80. Peresmian perusahaanna Icih

Fantasy Series 60

Icih milih didinya sabab harga séwana murah. Anu Icih teu nyaho, sabenerna gedung Wings Star milik Bima Raya, tapi teu dikelola langsung ku Bima Raya. Susi geus masrahkeun ka anak perusahaan Bima Raya pikeun ngelolana sangkan kabéh rohangan di gedung éta diséwa-séwakeun. Hartina Icih sabenerna keur nyéwa rohangan di gedung perkantoran milik Udin.

Saméméhna Udin boga niat rék ménta ka Susi sangkan Icih dibéré salantai. Kusabab sieun Icih curiga, ahirna diantep saayana jeung sakahayang Icih.

Nepi ka Wings Star, Icih colohok sabab nempo puluhan karangan bunga geus ngajajar rapih di hareupeun gedung anu tulisanna ucapan salamet anu ditujukeun keur perusahaanna. Turun tina mobil Icih teu buburu asup ka jero gedung, tapi mapayan heula karangan bunga hayang nyaho di kirim ti mana waé.

Icih colohok bari nutupan biwirna macaan ngaran-ngaran pangirimna. Nyatana aya ngaran Susi ti Bima Raya, Isak ti Padma, Salman ti KIKI, Bahar ti Rumah Klasik, Warni ti Nataprawira Group, Qin Gang, Barda, Tiandi jeung loba deui anu séjénna.

Icih ngarérét ka Udin,
"Kang, ieu sadayana anu diulem ku akang?"

Udin unggeuk bari seuri. Saterusna ngagéndéng Icih sangkan asup sarta naék ka lantéi-2. Nyampak panto rohangan kantor Icih geus muka, sababaraha jelema ti bagéan catering jeung juru foto geus nyampak. Icih ampir teu bisa leumpang, panonna colohok ngarérétan ka sakurilingna anu ayeuna geus dihias éndah.

"Upami ieu, saha anu nyiapkeun kang?" Ceuk Icih nanya ka Udin.

"Babaturan akang" témbal Udin bari seuri.

Icih ngarasa atoh kana persiapanna, tapi Icih ogé ngarasa éra jeung leutik haté. Sabab can tangtu jelema-jelema top anu dibéjaan ku Udin sarta geus ngirimkeun karangan bungana bisa datang ngahadiran. Pangusaha gedé pasti sibuk ku urusanna sorangan, moal paduli kana acara peresmian kantor leutik anu karék dirintis.

Sedengkeun Icih, kamari ukur ngondang sababaraha rélasi anu kungsi ngajalin hubungan kerjasama jeung Palapa hungkul. Bari teu yakin maranéhna ogé bakal bisa datang. Jadi Icih ngarahuh bari diuk dina korsi deukeut lawang panto. Terus nyarita ka Udin,
"Peresmian sami sareng promosi, upami persiapanna méwah kieu nanging teu aya anu sumping, kapayunna perusahaan abdi moal aya anu ngareret. Bakal sesah ngayakinkeun jalmi supados percanten"

Udin buburu diuk di gigireuna pikeun ngabeberah,
"Nyi. Ieu pan isuk kénéh, jaba lokasi kantorna nenggang dipasisian, wéyahna sabar nungguan"

Teu lila aya telepon ti pagawé Icih anu ditugaskeun narima tamu dina méja resépsionis gedung lantéi dasar,
"Bu Icih, tamu ti kulawarga Kusumah parantos sumping"

Sabab telepon di loud speaker, Udin ngajenghok, terus ngarérét ka Icih,
"Nyai ngondang Nini? Nanaonan?"

"Henteu kang, abdi teu ngulem" Ceuk Icih gogodeg bari sarua reuwas.
"Pasti ngadangu ti batur, sareng pasti sumpingna ka dieu ogé sadayana. Omat kang, upami aya nanaon ulah dilayanan. Abdi alim acara abdi janten paburantak alatan ayana riributan anu teu dipikahoyong" ceuk Icih ngarasa hariwang.

"Salila maranéhna teu nyieun masalah, akang moal nanaon, komo deui ieu acara nyai" témbal Udin.

Icih unggeuk, tapi tetep haténa mah hariwang. Teu lila katempo Rukmini datang maké iteuk, dituturkeun ku Dudung anu leungeuna masih dibulen ku perban kandel, sarta Unah, Karsidi jeung Isah. Dudung karék ditebus ti pulisi ku Rukmini kamari tina duit hasil ngalélang parabotan kantor Palapa anu geus tutup.

Panon Dudung neuteup ceuceub ka Udin. Tapi Udin teu paduli, dirina geus jangji ka Icih moal ngamimitian. Sanajan haroréam Icih nangtung ngabagéakeun.

"Alus siah kalakuan téh, incu naon anu teu ngondang kulawargana sorangan. Teu ngahargaan pisan!" Ceuk Rukmini ujug-ujug ambek ka Icih.

Icih némbalan,
"Salira parantos ngusir kulawargi abdi, malih parantos nyarios megatkeun hubungan babarayaan. Badé naon ayeuna sarumping ka dieu?"

"Koplok! Nyarita kamana waet" Ceuk Rukmini deui bari ngagedrigkeun iteukna kana ubin.
"Sia incu aing, boga getih kulawarga Kusumah. Dilahirkeun di kulawarga Kusumah, maké ngaran Kusumah. Modar ogé tangtu bakal diruang di pakuburan milik kulawarga Kusumah"

"Dasar pikun, abong kolot. Mutuskeun babarayaan sarua jeung geus euweuh hubungan nanaon deui" témbal Udin sabab ngarasa teu ngeunah ku omongan kasar Rukmini ka Icih.

"Lamun Nini keur ngomong, ulah sok motong, bangsat!" Ceuk Dudung muncereng ka Udin.

Udin seuri sinis bari neuteup ka Dudung,
"Dasar orok! Anjeun geus bisa naon ayeuna? leungeun masih dibedong. Ari huntu geus jaradi acan? Terus geus maké pempers heula saacan teu indit kadieu?"

Dudung langsung tungkul, beungeutna langsung bareureum éra, terus mundur ka tukangeun Karsidi.

Icih nyarita deui,
"Aranjeun teu aya anu di ulem, langkung saé énggal mulih sateuacan diusir ku security gedung"

"Aing hayang nyaksian saha waé anu bakal daratang kana acara peresmian perusahaan sia" ceuk Rukmini sinis.

"Kuring bieu nempo diluar loba karangan bunga, béak biaya sabaraha ngajieun sakitu lobana? Kunaon kudu nipu batur ngajieunan karangan bunga sorangan? Mémangna bakal aya anu percaya lamun éta mémang asli dikirim ti jinisna. Gaya, nginjeun ngaran pengusaha kelas atas kabéh keur perusahaan kieu patut. Cuih" ceuk Karsidi bari kumecrot nyiduh.

"Nini teu hayang kasar, ukur sangkan manéh ngarti, kuduna manéh sukur Nini daék datang mawa kabéh kulawarga kadieu, sabab geus nyaho moal aya anu daék datang ka dieu" ceuk Rukmini.

Icih cicing teu némbalan, sabab mémang can aya saurang oge ondangan Udin anu datang,

Nempo Icih cicing, Rukmini ngomong deui,
"Matak kudu ngukur ka kujur gerak. dikira gampang ngajieun usaha sorangan? Kunaon ceuk si Lastri manéh embung balik ka Palapa? pan bodo. Palapa mah tinggal ngajalankeun. Nini ngomong kieu lantaran karunya ka manéh"

Icih némbalan,
"Numawi dinten ieu diresmikeun ogé kumargi abdi parantos siap ngajalankeunna"

Karsidi nyarita sinis,
"Muka kantor dilokasi kawas kieu, jauh kamana-mana. Ulah waka gedé haté bakal jalan, poé ieu diresmikeun, paling isuk pageto ogé geus tutup deui alias bangkrut"

Udin kekerot mimiti ambek,
"Sabenerna aranjeun kadieu rék ngucapkeun salamet atawa rék ngahina? Leuwih hadé ngajaredog, terus saksian saha waé anu bakal datang sangkan nyaho, daripada ngaduga-duga teu bener"

"Paling rék malingan rélasi-rélasi Palapa. Bener?" Ceuk Dudung nyéréngéh nembongkeun huntuna anu ompong.

Unah mencrong ka Udin,
"Udin. Pikiran mah kumaha nyinghareupan isukan. Sabab pasti bakal nyebar béja yén peresmian perusahaan Icih sepi, euweuh anu daék datang. Geus nyiapkeun jawaban pikeun ngajelaskeuna ka batur?"

Ngadéngé omongan Unah, Icih langsung tungkul terus diuk. Sabab omongan Unah asup akal. Tapi Udin mah béda, udin tetep santéi.

Peresmian mémang hiji moment penting pikeun promosi, sabab ti dinya bakal kaciri kakauatan jaringan usahana. Saha waé anu ngadukung bakal datang. Beuki loba anu datang geus pasti jaringanna kuat, masa depan usahana ogé pasti Alus.

Rukmini nanya ka Icih,
"Cih, manéh ngondang jam sabaraha? Ieu geus rék jam 10, tong boro batur, si Mardi jeung si Lastri ogé mana? Gening areuweuh!"

Udin jeung Icih silih rérét, mémang Lastri anu katerlaluan, balik judi liwat tengah peuting. Anu ahirna Mardi kapaksa kudu nungguan da Lastri saré kénéh.

Rukmini nyarita deui,
"Lamun manéh ngondang rélasi Palapa, ulah ngarép-ngarép bakal aya anu datang. Sabab ku nini geus diteleponan kabéh sangkan ngaboikot acara manéh ieu"

Ngadéngena Icih ngarénjag, paingan euweuh anu datang singhoréng saméméhna geus dihalangan ku Rukmini. Icih beuki tungkul sedih sabab ngarasa diteungteuinganan.

Udin ngusapan tonggong Icih,
"Sabar nyi, nyai kudu percaya ka akang. Dina teu percayana ogé naon salahna urang resmikeun ku duaan. Teu kudu loba anu nyaksian. Ulah dipaké sedih"

Sirah Icih nyarandé kana taktak Udin. Teu maliré deui ka rombongan kulawarga Kusumah anu lajag-léjég di jero rohangan bari rurat-rérét kaditu kadieu. Malah Rukmini mah katempo keur nyomotan dahareun dina méja parasmanan, sagala diasaan.

"Cih déngékeun kahayang Nini, meuning balik deui ka Palapa" ceuk Isah ka Icih.

Udin buburu némbal,
"Ulah agul ku Palapa. Ku kamampuan Icih, moal lila perusahaan Icih bakal leuwih ti Palapa. Naon anu bisa diharepkeun ti Palapa ayeuna, Palapa geus bangkrut"

"Sombong siah!" Ceuk Isah ngadelék ka Udin.

Rukmini anu ngadéngé Palapa disapélékeun, maledog Udin ku jeruk,
"Dasar runtah! sia datang ka kulawarga Kusumah ukur jadi cucuk. Euweuh guna tapi loba nganyerikeun haté aing. Ceuk saha Palapa bangkrut?"

Udin seuri,
"Kuring nyaho, keur nebus Dudung waé anjeun kudu ngajualan parabotan Palapa heula pan? Terus Palapa rék digawé kumaha lamun euweuh parabot nanaon? Teu sakalian dijual jeung wangunanna?"

Kabéh ngarénjag bari melong ka Udin, sabab teu ngarti nyaho timana Udin kana masalah internal di Palapa. Dudung nyarita,
"Kuring hayang nempo perusahaan ieu jalan, tapi ulah ngarasa tenang usaha, salila aing masih hirup. Ku aing pasti bakal terus diganggu"

Udin seuri,
"Saméméh ngancam batur, tempo heula pempers manéh, bisi geus waktuna kudu diganti"

Dudung langsung jamotrot baeud. Sedengkeun Icih geus teu genah diuk bari ngelapan késang dina tarangna ku sapu tangan bari terus ngarérétan arlojina.

"Kumaha ieu téh? geus jam 10, acara peresmianna jadi atawa rék dibatalkeun?" Unah nanya nyindiran.

Udin ngarérét arlojina terus mariksa eusi obrolan grup chat anu notifikasina di silent. Layar di scroll kaluhur ka handap. Kabéh mufakat tepi ka lokasi saacan jam 10, tapi bakal asup babarengan pas jam 10. Hartina masih aya 3 menit deui nepi ka maranéhna asup.

Teu lila telepon ti resépsionis ka Icih kadéngé sabab ku Icih ponsélna diloudspeaker deui,
"Bu Icih. Pak Alan pangusaha nomer hiji ti Garut tos sumping"

"Alan!" Udin bingung, sabab teu nempo aya Alan dina grup chat, saha nu geus ngabéjaan Alan?

"Présdir Alan datang?" Rukmini ngarénjag bari buburu nangtung hayang nempo.

Rentang-rentang Alan mémang datang bari seuri, dituturkeun ku Gugun. Langsung duanana ngajak sasalaman ka Udin jeung Icih bari rengkuh hormat,
"Cageur guru?" Ceuk Alan jeung Gugun ampir bareng.

Nempo Udin sasalaman jeung Alan, Rukmini jeung Karsidi ogé ngadeukeutan hayang salaman. Ngan ku Alan teu dipaliré sabab mémang teu wahuh. Alan malah diuk di gigireun Udin,
"Tah kieu atuh, rintis usaha sorangan" ceuk Alan bari seuri ka Udin.

Udin gogodeg bari seuri,
"Lain usaha kuring, tapi anu pamajikan. Nyaho tisaha anjeun kadieu?"

"Ti peuting kénéh béja geus sumebar kamana-mana. Kabéh pangusaha sa Jawa barat pan ngabogaan grup WA husus. Jadi mustahil kuring teu datang" ceuk Alan ngajelaskeun terus manggut ka Icih.

Karsidi ujug-ujug ngomong,
"Pa Alan, mangga kalebet, ulah ngobrol caket lawang panto"

Alan kerung bari ngarérét ka karsidi. Alan kasinggung sabab keur ngomong jeung Udin ujug-ujug aya anu motong. Jadi akan muncereng,
"Manéh saha? Teu nempo kuring keur ngobrol jeung pa Udin?"

Karsidi langsung pias,
"Kuring Karsidi Kusumah ti kulawarga Kusumah. Mémangna anjeun teu wawuh?"

Alan gogodeg,
"Kuring teu wawuh kasasaha ti kulawarga Kusumah, iwal ti ka ibu Icih hungkul. Kuring kadieu pikeun ngahadiran acara peresmian kantorna ibu Icih, kunaon anjeung anu nitah asup?"

Kabéh kulawarga Kusumah colohok. Rukmini ngagerentes,
"Jauh-jauh Alan datang ti Garut ka Bandung keur ngahadiran peresmian kantorna Icih. Padahal Alan pangusaha pangbeungharna di Garut. Iraha si Udin jeung Icih bisa wawuh ka Alan?"

Unah ngadeukeutan Dudung, terus nanya laun,
"Bener éta Alan pengusaha ti Garut?"

Dudung gogodeg,
"Ah lain. Jelema anu aya didieu moal aya anu wawuh kana beungeut Alan. Alan jarang tampil di publik. Piraku daék datang ka acara kieu patut"

Alan ngaluarkeun cepuk tina bahan emas terus di bikeun ka Icih,
"Bu, tampi ieu kado ti abdi"

Icih ngarérét heula ka Udin, sabab dirina teu rumasa ngondang Alan jeung can kungsi wawuh. Tapi Udin unggeuk.
"Éta hadiah ti Présiden Diréktur Alan ti Garut, tarima!"

Buburu cepuk ditarima ku Icih, nganuhunkeun ka alan, terus cepuk ditunda dina méja hususna keur nyimpen bungkusan ti para tamu ondangan.

"Icih, buka, naon eusina?" Ceuk Unah ka Icih.

Dudung ogé nyarita,
"Lamun bener anjeun direktur Alan, pasti hadiahna ogé alus. Buka Cih!"

"Buka nyi, teu nanaon" ceuk Udin ka Icih.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience