5. Icih ka Bima Raya

Fantasy Series 36

Teu kuat nempo pamajikanna sababaraha kali dihina jeung disapélékeun, Udin ogé nangtung bari molotot ka Dudung,
"maksud anjeun naon? Ieu karék usaha anu can dijalanan. Hasilnya can katempo. Tapi manéh kawas anu geus yakin bakal gagal?"

Dudung teu nyangka Udin bakal milu ngomong. Jadi dudung nyarita,
"lain kitu, ngan teu yakin wé Icih bakal hasil"

"Kumaha lamun hasil? Daék tarohan?" Ceuk Udin nangtang.

"Sok. Tarohan naon?" Témbal Dudung.

"Lamun hasil, anjeun kudu sujud ka Icih bari ménta dihampura. Tapi lamun gagal, kuring anu bakal sujud ka anjeun sarta ménta dihampura!" Ceuk Udin.

Dudung nyakakak seuri,
"Ari sugan téh tarohan duit, dasar jelema sangsara. Ari sakadar sujud mah hayu. Kuring satuju"

"Kabéh anu aya di dieu jadi saksina. Inget! Lamun aya anu jalir diantara urang duaan, ninina bakal paéh. Wani?" Ceuk Udin deui.

Udin ngahaja nekenkeun kalimah 'Nini paéh' sabab Udin masih boga kakeuheul ka Rukmini. Jeung deui nini Udin mah mémang geus lila maot. Jadi moal aya akibat nanaon keur Udin.

"Oké!" Ceuk Dudung tanpa mikir panjang, sabab yakin pisan dirina anu bakal meunang tarohan.

Icih reuwas bari metot leungeun Udin sangkan diuk deui.
"Ari akang nanaonan bet nyanyandak nini?"

Tapi sanajan dirina di babawa kana tarohan, Rukmini teu ambek, anu leuwih difikirkeun ku Rukmini mah hasil tina usaha Icih isukan. Mun hasil, tong boro Dudung ukur kudu sujud ka Icih, sanajan Dudung dipénta ku Udin kudu ngadahar tai ucing ogé Rukmini moal paduli.

“Rapat ditutup, sok ayeuna mah bantuan Icih nyiapkeun syarat-syaratna. Mun geus réngsé mah baralik wéh" ceuk Rukmini bari nangtung terus kaluar ti rohangan rapat langsung asup ka kamarna pikeun istirahat.

Sabalikna ka imah, sabagé indung Lastri tumanya ka Icih ngeunaan hasil rapat. Ku Icih dijelaskeun sagalana euweuh anu kaliwat. Tapi teu disangka Lastri malah ambek nyarékan Icih,
"Icih! Henteu ari keur weureu mah manéh? Bet anu séjén ogé euweuh anu sanggup, der manéh malah nyanggupan. Si Udin mah nyaho naon. Omonganna ulah sok sagala didéngé, sagala digugu. Saha anu nyaho si Udin ukur rék ngusrukkeun manéh"

Saterusna Lastri ogé muncereng ka Udin,
"Udin! Naon anu jadi kayakinan manéh mangaruhan Icih narima tugas ti Nini. Hayang ngawiwirang anak aing? Jeung nanaonan maké kudu tarohan sagala. Lamun nepi ka teu hasil, aing bakal némpo manéh sujud ka si Dudung bari ménta dihampura. Éta sarua waé jeung ngawiwirang kulawarga? Di lain-lain ogé pan manéh teh minantu aing"

"Bu, pan teu acan dicobi. Ulah waka alit manah" Udin némbal.

"Ngomong mah gampang siah! Manéh nyaho naon masalah ténder?" Ceuk Lastri deui. Padahal Lastri ogé teu ngarti da sanajan minantuna Rukmini. Lastri ogé tara pipilueun kana urusan Palapa. hayang nyaho sotéh lantaran Rukmini nitah para incuna kudu ngahadiran rapat anu majar penting.

Udin seuri bari némbal deui,
"Ishaa Allah hasil bu"

"Gaya siah, kawas manéh anu gableg Bima Raya waé, maké jeung geus bisa mastikeun hasil" Ceuk Lastri beuki ambek.

"Teras naon bentena ibu sareng Dudung? Teu acan nanaon tos tiasa mastikeun gagal" ceuk Udin bari diuk.

Lastri langsung ngabetem asa di skak stér, terus panona mureleng teu panuju ka Mardi anu teu ngoméntaran nanaon pisan.

Icih ngarahuh,
"Ma, atos atuh ulah ngalepatkeun waé kang Udin. Abdi tos nampi tugas ti Nini, anggurmah du'akeun supados abdi hasil. Upami hasil, anu untung pan urang-urang kénéh"

Nempo tékad Icih anu geus buleud, Udin imut bari nyarita dina jero haténa.
"Pasti hasil nyi, pan akang bosna Bima Raya"

Ngan teu lila kadéngé panto aya anu ngetrokan ti luar, jadi Lastri buburu muka panto. Nyampak saurang lalaki ngajanteng diluar bari nyeréngéh seuri ka Lastri. Si lalaki katémbongna jelema aya, papakéana ginding, maké arloji mahal, ramona reunceum ku ali, dina beuheungna ogé ngagantél kangkalung mangrupa ranté emas anu gedé.

"Iyus? Sok asup!" Ceuk Lastri curinghak bungah.

Iyus unggeuk, terus ngajelaskeun maksud kadatanganna,
"Nuhun bi, nembé abdi ti bumi nini, teras ngadangu saurna énjing Icih badé nyumpingan Bima Raya ngawakilan Palapa perkawis ténder proyék. Abdi sumping kadieu seja ngabantos"

"Tah gening, sok atuh asup heula, béjaan si Icih jalanna, sugan anjeun mah boga cara anu hadé sangkan Palapa bisa miluan sarta ngagolkeun proyékna" ceuk Lastri.

Iyus seuri bari langsung asup terus diuk dina korsi teu maliré ka Udin anu diuk di gigireun icih. Panona langsung neuteup ka Icih bari nyarita,
"Cih, kunaon teu ngabéjaan ka akang lamun anjeun rék miluan ténder. Memangna bisa? Saupama ngaras teu yakin, akang siap ngabantu"

Iyus nyarita kitu sabenerna ukur basa-basi. Sabab salila ieu manéhna ogé sabenerna sarua can kungsi turun langsung ngurus proyék komo deui miluan ténder sacara langsung, sagala rupa urusan perusahaanna masih sok diurus ku bapana. Wani ngomong kitu téh kulantaran Iyus bogoh ka Icih, sugan wé ku nawarkeun dirina pikeun ngabantu. Icih neundeun simpati ka dirina.

"Nuhun. Tapi kuring teu butuh bantuan ti anjeun" ceuk Icih sanajan haroréam némbalan.

Ngadéngé jawaban Icih, Lastri langsung muncereng ka icih,
"Icih! Iyus datang kadieu boga niat hadé rék ngabantu. Naha bet ditolak?"

Icih teu némbalan, tapi ngarérét ka Udin. Jadi Udin nanya ka Iyus,
"Naha bener anjeun yakin bakal bisa ngabantu Icih nepi ka bisa néken kontrak?"

Ditanya ku Udin kitu, Iyus ngarasa disapirakeun,
"Kuring ogé isukan sarua rék miluan ngajukeun 5 milyar tina ténder proyék ieu, jadi bisa indit babarengan. Pangajuan kuring mah geus pasti gol sabab bendera perusahaan kuring kualifikasina leuwih unggul ti Palapa. Saupama pangajuan Icih ditolak, samilyar tina 5 milyar pagawéan kuring pan bisa disubkeun ka Icih. Éta geus cukup pikeun ngabantu, Icih moal disalahkeun ku Palapa sanajan gagal"

"Oh kitu, teu sangka anjeun gedé haté bisa lolos" ceuk Udin bari seuri sinis.

"Nya heueuh, ditempo tina hal naon ogé euweuh alesan Bima Raya kudu nolak pengajuan ti perusahaan kuring" témbal Iyus beuki ujub.

Iyus nyarita deui ka Udin,
"Saran ti Kuring, anjeun mah leuwih hadé cicing ulah loba omong ngeunaan pagawéan, anggur mah uruskeun masalah nalak Icih, sabab karunya Icih, boga salaki ka anjeun anu euweuh gunana. Dina kaayaan kieu teu bisa nulungan pamajikan. Jelas kahareupna ogé bakal terus ukur jadi beban Icih"

Icih molotot ka Iyus bari nangtung,
"Iyus! Anjeun datang kadieu teu diondang. Kuring bieu geus nolak bantuan ti anjeun. Ayeuna anjeun malah ngahina salaki kuring. Indit!" Ceuk icih ambek bari curukna nunjuk kana lawang panto anu masih muka kénéh sangkan Iyus ka luar.

Iyus nyakakak,
"Tapi memang bener pan? Euweuh untungna miara salaki kawas kieu?" Pokna bari ngarérét sinis ka Udin, terus Iyus nangtung langsung ngaléos kaluar. Geblug panto ditutupkeun ku Icih.

Nempo kitu Lastri morongos ka Udin,
"Teu dimana teu dimana, kabisa sia mah ngan ukur nyieun masalah. Lain kadua atoh pamajikan sia rék dibantuan"

Udin ngajelaskeun kalawan sabar,
"Ngabantos kumaha maksad ibu? Pan nembé kadangu Iyus mung badé ngesubkeun Palapa ka perusahaan anjeunna. Iyus teu aya niat ngabantos dugi ka jucung. Upami mung ngésub, sami waé sareng paciwit-ciwit lutung. Palapa mung nampi sésa tina padamelan anjeunna. Éta ogé upami perusahaan anjeunna tiasa ngagolkeun, upami gagal? pan sami waé, Palapa ogé moal kénging nanaon. Bantosan naon sapertos kitu?"

"Tapi pan masih leuheung daripada ngurus sorangan bari pasti gagalna" ceuk Lastri embung éléh omong.

Udin ukur ngageremet dina haténa.
"Awas siah, ku kuring rék dibuktikeun kabéh isukan. Saha anu sabenerna bisa ngabantu"

Icih ngarahuh terus nyarita ka Lastri,
"Tingal énjing wéh ma, teu aya gunana dibahas ayeuna. Abdi peryogi istirahat bilih énjing kasiangan ka Bima Raya"

Isukna pabeubeurang Icih Jeung Udin geus miang ka Bima Raya bari mawa berkas pangajuan ténder anu geus disiapkeun. Nempo gedong Bima Raya anu agréng, Icih rada ngarempod. Ragu-ragu pikeun asup komo kudu bari nyodorkeun pengajuan kontrak 2 milyar ka ibu Susi jelema nomer dua di Bima Raya. Lir ibarat galandangan anu asup ka Imah jelema beunghar rék ménta dahar. Pasti ngarasa leutik haté jeung éra.

Nempo pamajikanna samar polah, Udin nyingraykeun buuk anu nutupan tarang Icih bari nyarita deudeuh,
"Akang percaya nyai bakal hasil, sok asup. Ulah asa-asa"

Icih ukur ngarahuh, terus unggeuk,
"Mangga kang, akang antosan didieu nya?" Saterusna Icih ngarapihkeun bajuna tuluy ngaléngkah asup.

Udin nguliwed ka parkiran bari ngaluarkeun HP nelepon Susi.
"Susi, pamajikan kuring geus naék, geus nyaho kudu kumaha pan?"

"Teu kedah salempang juragan, abdi moal nguciwakeun salira" témbal Susi.

"Alus. Kuring ogé ngadéngé, béjana perusahaan Saputra sarua rék ngajukeun ténder, geus asup?" Ceuk Udin nanya.

"Parantos, tadi pang énjingna. Nanging abdi teu acan ngadamel kaputusan nanaon, ngatosan instruksi ti juragan" témbal Susi ngajelaskeun.

"Tolak, terus asupkeun kana daftar blacklist. Kuring teu hayang perusahaan éta ulubiung dina proyék ayeuna jeung saterusna" ceuk Udin teges.

"Mangga juragan, diéstokeun pisan" témbal Susi.

Harita Icih geus tepi ka rohangan tunggu hareupeun kantor wakil diréktur. Can kungsi diuk da kaburu ditanya ku sékrétarisna Susi.
"Salira ibu Icih Kusumah ti Palapa? Ibu Susi parantos ngatosan salira dilebet, mangga ngiring ka abdi"

Icih unggeuk, tarangna kerung bari ngarérét ka jelema-jelema anu dariuk nungguan. Haténa ngagerentes,
"Anéh, loba anu ngantri kunaon kuring anu kakara datang bet langsung dititah asup. Jeung naha bet nyaho ka kuring kawas anu ngahaja keur ditungguan"

Sekrétaris ngetrokan terus nyurungkeun panto kantor wakil direktur, saterusna nyarita ka Icih,
"Mangga kalebet bu" pokna. Saenggeus Icih asup, panto ditutupkeun deui.

Nempo Icih asup, Susi nangtung bari imut nyampeurkeun ngajak sasalaman,
"Wilujeng siang bu, abdi Susi wakil diréktur Bima Raya, mangga calik"

Sanajan Susi seuri soméah, Icih tetep ngarasa geumpeur. Rék teu geumpeur kumaha kudu paadu dampal leungeun jeung wakil Diréktur Bima Raya. Hiji perusahaan anu dipikasérab ku kabéh pangusaha di Bandung.

Bari rada arapap-eureupeup Icih satékah polah ngawanikeun manéh nyarita,
"Wilujeng siang ibu Susi, abdi ngawakilan Palapa sumping kadieu seja ngajengkeun permohonan ténder proyék hotél" ceuk Icih bari diuk dina sofa anu ditunjuk ku Susi.

Saterusna Icih nyarita deui,
"Sanaos perusahaan Palapa alit, nanging spésifikasi Palapa mémang bergerak dina widang dékorasi sesuai sareng syarat ténder ti Bima Raya. Salami ieu Palapa parantos sababaraha kali midamel proyék alit tanpa aya komplén"

Saterusna Icih ngaluarkeun berkas tina tasna,
"Ieu dokumén anu parantos disiapkeun, mangga diparios"

Susi imut bari narima berkas, tapi ukur ditarima terus disimpen dina méja teu dibuka-buka acan.
"Sanaos teu diparios, Diréktur parantos nga-acc. Kantun ngantosan berkas kontrakna disiapkeun kanggé ditanda tawis"

Icih ngarénjag bari colohok,
"kumaha? Naha abdi teu lepat dangu?"

Susi unggeuk,
"Leres Bu, sok sanaos Palapa sanés mitra unggulan kanggé Bima Raya, nanging kumargi ibu Icih nyalira anu sumping. Diréktur anu énggal teu asa-asa nyatujuan. Nanging upami sanés salira anu sumpingna mah, tangtos benten deui"

"Diréktur? Mémangna saha diréktur anu énggal ayeuna?" Icih panasaran nanya bisi dirina wawuh. Sabab mustahil langsung nga-acc kana pangajuan lamun saméméhna teu wawuh.

"Masih sami ti Jakarta, ti katurunan kulawarga Subrata kénéh. Nanging anjeuna tos lami janten urang Bandung" témbal Susi.

Icih kerung bari mikir. Sabab can kungsi wawuh jeung jelema beunghar anu ngarana Subrata kecuali salakina. Ngan saupama anu di maksud ku Susi salakina, jélas mustahil, sabab kabéh ogé geus pada nyaho lamun salakina mah saurang yatim piatu anu teu ngabogaan kulawarga, teu tamat SMA, jaba kungsi digawé jadi kuli ngaduk. Pamohalan ujug-ujug jadi direktur.

Teu lila sékrétaris asup mawa berkas kamufakatan kerjasama. Terus dibikeun ka Susi. Saenggeus berkas ditarima sekrétaris kaluar deui. Susi nanya ka Icih,
"Bu Icih, sabaraha panawisan ténder anu diajengkeun ku salira?" Pokna bari mariksa draft MOU anu bieu ditarima ti sékrétarisna.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience