Udin ngarérét kana sepion tengah nempo Élsa anu diuk di tukang, Udin seuri sabab nyatana Élsa langsung peureum saré bari biwirna calangap.
Icih ogé ahirna peupeureuman, tapi teu saré. Icih masih mikiran timana Udin boga duit loba pikeun meuli mobil bari utang itung dina uteukna, sabab sok sanajan bieu geus dijelaskeun sumberna, tapi tetep asa teu asup akal bisa kukumpul duit loba dina sataun keur meuli mobil.
Sabenerna basa nyaho Udin boga iPhone ogé Icih geus ngarasa anéh, Komo deui ayeuna bisa meuli mobil BMW. Sagala anggapan goréng ngolébat dina fikiranna. Ngan buburu kacurigaan dina haténa dipiceun, sabab Icih ngarasa teu pantes nyuriga salaki sorangan anu salila ieu jujur tara ngabohongan dirina. Icih percaya, Udin anu sapopoéna aya di imah, mustahil boga duit tina hasil teu bener, jeung piraku Udin téga rék ngabandaan pamajikan ku duit haram.
Pamikirna, rék ngirit ogé pantes, sabab sagala rupa pangabutuhna ditangkes ku Icih, ti mimiti pakéan, pulsa geus puguh daharna mah. Jaba Udin mah pan teu ngaroko.
Dago mangrupakeun daérah hadé pikeun muka usaha, sabab salian tempatna anu tiis tur strategis, ogé jadi jalur wisata. Dina musim liburan, sok loba warga Bandung atawa ti luar Bandung anu ngaliwat ka daérah éta, di sapanjang jalan ogé loba hotél gedé anu geus leuwih tiheula aya. Jadi cocok pisan saupama Darwin muka réstoran didinya.
Réstoran Darwin aya disisi jalan utama anu tanahna lumayan lega. Ngaran réstoranna Sans Co. Ngaran anu sederhana tapi kadéngéna artistik.
Di hareupeun réstoran geus ngajajar sababaraha mobil. Pamuda jeung Pamudi sapantaran Udin jeung Icih geus ngagimbung diluar, kaasup aya ibro. Anu lalaki keur ngaroko bari ngarobrol. Ditilik tina dangdananna ogé aralus. Wajar, sabab sakolaan Icih baheula mémang sakolaan husus anak-anak jelema beunghar. Anu sakola didinya, lamun lain anak pajabat pasti anak pangusaha.
Sabab Udin teu sakelas jeung maranéhna. Jadi ngan ukur wawuh ka Ibro jeung ka Darwin hungkul, Ibro mémang tunangana Unah, tapi kungsi sakelas jeung Icih keur SMA.
Harita Ibro keur dirariung ku baturna, pada muji, sabab datangna bari mawa BMW 530 warna emas. Saurang baturna muji,
"Kerén manéh euy, geus bisa kabeuli mobil BMW 530, pasti hargana leuwih ti samilyar"
"Bener, 1,4 milyar" témbal Ibro reueus.
"Kumaha tanagana?" Nu séjén nanya
"Ngarana ogé sedan sport, keur sakelasna mah nya alus atuh, moal manggih lawan dijalan pokona mah" témbal Ibro.
Ngan saurang lalaki nempo kana mobil BMW Udin anu kakara eureun di parkiran. Jadi buburu nyarita bari nunjuk,
"Itu ogé BMW, babaturan urang kénéh lain?"
Sararéa langsung ngalieuk ngarérét kana mobil anu ditunjuk. Teu lila Udin kaluar tiheula terus mangmukakeun panto lebah Icih jeung Élsa. Nempo Udin, kabéh cicing sabab mémang teu wawuh. Ngan basa Icih jeung Élsa kaluar, kabeh ahirna seuri bari ngagupayan. Ukur Ibro anu katémbongna malah kekerot sabab ngarasa teu suka nempo Udin. Komo datangna bari ngiringkeun 2 béntangna kelas.
"Keren, BMW-na euy, sarua jeung anu Ibro" ceuk saurang awéwé.
"Cuih, nya béda atuh, tempo nomer séri dina buntutna. Éta mah 520, anu kuring mah 530. Tina harga ogé geus beda 200jt-an, kuring bisa meuli 2 anu kitu patut mah" ceuk Ibro bari nyiduh.
Sareréa teu maliré kana omongan ibro. Tapi muji kana kageulisan Icih jeung Élsa, saenggeus sasalaman terus ngarobrol suka bungah bari saleuseurian. Sabab kabéhanana lain babaturan sakelasna, Udin mah ngajauhan sarta nyérangkeun ti kaanggangan.
Ibro ngarérét ceuceub ka Udin ku juru panona. Terus nyarita sinis,
"Boga pamajikan geulis bari diréktur. Hirup sapopoé ukur ngandelkeun pamajikan, ayeuna dipangmelikeun BMW. Teu gableg kaéra jadi lalaki téh"
Icih ngagebeg ngadéngé omongan Ibro. Élsa ogé ngarasa teu tarima, jadi langsung ngomong,
"Heh, Ibro! Tibalik siah ngomong téh. Justru Mobil ieu dibeuli ku duit Udin sorangan keur Icih"
Ibro nyakakak,
"Paingan atuh ukur BMW murah ari mémang si Udin anu meulina mah, mobil boyot, moal sabanding jeung mobil kuring. Saupama dibalapkeun pasti bakal tingaleun jauh"
Udin kerung, terus nyarita,
"Balap mah lain lantaran jenis mobilna, tapi kalihéyan supir dina ngendalikeunna"
Ngadéngé Udin némbal, Ibro ngahéab panas. Ibro teu nyahoeun yén mobil Udin sabenerna séri 7. Dina hal tanaga, jelas lain lawaneun keur seri 5 milikna.
Ibro nyampeurkeun ka Udin bari nyarita,
"Hayu balap, masalah bénsin ku kuring digantian"
Élsa buburu nyarék,
"Kira-kira atuh manéh téh ibro, mobil Udin 520, sedengkeun mobil manéh 530, teu kudu dibalapkeun ogé geus pasti mobil manéh anu meunang. 2000cc ngalawan 3000cc, cik mikir atuh"
Ibro ngarérét ka Élsa terus nyarita,
"Si Udin bieu anu ngomong balap mah lain masalah jenis mobilna, tapi cara nyupiran jeung kawani. Jadi euweuh anu teu pantes. Si Udin kudu bisa ngabuktikeun omonganna"
Udin teu ambek, tapi neuteup ka Ibro bari seuri,
"Balapan moal ramé lamun teu bari tarohan. Kuring wani balap jeung anjeun, tapi kudu aya tandon anu jelas, naon anu rék ditandonkeun ku anjeun? Ulah ukur bacot hungkul"
Ibro nyakakak,
"Anu éléh deku ménta dihampura. Kumaha?"
Udin gogodeg,
"Tarohan budak leutik atuh éta mah. Kumaha saupama..."
Can kebat Udin nyarita, Darwin kaluar maké jas rapih bari mawa sakérésék gedé pepetasan rantuy. Terus seuri ka Udin,
"Hei Din, geus datang ning?" saterusna ngajak sasalaman.
"Suksés lur" ceuk Udin sarua seuri bari tipepereket nyalaman leungeun Darwin.
"Nuhun" témbal Darwin.
Ngan kadéngé Ibro nyambung caritaanna anu tadi siga anu geus teu sabar,
"Din, ulah kamana mendi waé, obrolan urang can réngsé, kahayang manéh tarohan naon? Duit?"
Darwin kerung terus nanya ka Udin,
"Mémangna rék naraon, maké jeung aya tarohan sagala?"
Udin seri bari nempo eusi kerésék dina leungeun Darwin, terus nanya,
"Aya sabaraha runtuy pepetasanna?"
"Ngan 2 gantung, sagantungna eusi 100 pepetasan. Ngahaja meunang mesen. Ayeuna rék digantungkeun diditu, réngsé acara rék dibeuleum" témbal Darwin bari nunjuk kana tihang awi anu geus disiapkeun saméméhna.
Udin ngalieuk ka Ibro,
"Oké bro. Tarohanna, saha anu éléh, pepetasan ieu bakal di beuleum dina jero mobil bari panto jeung kacana ditutupan. Kumaha wani?"
Sabab yakin bakal meunang, Ibro geus teu mikir panjang deui, jadi langsung nyanggupan. Ibro seuri nyakakak bari ngabayangkeun mobil Udin diasupan 200 pepetasan dina kaayaan hurung, geus moal salah, jok sarta intérior séjénna pasti bakal amburadul.
"Kasempetan alus pikeun ngawiwirang si Udin" gerentesna.
Saterusna Ibro nyarita ka sararéa,
"Kabéh nu aya didieu kudu nyaksian, kuring rék balap jeung si Udin, saha anu éléh, pepetasan anu ayeuna aya dina leungeun Darwin bakal dibeuleum dina jero mobilna"
Saterusna Ibro ngarérét ka Udin,
"Hayu Din, start dihareup, di parapatan Dipatiukur balik deui. Saha anu pangheulana tepi deui kadieu. Éta anu meunang"
Udin unggeuk. Saterusna Ibro jeung Udin asup kana mobilna séwang-séwangan. Sabab aya anu ngabéjaan, babaturan séjén anu harita geus araya dijero réstoran ogé rabul kalaluar hayang milu lalajo. Atuh kaayaan jadi beuki ramé, jelema hareupeun Sans Co beuki ngagimbung. Sareréa ngarasa panasaran hayang nempo balapan 2 mobil anu dianggapna teu saimbang.
Élsa ngarangkul taktak Icih bari ngabeberah. Élsa jelema beunghar, jadi nyaho kana qualitas sagala jenis mobil méwah,
"Sing sabar nya Cih, sanajan kuring ogé teu yakin, tapi mudah-mudahan kang Udin anu meunang"
Tapi Icih malah lumpat nyampeurkeun ka Udin anu geus rék nyetater mobilna, terus nyarita tina kaca jandéla anu muka pinuh ku rasa kahariwang,
"Batalkeun kang, ulah dilayanan"
"Moal nanaon nyi, akang pasti bakal meunang. Nyai mawa saputangan pan? Ayeuna ka tengah jalan. Saputangan éta acungkeun dimana akang jeung si Ibro geus siap pikeun tanda start" tembal Udin bari nyetater mobilna terus kaluar ti parkiran.
Mobil Ibro ogé kaluar dituturkeun ku jelema loba anu langsung ngabaris di sisi jalan. Jeung ku kabeneran jalan harita rada sepi, ukur aya sababaraha kendaraan anu ngaliwat. Kawantu lain poé libur jeung masih dina jam kerja.
Sabab can ngarti carana jeung bingung, Icih ngaluarkeun saputangan tina tasna terus dibikeun ka Élsa. Élsa ngarti, saputangan ditarima terus Élsa ngaléngkah ka tengah jalan bari ngajiwir saputangan. Reg 2 mobil eureun kénca jeung katuhueun Élsa. Lalaunan Élsa mundur 5 léngkah sangkan tanda start ti dirina katémpoeun ku 2 supir.
Ibro kawas anu teu sabar, haben ngagerung-gerung mesin mobilna bari ngarérétan ka udin, tapi Udin mah kalem teu némbongkeun éksprési nanaon. Sedengkeun leungeun Élsa geus ngacung duanana, anu kénca ngacungkeun 3 ramo, sedengkeun anu katuhu nyepengan saputangan anu geus siap dikebétkeun. Ramo Élsa mimiti ditilepkeun hiji-hiji. Tina 3 jadi 2 terus 1. Bari dituturkeun ku leungeun katuhuna anu ngebétkeun saputangan.
Sanajan boga kayakinan bakal meunang, tapi Ibro langsung ngajejek pedal gasna nepi ka pol. Ibro hayang méré jarak sajauh-jauhna sangkan Udin leuwih wirang. Ngan teu disangka, sakolébat kalangkang hideung nyiap ti katuhueunna nyemprung ningalkeun mobilna. Sanajan ukur saliwat, Ibro sempet ningali tulisan 520 Dina buntutna, ibro geus bisa mastikeun yén éta mobil Udin. Ibro ukur bisa colohok, sabab teu nyangka mobil boyot kitu tapi bisa ngabelesat nyiap mobilna, padahal can nepi-nepi acan ka parapatan tempat muter balik anu geus jadi kamufakatan.
Méméh mobil Ibro muter balik di parapatan, mobil Udin mah geus nyemprung balik deui ka lebah Sans Co. Suku Ibro ngadadak leuleus, mustahil maksakeun ngudag ogé sabab yakin moal ka udag, Komo balikna mah jalan rada nanjak. Jadi ibro balik deui ka Sans Co lalaunan.
Nempo mobil Udin geus datang, kabéh surak bungah. Komo Élsa jeung Icih mah. Nepi ka ajrag-ajragan jejeritan bari pacekel-cekel leungeun. Udin langsung asup deui ka parkiran terus kaluar tina mobilna. Saterusna nyokot kérésék eusi pepetasan tina leungeun Darwin.
Teu lila mobil Ibro ogé asup ka parkiran, Ibro turun langsung ngagedig nyampeurkeun ka Udin anu keur nangtung bari nyekelan kérésék. Ibro muncereng ambek lantaran teu tarima,
"Dasar licik! mobil manéh pasti hasil modifikasi"
Udin seuri,
"Saméméhna pan geus mupakat, jenis mobil teu masalah. Anu penting cara nyupiran jeung kawani, hartina euweuh pakuat pakaitna jeung modif. Bieu asli ngadu skill anu mawana. Naha bet nyalahkeun mobil?"
Saterusna Udin ngarérét ka sararéa,
"Kumaha miturut aranjeun? Ucapan kuring bener pan?"
"Bener!" ceuk sararéa ampir babarengan.
"Dasar tukang tipu" ceuk Ibro kukulutus bari téténjrag.
Élsa nyarita ka Ibro,
"Balapan geus réngsé, anu meunang geus jelas, jadi ulah dipaké hanjakal. Sok, tinggal témbongkeun tarohanna ka sararéa. Buru beuleum pepetasanna"
Saurang awéwé séjén ogé ngomong,
"Sok bro, jadi lalaki kudu jéntel. Kudu éra ku jangji"
Sabab Ibro cicing waé, Darwin ahirna nyarita ka sararéa,
"Sabab katémbongna Ibro teu wani meuleum pepetasan dina mobilna, jadi urang arasup wéh ka réstoran, ulah maksa anu embung. Anu penting kabéh ayeuna geus pada nyaho kumaha hasil balapanna, urang saruka bungah wéh di réstoran kuring bari makan-makan"
Kabéh jelema ahirna ngaguruh kuciwa. Icih ogé milu nyarita pikeun nyairkeun suasana anu geus mimiti tegang.
"Kabéh didieu sarua babaturan, Jeung kabéh ogé pada nyaho mobil Ibro mahal, tong boro diasupan pepetasan, kagorés saeutik ogé pasti lebar. Matak saran kuring keur saha waé, saacan tarohan, kudu dipikirkeun heula akibatna. Lamun teu wani ngabuktikeunna, nya ulah nyatujuan"
Ngadéngéna harga diri Ibro justru asa dilécéhkeun, jadi buburu nyarita,
"Ceuk saha aing teu wani, mana pepetasanna, kadieukeun!"
Udin ngalungkeun kerésék terus disanggap ku Ibro. Ibro nyoéhkeun kérésék, eusina dicokot. Buburu Ibro asup kana mobilna. Sarantuy diamparkeun dina jok tukang, sarantuy deui diamparkeun dina jok hareup. Nempo Ibro siga anu geus kaleungitan akal séhatna, jelema anu ngarasa mobilna padeukeut jeung mobil Ibro buburu mindah-mindahkeun mobilna ngajauhan.
Share this novel