Zofia unggeuk terus nyarita ka Udin,
"Hapunten pa, abdi panasaran. Nyuhunkeun widi marios" saterusna Zofia ngalakukeun hal anu sarua jeung Tiandi kana pigeulang leungeun Udin. Selang samenit Zofia ngarérét kana beungeut Udin.
"Kumaha bet tiasa kieu? Abdi teu acan kantos lepat nebak"
Udin seuri,
"Hampura. Basa anjeun ngaditéksi ngaliwatan beungeut kuring, kuring nahan nafas. Jadi anjeun jelas bakal nempo yén jantung kuring teu normal"
Tiandi langsung nyakakak, sabab ngarasa lucu. Udin pasti keur ngagoda incuna.
"Uh, dasar tukang tipu" Ceuk Zofia jamedud sabab karék sadar geus diheureuyan ku Udin.
Nempo Zofia anu jamedud, kabéh ahirna saleuseurian. Tiandi ngarasa reueus kana kamampuan Udin. Haténa bungah bisa dipanggihkeun sarta wawuh jeung saurang ahli médis anu can kungsi kadéngé ngaranna di lingkungan para médis umum atawa alternatif.
Tiandi nyarita ka Zofia,
"Zofia. Kaahlian pak Udin leuwih unggul ti anjeun. Tapi anjeun can ménta dihampura"
Zofia langsung ngoléséd tina korsi terus deku nyinghareup ka Udin. Awakna dibongkokkeun terus nyarita,
"Pa Udin. Hapunten abdi margi parantos nyapélékeun sareng kurang ajar ka salira. Abdi nganken kawon"
Udin unggeuk bari méré kodeu ku leungeunna sangkan Zofia diuk deui,
"Pangarti médis keur ngubaran, lain keur pamér. Jadi euweuh anu jago. Masing-masing boga kaunggulan jeung kalemahanna. Saha anu nyaho dina hal séjén justru kuring anu kudu diajar ka anjeun"
Ngadéngé ucapan Udin, Tiandi ngabongkokkeun awakna,
"Teu nyangka, nepi ka kolot kieu, kuring masih bisa dipanggihkeun jeung pamuda anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa bari teu adigung. Kuring kudu loba diajar deui ka anjeun"
Saurang tabib anu geus taunan kasohor, kapaké ku sasaha, ayeuna ngucapkeun kalimah anu ngajieun kabéh colohok. Wajar kabéh beuki reueus ka Udin.
Udin nyarita deui ka Tiandi,
"Tabib. Anjeun boga panyakit jero parna, éta anu jadi alesan anjeun hayang buburu nurunkeun élmu médis anjeun ka incu pan? Sabab anjeun geus leutik haté narékahan panyakitna. Hampura lamun kuring salah nebak"
Zofia ngagebeg, terus ngaérét ka Tiandi,
"Aki. Naha cariosan pa Udin leres?"
Tiandi unggeuk terus tungkul. Ningali akina unggeuk, Zofia langsung meberebeuykeun cipanon tina matana. Sabab teu nyangka akina boga panyakit parah anu disumputkeun ti dirina sarta kapanggihna ku Udin.
Tiandi nyarita dumareuda,
"Kuring tadina nolak datang kadieu. Tapi kamari aya sobat kuring anu geus lila sakarat datang bari dina kaayaan geus jagjag waringkas. Sobat kuring eta nyebutkeun yén panyakitna cageur alatan geus nginum ½ ubar anu dibeulina ti urang Bandung. Hartina di Bandung aya ahli médis anu geus mampu ngajieun ubar alus. Ku ½ ubar éta sobat kuring cageur. Ngan hanjakal manehna ukur meuli hiji. Ku kuring dibeuli sésana, tapi kuring can wani nginum sabab ieu harta langka anu tangtuna geus euweuh deui duana. Kuring kadieu rék néangan anu ngajieunna pikeun ngubaran panyakit kuring sorangan sarta keur nulungan jelema sejen anu boga panyakit parah. Kuring moal balik ka Jakarta saacan panggih jeung anu dimaksud"
"Ubar naon?" Ceuk Udin kerung bari fikiranna ngaduga-duga. Boa-boa anu dimaksud ku tiandi ubar jieunanna anu dijual ku Mardi ka Erwin di cikapundung.
Tiandi ngaluarkeun cepuk leutik terus dibuka,
"Ieu ubarna, kuring meuli 50 juta. Tapi harga éta sabanding jeung khasiatna"
Udin colohok, sabab nyatana bener. Anu ditémbongkeun ku tiandi sanajan ukur ½ ubar tapi Udin nyaho éta mémang ubar jieunanna basa ngubaran Mardi. Ceuk Mardi, ubar kajual saharga 500 rébu, teu nyangka sanepina ka Jakarta ½ ubar dibeuli deui ku Tiandi 50 juta.
Tiandi ngaluarkeun silet tina tasna, terus ubar dina cepuk disisit ipis, dibikeun sasisit ka Héndri, sasisit deui ka bapana Héndri. Terus Tiandi nyarita ka duanana,
"Tunda dina létah aranjeun, terus rarasakeun. Anjeun bakal nyaho sorangan kaampuhana ubar ieu"
Jelas duanana bungah. Ubar langsung ditunda dina tungtung létahna terus diseuseup. Ubar karasa langsung liur nyerep tiis kana létah, saterusna ditereuy ku ciduh sarta kontan karasa aya hawa seger anu ngalir dina sakujur awak maranéhna.
Bapana Héndri nyarita,
"Anjeun bener. Rasa nyeri dina tukang iga langsung kuring leungit. Éksim dina palangkakan ogé teu karasa ateul. Ubar anjeun mémang ajaib!"
Héndri ogé unggeuk ngabenerkeun,
"Bener pisan. Sesek jeung nyeri dina dada kuring ogé leungit, nafas karasa longsong tur ngemplong"
"Ayeuna percaya kana kaampuhanna pan?" Tiandi nanya.
"Anjeun bisa ngajieun anu sarupa? Kuring wani mayar 100 juta hiji ubarna" ceuk bapana Héndri
Tiandi gogodeg,
"Geus ditaliti resépna ku kuring, tapi formulana hésé diturutan. Kuring ukur nyaho yén racikanna mangrupakeun racikan alkimia anu geus lila punah. Éta pangna kuring nganggap ubar ieu harta langka anu moal aya duana. Kuring sieun ubar ieu anu paméakan sarta moal kungsi aya deui"
Udin beuki kerung, terus nanya ka Tiandi,
"Tabib. Tadi Anjeun nyebutkeun ½ ubar éta dibeuli 50 juta?"
Tiandi unggeuk,
"Enya, sanajan 100 juta, tetep ku kuring bakal dibeuli sabab masih sabanding jeung kaampuhanna. Ceuk sobat kuring, anu ngajualna nyebutkeun yén ubar ieu dijieun ku saurang tabib di Bandung anu umurna geus 150 taun. Naha anjeun nyaho saha di bandung tabib anu umurna geus sakitu? Béjaan kuring alamatna, kuring hayang guguru"
Ngadéngé pananya Tiandi, Udin nyakakak. Sabab sasuai jeung dugaanna. Barang naon waé saupama dijualna ku padagang barang antik pasti bakal dibungbuan ku bohong. Sigana Érwin anu geus ngaréka caritaan éta basa ngajual ubar ka sobatna Tiandi. Anu ahirna ti sobatna Tiandi ogé nempina ka Tiandi siga kitu.
Lantaran Udin malah nyakakak. Zofia ambek,
"Pa Udin, pun aki naros ka salira. Kunaon ku salira malah digumujengkeun?"
Udin nyakakak deui, terus ngajelaskeun,
"Sabab ubar éta jieunan Kuring. Kuring seuri lantaran umur kuring can 150 taun"
Ngadéngéna kabéh colohok bari silih rérét. Terus malencrong ka Udin ku teuteupan teu percaya,
"Anjeun anu nyieunna?" Tiandi nanya.
Udin unggeuk,
"Bener, tapi éta lain ubar ajaib. Ukur ubar biasa. Harita kuring ngajieun 6 keur ngubaran sirah mitoha. ngan sésana ku mitoha dijual. Kunaon kuring nyebutkeun lain ubar ajaib? Sabab mémang can dimurnikeun"
Leungeun Tiandi langsung ngadarégdég nahan kabungahna. Sabab teu nyangka jelema anu rék ditéangan ku dirina aya di hareupeunna. Malah nyebutkeun yén eta ukur ubar anu can disampurnakeun. Kabayang kahébatanna saupama geus dimurnikeun. Khasiatna tangtu bakal jadi 2 kali leuwih ampuh. Jelema beunghar anu geus nyaho kana khasiatna, tangtu bakal réla miceunan duit sabaraha waé sangkan bisa ngapimilik ubar éta.
Tiandi langsung ngoléséd turun tina korsi terus deku ka Udin,
"Ubaran panyakit kuring pa, kuring sadia mayar 100 juta keur anjeun"
"Kuring ogé, sanggup mayar 100jt saupama kabéh panyakit kuring bisa dicageurkeun" ceuk bapana Héndri bari nurutan Tiandi, deku hareupeun Udin.
Udin buburu nyarita
"Narangtung. Kuring teu butuh duit. Masalah ubar, kuring bisa nyieun deui sabab bahan ubarna masih aya di imah sarta bakal dibagikeun ka aranjeun saurang hiji"
Warni beuki reueus ka Udin, ayeuna lain ukur reueus ku kamampuan Udin, sabab geus kasaksian sababaraha kali Udin boga kamampuan anu teu galib jeung batur. Tapi Warni teu nyangka Udin ogé wani nolak duit 200 juta ti duaan. Padahal Warni nyaho kumaha kahirupan Udin. Nganggur jeung masih numpang di imah mitohana. Kakara ayeuna Warni nempo aya jelema anu nganggap duit teu penting.
Saenggeus diuk deui dina korsina, Tiandi nyarita ka Udin,
"Anjeun mémang pantes dianggap guru. Kamampuan anjeun, haté anjeun sarta kamulian anjeun. Jarang dipiboga ku barudak jaman ayeuna. Bisa nebak panyakit, bisa ngajieun ubar sakaligus jeung prakték ngubaranna"
Udin seuri,
"Tabib. Ubar anu ayeuna aya di anjeun. Saupama diinum ku anjeun, éta ukur bisa nyageurkeun 20% tina panyakit anjeun. Kuring rék ngajieun deui ubar anu geus dimurnikeun husus keur anjeun. Sangkan panyakit jero anjeun cageur. Jadi ulah hariwang"
"Nuhun guru" ceuk Tiandi bareng jeung Zofia nganuhunkeun ka Udin. Cipanon kaciri kaluar tina mata duanana. Aki jeung incu ahirna silih rangkul sabab bungah.
Soni anu ngagolér dina ranjang sarta geus 3 bulan teu usik kadéngé batuk sarta muka panon. Teu lila nguniang hudang terus diuk dina sisi ranjangna bari ngarérétan ka kabéh jelema anu keur carolohok merhatikeun ka dirina.
"Kuring hirup kénéh?" Ceuk Soni siga anu teu percaya kana naon anu dialaman ku dirina.
Ucapan Udin bener yén dina satengah jam Soni Nataprawira bakal hudang. Malah hudangna siga lain geus gering, tapi siga anu kakara hudang saré. Keur sararéa bener-bener hal anu teu asup akal.
Bapana Héndri nyampeurkeun ka Soni,
"Pa, kumaha ayeuna karaosna?"
Soni teu buburu némbalan, tapi ngarampaan heula beungeut anak kaduanna éta. Terus Soni nyarita,
"Ari sugan bapa geus paéh. Teu nyangka bakal bisa hudang deui sarta mampu nyekelan beungeut anjeun anu real. Lain sakadar ngimpi"
Héndri nunjuk ka Udin,
"Bapa kedah nganuhunkeun ka pa Udin anu parantos nyalametkeun salira"
Soni ngarérét ka Udin, tarangna kerung sabab teu nyangka anu geus ngubaran dirina saurang pamuda.
"Sanés abdi anu ngadamangkeun. Nanging pangeresaning Gusti Allah sareng dua tabib senior ti Jakarta ieu" ceuk Udin bari manggut ka Soni terus nunjuk ka Tiandi jeung Zofia ku jempol leungeunna.
Tiandi buburu manggut ka Soni. Tiandi teu nyangka Udin masih méré panghormatan ka dirina bari nyumputkeun jasa dirina sorangan.
"Upami teu dibantos ku pa Udin, abdi ogé moal sanggem" ceuk Tiandi.
Soni seuri,
"Anjeun Tiandi? Geus lila kuring ngadéngé katénaran anjeun. Teu nyangka ayeuna daék nincak ka imah kuring sarta ngubaran kuring. Nuhun"
Saterusna Soni garérét deui ka Udin,
"Pa Udin, berkah keur kuring bisa ngalaman hirup deui. Imah kuring jeung harta kuring, lamun aya anu bisa manfaatkeun ku anjeun, éta sarua jeung milik anjeun. Ulah asa-asa"
Udin gogodeg,
"Abdi sanés malaikat, pangartos abdi mung titipan. Titipan anu teu diamalkeun moal aya faédana. Upami pangartos abdi teu diamalkeun abdi lepat, margi hartosna abdi teu ngaraos sukur kana titipan. Sedengkeun amal teu kenging aya pamrih. Janten abdi teu layak nampi nanaon ti salira. Saran abdi saéna salira istirahat deui. Salira ayeuna nembé damang, tangtos masih peryogi istirahat anu cekap. Nanging énjing-énjing cobian gugah, teras kaluar jalan-jalan di taman nyeuseup hawa seger. Éta bakal ngajantenkeun kaséhatan salira langkung énggal deui pulihna. Kumargi ayeuna parantos wengi, abdi seja pamit"
Saterusna Udin ngarérét ka Warni maksudna ménta dianteurkeun deui balik. Ngan bapana Héndri nyarita,
"Tungguan pa. Sebutkeun ka kuring sabaraha biaya anu kudu dibayar?"
Saterusna ngaluarkeun buku cék sarta pulpen tina sakuna siap-siap rék nulis.
Buburu Udin nyarita deui,
"Kuring datang ka dieu diajak ku Warni, sedengkeun kuring jeung Warni babaturan. Jeung babaturan tangtu teu pantes kuring itung-itungan"
Sakali deui Warni nyaksian Udin nolak duit. Warni beuki reueus bari gogodeg. Haté Warni beuki kapincut ku Udin, malah Warni ngabayangkeun saupama Udin jadi salakina sarta bisa mimpin kulawarga Nataprawira kahareupna. Tangtu Kulawarga Nataprawira bakal makmur sarta dirina ogé bakal bener-bener Bagja.
Soni ngaérét ka Warni bari seuri,
"Warni. Lamun kitu kuring nitip pa Udin ka anjeun. Omat ulah nyinggung haténa. Sing mineng ajak pa Udin ulin kadieu ngalongok Aki"
Beungeut Warni langsung bareureum, terus unggeuk,
"Aki teu kedah salempang, abdi tumut kana amanah aki"
Soni unggeuk sugema,
"Alus. Anjeun incu anu paling merhatikeun ka aki. Ati-ati di jalan"
Saterusna Udin jeung Warni kalaluar ti kamar Soni. Sedengkeun Héndri langsung jamedud ngadéngé Warni dipuji ku Soni. Sabab dirina teu meunang pujian, padahal Hendri anu geus ngondang Tiandi sarta Zofia datang ka dinya.
Tiandi jeung Zofia ogé ahirna pamitan saenggeus narima cék ti bapana Héndri. Terus duanana ngaléngkah rusuh ngudag Udin kaluar bisi kaburu Udin indit. Saenggeus tepi ka luar, Tiandi nyarita ka Udin anu rék asup kana mobil Warni bari nyodorkeun kartu namana,
"Guru. kuring jeung Zofia moal balik deui ka Jakarta, sementara kuring rék cicing di hotél bari nungguan anjeun ngaracik ubar keur kuring, ieu kartu nama kuring"
Udin unggeuk, kartu nama ditarima terus Udin asup kana mobil Warni. Dijalan bari nyupiran, Warni nyarita ka Udin,
"Guru, abdi nganuhunkeun pisan kana bantosan ti salira. Kedah kumaha abdi males kaséan salira"
Share this novel