Isak seuri, terus ngajelaskeun deui,
"Kahareupna juragan bakal nyaho kabéh. Duit anu dibawa tadi, sabenerna duit operasional anu mémang salilana kudu siap dina rupa tunai. Rolls-Royce anu di paké mah asét hotél, kabéh aya 10, ku kuring biasa digunakaeun keur alat transportasi rombongan tamu penting ti bandara ka hotél atawa sabalikna. Kadang-kadang ogé dipaké keur kaperluan séjén. Ngeunaan para pangawal, kabéh keamanan hotél anu ngahaja dirékrut pikeun dilatih khusus. Sangkan ngawasa protokol keamanan tingkat tinggi"
Udin unggut unggutan mimiti ngarti,
"Nuhun mang kana penjelasanna. Sababaraha poé deui kuring rék ngarayakeun ulang taun perkawinan kuring. Éta sabenerna maksud utama kuring datang kadieu, kuring hayang maké taman gantung. Kumaha? Bisa?"
Isak unggeuk,
"Taman gantung jadwalna mémang padét, anu ngabooking tara kosong, unggal poé pasti aya waé acara. Ngan saupama juragan rék maké, kabéh pesenna bisa dibatal-batalkeun. Ti mimiti poé ieu jeung saterusna, moal aya acara nanaon deui di taman gantung salian keur acara juragan"
Udin gogodeg,
"Teu perlu kitu mang, Kuring ngan rék maké sapoé. Tapi kuring butuh kerjasama ti mamang, sabab acara ieu sabenerna kejutan ti kuring keur pamajikan. Ukur direncanakeun ku kuring, euweuh anu nyahoeun. Jadi anjeun kudu nyiapkeunna kalawan ati-ati"
Isak unggeuk deui,
"Juragan ulah hariwang. Kabéh karyawan kaasup kuring. dijamin bisa nyimpen rusiah, kabéh bakal tunduk kana kahayang juragan. Ayeuna jelaskeun naon anu kudu dipigawé ku mamang"
"Oké" Udin unggeuk. Saterusna Udin ngajéntrékeun sagala rupa rencanana anu kudu dipigawé. Ku Isak rencana éta kabéh dicatet dina agénda kerjana. Saeungeus Isak faham kana kahayang Udin ahirna Udin pamitan.
Isak nanya,
"Juragan rék kamana deui? Naha perlu dianteur ku kuring atawa butuh pangawal?"
Udin gogodeg,
"Teu perlu mang, Kuring rék langsung balik" saterusna Udin kaluar ti kantor Isak nuju kana lift.
Saenggeus kaluar tina lift, bari leumpang Udin kerung bari merhatikeun satiap riungan jelema anu teu biasa, boh di loby hotél, diparkiran jeng ditempat-tempat séjén di sakitaran hotél. Udin panasaran sabab kabéh jelema siga anu sérieus ngabahas hiji berita penting dina HPna séwang-séwangan. Sabab pqnasaran, Udin ngadeukeutan hiji riungan jelema di sisi jalan bari ngadédéngékeun naon anu keur diaromongkeunna.
"Jelema édan, miceunan duit 250 juta di Émily ukur keur meuli hiji kongkorong" ceuk saurang lalaki.
"Enya euy, duit dibawa maké konvoy mobil méwah bari dikawal ketat" ceuk saurang deui.
"Ngan hanjakal tina belasan foto, hiji ogé euweuh anu némbongkeun beungeutna. Mun seug kuring anu jadi pasangganna, tada teuing bungahna. Pastina ogé bakal asa jadi ratu dipangmeulikeun kongkorong mahal siga kitu" ceuk saurang awéwé gumeulis.
Udin buburu muka HPna, terus néangan foto-foto anu dimaksud, kabéh aplikasi sosméd dibukaan. Bener wé teu hésé néanganna. Aya postingan belasan foto dirina basa kajadian di Émily, ku Udin satiap foto dipapayan, ditengetan hiji-hiji. Tapi mémang hiji ogé euweuh anu némbongkeun beungeutna. Ukur dedeganna ti tukang bari dina kaayaan diuk nyarandé, tonggongna ogé masih kahalangan ku panyarandéan korsi. Ukur taktak jeung sirah bagéan tukang anu teu kahalangan. Udin ukur seuri bari nyakuan deui HPna, terus nyegat taksi, langsung balik.
Tepi ka Imah geus burit, kabéh katempona keur pada suka bungah, utamana Mardi jeung Lastri. Sabab ngarasa reueus Icih geus suksés meunangkeun kontrak sarta isukan bakal jadi direktur. Kolot mana anu teu bungah. Nempo sararéa keur ngarariung, Udin ogé milu diuk.
"Karék poe ieu Ema ngarasakeun kabungah anu tanya papadana" ceuk Lastri nyusut cipanonna bari seuri ka Icih. Terus ngalieuk ka Udin,
"Anjeun geus loba jasanya poé ieu Din, ayeuna teu kudu masak keur makan malam, bada Maghrib urang dahar di luar" ceuk Lastri ka Udin.
Udin ukur seuri bari unggeuk.
"Ka Kémpinski ma! Sakali-sakali urang tuang katuangan ala barat!” ceuk Icih curinghak.
"Lah mahal, duitna moal cukup" ceuk Lastri anu mémang nyekelan tur ngatur kabéh duit keur kabutuhan kulawarga, nyaéta hasil tina gawé Icih salila ieu.
"Ké ogé kagentosan deui atuh. Gajih diréktur pan teu sakedik" ceuk Icih ngarenghik.
"Nya hayu atuh, tapi jangji heula ka Ema nya?" Ceuk Lastri nanya ka Icih.
"Jangji naon ma?" Icih kerung.
"Sanajan geus jadi diréktur, anjeun tetep kudu nyetorkeun kabéh panghasilan ka Ema. Ema anu bakal ngatur. Satuju?" Ceuk Lastri.
"Mangga, nanging Ema ogé kedah jangji ka abdi, kapayuna ulah mangaruhan deui abdi supados nyeréikeun kang Udin. Ulah nyindiran waé kang Udin kumargi nganggur. Margi di bumi ieu anu nganggur sanés mung kang Udin hungkul, Ema sareng bapa ogé pan nganggur, kumaha?" Ceuk Icih ka Lastri.
Peuting harita di imahna, Iyus keur bingung pas ngadéngé Icih geus hasil meunang kontrak ti Bima Raya. Beuki leutik haté pikeun bisa meunangkeun Icih. Iyus éra, asa moal wani deui nincakkeun sukuna di lingkungan kulawarga Kusumah komo kudu panggih jeung icih.
Salian ti éta Iyus ogé bingung kumaha ngajelaskeunna ka bapana basa nyaho yén dina website Bima Raya aya daftar sababaraha perusahaan anu di blaclist, kaasup perusahaan milik bapana. Hal ieu tangtu bakal mawa pangaruh gedé pikeun kamajuan perusahaanna. Perusahaan mana anu masih daék kerjasama jeung perusahaan anu geus di blacklist ku Bima Raya.
Kring telepon ti Dudung disada, buru-buru ku Iyus diangkat,
"Kang, kuring geus ngabantu anjeun nyiptakeun drama sangkan anjeun masih bisa tetep ngadeukeutan Ceu Icih. Saolah-olah hasilna Ceu Icih téh kulantaran bantuan ti akang"
"Nanaonan? Kuring teu rumasa ngabantu" témbal Iyus reuwas.
"Jadi akang geus teu hayang ka ceu Icih?" Dudung nanya.
"Lain Kitu, tapi kuring bener-bener teu rumasa ngabantu jeung geus leungit cara kuring pikeun ngungudag deui Icih" témbal Iyus.
Dudung seuri,
"Akang ulah hariwang, pasrahkeun ka kuring. Kabéh geus percaya yén hasilna ceu Icih téh lantaran bantuan ti akang, malah kabéh ogé percaya akang geus saré jeung Ceu Icih. Tah lamun drama ieu lancar terus kadéngéeun ku si Udin, si Udin tangtu bakal nyeréikeun Ceu Icih"
"Goblog! Iraha aing saré jeung Icih!" Iyus ambek.
"Sabar kang, ieu ukur drama anu di réka ku kuring. Sabab kuring ngarepkeun pisan akang bisa jadian jeung Ceu Icih" ceuk Dudung deui.
Telepon ti Dudung buburu ditutup sabab katembong bapana Iyus nyampeurkeun,
"Iyus! Perusahaan urang diblacklist ku Bima Raya. Aing rék nanya, poé ieu manéh nyieun kasalahan naon diluar?"
"Abdi teu ngadamel kalepatan nanaon. Bapa panginten?" Témbal Iyus malik nanya
"Koplok! Matak aing nanya ogé aing teu rumasa sabab aing geus 3 poé teu kamamana. Ukur sia anu sok ngulampreng kaluar" bari molotot.
"Paling ogé direktur Bima Raya anu énggal nuju ngabebenah perusahaanna, janten sadayana di tinjau ulang deui" ceuk Iyus.
Bapana unggut-unggutan,
"Bisa jadi, tadi bapa nelepon ibu Susi hayang klarifikasi jeung ménta waktu sangkan bisa panggih jeung direktur anyar pikeun silaturahmi, tapi ceuk ibu Susi blacklist perusahaan urang mémang paréntah langsung ti diréktur, sedengkeun direkturna sorangan jelemana tertutup pisan, teu gampang bisa ditepungan"
"Janten naon anu kedah dilakukeun ku abdi pa?" Iyus nanya.
"Isukan Palapa rék ngayakeun acara, direktur Bima Raya ogé diondang. Hayu isukan urang kaditu babarengan. Mun Aya kasempetan, urang ngobrol Jeung direktur Bima Raya" ceuk bapana.
"Mangga pa" Iyus unggeuk.
Isukna acara anu dimaksud geus digelar, Icih datang maké pakéan pangmahalna anu dipiboga. Pon Kitu deui Udin, Udin ogé maké setélan jas urut kawin sataun katukang. Kulawarga Kusumah geus ngajajar hareupeun ténda mapag tamu anu daratang. Aya Karsidi, Isah, Unah, Dudung, Rukmini jeung sababaraha pagawé Palapa séjénna.
Karék ogé rék asup, Icih jeung Udin ngarandeg sabab digareuwahkeun ku sora nyiricitna erém anu datang tina mobil Porsche anu eureun ngadadak. Tina mobil kaluar Iyus, bari leumpang tanggah Iyus langsung ngadeukeutan ka Udin,
"Timana nyéwa jas alus euy?" Iyus nanya sinis.
"Lain urusan anjeun" témbal Udin.
"Bener, tapi pamajikan manéh ayeuna aya urusan jeung kuring" ceuk Iyus bari ngiceupan Icih ku sabeulah panonna.
"Urusan naon?" Udin nanya.
Sararéa anu nyaksian utamana kulawarga Kusumah pating rarérét, keur mah eukeur geus nyebar isu ngeunaan salingkuhna Iyus jeug Icih dikulawargana, katambah ayeuna katempo ku panon sorangan kumaha ketak Iyus ka Icih.
Iyus nyarita deui ka Udin,
"Mémangna ceuk anjeun saha anu geus ngagolkeun kontrakna Icih, yeuh aing" ceuk Iyus bari nepak dadana.
"Ku cara naon?" Udin pura-pura nanya panasaran.
"Saacan Icih datang ka Bima Raya, Kuring geus datang tiheula panggih jeung dirékturna sangkan ngabatalkeun kontrak kuring sorangan asal kontrakna dibikeun ka Palapa. Jadi teu pantes Icih ayeuna masih réréndéngan jeung anjeun, salaki anu euweuh gunana" ceuk Iyus ngahina bari ngabohong teu euleum-euleum.
Rukmini anu nempo ti kajauhan unggut-unggutan mimiti ngarti persoalan anu sabenerna, kabéh obrolan kadéngé kalawan jelas, pantes Icih datang ka Bima Raya beurang, sing horéng méré waktu heula ka si Iyus pikeun négosiasi leuwih tiheula jeung diréktur Bima Raya. Hartina mémang bener aya hubungan deukeut antara Icih jeung Iyus nepi ka bisa ngatur rencana siga kitu. ceuk pikirna.
"Oh, kutan Kitu" ceuk Udin bari seuri nyenghél teu nembongkeun riuk kareuwas.
Sedengkeun Icih mah kerung, sabab mimiti kapangaruhan ku omongan Iyus. Lantaran mémang anéh, waktu icih datang ka Bima Raya, kabéh saolah asa digampangkeun pisan, siga geus aya anu ngatur saméméhna.
"Asa teu percaya anjeun bisa wawuh, komo bari bisa ngobrol langsung jeung diréktur Bima Raya" ceuk udin deui.
"Éta ciri omongan jelema sirik, diri teu mampu tapi nyapirakeun batur, Leuwih teu pantes kénéh anjeun réréndéngan jeung Icih, ibarat Hanoman jeung Déwi Shinta" témbal iyus beuki ngahina.
Ningali situasi anu teu pikabetaheun, Icih leumpang tiheula ka jero ténda ningalkeun Udin anu masih ngalayanan Iyus. Udin mémang mimiti panas, teu tarima disaruakeun jeung Hanoman, bari dina satiap omongan Iyus pasti nyebut ngaran Icih. Udin mencrong ka Iyus,
"Oké. Kuring bisa neureuy sagala hinaan anjeun, tapi Icih can tangtu. Jadi, buru ménta dihampura ka Icih. Lamun heunteu, perusahaan anjeun bakal bangkrut ayeuna kénéh. Milih mana? Ku kuring di béré waktu 5 menit!"
Iyus nyakakak,
“Mémangna anjeun saha? Henteu keur ngimpi mah? Ti iraha saurang pangangguran bisa ngabangkrutkeun perusahaan?"
"Sanajan pangangguran, kuring loba babaturan anu bisa dipéntaan tulung pikeun ngacurkeun perusahaan anjeun" ceuk Udin sakeunana.
Ngadéngé kitu Iyus beuki cacalakatakan seuri, sigana mun teu éra ku batur mah bakal bari gogoléran. Sabot Iyus keur babarakatakan seuri, Udin ngaluarkeun HPna terus ngirim pesen ka Asép.
"Wa, coba cék kondisi perusahaan Saputra Group di Bandung, lamun aya pijalaneun, likuidasi asétna. Kuring hayang nempo perusahaan éta bangkrut dina waktu 5 menit"
Eureun seuri Iyus mencrong ka Udin,
"Oké. Kuring rék ménta dihampura ka Icih saenggeus anjeun ménta dihampura ka kuring. Atawa ceréikeun Icih ayeuna kénéh. Milih mana? Dibéré waktu 3 menit!
"Oh, jadi anjeun euweuh niat ménta dihampura ka Icih?" Udin nanya deui.
"Saha anu sudi" témbal Iyus.
Udin unggeuk,
"Nya terserah anjeun ari kitu mah, éta hartina anjeun geus bener-bener ikhlas hayang bangkrut. Tungguan sakeudeung deui telepon anjeun bakal disada, terus anjeun bakal léwéh ménta dihampura ka kuring"
Karék oge iyus rék calangap némbalan, HP dina sakunya disada. Iyus pias bari nempo HPna, tapi buburu seuri reugreug saenggeus katingali anu nelepon bapana. Jadi buburu diangkat,
"Pa, abdi parantos os aya di tempat acara Palapa, iraha bapa sumping kadieu?"
Ngan kadéngé bapana nyarékan,
"Montong balik ka Imah siah koplok! Kabéh anu nyekel saham Saputra Group ngundurkeun diri, harga saham anjlok 90%. SMS tagihan ti sababara bank arasup. Rékan kerja, kabéh geus nganyatakeun mutuskeun hubungan bari nungtut bayaranna sangkan buburu dibéréskeun. Bieu kaamanan Pabrik ogé ngabéjaan yén pabrik urang kahuruan. Saputra Group geus bangkrut"
Share this novel