70. Udin ménta penjelasan ti Érwin

Fantasy Series 36

Lastri ngahuleng bingung. Sabab saupama nepi ka icih jeung Udin bener-bener indit, dirina moal boga kasempetan deui pikeun bisa milu cicing di villa. Dina enyana nicak ogé paling sakadar nganjang ka anak. Ahirna Lastri nyarita,
"Oké. Ema jangji moal maksa deui. Pék tuluykeun niat nyieun usaha, Ema geus moal ngahalang-halang"

Udin anu ti tadi cicing ahirna ngarénghap reueus bisa nempo kategésan Icih. Sabab sasuai jeung harepanna.

"Tah mun kieu pan alus, bapa ogé tenang, moal ngadéngé deui anu ngocoblak sakadaék" ceuk Mardi.

Lastri langsung muncereng ka Mardi,
"Naon Siah? Aing geus rék ngajedog, tapi sia mancing-mancing waé bari teu mikir sia ogé euweuh gadag"

Mardi males nyarekan,
"Aing ngan sakadar ngomong anu ku aing dirasakeun. Nyebut aing euweuh gadag. Naha geus poho kana paméré kuring kamari? Sajuta ladang ngajual ubar memangna ti saha? Pan ti aing"

Lastri mayun,
"Karék bisa méré sajuta ka pamajikan tina hasil nipu waé geus reueus. Ngarana gadag anu bener, hasilna rutin dibikeun ka pamajikan. Lain ukur sakali dua kali tapi geus ngarasa loba paméré. Dasar"

"Gandéng. Pamajikan anu bener mah moal loba nungtut ka salaki. Sakitu ogé aing boga kaingetan ka sia, teu dihakan ku aing kabeh" témbal Mardi.

"Saha pamajikana anu daék diresikoan sakainget" ceuk Lastri embung éléh.

"Tah tingali kelom dina lomari, éta kelom anu kungsi dipaké ku Hamengkubuwono ka-2, kuring meuli 500 rébu. Geus difoto sarta dikirim forona ka si Érwin. Si Érwin sanggup nebusna 3 juta. Hartina jalan usaha kuring geus Aya. Ngan sia anu sok nyapélékeun, lain ngadukung kana usaha salaki" ceuk Mardi bari nunjuk kana sapasang kelom anu aya dina lomari kaca.

Udin ngarérét kana kelom anu ditunjuk ku Mardi. Udin ngagebeg sabab Mardi geus jelas katipu deui waé, sabab éta ukur kelom biasa jieunan Tasik anu hargana paling ukur 100 rébuan. Tapi ceuk Mardi dibeuli 500 rébu, sarta rék dibeuli deui ku Érwin saharga 3 juta. Bener-bener teu asup akal. Pasti aya anu teu beres.

"Selop Kitu patut 3 juta?" Ceuk Lastri colohok teu percaya.

"Keur naon aing bohong. Anu rék meulina si Erwin, manéhna ahli dina barang antik. Manéhna ogé tukang jual beuli. Mustahil daék nebus 3 juta ti kuring lamun kelom euweuh hargaan da manéhna ogé pasti hayang untung. Yeuh déngékeun rékaman sora si Érwin lamun anjeun teu percaya" ceuk Mardi bari nyetel pesen sora ti Érwin.

"Pa Mardi kelomna alus, éta mémang kelom titinggal karaton Jogja, kungsi dipaké ku Hamengkubuwono ka-2, lamun rék dijual, ulah ka batur. Ka kuringkeun, kuring wani 3 juta"

Lastri colohok, terus curinghak bari muji Mardi,
"Teu nyangka manéh geus ngarti kana barang alus ayeuna mah, tina 500 rébu bisa payu 3 juta"

"Jadi kumaha? Masih rék nyebut aing euweuh gadag?" Ceuk Mardi.

Lastri kukumas kelemes seuri,
"Nya hampura atuh, ulah sok terus diasupkeun kana haté. Hartina isukan kuring bakak narima 3 juta ti anjeun pan?"

Mardi muncereng deui,
"Ngeunah wéh, nya moal. Keur manéh mah paling 500 rébu. Sésana ku kuring rek dimodalkeun deui. Saupama modalna gedé, hasilna ogé tangtu bakal beuki gedé"

Udin ngaduga Érwin daék meuli mahal kana barang Mardi sabab Érwin pasti kasieunan ku dirina anu ahirna Érwin ngabageuran Mardi sabab nyaho Mardi mitohana. Udin ahirna mutuskeun isukan rék maturan Mardi nepungan Érwin. Sangkan nyaho alesan Érwin anu sabenerna pangna daék meuli mahal ubar jeung kelom ti Mardi. Udin teu ngarti kunaon Erwin ngalakukeun hal bodo siga kitu, wani rugi miceunan duit keur mitohana.

"Din, isukan bapa aya perlu, wéyahna pangmawakeun kelom ieu ka Érwin, terus cokot duitna 3 juta" ceuk Mardi bari mungkus kelom ku koran urut terus dibikeun ka Udin.

"Mangga pa" témbal Udin bari narima bungkusan kelom ti Mardi.

"Kahareupna anjeun kudu mimilu terus ka bapa, bapa rék ngajarkeun cara meulian barang antik pikeun dijual deui sangkan meunang untung gedé" ceuk Mardi deui.

Udin kerung, tapi ahirna unggeuk.

Isukna, réngsé sarapan. Saacan indit Mardi nyarita deui ka Udin,
"Din ulah poho datangan Érwin, bapa rék ka Asosiasi Kaligrafi jeung Lukisan. Bapa diondang pikeun jadi anggota"

"Mangga pa, abdi angkat ayeuna" témbal Udin terus nangtung langsung indit ka luar.

Ngan Icih ngudag,
"Antosan kang, abdi ngiring. Bosen di bumi waé" ceuk Icih terus ngiciprit nuturkeun Udin anu geus ngaléngkah nuju kana mobil anu biasana sok dipaké ku Icih.

"Hayu" ceuk Udin bari langsung muka panto mobil nitah Icih asup.

Mobil maju, kaluar ti pakarangan langsung ka Cikapundung. Nepi ka Cikapundung kaayaan keur ramé pisan. Padahal waktu masih isuk kénéh jaba lain poé libur. Udin nungtun Icih langsung ka kiosna Érwin.

Harita Érwin keur nawarkeun kopéah ka sapasang turis bulé,
"Ieu kopéah anu kungsi dipaké ku Sukarno basa macakeun téxt proklamasi. Ku kuring dibeuli langsung ti mantan ajudanna anu ayeuna geus maot" ceuk Érwin teu euleum-euleum.

"Maksud anjeun Sukarno mantan presiden?" Ceuk turis anu lalaki colohok.
"Sabaraha hargana?"

"Sabab barangna lanka sarta ukur aya hiji-hijina di dunya. Kuring matok harga 18 juta" ceuk Érwin.

Turis bulé anu awéwé noél ka pasanganna,
"Teu asup akal, kopéah Sukarno dijual bébas kawas kieu. Mun bener asli, pasti ku pamaréntah bakal dimuseumkeun. Hayu ah, ulah katipu" pokna bari metot leungeun pasanganna kaluar ti kios.

"Karék ogé buka geus apes" ceuk Erwin kukulutus bari ngababetkeun kopéah dina luhur étalase.

Udin seuri tina lawang kios, terus nyarita ka Erwin bari nyampeurkeun,
"Teu hayang néangah usaha anu halal?"

Érwin reuwas nempo Udin geus nyampak di kiosna. Bener-bener teu laperhatikeun sabab bieu dieina keur fokus ngobrol jeung bulé.

"Aéh pa Udin? Sugan téh Saha. Naha tara-tara datang ka dieu?" Ceuk Érwin bari kulumas-kélémés éra, terus ngaérét ka Icih,
"Ieu pamajikan anjeun? Pasangan anu serasi, lalakina kasép awéwéna ogé geulis" Ceuk Erwin muji bari seuri.

"Kuring datang kadieu mawa kelom milik mitoha kuring anu cenah rék dibeuli ku anjeun 3 juta. Naha bener?" Udin nanya.

Érwin sabenerna hayang jujur ka Udin, sabab Udin pasti nyaho kana kaaslian barangna. Ngan kusabab aya Icih, ahirna Érwin ngabohong,
"Bener pa. Mitoha anjeun bener-bener ahli dina néangan barang. Bisa boga kelom langka. Kuring wani ngaduitan 3 juta sabab lamun dijual deui ku kuring. Pasti bakal payu 4 nepi ka 5 juta"

Lantaran antara Udin jeung Érwin kahalangan ku étalase. Udin nunda bungkusan kelom dina luhur étalase terus nyondongkeun awakna sarta nyarita laun kana ceuli Érwin,
"Ulah bohong ka kuring, anjeun ogé pasti nyaho ieu kelom palsu, kunaon wani meuli mahal? Aya naon sabenerna?"

Érwin tungkul teu wani neuteup beungeut Udin,
"Pa. Awalna kuring katitipan 2 ubar ku mitoha anjeun sarta langsung payu 2 juta dihareupeunna. Ti harita mitoha anjeun terus datang ka kuring bari nawarkeun barang-barang séjénna. Saupama ku kuring dibayar murah pasti mitoha anjeun bakal curiga terus bébéja ka anjeun. Jujur kuring sieun ku anjeun. Jadi satiap mitoha anjeun datang mawa barang, ahirna langsung dibeuli mahal ku kuring sok sanajan barang anu dibawana palsu anu bisa ngajadikeun kuring rugi"

Udin colohok ngadéngéna. Ngarasa karunya ka Érwin sabab geus dimanfaatkeun ku Mardi.

Érwin nyarita deui,
"Hampura pa. Kuring ngalakukeun kitu lantaran bingung. Kuring embung boga masalah jeung anjeun"

Udin ngarahuh,
"Ngeunaan ubar, kuring bisa ngamaklum. Sabab harga ubar éta mémang mahal. Tapi masalah barang séjénna, anjeun geus ngadidik teu bener ka mitoha kuring. Lantaran kalakuan anjeun, ayeuna mitoha kuring jadi ngarasa geus pinter jeung ahli sarta teu eureun-eureun meulian barang palsu lantaran pangrasana moal rugi sabab pasti bakal dibeuli ku anjeun. Eta akibat goréng keur mitoha kuring. Keur anjeun sorangan, jelas anjeun ogé rugi. Lamun terus-terusan dilakukeun, anjeun lila-lila bakal bangkrut. Nanaonan coba?"

Érwin teu némbalan, sabab naon anu diomongkeun ku Udin mémang bener.

"Omat eureunan. Kuring teu ambek. Anjeun teu perlu sieun ku kuring. Sabab sawaktu-waktu kuring ogé balal butuh kana kaahlian anjeun. Ngarti?" ceuk Udin deui.

Dina haténa mah Udin muji ka Érwin anu pinter sarta loba akal sanajan licik.

Érwin unggeuk bari ngodok duit 3 juta anu geus disiapkeun tina sakuna. Terus ditunda di hareupeun Udin,
"Pa. Sakali deui kuring ménta dihampura. Ngan masalah kelom ieu, sabab kuring geus jangji, tetep ku kuring rék dibeuli 3 juta. Sabab lamun henteu, tangtu anjeun bakal katanyaan"

Udin kerung, tapi duitna mah ditarima.
"Inget, ieu terahir. Ulah kajadian deui, kuring pamit" ceuk Udin bari nyakuan duit terus nungtun Icih kaluar.

"Haturnuhun pa. Kuring ogé rék tutup" ceuk Érwin nganuhunkeun. Terus buburu ngurilingan étalase rék nutupkeun rolling door kiosna.

Udin anu geus ngaléngkah kana lawang malik deui bari nanya,
"Naha rék tutup? pan isuk kénéh?"

"Poé ieu di kantor pos pusat aya lélangan duit, perangko jeung materai heubeul. Kuring rék ningali susuganan aya anu cocok, lumayan bisa payu 100 kaki lipet lamun dijual ka para koléktor" témbal Érwin.

"Hah! Bener-bener telenges anjeun mah?" Ceuk Udin bari seuri.

Érwin ogé seuri,
"Geus biasa di dieu mah. Saupama kuring ngajual murah. Pasti bakal dimarusuhan ku padagang séjénna"

Udin ukur bisa gogodeg, sabab mémang moal bisa nyarék. Nipu geus jadi pagawéan matuh Érwin. Sanajan salah, jelas keur Érwin mah euweuh beban. Tapi tetep Udin nanya,
"Naha teu hayang dagang normal bari teu nipu?"

Érwin nyakakak,
"Bisa kalaparan kuring lamun teu nipu"

"Enya pék, kumaha anjeun wéh. Hayu sakalian bareng jeung kuring, kabeneran kuring ogé bakal ngaliwatan kantor pos" ceuk Udin bari ngaleos kaluar nungtun Icih langsung nuju ka parkiran.

"Hayu, antosan pa" ceuk Érwin bari buburu ngarawél rolling door disorolokkeun ka handap terus dikonci. Saterusna Érwin lumpat ngudag Udin jeung icih ka parkiran.

Kaluar ti Cikapundung, langit ngadadak ceudeum katutup ku méga hideung, dituturkeun ku angin gedé ngagelebug jeung hujan ngagebrét kawas anu dicicikeun ti langit.

Sabab geus kabiasaan di Bandung. Saupama aya hujan gedé, pasti sababaraha jalan utama bakal katutup ku banjir. Jadi Udin milih muter néangan jalan alternatif séjén anu tara kabanjiran. Udin ngajalankeun mobilna lalaunan sabab loba cai anu ngeuyeumbeu. Lamun tarik, sok sieun caina nyeblok ka jelema-jelema anu keur ngiuhan di sisi jalan.

Di jalan anu kawilang sepi, kaciri mobil Mercedes hideung ujug-ujug kasisi terus eureun. Saurang awéwé ngora kaluar ditiung ku tas bari kukulutus terus najong ban mobilna anu kempés.

"Kang, liren. Itu Elsa!" Ceuk Icih bari nunjuk ka awéwé anu dimaksud.

Udin nyisi terus eureun dihareupeun mobil Élsa. Icih buburu nyokot 2 payung tina laci dashboard terus dibikeun hiji ka Udin, hiji dipaké ku dirina terus duanana kaluar.

"Élsa! Kunaon?" Ceuk Icih, bari buburu mikeun payung ka Élsa. Icih mah pindah kana handapeun payung anu keur dicekelan ku Udin.

Élsa anu awakna mimiti jibrug ngalieuk ka Icih bari éra ku Udin sabab bajuna baseuh. Pasti bagéan awakna bakal néplak lantaran kaméjana anu ipis rapet jeung awakna alatan cai hujan,

"Kuring rék ka imah klien. Ari pék ban malah kempés bari duanana hareup hungkul, tuh tempo. Dasar Bima Raya, kawas perusahaan leutik waé. Meré invéntaris, mobil butut" ceuk Élsa kukulutus deui.

Udin kerung, sabab rada anéh bitu ban bisa sakaligus dua bari hareup kabéh jaba dijalan leutik anu sepi.

Jadi Udin nyarita,
"Hujan beuki gedé, moal aman anjeun di dieu. Leuwih hadé asup kana mobil kuring terus telepon dérék pikeun ngagusur mobilna ka béngkél"

"tqoi raksukan abdi baseuh, teu sawios?" Ceuk Élsa asa-asa.

"Baé" témbal Udin.

"Mangga atuh upami kitu mah" ceuk Élsa bari ngaléngkah nuju kana mobil Udin. Dituturkeun ku Udin jeung Icih.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience