115. Rénal ngalongok Wuki

Fantasy Series 60

Teu jauh ti parkiran, di luar pos kaamanan rumahsakit, Aya anjing herder keur ditalian. Anjing éta memang stanbye pikeun ngudag sarta ngalacak lamun aya pasién anu kabur. Tapi kaciri si anjing téh modol.

Babaturan Wuki langsung nyorowok ka sécurity rumah sakit,
"Pa, singkahkeun anjingna. Piceun taina"

Sabab kaamanan rumah sakit teu ngarti kana maksudna, langsung nolak,
"Tempat modolna mémang didinya, rék dipindahkeun kamana?"
Wuki anu ngadéngé aya anjing ngising, langsung curinghak. Awakna langsung nerejel sakuat tanaga. 4 urang anu nindihanna langsung kabantingkeun ngaracleng.

Wuki ngoréjat hudang, terus lumpat ka lebah anjing. Sabab anjing ngagogog, Wuki ngangkat batu gedé langsung dipaké ninggang hulu anjing nepi ka sakarat. Buburu Wuki nonggéng ngadaharan tai anjing nepi ka béak gigireun bangké anjing anu keur usek-usekan ngaleupaskeun nyawana.

Kaamanan rumah sakit ukur bisa colohok. Teu paduli Kana anjingna anu paéh, sabab reuwas nempo Wuki
"Geus sabaraha poé jelema ieu teu dibéré dahar?" Pokna nanya.

Wuki bener-bener geus kaleungitan akal séhatna. Sugésti Udin geus nanceb dina pikiranna. Wuki masih nangkuban digigireun bangké anjing, tapi jelas kasadaran geus balik deui, ngan Wuki langsung ceurik ngahinghing ngarasa éra rék hudang.

Pananggung jawab asrama geus datang jeung sababaraha tanaga médis rumah sakit jiwa. Nempo Wuki nangkuban bari biwirna raméték ku tai anjing, sanajan geus biasa ngurus jelema gélo ogé kabéh rada ngarengkog. Maranéhna geus loba ningali jelema gélo, tapi Wuki leuwih parah.

4 parawat maju ngangkat Wuki kana blangkar dorong anu geus aya talian. Wuki ditangkarakeun dina blangkar. Leungeun, suku jeung beuteungna dibaguded ku tali sangkan teu bisa ojah. Terus disorong ka jero.

Di sakolaan. Kabéh barudak di asrama awéwé jeung asrama lalaki euweuh anu saré. Kabéh lalajo vidéo sarta ngaromongkeun Wuki. Teu saeutik anu langsung Utah, malah jatah makan malam anu geus disadiakeun di kantin sakolaan oge teu didalahar da kabayang waé kajadian dina vidéo.

Tapi Rata-rata siswa ngarasa atoh, euweuh anu ngarasa karunya. Lantaran nyaho sifat Wuki anu cunihin, tukang ngaruksak awéwé sarta sombong.
"Si angkuh ayeuna geus jadi jelema idiot" ceuk sababaraha siswa.

Ngan 20 menit hélikopter Rénal Sanjaya geus euntreup di lapangan deukeut RSJ. Régnar Sanjaya, Roger Sanjaya, tim médis jeung para pangawal tarurun, langsung ngagedig ka RSJ anu jarakna teu jauh.

Di RSJ. Wuki geus diasupkeun ka bangsal parawatan. Ngagoler bari ditalian pageuh kana ranjang. Rénal ngadeukeutan anakna, bari katémbong sedih,
"Wuki, ieu bapa"

Wuki bungah nempona, terus ceurik ngahinghing. Awakna leuleus.

"Dok, pariksa" ceuk Rénal ka psikiater anu dibawa ku manéhna.

Dokter maca heula surat rujukan ti RSUD anu diasongkeun ku pangawas asrama. Didinya ditulis panyakitna bakal kambuh tiap 2 jam,
"Iraha terahir kambuh?" Dokter nanya.

"Kira-kira sajam katukang" témbal pengawas asrama.

"Hartina sajam deui bakal ménta dahar, moal kaburu lamun dibawa balik ka Cianjur. Kudu disuntik penenang heula terus tungguan bakal kambuh atawa moal" ceuk dokter bari nyiapkeun suntikan. Terus nyuntik Wuki. Wuki langsung saré.

Bari nungguan, dokter tatanya ka pangawas asrama kronologina. Pangawas asrama langsung nyaritakeun kabéh ti mimiti dahar di toilet asrama jam 8, dahar di RSUD jam 10 nepi ka tadi dahar tai anjing jam 12. Dokter unggut-unggutan bari kerung.

Saacan jarum jam nunjuk kana angka 2, para médis geus ngurilingan rajang Wuki. Pas jam 2, Wuki langsung beunta, terus abrug-abrugan bari cocorowokan,
"Kuring lapar, Kuring kudu dahar, Kuring embung paéh"

Dokter reuwas sabab obat penenang anu disuntikeun teu ngaruh. Wuki terus abrug-abrugan, malah létahna digégél ku sorangan nepi ka getihan. Buburu sungutna dijejelan ku anduk.

"Pa, kuring bingung, kudu kumaha? Dosis obat penenang anu disuntikeun kuduna Wuki bisa sare nepi ka jam 8, ieu lain gangguan psikologis" ceuk dokter.

"Anjeun pan dokter. Tangtu leuwih nyaho anu kudu dilakukeun!" Témbal Rénal ambek

"Kuring rék ningkatkeun dosisna" ceuk dokter.

"Lakukeun! Nungguan naon deui?" Rénal unggeuk.

"Obat penenang ngaleuwihan dosis bakal ngaruksak kaséhatanna" dokter jantung ngomong asa-asa.

"Wuki geus ngaruksak awakna sorangan, teu kudu loba mikir" ceuk Rénal teu sabar.

Dokter psikiater unggeuk, buburu nyiapkeun suntikan deui. Terus disuntikkeun ka Wuki.

Tapi Wuki malah beuki ngamuk, pigeulang leungeun jeung pigeulang suku anu ditalian kana ranjang malah geus lalécét akibat abrug-abrugan.

"Ieu bener-bener anéh" ceuk dokter bingung.
"Dosis bieu tong boro keur jelema, gajah ogé bisa rubuh"

Sabab karunya kana nasib Wuki, dokter ahli jantung buburu ngaluarkeun stétoskop terus ditapelkeun kana dada Wuki.
"Tahan, awakna ngadégdég, denyut jantungna gancang pisan"

Monitor EKG digusur, sababaraha kabel dihubungkeun kana awak Wuki. Detak jantungna geus nampilkeun angka 180.

"Lamun terus kieu, jantungna moal kuat" ceuk dokter jantung rampang-reumpeung.

"Naon anu bakal kajadian lamun teu turun?" Rénal nanya.

"Gagal jantung, palpitasi, atawa infark miokard, jelas bakal ngancem nyawana" témbal dokter.

"Jadi kudu kumaha atuh?" Rénal beuki bingung.

"Kudu ditenangkeun, sangkan beban jantungna teu nepi kana batas ambang" témbal dokter jantung

Psikiater ngomong,
"Dosis geus ditaékeun, mustahil ditaékeun deui sabab bahaya"

Tapi Wuki terus abrug-abrugan, detak jantungna malah beuki naék.

Ahli jantung ngarahuh,
"Ieu geus ampir nepi kana ambang kakuatan jantung. Teu bisa diantep"
Rénal ngalieuk ka pangawas asrama jeung babaturan Wuki,
"Tadi bisa tenang, kumaha cara aranjeun nenangkeuna?"

Anu ditanya silih rérét, saurang siswa ngawanikeun ngomong,
"Tiap geus ngadahar tai , Wuki bisa tenang. Kuring teu nyaho cara séjén"

"Jadi ukur bisa tenang lamun geus ngadahar tai?" Rénal colohok.

Kabéh unggeuk bareng.

Roger anu titadi cicing ahirna ngomong,
"Pa, ieu jelas aya anu ngagawéan. Wuki pasti geus nyinggung batur "

"Tapi Saha anu wani cucungah ngagawéan anggota kulawarga Sanjaya?" Ceuk Rénal ambek.

Ahli jantung ngomong,
"Detak jantung tos 220, jantungna moal kiat deui"

"Béré tai!" Ceuk Rénal ahirna pasrah.

"Ulah diantep sina indit ka toilét pa. Kuring teu tega nempo lanceuk kudu dahar tai di toilet" ceuk Roger.

"Geus eweuh waktu, keun baé sina tenang heula. Karék pikiran cara anu leuwih hadé" témbal Rénal, pikiranna geus bener-bener kacow.

Ti paméran, Firman nuturkeun Baréna balik bari teu mawa hasil akar bajakah umur 300 taun. Ngadéngé penjelasan apotéker tadi yén bajakah Papua bisa diganti ku bajakah Kalimantan. Firman ngarasa atoh sabab saupama bieu dibeuli jelas dirina bakal rugi gedé, duit samilyar bakal ngalayang. Ku bajakah Kalimantan anu hadé, paling mahal hargana ukur 100 juta.

Baréna geus nelepon baturna ménta bajakah Kalimantan anu umurna 100 taun. Bener wé, hargana ukur 30 juta sarta bisa dianteurkeun langsung ka imahna. Saenggeus pesenan datang, langsung dibikeun ka apotékerna.

Di rohangan tamu imah Baréna sararéa geus ngariung, kaasup Atang. Sabab lamun bener apotékerna hasil ngoméan ubar. Ieu bakal jadi moment istiméwa keur maranéhna sarta keur Triman. Inovasi anyar keur pengembangan ubar impoténsi.

Umur Atang geus 60 taun. Kabéh buukna geus bodas, kulit beungeutna ogé geus kariput. Awakna bongkok lantaran tulang tonggongna geus teu kuat nahan awakna, tapi masih bisa maksakeun leumpang datang lalaunan sanajan kudu diiteuk.

Apotéker botak geus nitah sababaraha asisténna pikeun nyiapkeun mikro-réaktor, mesin panyulingan jeung sentrifugal, keur nguji resép anyarna.

Kusabab karék uji coba jaba stok bajakah Kalimantan umur 100 taun ogé kawilang langka, sanajan harga 30 juta, paling ukur jadi sababaraha guruntul ubar. Mustahik bisa diproduksi massal. Jadi ngolahna teu di pabrik.

Lamun uji coba ieu hasil, apotéker rék nyoba deui ku bajakah kualitas rendah. Nepi ka biaya produksinya bisa diteken sangkan bisa dijual ka pasaran. Saupama geus bisa diproduksi masal ku bajakah murah. Jelas bakal jadi kauntungan gedé pikeun Triman sabab geus mampu ngéléhkeun viagra anu jadi ubar panghadéna jaman kiwari. Matak si apotéker sumanget pisan.

Firman ogé geus nyobaaan viagra tapi teu matih, padahal bahan kimia anu disebut sildenafil dina viagra méré éfék ngubaran impoténsi. Hak patén viagra aya di pabrik farmasi Amérika nyaéta Ruihui. Sarta geus méré kauntungan puluhan miliar dollar.

Keur Atang, Baréna jeung si apotéker, anu dipikiran mémang kauntungan kahareupna. Tapi keur Firman mah lain, anu penting bobogaanna bisa cageur, sangkan bisa néangan deui awéwé anu leuwih ngeulis ti Unah, jeung ngabaleskeun dendamna ka Udin.

Apotéker geus nimbang sababaraha bahan. Terus diasupkeun kana séntrifuge. Apotéker Triman mémang ahli dina ngaramu ubar ku métode ngulub. Ku alat anu geus disiapkeun, bakal ngahasilkeun ubar anu tingkat kamurnianna hadé.

Ningali apotéker mimiti digawé, Firman anu paling kaciri teu sabar. Nempo Firman, Atang ngomong bari seuri,
"Firman, ieu uji coba resép anyar panyampurnaan tina resép kuring jaman keur ngora. Apotéker geus manggihan bahan keur nganétralisir racun anu ngaruksak awak kuring. Jadi ulah hariwang kana kaampuhanna, sabab keur ngora kuring kungsi nyoba, ngan harita kuring gagabah geus nyapélékeun éfék racunna"

Firman atoh,
"Hartina kahsiatna angger, tapi racunna bakal leungit?"

Atang unggeuk.
"Kuring yakin bobogaan anjeun bakal gagah deui, landian 'raja surabi' kuring, bisa pindah ka anjeun" pokna bari terus nyakakak.

"Nyaan matihna kawas kitu?" Firman colohok tapi atoh.

Atang unggeuk,
"Firman. Resép kuring baheula 4 kali leuwih hadé tibatan viagra. Anu ayeuna, kuring yakin bakal 10 kalina"

Firman atoh kawas budak, dirina beuki yakin bobogaanna bakal bisa cageur.

"Pa, lamun hasil. Kuring rék langsung néangan injeuman ka Bank sangkan ubarna bisa buburu diproduksi masal" ceuk Baréna sumanget.

Atang némbalan,
"Bapa satuju, ahirna viagra bakal kasingkirkeun. Kahareupna ukur aya hiji ubar impoténsi di dunya, nyaéta ubar ieu, jieunan Triman Pharmaceutical"

Kabéh saleuseurian satuju kana omongan Atang.

"Firman. Anjeun moal invést di pabrik Kuring? Tunda 3 milyar, saupama ujicoba ieu hasil, kuring sanggup malikeun 10 milyar sataun" ceuk Atang ka Firman.

"Jelas kuring bakal ngadukung. Saha anu teu hayang untung gedé. Tong boro ukur 3 milyar, ningali prospék hadé kieu, kabéh kakayaan kuring bisa dikaanjeunkeun kabéh. Anu penting buktikeun heula khasiatna" témbal Firman.

"Anjeun kudu siap nyoba, sabab didieu ukur anjeun anu bobogaanna ruksak" ceuk Atang.

Lamun dina kondisi biasa, Firman pasti ambek Atang sabab wani ngomong kitu. Tapi harita, kusabab dina kaayaan bungah. Firman daék teu daék malah nyakakak. Kabéh gedé haté, padahal sabenerna bobogaan Firman moal bisa cageur lamun lain Udin anu nyageurkeun. Ubar naon anu bisa ngoméan syaraf anu pegat?

Sabenerna si apotéker botak ogé can pati yakin formulana bener-bener bisa nganétralisir racun bajakah. Saupama ujicobana gagal, lain ukur bobogaan Firman anu moal cageur, tapi haté jeung ginjelna ogé bakal kaganggu siga Atang. Malah teu mustahil aya akibat séjén anu timbul tina formula anyar ieu.

Firman geus teu mikiran konsékuénsina. Ayeuna Firman keur mikiran saha awéwéna anu bakal ngalayanan manéhna saupama ujicoba ieu hasil. Sabab nempo hubungan Baréna jeung Unah beuki akrab, geus miatahik Unah dipulangkeun deui ku Baréna ka dirina.

Harita apotéker ampir beres, tina céntrifuge, ubar dimurnikeun terus dieurihkeun kana mangkok.

"Pa Atang, landongna patantos janten. Nanging masih mangrupi jamu cair, teu acan dipadetkeun janten tablét" ceuk apotéker ka Atang bari nunda mangkok eusi bubur ubar rada éncér dina méja.

Bau anu kaluar tina mangkok teu siga ubar, malah kaambeu kawas bau hitut anu meledek, katambah warna cai dina mangkok ogé konéng teu pikabitaeun, anu ngajieun bulu punduk asa kukurayeun.

"Firman, inum!" Ceuk Atang.

Firman kerung bari nahan Utah lantaran nempo eusi mangkok. Firman ngarérét heula kasareréa sabab asa-asa. Ngan lantaran kabéh keur narungguan, bari mengék irungna, ubar langsung diuyup sakaligus nepi ka ledis. Rasana mémang ngeunah, aya rasa-rasa haseumna sanajan rada leueur. Kabéh neuteup ka Firman, malah Unah geus ngagésér diukna ngadeukeutan Firman. Kabéh nungguan koméntar ti Firman.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience