"Tempo wé hasilna" ceuk Udin bari narima keretas, koas jeung endog meri anu karék datang. Terus Udin diuk dina korsi bari melong kendi dina luhur méja.
Kartawi masih seuri sinis,
"Sanajan bisa dioméan ogé tetep kudu dinilai heula ku ahlina. Naha masih layak dijual atawa henteu. Karék anjeun jeung mitoha anjeun bisa balik" saterusna Kartawi ngaléos ningalkeun Udin sorangan.
Udin teu némbalan, buburu Udin meupeuskeun endog diarah bobodasna hungkul sarta dikumpulkeun dina mangkok. Terus Udin ngabébérkeun keretas minyak dina bagéan jero kendi.
Hiji hiji bagéan kendi anu peueus diulasan ku endog bobodasna maké koas disakuring jeung tukangeunna sarta ditapelkeun kana urutna, sedengkeun bagean tukangnya ditapelkeun kana keretas minyak sangkan katahan sarta teu ngageblos saupama kendi kateken.
Lantaran euweuh anu nempokeun atawa ngaganggu. Udin ogé bisa fokus ngoméan. Sanajan késang dina tarangna ngucur, geus teu dipaliré deui. Udin anteng ngarapet-rapetkeun kabéh sesemplékan kendi siga anu keur maén puzzle.
Sakitar dua jam pagawéanna ahirna réngsé, kendi geus nangtung balik deui ka rupa asalna. Udin nolol tina lawang panto rohangan bari ngageroan Kartawi,
"Ki. Kuring geus réngsé. tempo kadieu Ki, pariksa kumaha hasilna, tapi ulah waka dicabak, sabab elemna can garing"
Kartawi buburu nyampeurkeun bari nempo kendi, kendi mémang geus balik deui ka rupa asal. Teu kaciri tapak peupeus. Sanajan aya gurat gurat anyar. Tapi mala katempo leuwih alami sarta leuwih artistik.
Teu lila datang saurang awéwé ngora nyampeurkeun. Dangdananna méwah tapi teu glamor kawas artis. Geulis, jangkung bodas, panonna ogé cureuleuk tapi ngandung sima.
Nempo si awéwé Kartawi langsung manggut bari buburu mundur méré jalan
"Non, aya pikeresaeun naon salira kadieu?"
Awéwé éta pemilik toko. Ngarana Warni Nataprawira. Incu Sonny Nataprawira pengusaha pangbeungharna sa Bandung.
"Kuring ngadéngé kendi anu anyar datang ti sukabumi peupeus, Aya naon?" Ceuk Warni, sorana halimpu tapi teges.
Kartawi neureuy ciduhna, terus némbalan bari nunjuk kana luhur méja,
"Saurang pelanggan teu ngahaja ngaragragkeunna, nanging parantos didangdosan ku minantuna ku endog meri"
Warni ngarétét kendi dina luhur méja, terus ngarampaan sisi kendi bari ngusapan gurat-gurat anyar dina kendi ku tungtung ramona anu bodas tur lalentik. Paroman beungeutna anu tadina kucem ngadadak robah kawas anu bungah. Saterusna ngarérét ka Kartawi,
"Cabak ku anjeun. Teu karasa aya urut peupeus"
"Piraku?" ceuk Kartawi bari leungeuna ngaragamang ngusapan kendi. Saterusna Kartawi ngarénjag lantaran reuwas,
"Ieu bener-bener cara ngoméan tradisional anu sampurna. Ukur ahli réstorasi anu bakal nyaho yén kendi ieu kungsi peupeus" ceuk Warni.
"Tapi ngoméanna ukur maké endog" ceuk Kartawi.
"Justru kulantaran maké endog kuring yakin saupama dijual hargana bakal dua kali lipet. Béda jeung maké superglue atawa elém koréa" ceuk Warni ngajelaskeun. Panonna anu cureuleuk beuki katémbong éndah mancarkeun cahaya kabungah.
Warni kungsi maca sejarah kabudayaan Cina, baheula ahli-ahi keramik di Cina ogé ngoméan guci anu peupeus ngagunakeun trik jeung cara anu sarua. Metode langka anu geus ampir leungit.
"Saha anu geus ngoméanna, naha pamuda ieu?" ceuk Warni ka Kartawi bari panonna ngarérét ka Udin anu masih diuk dina korsi.
"Muhun non, anjeunna anu ngadangdosan" ceuk kartawi.
Warni kerung bari melong beungeut Udin anu umurna ditaksir saumuran jeung dirina. Sabab saacana Warni ngabayangkeun anu geus ngoméan kendi pasti saurang aki-aki anu umurna geus kolot pisan. Sabab mustahil dijaman ayeuna aya budak ngora anu masih kénéh daek diajar cara kuno pikeun ngoméan kendi.
Warni seuri ka Udin bari nyodorkeun leungeuna ngajak sasalaman,
"Nepangkeun, abdi Warni Nataprawira, timana salira guguru cara ngadangdosan kendi?" Ceuk Warni teu nanya heula Saha Udin tapi langsung hayang nyaho saha guru Udin.
Udin teu buburu nembalan, tapi ngarénjag ngadéngé ngaran tukangna Nataprawira. Ngaran kulawarga pangbeungharna sa Bandung. Keluarga Kusumah, Wijaya, Saputra. Kabéh lain bandinganna. Sok sanajan teu bisa di bandingkeun jeung dirina anu ti kulawarga Subrata no.2 sa indonesia. Tapi jadi jelema no.1 sa Bandung jelas Warni lain jelema bantrak-bantrakeun.
Udin teu nyangka bakal Panggih jeung Warni di dinya. Jadi Udin némbalan,
"Kuring teu boga guru. Teu boga kaahlian nanaon. Sakola ogé ukur tamatan SMP. Hampura mitoha kuring geus meupeuskeun kendi milik anjeun. Kuring ukur ngabantuan ngoméan lantaran teu sanggup ngagantian. Ayeuna kumaha? Naha kuring masih tetep kudu ngagantian kénéh?"
Warni gogodeg bari seuri,
"Saparantos ku salira didangdosan, hargi kendi ieu bakal ngalangkungan pangaos aslinya. Justru abdi anu kagungan hutang ka salira"
"Jadi, kuring jeung mitoha meunang indit?" Udin nanya deui.
Warni imut,
"Abdi nembé uninga ka salira. Ku kaahlian salira, sawaktos-waktos tangtos abdi bakal peryogi deui bantosan salira. Tiasa abdi nyuhunkeun nomer telepon salira? Ieu kartu nami abdi" Ceuk Warni bari mikeun kartu namana.
"Ngaran kuring Udin Subrata tapi teu boga kartu nama" ceuk Udin bari narima kartu nama ti Warni.
"Teu sawios, ketik wéh nomerna dina HP abdi" ceuk Warni bari mikeun HPna ka Udin.
Lantaran Warni teu katingali sombong, Jeung ningali paroman beungeutna anu teu weléh imut. Udin teu talangké, buburu ngasupkeun nomer teleponna Kana HP Warni.
"Akang nyandak mobil? Upami henteu ku abdi dijajapkeun mulih" ceuk Warni.
"Mawa, teu kudu nganteur, nuhun" ceuk Udin.
"Mangga" ceuk warni méré jalan ka Udin sangkan kaluar. Warni nuturkeun nepi ka Udin jeung Mardi arasup Kana mobil di parkiran. Terus Warni balik deui ka toko.
"Din, kumaha tadi di jero. Kendi bisa dioméan?" Mardi nanya.
"Henteu, Ngan untung istri anu nembé bageur. Teu nyuhunkeun panggentosan" témbal Udin.
"Terus keur naon atuh tadi manéh ménta endog meri jeung ruangan husus?" Ceuk Mardi bingung.
"Nya diloklok ku abdi atuh pa. Daripada setress mikiran kedah ngagentosan. Mening niis nyalira bari ngaloklokan Endog meri" témbal Udin sangeunahna.
Mardi ukur bisa gogodeg. Sabenerna Udin ogé bingung, timana manéhna boga kawani ngoméan kendi. Jeung timana datangna pangabisana bieu. Kawas aya dorongan tina haténa pikeun ngalakukeunna tanpa ragu. Naha pangaruh tina buku? Loba hal-hal dina buku anu butuh dicerna deui ku otakna.
"Nya sukur atuh Ari kitu mah" ceuk Mardi ngarahuh.
"Ulah sukur-sukur pa. Bapa kedah kapok. Cobi pami istri tadi teu sumping. Ayeuna bapa tos ngagolér dina bui. Éta kumaha raray? Ibu pasti curiga" ceuk Udin, sabab Lastri jeung Icih pasti bakal reuwas nempo Mardi balik dina kaayaan beungeutna anu ruksak balas diteunggeulan.
"Béjakeun wé leumpang meleng terus neunggar tihang listrik, dikomprés ku cai és ogé pasti cageur. Ulah nyarita nanaon deui. Omat" Ceuk Mardi.
"Mangga pa" témbal Udin
Tepi ka Imah, Udin ngaluarkeun sapédah tina bahasi mobil rék indit ka pasar. Tapi nga WA heula icih anu masih digawé,
"Hayang dipangmasakeun naon nyi keur dahar soré?"
"Abdi moal uih sonten kang, ti Palapa badé teras ngalembur di Bima Raya ngaprésentasikeun skéts gambar abdi ka ibu Susi sateuacan dicetak janten blue print. Janten Badé sakantenan tuang wengi diluar sareng ibu Susi."
"Oh, enya atuh. Ati-ati" ceuk Udin
Teu lila aya WA ogé ti Susi
"Juragan, ibu Icih badé ngalembur sareng abdi di Bima Raya, sakantenan makan malam. nyuhunkeun Widi"
"Ulah di béré nasi kotak, bawa ka réstoran" ceuk Udin.
"Mangga juragan" bales Susi.
Sabab Icih teu balik. Udin ogé balanja saayana, terus dipasak keur tiluaneun. Bérés dahar, Mardi jeung Lastri indit kana BMW, cenah mah ukur hayang jalan-jalan bari néangan putunduheun.
Kulantaran Ngan sorangan di Imah. Udin ngodok saku calanana ngaluarkeun régang kai sagedé surutu anu tadi dipulung di toko barang antik téa. Kai dina dampal leungeunna dipelong bari kerung, terus diambeuan. Tapi da euweuh anu anéh.
Sabab teu nyaho kayu jenis naon. Ahirna ku Udin difoto terus searching dina internet. Hasilna Udin ngagebeg, sing horéng ngarana kai kaboa. Kai anu ukur aya di leuweung Sancang. Anu dina carita mah dipakuat pakaitkeun Jeung tilemna prabu Siliwangi. Teu lila Hpna disada, pas ditempo nyatana telepon di Darwin. Buburu kai kaboa disakuan ku Udin. Terus telepon diangkat.
"Aya naon win?" Udin nanya.
"Anjeun bener Din, si Lili salingkuh" ceuk Darwin bari ceurik.
Udin ngarahuh,
"Anjeun geus ngabuktikeunna? Pan saméméhna teu percaya"
Darwin ngajelaskeun,
"Réngsé narima telepon ti anjeun. Kuring langsung ngalacak iPhone si Lili. Nyatana nunjuk ka hiji Imah. Ku kuring imah éta didatangan, terus kuring asup langsung nempo ka kamar anu memang teu dikaroncian. Si Lili keur bulucun jeung urut kabogohna. Jelas kuring ngamuk lantaran teu tarima. Tapi Kuring malah ditareunggeulan ku supir jeung pembantuna. Kuring ayeuna di IGD. Anjeun sobat kuring hiji-hijina, tulungan kuring din"
"Di rumah sakit mana?" Ceuk Udin reuwas.
Kadéngé Darwin ceurik,
"Hasan Sadikin, suku kuring potong lantaran dibabuk ku pipa beusi. Ceuk dokter butuh waktu lila pikeun normal deui. Lukisan ti anjeun aya di kuring. Tulung bawa ka pagadéan. Kuring butuh biaya"
"Si Lili teu méré biaya?" Udin nanya.
"Henteu" témbal Darwin.
"Geus nelepon pulisi?" Udin nanya deui.
"Enggeus, tapi ceuk pulisi kuring anu salah, asup ka imah Batur tanpa ijin bari ngajieun riributan" témbal Darwin.
"Keterlaluan! Dagoan, Kuring kadinya ayeuna" ceuk Udin bari langsung nutup teleponna.
Nepi ka rumah sakit. Nyampak Darwin keur ngagolér di bangsalna, perban ngabeulit di sakujur awakna, sukuna digips. Persis siga mummi. Udin bisa ngabayangkeun, Lain ukur haténa anu remuk, tapi awakna disatukangeun perban ogé pasti ruksak. Nempo aya Udin hareupeunna, cipanon Darwin nyurulung tina kongkolak panona anu geuneuk jeung bareuh.
Nempo nasib Darwin. Udin nyarita,
"Tatu dina awak anjeun jelas teu sabanding jeung kanyeri dina haté anjeun. Anjeun kudu buburu cageur, ulah hayang balik deui ka si Lili. Anggap ieu pelajaran keur anjeun sorangan ngarah leuwih mawas diri dina satiap léngkah kahirupan. Anjeun bisa bangkit deui, muka usaha sorangan ku modal tina lukisan. Téangan pipamajikaneun anu bener tur satia" ceuk Udin.
"Lukisan aya dikuring" ceuk Darwin.
"Hadé, buburu jual dimana anjeun geus cageur. Inget omongan kuring. Ulah balik deui ka si Lili. Tembongkeun yén anjeun ogé mampu usaha sorangan. Masalah biaya perawatan tepi ka anjeun cageur. Kuring anu mayar" ceuk Udin.
Udin kaluar ti rumah sakit meuli bubuahan di mini markét, terus indit ka bagéan pembayaran rumah sakit ngalunasan biaya rawat inap Darwin. Saterusna Udin balik deui ka bangsal. Tapi teu buburu asup sabab panto bangsal geus nyampak muka. Jadi Udin cicing nyarandé kana témbok bari ngintip ka jero.
Dijero nyampak geus aya Lili jeung salingkuhanna.
"Rék naon aranjeun datang kadieu, can puas nempo aing geus jiga kieu?" Kadéngé sora Darwin nanya bari nahan nyeri.
"Ngan hayang nempo anjeun anu geus jiga badut, naha teu meunang némpo? Cuih!" Ceuk Lili bari nyiduhan beungeut Darwin.
"Mana lukisanna?!" Ceuk Lili deui, bari namprakkeun dampal leungeunna.
"Udin méré lukisan keur kuring. Lain keur anjeun" témbal Darwin.
"Kabéh kado dibikeun sabagé hadiah peresmian réstoran. sedengkeun réstoran milik kuring. Naon hak anjeun ngaku-ngaku?" Ceuk Lili bari sukuna diangkat ngajejek suku Darwin anu di gips. Darwin jelas ngocéak nyeri.
"Aya saratus juta duit kuring di réstoran, lukisan ogé ti sobat kuring. Naonna anu milik anjeun? Ukur wangunan jeung tanah pan?" ceuk Darwin bari muringis nahan nyeri dina sukuna anu bieu di jejek.
"Mana buktina anjeun pernah neundeun duit di réstoran? Nungguan kuring nelepon pulisi? Ulah loba omong, dieukeun lukisanna, anjeun bisa dituduh maling lukisan ti réstoran" Lili nyentak bari muncereng.
Lalaki salingkuhanna milu ngomong,
"Buru bikeun lukisanna, anjeun nungguan kuring ambek deui?"
Darwin teu némbalan, tapi ngageunggeuik ceurik kanyenyerian.
Lili seuri sinis,
"Dasar lalaki lemah, ditanya malah méwék, anjeuna mémang teu pantes ngahiji jeung kuring"
"Bejakeun ka si Darwin sabaraha ronde urang silih dengkék poé ieu" ceuk salingkuhanna bari nyakakak.
"Ah sayang. Piraku anu kitu kudu dicaritakeun, éra atuh" ceuk Lili centil bari nyiwit cangkéng salingkuhanna.
"Éra? Tutupan panto, urang sakalian témbongkeun dihareupeun si Darwin" ceuk salingkuhanna bari ngarangkul awak Lili ti tukang. Terus dua leungeuna ngodok baju sarta ngarames dada Lili.
Darwin nyorowok ngusir duanana bari malédogkeun bantal.
"Dasar anjing, teu gableg moral, kaluar!"
Share this novel