulur. Kuring aya di dieu lantaran barang ieu. Kukituna kuring miharep ulah aya anu ngalawan deui. Sabab kuring butuh pisan. Saupama barang ieu bisa kabeuli ku kuring, bérés acara kabéh anu aya di dieu bakal kabagéan isim gratis ti kuring"
Ngadéngé kitu para ondangan silih reret, sababaraha aya nu atoh. Tapi aya ogé anu masa bodo saperti Udin. Malah Badra jeung Warni mah katingali teu résép, sabab Ki Waja geus ngalanggar aturan lelang. Anu pasti keur panitia, lamun euweuh anu nawar deui. Kauntungan tina acara ogé bakal ngurangan.
Lantaran euweuh anu nyora deui pikeun nawar, Ki Waja katembong bungah. Anu ti saprak datang teu seuri, ayeuna mah katémbong sura-seuri sorangan.
Udin mémang sama sakali can nawar sabab peserta anu nalawar masih loba. Sabab ku ki Waja kabéh saolah dieureunan. Ahirna Udin nawar, sorana laun.
"Kuring wani 300 juta"
Sabab suasana keur jempling sanajan laun ogé sora Udin masih kadéngé jelas ku sararéa. Komo ku Ki Waja mah anu diukna dekeut jeung mémang ti mimiti datang geus teu resep ka Udin. Sora bieu ibarat Sora pepetasan anu bitu dina ceulina. Kabéh panon neuteup ka Udin, mangkarunyakeun lamun tepi ka Ki Waja ambek.
Ki Waja kerung, jero haténa muji ka udin anu loba duitna. Ki Waja ngagerentes,
"Budak ieu geus meuli 2 barang ngéléhkeun Steven. Ayeuna rék coba-coba ngalawan kuring. Kuring ulah nepi kawiwirangan kawas Steven"
Warni ogé kerung, sabab teu ngarti Udin boga duit loba timana. Sawaktu mitohana meupeuskeun kendi di tokona Udin teu bisa ngagantian. Terus kungsi dibéré kartu ATM ti Warni ogé eusi duitna teu loba.
Ukur Mardi anu nyaho, bari haténa mah terus gegebegan.
"Udin, anjeun masih sadar?"
Udin seuri,
"Pa, abdi ogé kagungan ukuran. Janten teu kedah salempang"
Kadéngé Steven nyarita,
"Udin, anjwun rék ngalawan Ki Waja?"
Udin némbalan,
"Kuring masih nyekel aturan, salila wani nawar moal bisa aya anu ngahalangan. Anu ngahalangan hartina geus ngalanggar aturan, teu pantes disebut pemenang lélang"
Beungeut Ki Waja langsung geuneuk sabab ngarasa omongan Udin di tunjukeun ka dirina.
Udin nyarita deui bari ngarérét ka Steven,
"Anjeun leuwih hadé cicing. Teu éra geus éléh 2 kali?"
Ki Waja anu ngarasa kasinggung muncereng negor Udin,
"Budak ngora. Anjeun teu kudu sindir sampir, anjeun nyaho saha kuring jeung asalna timana?"
Udin seuri sinis,
"Teu paduli anjeun saha. Didieu kabéh boga hak nawar. Anjeun butuh, Kuring ogé butuh. Dimana kasalahan kuring?"
Beungeut Ki Waja beuki geuneuk, karék ayeuna aya jelema wani nyawad omongana. Haténa ngagerentes deui,
"Pamuda ieu mémang kudu diwarah"
Ki Waja meper amarahna, ahirna nyarita leuleuy nyobaan daméi jeung Udin,
"Kuring butuh kerang ieu. Anjeun bisa mundur demi kuring"
Ngan Udin malah nyakakak seuri,
"Mundur? Demi anjeun? Mémangna anjeun saha? Mun teu wani nawar deui, hartina anjeun anu kudu mundur. Lain kuring"
Ki Waja beuki ngarasa jéngkél nyinghareupan sikep Udin anu saumuran jeung incuna. Jelas ki Waja embung éléh. Ahirna nyorowok ka juru lélang,
"500 juta"
Saterusna Ki Waja nyerengeh ka Udin. Ki Waja ngarasa yakin Udin bakal kapeupeuh ku harga panawaranna anu langsung tarik.
Tapi Udin teu gimir. Sabab masih boga andelan. Saupama duit Qin Gang teu cukup, masih aya kartu milikna paméré Wa Asép téa. Jadi teu nungguan lila Udin langsung naékkeun tawaranna,
"Samilyar" ceuk Udin
Aula ngaguruh ku sora jelema anu surak. Sabab Persaingan beuki tarik.
Steven colohok, terus nanya,
"Udin. Mémangna sabaraha duit dina kartu anjeun?"
Udin teu kuat nahan seuri, terus nyarita,
"Tanyakeun ka bapa anjeun, pasti nyahoeun"
Steven ngahuleng, tapi buburu sadar. Sabab hartina Udin mémang aya anu nyeponsoran, nyaéta bapana sorangan. Jadi Steven langsung ambek,
"Dasar bangsat. Anjeun miceunan duit bapa kuring?"
Ki Waja anu mémang wawuh ka Qin Gang oge ngarénjag, terus ngarérét ka Steven bari nanya,
"Steven. Saha sabenerna pamuda ieu?"
Steven ngajelaskeun bari kekerot lantaran ambek ka Udin,
"Ukur pangangguran, tukang kuli ngaduk. Ayeuna keur nipu bapa kuring"
Ngadéngé penjelasan ti Steven, Ki Waja beuki ambek. Jadi mencrong deui ka Udin,
"Jang, anjeun ulah adigung ku duit batur. Duit aya watesna, anjeun bakal hanjakal geus miceun samilyar"
Udin tetep tenang,
"Ulah hariwang Ki, tibatan loba omong anu ahirna lélang ditutup, Mun aya kawani, meuning tawar deui, lawanan kuring"
Amarah Ki Waja geus teu katahan, terus molotot,
"Jang, sigana anjeun mémang geus bosen hirup. Dipodaran siah ku aing!"
Udin seuri,
"Terserah anjeun Ki, piraku éléh lélang rék maéhan batur. Geus béda deui jalurna"
Ki Waja masih molotot,
"Demi kasalametan nyawa anjeun, batalkeun tawaranna"
Ngadéngé omongan Ki Waja anu geus mimiti émosi. Barda ahirna nangtung, sabab geus jelas Ki Waja beuki teu sopan dina neunggar aturan lelang. Nitah lawan ngabatalkeun tawaranna ku cara ngancém nyawana. Tapi Barda teu ngomong nanaon. Ukur méré kodeu ku keungeunna ka Ki Waja sangkan diuk deui dina korsina.
Udin ngaregot cai deui, terus nyarita ka ki Waja,
"Lamun anjeun hayang nyawa kuring, tungguan nepi ka lélang bérés. Ayeuna lélang masih lumangsung, sok tawar deui"
Warni ngagebeg ngadéngé omongan Udin, kamampuan naon anu jadi andelan Udin pangna wani ngaladénan Ki Waja ku fisik, éta sarua waé jeung masrahkeun nyawana sorangan. Mardi ogé geus pasrah. Sabab sababaraha kali ngingetan Udin, tapi teu didéngé.
Ki Waja kekerot bari tarangna kerung terus diuk deui. Otakna mikir kumaha carana sangkan Udin nyerah. Ahirna nyoba nyarita leuleuy deui,
"Jang, hampura omongan kuring bieu, lain kuring ngancem. Tapi kuring bener-bener butuh barangna. Lamun anjeun réla mundur. Kuring sanggup nedunan sagala paménta anjeun. Hayang isim? Hayang pusaka? Kuring bisa méré gratis keur anjeun"
Udin seuri,
"Naon anu kudu dihampura Ki, Kuring geus biasa nyinghareupan jelema ambek. Kuring teu butuh isim atawa pusaka ti anjeun. Kuring ukur butuh kerang"
Ki Waja rumasa éléh omong ahirna nangtung terus ngaléngkah ka luar. Ki Waja nékad moal nuluykeun lélang sarta moal waka balik deui ka Banten saacan bisa maéhan Udin sarta mawa balik kerang.
Nempo Ki Waja indit, juru lélang nakolkeun palu 3 kali tanda lélang ditutup. Udin anu meunang dina Lot ahir.
Warni gancang ngingetan ka Udin,
"Pa Udin, Ki Waja sanés jalmi biasa. Abdi teu yakin anjeuna teu dendam. Pasti bakal milarian kasempetan kanggé nyilakakeun salira. Ati-ati pa"
"Moal wanieun" ceuk Udin pondok.
Samilyar keur harga kulit kerang. Jelas hal anu teu asup akal. Para ondangan nganggap Udin jelema kurang waras anu ukur hayang pamér. Tapi Udin teu paduli sanajan kadéngé pada ngomongkeun. Sabab geus bubar, ahirna Udin jeung Mardi ogé balik.
Tepi ka imah, Udin langsung ngaberesihan kulit kerang ku sikat kawat. Saenggeus beresih kabéh beuki katémbong kaéndahanna. Kulit kerang anu kandel sarta geus beresih diketrékan ku obéng jeung palu lalaunan sangkan bisa muka. kawantu geus rapet salila rébuan taun, rada hésé dicokélna. Saenggeus bisa dibuka, katémbong aya 3 mutiara dijerona. Éta sumber kakuatan spiritual anu tadi karasa ku Udin. Nyaéta aura tiis anu diserep tina ésénsi laut anu lega.
Udin seuri bungah, teu hanjakal miceun samilyar. Samilyar mémang mahal keur nilai baranga, tapi masih can sabanding jeung nilai kakuatana. Udin nyokot cepuk kai anu dijerona aya kai béntar ti Warni, nyaéta batu hideung anu siga areng téa. Sabab miturut pituduh Élmu spiritual tina buku 9 Élmu Karuhun. Pikeun nyampurnakeun énérgi tiis mutiara. Mutiara kudu diteken ku tungtung ramona dina luhureun batu béntar bari dibantu ku énérgi anu geus aya dina awakna.
Bari ngaluarkeun tanaga jerona, Udin mimiti nekenkeun curukna kana mutiara. Katempo aya kilatan cahaya anu kaluar tina mutiara, hawa tiis mutiara lalaunan jadi haneut terus panas, sabab nyedot energi panas tina kai béntar anu aya dihandapeunna. Ayeuna énérgi tiis dina mutiara geus disampurnakeun ku énérgi panas tina kai béntar.
Saenggeus nyampurnakeun 3 mutiara. Saterusna Udin ngabongkar kangkalung mutiara ungu ti pelélangan. 3 mutiara jeung sababaraha mutiara ungu tina kangkalung, dihijikeun dirangkei jadi geulang. Ayeuna disela-sela geulang mutiara ungu, geus nyelap 3 mutiara beureum emas anu geus ngandung 2 énérgi bieu, nyaéta énérgi panas tina kai béntar jeung énérgi tiis laut. Sedengkeun aura ipis tina mutiara ungu jadi panyaimbangna.
Sabab kulit kerang masih aya hargana, sabeulah ku Udin di simpen kana lomari, sabeulah deui dipékprékan ku palu, sesemplékanna digurinda dijieun buleud ipis sagedé duit bénggol. Terus diasupan énérgi tina kai béntar. Éta anu bakal dibawa ka Qin Gang. Geus cukup pikeun ngalawan pangaruh tina pangaruh sihir batu Voodoo.
Sababaraha sesemplékan anu masih loba digurindaan deui jadi pasagi laleutik sagedé dadu nepi ka béak. Éta bakal digunakaeun ku Udin sorangan pikeun ngondang béntar. Sabab miturut buku 9 Élmu Karuhun, béntar jeung hujan bisa diondang ku cara sihir, kujalan mindahkeun énérgi kai béntar kana kulit kerang. Lamun keur teu digunakeun, asal barangna masih aya dina awakna sarta ditambahan ku énérgi dina awakna sorangan, bisa dipaké keur ningkatkeun kamampuan béla dirina.
Udin seuri sorangan, lamun geus dipraktékeun. Kuring bisa jadi Gundala putra petir kawas dina pilem jaman baheula. Gerentesna.
Sabab pagawéanna geus réngsé. Udin mérésan deui kabéh parabot. Ditundaan deui ka asalna. Sésa sesemplékkan kulit kerang jeung mutiara ungu ditunda dina cangkang kerang anu masih weuteuh dijero lomarina. Kai bentar ogé diasupkeun deui kana cepukna.
Saterus bari ngeupeul geulang mutiara anu bieu geus di jieun. Udin nyampeurkeun ka Icih anu keur diuk dina sofa di rohangan tamu. Karék ogé Udin diuk di gigireun Icih, Lastri datang karék balik judi bari maké geulang giok paméré ti Qin Gang bari sura seuri atoh. Terus nyarita hariweusweus ka Icih,
"Cih, gara-gara ema maké geulang ieu, ema loba anu muji"
Icih jeung Udin reuwas nempo Lastri geus maké gelang giok padahal can kungsi mikeun. Jadi Icih nyarita,
"Ma, abdi tos milarian geulang éta sadidinten, sok sieun aya anu maling. Nyatana dianggé ku ema. Ema nyandak nyalira ka kamar abdi?"
Lastri ujug-ujug muncereng ambek,
"Aing indung manéh, Naha teu meunang mun maké barang milik anak sorangan keur pamér?" satetusna Lastri ngajéngkat indit ka kamarna bari kukulutus.
Udin buburu ngupahan Icih,
"Nyi, keu baé sina dipaké ku ibu. Akang geus nyieun sorangan geulang husus keur nyai"
"Geulang naon kang?" Icih nanya bari kerung,
Udin muka dampal leungeunna anu keur ngeupeul, némbongkeun geulang anu dimaksud.
Icih molohok bungah nempo geulang mutiara endah dina dampal leungeun Udin anu namprak. Buburu geulang dicokot terus dipaké dina pigeulang leungeun kéncana bari diilikan,
"Leres ieu damelan akang nyalira?" Ceuk Icih nanya sabab teu percaya.
Udin unggeuk seuri,
"Enya, geulang ieu gedé manfaatna keur nyai tibatan batu giok anu aya di ibu. Sabab geulang ieu bisa ngendorkeun syaraf, jadi nyai moal gampang capé, moal ngalaman hésé saré, bisa ogé keur ngajaga kasalametan nyai. Sok rarasakeun ku nyai. Aya bedana teu saméméh jeung saenggeus dipaké?"
Icih anu teu percaya kana tahayul teu paduli kana omongan Udin. Tapi buburu ngaranggeum leungeun Udin,
"Nuhun kang" ceuk Icih bari nyium leungeun Udin.
"Nyai resep?" Udin nanya
Icih unggeuk,
"Resep kang, teu nyolok teuing, bentukna saderhana. Saé pisan kang. Ku abdi badé dianggé teras"
Share this novel