63. Salman ngamuk

Fantasy Series 36

"Lain ukur di takol, tapi sia ogé kudu modar" ceuk Salman bari nyurungkeun méja satarikna nepik ka tiguling. korsi anu didiukan ku Endang ngajéngkang, otomatis awak Endang ogé ngajoprak sarta langsung katindihan ku méja.

"Nyaho teu sia, saha anu ditolak? Éta ibu Icih, calon wakil diréktur anu bakal ngajalankeun KIKI, calon dunungan sia. Ngaran aing Salman Wijaya, pamilik KIKI" ceuk Salman bari nangtung terus ngadedetkeun méja anu nindihan Endang.

Ngadéngé ngaran Salman Wijaya sarta ngadéngé Icih bakal jadi wakil diréktur. Endang langsung pias. Kitu deui Jian jeung Jihan anu dariuk dihandap bari nyarandé sieun kana témbok.

"Pa, Kuring teu nyaho. Sabab euweuh anu ngabéjaan ka kuring" ceuk Endang ngabéla diri bari nahan nyeri dina dadana anu diteken ku méja.

"Sanajan euweuh anu ngabéjaan, tapi naon hak sia manggil bari langsung ditolak. Lain Kitu cara wawancara anu bener" ceuk Salman bari ngajejek parabot Endang. Endang teu bisa kumaha da kahalangan ku méja. Ukur bisa ngagoak nahan seueul.

"Kantor rugi gedé lantaran sia nolak calon wakil Diréktur. Sia dipecat ayeuna kénéh ti KIKI sarta kudu méré kompénsasi karugian kantor 50 juta" ceuk Salman

Asa dibéntar gelap di tengah poé éréng-éréngan. Endang colohok, sabab dipecat bari kudu ngagantian 50 juta. Jadi Endang ceurik ngalengis,
"Kuring ménta dihampura pa, sarta bakal datang ogé ka ibu Icih pikeun ménta dihampura"

"Teu pantes sia datang ka ibu Icih. Dihareupeun aing ogé sia mah euweuh hargana" cek Salman bari neueulkeun iteukna kana beuteung Endang.

Saterusna Salman ngaérét ka Jian jeung Jihan,
"Maranéh saha? Karyawan didieu atawa babaturan si Endang?"

Jian némbalan bari ngeleper,
"Kuring lain karyawan, Kuring ogé lain babaturan Endang, malah teu wawuh"

Salman muncereng,
"Terus keur naraon aya didieu sukaseuri bari pésta miras jeung ngaroko di rohangan AC?"

Endang nyorowok,
"Bohong. Maranéhna anu geus mangaruhan kuring nolak ibu Icih lantaran ngéwa ka salakina"

Ngadéngé yén aya jelema anu jadi musuh Udin diperusahaana, Salman beuki ambek terus ngagero komandan security anu masih nyaksian di luar,
"Kumpulkeun terus simpen inuman jeung roko sarta rékaman cctv di rohangan ieu keur bukti bisi aya buntut masalah tina kajadian ayeuna. Siksa 3 jelema ieu, taranjangan terus piceun di alun-alun. Sina milu ngarasakeun kumaha nyeri jeung wirangna anu karasa ku ibu Icih"

Terus Salman ogé ngaérét ka para diréksi anu harita nyaksian,
"Anjeun para diréksi, kahareupna kuring teu hayang nempo deui aya pagawé anu ngasupkeun jelema luar sarta ngajieun pésta siga kieu di rohangan mana waé di KIKI"

Harita kénéh Endang, Jihan jeung Jian digusur kaluar ku belasan security.

Bari balik, dina taxi Icih nyarita ka Udin,
"Kang, sesah gening nya milari padamelan téh"

Udin ngusapan buuk Icih,
"Nyai moal nyobaan ngalamar ka Bima Raya? Pan nyai geus wawuh jeung ibu Susi, jaba di Bima Raya aya Élsa ogé"

Icih gogodeg,
"Teu sanggem kang, Bima Raya auditna ketat, anu didamelna kedah leres-leres jalmi profésional. Isin upami abdi didamel di Bima Raya, margi pangalaman abdi masih nol"

Udin ngarénghap panjang,
"Kumaha lamun ngarintis ngajieun usaha sorangan?"

Icih ngarérét kana beungeut Udin,
"Ngadamel? Kumaha ngawitanna?"

Udin méré jalan,
"Kaahlian anjeun design grafis, rélasi loba, Bima Raya jeung perusahaanna Salman pasti butuh ku jasa anjeun. Séwa tempat, beuli komputer anu kapasitas memorina gedé kumplit jeung printer sarta scannerna, téangan 2 atawa 3 pagawé. Terus buka jasa design dékorasi intérior jeung ékstérior"

Icih nyakakak ngadéngé ideu ti Udin anu dianggapna teu asup akal,
"Modal timana kang? Paling sakedik peryogi 50 dugi ka 100 juta kanggé ngawitanna"
Udin ogé seuri,
"Modal mah gampang, akang bisa ngabantu, loba jelema anu masih percaya diijeuman ku akang. Kari kasanggupan nyai hungkul. Kumaha?"

Icih ngahuleng sakeudeung, terus nyarita deui,
"Supados nambutna teu ageung teuing. Abdi badé didamel nyalira heula, moal waka ngarekrut padamel. Dina ngawitanna ogé abdi badé fokus ngabantos Bima Raya hungkul dina ngagambar désain. Kumaha miturut akang?"

Udin unggeuk,
"Naon waé kaputusan nyai. Akang ngadukung"

Icih unggeuk,
"Abdi badé nyéwa tempat sarohangan.
Margi sanaos nyalira, mustahil dipidamel di bumi. Abdi hoyong nguningakeun ka kulawarga Kusumah yén tanpa Palapa ogé, abdi mampu ngadegkeun perusahaan nyalira"

Udin ngacungkeun jempolna,
"Alus. Angkat akang jadi asistén nyai sangkan teu kudu ngagajih batur. Akang bisa ngajaga kasalametan nyai, ngabahas sagala rupa masalah babarengan tanpa kudu formal. Akang ogé bisa marengan nyai dina satiap urusan. Sanajan akang euweuh kabisa, tapi bisa mangjingjingkeun tas jeung jadi supir pribadi nyai"

"Oké" Ceuk Icih bari nyiwit irung Udin.

"Ulah kapok saupama gagal, coba deui bisnis anu séjén. Nyai pasti bisa" ceuk Udin deui nyumangetan.

Icih kagagas ku dukungan anu ditémbongkeun ku Udin, sanajan ceuk Batur mah salakina euweuh gunana. Tapi satiap omongana tara aya kalimah anu ngaleutikan haténa.

Subuh kénéh Icih geus mandi sarta dangdan rapih. Udin kerung, sabab tara biasana Icih kaciri sumanget. Jadi Udin nanya,
"Rék kamana nyi?'

"Didamel atuh kang. Teu kénging telat" ceuk Icih.

Udin kerung,
"Rék wawancara deui?"

Icih gogodeg,
"Sanés. Abdi badé néwakan proyék aalitan, mamanawian aya"

"Tungguan, akang milu. Akang ogé kudu siap-siap" ceuk Udin bari buburu ngajéwang anduk terus lumpat ka kamar mandi.

Dina mobil Icih nyarita ka Udin anu keur nyupiran,
"Ayeuna bantos abdi milarian ruko kanggé diséwa kang. Salajengna abdi badé milarian dana tina desain rumahan sakaligus nambihan konéksi. Upami dana paranatos cekap, kantun ngurus ijin usahana"

"Dana jeung konéksi pasrahkeun ka akang" ceuk Udin.

Icih gogodeg,
"Teu kedah kang, abdi hoyong nyobian sagalana ku nyalira, tugas akang ayeuna mung nyupiran nyarengan abdi"

Udin nyarita,
"Tapi akang boga kénéh tabungan, akang ogé loba kawawuhan para pangusaha"

Icih gogodeg deui,
"Akang moal ngartos masalah bisnis dékorasi, teu énténg sapertos anu dibayangkeun. Pokona abdi hoyong nyalira heula, ngarayap lalaunan. Syarat kanggé ijin usaha kedah aya tempat sareng paling sakedik peryogi dana tiis 100 juta supados tiasa kénging kualifikasi kelas menengah kaluhur. Nembé wantun nampian proyék anu rada ageung"

Udin ngahuleng, hayang blak-blakan ngomong yén Icih sabenerna teu perlu susah-susah ngajieun usaha ti awal. Langsung waé pingpin Bima Raya. Hanjakalna Udin masih boga rencana gedé. Jadi kahayangna éta teu bisa diungkapkeunna ayeuna.

Di Imah, Lastri nanya ka Mardi,
"Kamana Icih kang?"

"Cenah rék néangan tempat keur muka usaha sorangan, dianteur ku salakina" témbal Mardi.

Lastri colohok,
"Usaha naon? Masalah leutik sok digegedékeun. Palapa pan jalan kénéh, kunaon capé-capé rék nyieun usaha sorangan. Kaambek ema ka Icih pasti ukur saharitaeun. Isukan akang kudu nepungan ema, masalah ieu kudu buburu dibéréskeun sangkan Icih bisa digawé deui"

Mardi kerung, bari mencrong kana beungeut Lastri.
"Nepungan ema? Teu sudi. Matak lamun aya pertemuan penting kulawarga téh milu gera. Jadi nyaho naon anu geus lumangsung. Ieu mah anu séjén arindit bareng. Manéh malah senang-senang jeung babaturan sorangan. Sirah aing bénjol dikira ku manéh aing tidagor?"

"Pokona isukan akang jeung kuring kudu nepungan ema, akang kudu ménta dihampura ka ema. Dilain-lain ogé Rukmini téh indung akang. Hubungan darah tetep kudu dipertahankeun sangkan akang bisa meunang warisan" ceuk Lastri bari diuk di gigireun Mardi.

Mardi nangtung lantaran ambek,
"Ema rék ngajual imah hiji-hijina titinggal bapa, kabéh rék caricing di villa Bougenville. Terus geus ngusir aing bari sirah dibalédog ku asbak. Si Icih kudu ceréi jeung salakina. Ceuk sia ieu masalah leutik anu digegedékeun? Teu sudi aing kudu datang deui nepungan ema"

Lastri ngarahuh,
"Nya jelas masalah leutik atuh, masih bisa dioméan. Tibatan akang kudu leungit warisan jeung hak-hak bulanan. Dasar otak kuya"

Mardi muncereng ambek,
"Duit wéh anu dipikiran téh, jor indit sorangan ulah ngajak aing. Tapi ulah mantog deui kadieu!"

Isukna kusabab Icih hayang indit sorangan, jadi Udin teu maturan. Saenggeus bébérés di imah, Udin mah jalan-jalan sakalian rék meuli dahareun jadi, sabab haroréam masak keur dahareun beurang.

Udin indit ka pujaséra anu jarakna sakitar sakilo ti imah, langsung mesen sababaraha bungkus deungeun sangu keur bawaeun balik. Ngan kulantaran waktuna makan siang lila kénéh jaba sapanjang jalan ogé loba ngajajar tukang jajanan. Jadi Udin teu buburu balik. Tapi leuleumpangan heula sapanjang trotoar bari rurat-rérét susuganan manggihan jajanan anu di pikaresepna.

Ahirna Udin meuli cilok kabeukina terus diuk dina biwir trotoar. Bari ngahuapkeun cilok hiji-hiji kana sungutna, panonna mah terus nempoan ka sakitar néangan deui susuganan aya jajanan anéh séjénna. Ngan panonna nempo sapasang lalaki jeung awéwé keur diuk pahareup-hareup di lantai dua warung baso anu aya di peuntaseunna. Udin ngarénjag, sabab anu awéwé nyatana Icih.

Icih katempo ku Udin keur nyorocos ngomong bari mukaan map. Sigana Icih keur ngajelaskeun sababaraha materi proposal. Tapi si lalaki teu fokus kana omongan Icih, panona terus ngarérétan beuheung jeung dada Icih bari kumétap cunihin. Sakapeung katempo ngalageday nyarandé kana korsina terus ngarérét kana bitis Icih ngaliwatan kolong méja. Sababaraha kali ku Udin katempo tuurna ngahaja diantel-antel kana tuur Icih, sarta leungeuna hanyang nyekel leungeun Icih, tapi Icih ngahindar terus.

Lila-lila Udin jadi keuheul. Haténa kukulutus,
"Anjing ti mana deui anu keur néangan masalah jeung aing?"

Saterusna Udin ngagedig meuntasan jalan nuju ka warung anu dimaksud.

Sabenerna Icih ogé hayang nyabok ka lalaki hareupeunna, ngan kusabab butuh partner anu bisa ngabantu modal pikeun rencana usahana, Icih nyoba nahan-nahan émosina,
"Pa Mei, rencana jangka panjangna aya dina informasi proposal ieu, bakal aya pengembangan, lamun anjeun daék nitip modal. Kuring pasti bakal méré konstribusi gedé"

Si lalaki anu disebut Mei katempo kulumas-kélémés éra sabab titatadi can ngoméntaran kana anu geus dijelaskeun ku Icih sanajan Icih geus nyarita sacara panjang lébar. Malah teu merhatikeun sama sakali. Jadi buburu némbalan,
"Kuring percaya kana kamampuan ibu Icih, tapi perusahaan kuring can bisa nunda invéstasi di perusahaan anjeun"

Icih langsung lungsé, geus capé ngocoblak ngajelaskeun, tapi Mei malah ambigu. Kawas anu malaweung.

Ningali Icih kuciwa, Mei nyéréngéh,
"Sabenerna masih aya cara, kuring rék ménta waktu pikeun mikir. Didieu konséntrasi kuring rada kaganggu sabab tempatna ramé ku jelema séjén anu dalahar jeung sarua ngarobrol sarta anu ngaliwat. Kumaha saupama peuting jam 8 urang ngobrol deui paduduaan di tempat anu rada sepi? Upamana di kamar hotél. Bisa?"

Icih gogodeg,
"Abdi parantos kagungan carogé. Tangtos moal diwidian upami kaluar ti wengi"

"Invéstasi lain masalah sapéle. Salian ti kudu nunda modal, anjeun jeung kuring ogé kudu leuwih akrab jeung silih percaya. Rék kumaha bisa kerjasama anu bener lamun teu akrab" ceuk Mei bari seuri purunyus. Terus nyodorkeun leungeuna rék nyawél gado Icih.

Ngan Can antel kana gado Icih, pigeulang leungeunna langsung ditéwak ku Udin anu kakara tepi. Mei ngalieuk bari molotot,
"Saha anjeun? Rék naon ngaganggu kuring?"

"Ngaganggu? Saha anu ngaganggu? Anjeun atawa kuring?" Ceuk Udin malik nanya.

Icih ngarénjag nempo Udin,
"Kang, Naha akang aya didieu?"

Saterusna Icih ngajelaskeun ka Mei,
"Pa Mei, ieu salaki kuring. Ngarana Udin"

Beungeut Mei langsung pias, teu nyangka salaki Icih aya didinya. Hartina kabéh kalakuanna bieu pasti diperhatikeun.

Udin ngarérét ka Icih,
"Akang kabeneran ngaliwat geus meuli deungeun sangu, kabeneran nempo anjeun didieu" ceuk Udin bari nunda kerésék eusi balanjaanna dina méja anu dijingjing ku leungeun kéncana. Terus metot korsi kosong keur diuk. Leungeun katuhuna mah masih tetep pageuh ngaranggeum pigeulang leungeun Mei.

Sabab Mei adug-adugan hayang ngalésotkeun leungeunna. Udin nanya ka Mei,
"Ngaran anjeun Mei. Lamun teu salah anjeun diréktur pabrik aci di banjaran, bener?"

Mei unggeuk,
"Bener, lésotkeun leungeun kuring!"

Udin seuri,
"Ti iraha pangusaha aci katarik kana widang disain grafis?"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience