51. Udin dibéré imah ku Salman

Fantasy Series 60

Salman ogé nyarita,
"Guru. Aya samilyar duit kontan anu geus disiapkeun ku Kuring anu tadina keur hadiah. Ayeuna duit éta jadi milik anjeun. Sarta Kuring rék nambahan hiji villa keur anjeun, konci jeung susuratana bakal dikirim ka anjeun. Hampura kuring geus méré fasilitas ka ki Waja"

Udin kerung, mémang dirina keur butuh imah, lain teu mampu meuli, tapi lamun meuli pasti bakal loba pertanyaan ti pamajikan jeung mitohana, Udin moal bisa ngajelaskeun. Ayeuna rék dibéré villa. Jelas euweuh alesan pikeun nolak.

Jadi Udin nyarita,
"Lamun aranjeun ikhlas rék méré nya teu nanaon. Euweuh alesan pikeun kuring nolak rejeki. Tapi ulah maksakeun. Kuring teu ménta"

Terus Udin nanya ka Qin Gang,
"Qin Gang, anjeun masih nuduh kuring nipu duit anjeun?"

Qin Gang gogodeg,
"Henteu, éta salah faham. Kuring ukur bingung. Jadi hampura"

Steven ogé nyarita,
"Guru. Éta kasalahan kuring. Kuring anu ngondang Ki Waja ka imah. Kuring ogé anu mangaruhan bapa. Hampura Kuring jeung kulawarga Qin anu teu boga tetempoan"

Auxé masih ngabayangkeun waktu bujurna ditalapung ku Udin. Teu nyangka Udin saurang master métafisika anu boga kakuatan magis euweuh tandingna, terus nyarita,
"Guru. Lanceuk kuring mémang bodo, hampuraeun"

Warni ogé teu nyangka, disangkanya Udin ukur mahir dina barang antik. Nyatana nyumputkeun kakuatan anu hébat.

"Ayeuna narangtung terus déngékeun Kuring" ceuk Udin ka sararéa.

Kabéh ahirna narangtung netep ka Udin. Udin nyarita deui,
"Kaluar ti tempat ieu, ulah aya anu wani cumarita kajadian didieu ka saha waé. Lamun aya anu coroboh, Kuring anu bakal ngahukumna langsung. Ngarti?"

Kabéh unggeuk bari ngabongkokkeun awakna. Udin mémang teu hayang terkenal. Beda jeung Ki Waja anu resep pamér. Kabéh unggeuk euweuh anu wani nanya salian ti kudu nurut.

Saterusna Udin nyarita ka Salman,
"Salman, telepon rumah sakit. Sangkan ngirim pulisi jeung ambulan pikeun meresihan tempat ieu. Béjakeun aya sababaraha tamu anjeun anu keur nguseup di talaga dibéntar gelap saméméh hujan. Imah anjeun di dataran tinggi. Pakarangan ieu ogé lega tanpa aya tatangkalan anu jarangkung. Éta bisa dijadikeun alesan anu asup akal"

"Siap guru" Salman unggeuk.

"Sok ayeuna mah kabéh bubar!" Ceuk Udin ngajak kabéh tamu baralik.

Ngan saméméh balik Udin nyarita deui ka Salman jeung ka Alan,
"Masalah duit, lain kuring nolak. Tapi dina waktu ayeuna mémanh can butuh. Jadi leuwih hadé tunda deui ku aranjeun" pokna saterusna Udin pamitan.

Di perjalanan balik Udin geus katempo biasa deui. Tapi Warni mah bingung, sabab kakara bieu Udin jadi jelema gagah sarta nembongkeun khrisma gedé anu ngajieun kabéh jelema sieun, reueus, kaget jeung atoh. Tapi ayeuna kabéh balik deui ka asal, beungeut polos sarta katempona lemah. Teu beda jeung jelema-jelema biasa anu keur laleumpang di sisi jalan. Hésé kaharti naha kajadian tadi bener nyata atawa ukur tetempoan.

"Guru, Naha anjeun tadi bener-bener maréntah béntar ti langit?" Warni ngawanikeun diri nanya.

Udin ngarérét ka warni anu keur nyupiran bari seuri,
"Ah, Ngan kabeneran" témbal Udin.

Warni cicing, fikirnna terus ngabayangkeun waktu tadi Udin ngumpul méga ti sagala arah sarta nyiptakeun béntar. Sawaktu kabéh jelema nyarumput sieun, disela-sela patingburicakna kingkilaban, ukur Udin anu wani nangtung nyinghareupan Ki Waja. Siap sadia ngorbankeun dirina pikeun nyalametkeun batur, teu sieun kasamber béntar. Saha wae awéwéna anu nempo kajadian bieu, pasti bakal langsung kapikat.

Warni ogé teu bisa nahan perasaan haténa, tapi buburu gogodeg sabab nyaho Udin geus boga pamajikan. Sanajan fisikawan kamashur di dunya, moal aya anu bisa maréntahkeun béntar kawas Udin. Naha Udin bakal kieu salilana. Jadi pangangguran, jadi tukang masak ngaladénan mitoha jeung pamajikan. Tukang ngajaga sarta bébérés imah? Warni manglebarkeun, mangkarunyakeun. Tapi tetep teu bisa ngalakukeun nanaon.

Tepi ka Imah, ti téras kénéh Udin geus ngadéngé Lastri keur kukulutus,
"Baheula ema geus ngingetan sangkan manéh nolak kahayang aki, terus néangan salaki anu mapan. Tapi da teu didéngé. Minantu babaturan ema mah ka pamajikana geus mampu méré imah 4 kamar dina tanah 180 méter. Si Udin mah mana? Sataun kawin ukur bisa nyusahkeun. Kilangbara méré imah ka mitoha, pamajikan sorangan ogé teu diimahan"

Ngadéngé mitohana keur ngocoblak di jero, Udin teu kebat asup. Tapi ngarandeg heula hayang ngadéngékeun omongan saterusna. Kadéngé sora Icih némbalan,
"Ma, Naha kedah panas ku banda batur. Abdi tos didamel deui, panghasilan ogé teu alit-alit teuing, upami disimpen sababaraha taun ka payun, tangtos bakal cekap kanggé ngagaleuh bumi"

Lastri muncereng,
"Nungguan sababaraha taun? Manéh mikir sabaraha pangabutuh urang sapopoé? Imah ieu lila-lila bakal ruksak. Lamun salaki manéh euweuh parobahan. Moal kungsi 5 taun kahareup urang sararéa bakal jadi galandangan. Ema geus éra ku batur"

Icih ngarahuh,
"Ema teu kedah ngabandingkeun kahirupan urang sareng anu sanes. Ulah teras-terasan ngalepatkeun kang Udin. Kedah instrospéksi ogé ka diri nyalira. Tiap abdi naros tos sabaraha artos abdi anu ngempel di ema, waleran ema pasti 'beak', séép téh dikamanakeun? Dianggé naon?"

Dikitukeun ku Icih lastri beuki ambek,
"Moal aya tungtungna. Tiap diingetin sok jadi ema nu disalahkeun. Capé!"

Udin ukur gogodeg, muka panto terus asup.

Nempo Udin balik, Lastri langsung nyangangang,
"Weyah kieu karék matog ka imah? timana wae? Nepi ka poho masak. Rék ngantep aing kalaparan?"

Udin seuri bari manggut,
"Mangga Bu, abdi badé masak ayeuna" ceuk Udin bari langsung indit ka dapur.

Udin geus bisa ngamaklum kana sifat Lastri, sombong, babari ambek, panasan jeung sok hayang bener sorangan. Lamun dibéré nyaho Udin bakal dibéré villa ku Salman, pasti sifatna bakal langsung robah jadi bageur, tapi da moal lila. Dina sababaraha poé teh bakal kitu deui. Matak euweuh gunana bébéja ogé.

Keur jongjong Udin nyiksikan engkol, karasa cangkéngna ditangkeup ti tukang,
"Cariosan ema ulah dilebetkeun kana manah nya kang?" ceuk Icih lalaunan bari nyarandekeun sirahna kana tonggong Udin.

Udin buburu Malik bari neuteup beungeut Icih,
"Na ari kitu ema nyarios naon?"

"Pura-pura teu ngadangu" Ceuk Icih bari neueulkeun curukna kana tarang Udin.

Pigeulang leungeun Icih ditéwak ku Udin,
"Ngadegungkeun sirah salaki doraka nyi" ceuk Udin bari buburu nyium tarang Icih terus awak Icih dirangkul terus sirahna diusapan.

Sabab teu biasa dirangkul kitu, Icih rurat-reret bisi aya anu nempoeun buburu ngaleupaskeun rangkulan Udin. Ningali Icih kawas anu geumpeur. Udin mangpalérkeun ku nanya,
"Kumaha geulang ti akang, aya karasana?"

Icih unggeuk,
"Tangtos kang, ti kawit abdi nganggé, awak karaosna seger teras, upami gugah bobo biasana pararegel, nanging ayeuna mah henteu. Émutan ogé langkung tenang. Saleresna didamel tina naon kang heulang téh kang?"

"Ukur mutiara biasa" ceuk Udin bari seuri neuteup pigeulang Icih. Pigeulang leungeun anu beresih bodas di beulit ku mutiara ungu diselapan 3 mutiara beureum semu emas, katempona sederhana tapi pantes pisan.
"Masih hayang boga imah?" Udin nanya bari neuteup panon Icih.

Icih unggeuk deui,
"Muhun atuh kang, saha istrina anu teu hoyong linggih di bumi nyalira. Ti saprak diusir ti villa nini. Ema sering ngeluh bumi ieu alit teuing. Abdi parantos capé ngadangu omélanna. Nanging sok sanaos kitu, akang teu kedah seueur emutan. Bumi ageung pasti pangaosna ogé awis. Perkawis ema, éta kumargi teu acan tiasa nampi kaayaan. Aéh muhun kang, kumaha upami akang aya waktos, jajap abdi. Urang nyempetkeun jalan-jalan milarian perumahan réal estate supados uninga pangaosna. Upami teu benten tebih, maksad abdi ical bumi ieu, teras urang jantenkeun DP bumi énggal. Enjing kaleresan tanggal beureum, abdi libur. Tiasa?"

"Hayu!" Témbal Udin bari seuri.
"Akang rék masak heula bisi ema ngamuk deui. Nyai searching dina HP perumahan mana waé anu rék didatangan isukan"

Icih unggeuk terus lumpat bungah balik deui ka rohangan tamu.

Bérés masak, Udin teu nempo Icih di rohangan tamu. Terus ngarérét ka kamar. Nyampak Icih keur ngadapang dina kasur bari nyatet-nyatetkeun alamat perumahan anu rék didatangan isukan.

Kadéngé sora panto hareup aya anu ngetrokkan, buburu Udin muka panto. Saurang kurir geus nangtung bari ngasongkeun pakét mangrupa amplop coklat,
"Pakét kanggé bapa Udin, mangga titawis didieu"

Saenggeus nanda tangan bukti panarimaan, Udin diuk bari muka pakét. Dijerona aya map jeung 1 konci panto biasa sarta sababaraha konci gésék mangrupa kartu warna emas. Dina map aya tulisan Bougenville Villas no. A05. Can sempet nempo eusina, HPna kaburu disada, sabab ditelepon ku Salman.

Kadéngé sora Salman nyarita,
"Guru. Pakét geus tepi? Éta konci jeung susuratan villa geus langsung atas nama anjeun. Alamatna di Bougenville Villas Lémbang. Proyek real estaté paling méwah di Bandung Kalér anu dikembangkan ku Sinarmas Group. Bumi nomer A05 kalebet cluster éksékutif pangageungna sareng pangméwahna. Wangunanna 1000 méter, luas tanah 1500 méter. Éta jangji kuring keur anjeun. Kudu ditarima"

Salian ti Summarecon, Udin ogé mémang kungsi ngadéngé Sinarmas jadi pengembang hiji proyék real estaté mewah di Lembang. Saacana Udin teu ngimpi bakal bisa cicing di wilayah élite siga kitu. Jadi Udin buburu némbalan,
"Nuhun, tapi kuring ngadéngé ékonomi anjeun keur goréng. Jeung anjeun sorangan dina kaayaan gering. Méré villa mahal keur kuring naha teu kaleuleuwihi?"

Salman ngajelaskeun,
"Kungsi kaserang stroke ringan, tapi geus rada lumayan lantaran tiap poé therapist datang ka imah. Ukur biwir rada bengo jeung suku masih hésé diléngkahkeun, matak sapopoé kudu maké iteuk. Lamun usaha mah rada lumayan maju deui, sabab anak cikal kuring si Ibro saprak dirawat 3 poé di rumah sakit gara-gara diteunggeulan ku batur. Ayeuna sifatna geus robah. Daék babantu kolot ngajalankeun deui usaha. Jadi anjeun teu kudu hariwang, hiji kahormatan keur kuring bisa méré imah ka anjeun"

Udin nyarita,
"Salman. Iraha-iraha kuring kudu bisa ngabales kahadéan ajeun. Nuhun" ceuk Udin bari nutup teleponna.

Saterusna udin asup ka kamar nunda map dina lomari. Terus nyampeurkeun ka Icih anu masih ngadapang dina kasur. Udin diuk di gigireunna,
"Nyi, isuk urang nempoan imah di Bougenville Villas Lémbang"

"Hah! Awis teuing atuh di dinya mah kang. Sanaos di gunung, type pangalitna ogé pangaosna patantos dua tikeleun bumi gedong di kota" ceuk Icih ngarénjag, jadi buburu diuk émok bari neuteup beungeut Udin.

"Urang tempo heula, masalah kabeuli atawa moal. Ari geus ningali mah teu panasaran" ceuk Udin bari seuri.

"Moal kang, urang milari anu sasuai sareng kamampuan urang wé" ceuk Icih

Udin ngolo,
"Babaturan akang gabéjaan isukan Sinarmas ngayakeun acara louching Bougenville Villas, aya doorprice mangrupa discount 50% anu diundi keur para tamuna. Sugan wé atuh beunang ku urang. Sakalian jalan-jalan ka Maribaya meungpeung isukan liburan pan?"

Ahirna Icih unggeuk.

Isukna Udin geus nyakuan konci villa jeung kartu aksés kamar. Terus indit bareng jeung Icih ka Lembang. Sanepina ka lokasi, mobil diparkirkeun dihareupeun kantor pemasaran Bougenville Villas. Di jero kantor pemasaran keur loba pangunjung kawantu poé libur. Aya makét sababaraha type Imah ngajajar di tengah rohangan.

Udin ngarandeg di hareupeun maket imah type A. Ditempoan sarta dikurilingan. Tapi leungeuna dibetot ku Icih.
"Ulah ningalan anu éta kang, bilih ngaruy, pangaosna moal kahontal"

"Meungeung aya didieu akang hayang ningalian kabéh, geus tidieu urang nguriling kana mobil ningalian lokasina" ceuk Udin bari nyabut brosur Imah type A terus diilikan.

Icih unggeuk,
"Leres kang, abdi ogé panasaran hoyong nguriling ningalan kaméwahan bumi-bumi didieu"

Bérés nempoan makét, Udin jeung icih ogé nempoan peta aréa ukuran gedé anu napel dina témbok rohangan. Dina peta, gambar panghandapna sarta pangsisina deukeut gerbang utama aya ring hiji anu eusina dua cluster. Di katuhueun jalan utama anu nanjak aya Cluster E, nyaéta sakumpulan imah ukuran 120 méter, harga per unitna miturut brosur 500 juta. Di kénca aya cluster D, nyaéta sakumpulan imah ukuran 240 méter, hargana per unitna 800 juta.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience