55. Rukmini megatkeun duduluran

Fantasy Series 36

Icih geus hayang sapok-pokeun ngomong. Ngan dicekelan leungeunna ku Udin.

Karsidi nyarita ka Mardi,
"Kang, anjeun mitohana si Udin. Kuduna akang leuwih tegés jeung bisa ngajelaskeun status villa éta ka minantu. Saha anu leuwih boga hak nyicingan. Tangtu ema pan sabagé indung akang?"

"Tah déngékeun, adi manéh ogé sapamikiran jeung ema" ceuk Rukmini ka Mardi bari beuki asa pangbenerna.

Icih lila-lila teu bisa nahan, ahirna nyarita,
"Ni, abdi ogé bojona teu kagungan hak nyalikan villa di Bougenville upami salaki teu ngijinan. Naha Nini bet maksa bapa? Teu langsung waé ka anu kangunganna, pan aya kang Udin di dieu"

Rukmini muncereng,
"Nini kudu ménta ijin ka si Udin? Mun arék ogé si Udin anu ngarti nawaran ménta Nini sangkan nyicingan. Naha jadi tibalik, bet aing anu kudu ménta ijin"

Ahirna Udin nangtung, sarta molotot bari nunjuk beungeut Rukmini jeung Karsidi,
"Maranéh kolot, tapi pamikiran kawas lain kolot. Kurang kumaha mitoha kuring ngajelaskeun. Tapi saolah-olah omongan maranéh anu pangbenerna. Teu garableg kaéra"

Kabéh reuwas, Udin anu titadi ukur cicing ujug-ujug ngomong heuras bari tutunjuk. Salila sataun Udin can kungsi campelak ka sasaha. Jadi disangkana ku sararéa Udin pasti bakal ngéléhan.

Ngarasa dicapelakan, Rukmini ogé muncereng,
"Sia wani nunjuk beungeut aing? Kaluar!"

"Nini, si Udin mémang kudu diwarah sangkan nyaho aturan kulawarga. Teu ngarumasakeun manehna geus dipulung tina wadah runtah terus dikawinkeun ka ceu icih. Ayeuna malah mulang tai. Teu sopan" ceuk Dudung mapanas.

Udin seuri sinis,
"Euweuh anu pantes disopanan ku kuring. Sabab nyatana aranjeun masih nganggap kuring runtah anu hina. Tapi ngolo hayang ngapimilik imah kuring. Kawas anu teu garableg polo. Anu pantes dipihormat jeung disopanan ku kuring ukur pamajikan jeung mitoha. Lain maranéh!"

Wajar Udin ambek, sataun Udin nahan kanyeri lantaran dihinakeun. Kudu milu ingkah ti Imah Rukmini lantaran Mardi di usir. Ukur Mardi anu masih daék paduli ka dirina. Daék katuturkeun sanajan kaayaana sorangan balangsak. Icih ogé geus sababaraha kali diganggu, dinyenyeri padahal loba jasana keur Palapa. Tapi euweuh anu boga rasa rumasa, kilangbara nganuhunkeun ka Icih.

Dudung muncereng,
"Udin, sia geus wani kurang ajar ka Nini. Sia kudu diwarah ku aing poé ieu"

"Aya kawani? Dimata aing sia ukur rametuk, ukur wani huang-hiung kana ceuli tapi teu wani nyoco" témbal Udin.

Amarah Rukmini beuki ngagedur,
"Udin! Gancang sujud dina suku aing, ménta dihampura sarta bikeun konci villa Bougenville ka aing. Lamun henteu, sia kudu ceréi jeung incu aing. Tingalkeun kulawarga Kusumah. Matog ka jalan jadi galandangan deui"

Icih buburu nangtung terus ngaléngkah kahareupeun Rukmini. Terus nyarita bari biwirna ngageter sarta ngeclakkeun cipanon,
"Mémangna salira masih Nini abdi? Téga ngahancur kabagjaan abdi demi kauntungan nyalira. Abdi moal tiasa dipisahkeun ti kang Udin. Kecuali aya ucapan ti kang Udin nyalira"

Karsidi nyarita ka Mardi,
"Kang! Tingali anak anjeun. Wani campelak ka Nini sorangan. geus moal salah, pasti warahan si Udin pan? Titah sujud duanana dina suku ema"

Mardi nangtung terus ngaléngkah ka gigireun Icih. Panonna mencrong ka Karsidi,
"Villa Bougenville anu udin, rék dikumahakeun oge sapinuhna hak Udin. Rumah tangga anak kuring ogé urusan maranéhna, euweuh anu meunang pipilueun"

"Dasar anak kurang ajar!" Ceuk Rukmini bari maledog sirah Mardi ku asbak anu dijieun tina kai mahoni. Mardi teu ngagiwar, asbak keuna kana tarangna, jelas langsung bonconong héjo. Calacah tina asbak ngotoran sirah jeung beungeutna.

"Pa teu sawios-wios?" Ceuk Icih ceurik karunyaeun bari buburu meresihan sirah jeung beungeut Mardi anu pinuh ku calacah.

Mardi ngarérét seuri ka Icih bari gogodeg. Terus ngalieuk ka Rukmini,
"Ma, tos teu aya deui anu kedah dibahas, abdi seja pamit"

"Hayu balik" ceuk Mardi ka Icih jeung ka Udin. Bari ngaléngkah tiheula dituturkeun ku Icih anu masih inghak-inghakan bari nyusutan cimatana. Saterusna Udin nuturkeun satukangeun Icih bari saacana mencrongan beungeut Rukmini jeung anu sejenna hiji-hiji.

Karsidi nyarita ka Rukmini,
"Ma, rék diarantep indit? Lamun ema teu bisa nindak, kahareupna bakal leuwih kurang ajar"

"Maranéhna geus lain kulawarga urang. Paréntahkeun centéng pikeun ngawarah" ceuk Rukmini ka Karsidi.

Harita kénéh Karsidi lumpat kaluar ngagero para badéga Kulawarga Kusumah pikeun nyegat Mardi jeung anak minantuna.

Wawan Kusumah baheula mémang jelema beunghar, boga pangawal loba husus keur ngajaga diri jeung kulawargana. Tapi ayeuna ukur nyésa tiluan anu tugasna ngajaga imah jeung ngurus pakarangan. Anu 3 urang éta ogé wawuh ka Udin. Tapi nyahona Udin ukur kuli tukang ngaduk anu diangkat jadi incu ku dununganna. Matak pantes nyapélékeun jeung wani ngahadang Udin saenggeus narima paréntah.

Lantaran léngkahna di halangan, Udin buburu maju pikeun ngajaga mitoha jeung pamajikanna.
"Saha anu wani maju, ulah nyalahkeun kuring lamun cilaka" ceuk Udin ka 3 badéga anu ngahadang.

"Boga pangabisa naon sia?" Ceuk saurang badéga bari ngagebugkeun balok kai kana sirah Udin.

Saméméh keuna kana sirahna, Udin buburu ngarebut balok terus dikupat-kapitkeun kana suku si badéga sababaraha kali, tuur, bitis, pingping terus-terusan diperekpek digebugan ku balok teu dibéré kasempetan nangkis atawa ngagiwar. Tepi ka ahirna si badéga ngudupruk diuk teu bisa hudang deui. Terus balok kai dibalangkeun jauh ku Udin.

"Bapa sareng Icih lebet heula kana mobil" ceuk Udin bari mencét rémot muka panto mobil. Icih jeung Mardi lalaumpatan kana mobil terus caricing dijero bari lalajo Udin.

Nempo hiji baturna dilumpuhkeun bari teu dibéré kasempetanngalawan. Anu dua jadi asa-asa sarta silih rérét. Lantaran dua badégana ngararengkog kawas anu sieun, Karsidi jeung Dudung kekerot,
"Rempug!" Ceuk Karsidi

Ngadéngé paréntah Karsidi, duanana langsung maju babarengan bari ngaheumbatkeun peureupna séwang-séwangan. Udin muterkeun awakna bari najongkeun sukuna dua kali. Dua pengawal langsung ngajéngkang bari nyarekelan dada terus ohék-ohekan batuk getih.

Icih anu lalajo ti jero mobil reuwas, ngaranggeum leungeun bapana terus ngajerit nempo salakina dirempug tapi ahirna colohok sabab katempo malah lawan anu éléh.

"Ulah hariwang. Di Imah si Udin sok diajar silat tina TV. Jadi moal éléh" ceuk Mardi nenangkeun Icih, padahal Mardi ogé can kungsi nempo Udin latihan silat.

"Masih diajar tapi sapertos anu parantos mahir" ceuk Icih.

Mardi unggeuk,
"Ieu mah can sabaraha, para pangawal Qin Gang malah silatna leuwih alus, tapi tetep teu bisa ngalawan si Udin"

Nempo 3 badégana geus roboh. Rukmini, Isah jeung Unah buburu lumpat ka jero imah ngonci panto terus naroong tina jandéla Imah.

Nyaho euweuh anu wani maju deui, Udin ngaléngkah kana mobil. Tapi tina kaca mobil kaciri Dudung ngajéwang kampak terus lumpat bari ngaheumbatkeun kampakna kana taktak udin. Sabab kaciri tina kaca mobil, Udin teu ngalieuk deui, ukur ngangkat lengeuna nyapit kampak ku dua ramona bari sikuna diasupkeun tarik kana dada Dudung. Dudung ogé langsung ngajéngkang bari utah getih.

Icih anu nempo deukeut ngan kahalangan ku kaca mobil ti Udin ukur bisa calangap bari nahan napas waktu Dudung ngaheumbatkeun kampakna ka Udin. Terus peureum. Tapi paspanonna beunta deui, Udin teu kunanaon malah kampak anu diheumbatkeun tadi geus dicekelan. Sarta katempo Dudung geus nangkarak gegerungan nahan nyeri bari nyekelan dadana.

Tina jandéla, Rukmini nyorowok ka Karsidi,
"Karsidi. Manéh ukur rék lalajo nempo anak manéh disiksa? Podaran si Udin"

Karsidi anu keur colohok ngadéngé indungna nyorowok kawas karék sadar tina ngimpi, tapi teu wani maju sabab sieun. Udin malik lalaunan bari nyekelan kénéh kampak. Mardi anu dijero mobil ogé kaluar terus najongan suku Dudung anu masih ngagolér bari nyusutan getih anu ngaley tina biwirna.
"Hudang siah!"

Nempo anakna anu geus teu walakaya ditajong ku uwana sorangan. Karsidi ambek terus maju nyuntrungkeun dada Mardi,
"Kang! Si Dudung budak kénéh..." can parat ngomong pipina geus ditampiling tarik ku Mardi.

Ningali Mardi ambek bari nampiling adina, padahal sirah Mardi pasti masih lieur tur nyeri akibat dibalédog ku asbak. Ngajieun Icih beuki ceuceub ka kabéh kulawarga kusumah.

Udin melong ka Dudung anu nguniang diuk,
"Manéh teu bisa nanaon, tapi kalakuan jeung sungut manéh leuwih seukeut tibatan kampak ieu"

"Aing teu nanaon, aing masih wani ngalawan sia" ceuk Dudung bari hudang terus leungeunna diheumbatkeun rék nampiling pipi Udin.

Sakilat leungeunna ditéwak ku Udin, leungeun anu kungsi potong ku Murad, ayeuna diparieuskeun deui ku Udin. "Beletrok!" Leungeunna potong deui terus ngaplek. Dudung ngocéak bari nyekelan leungeunna. Terus ngudupruk diuk deui dina taneuh.

Rukmini anu keur noong tina jandéla, nempo leungeun incuna dipotongkeun langsung lumpat kaluar terus nampiling pipi Karsidi,
"Koplok. Leungeun anak sia dipiteskeun kalah ngajedog" Ceuk Rukmini nyarékan Karsidi bari Malik ka Udin terus rék nampiling pipi Udin.

Dampal leungeunna can keuna, tapi bitisna kaburu ditalapung laun ku Udin. Maklum nini-nini ditalapung saeutik ogé awakna langsung ngabangkieung tibeubeut ka gigir. Rukmini ceurik bari nyekelan cangkéngna akibat bujurna titeundeut kana taneuh, rék hudang hésé, ahirna undur-unduran bari ngésod ngajauhan Udin.

Karsidi nyampeurkeun nyekelan leungeun Rukmini, maksudna rék nulungan nangtungkeun indungna, tapi diképéskeun ku Rukmini,
"Tulungan heula anak sia, dasar anak teu guna" Ceuk Rukmini.

Buburu karsidi ngahudangkeun Dudung terus disangkéh dibawa ngajauhan Udin. Dada Icih beuki gegeberan, panonna ti awal teu lésot ti Udin. Rasa reueusna teu bisa disamunikeun deui, pipina ngadadak bareureum. Sabab karék ayeuna nempo salakina némbongkeun kagagahan jeung kakuatanna. Salila ieu anu mineng katempo ku panona, Udin cicingeun, ukur bisa balanja sayuran jeung masak. Jadi lalaunan Icih muka kaca mobil terus leungeuna kaluar nyekelan leungeun Udin.

Udin ngarérét ka 3 badéga. Anu dibabukan sukuna maké balok masih ngagoler. Tapi anu 2 deui geus dariuk bari pating haregung. Udin nyarita ka anu duaan,
"Buka gerbang!" Ceuk Udin.

Dua pengawal buburu nangtung lalumpatan kana gerbang terus dibuka.

Karsidi nyorowok tina teras imah,
"Udin, anjeun geus motongkeun leungeun anak aing. Tungguan pulisi bakal datang pikeun néwak anjeun"

Rukmini ogé nyorowok ka Mardi,
"Mardi! Mimiti poé ieu sia lain anak aing. Anjeun euweuh hak pikeun narima warisan ti aing"

"Teu masalah ma, kuring masih nganggap ema indung kuring. Tapi kuring teu butuh ku harta ema. Hampura kuring ma" ceuk Mardi bari asup kana mobil.

Rukmini nyorowok deui ka Icih,
"Icih! Manéh ogé lain incu aing deui. Manéh dipecat ti Palapa. Si Unah anu bakal neruskeun kerjasama proyék jeung Bima Raya. Maranéh kabéh ulah nincak deui ka imah ieu"

Icih teu némbalan, tapi buburu nutupan kaca mobil.

"Mudah-mudahan Bima Raya teu nyahoeun kana kajadian ieu" ceuk udin seuri sinis bari ngabalangkeun kampak terus asup kana mobil, mobil muter terus ningalkeun villa Kusumah. Saterusna Udin nyarita deui,
"Poé ieu kabéh kulawarga Kusumah geus nembongkeun sifat aslina, idiot. Dulur geus jadi batur"

Dina mobil Icih ngabeberah Mardi,
"Bapa teu kedah hariwang masalah warisan ti Nini. Upami sifat aranjeunna kitu waé. Moal lami deui oge hartana bakal séép"

Tepi ka Imah tiluana teu cumarita nananon deui, tapi dariuk ngaharuleng mikiran kajadian bieu anu teu diduga ti anggalna. Kasarakahan hayang ngawasa villa Bougenville geus mutuskeun hubungan duduluran.

Teu lila panto imah ngulutrak aya anu muka, Lastri karék balik ti villa, langsung diuk di gigireun Mardi bari kerung sabab ningali tarang Mardi anu bonconong. Terus nanya,
"Kuring tadi ditelepon ku si Isah, naha enya kulawarga urang geus dicorét tina hak waris kulawarga Kusumah? Terus si Icih dipecat ti Palapa? Pan si Icih geus loba ngabantu nepi ka meunang kontrak ti Bima Raya. Asa ku ngarareunah maranéhna kari neruskeun"

Udin buburu némbalan,
"Bu, aranjeunna nuju bunuh diri. nyawana gumantung ka Bima Raya, Bima Raya moal bodo, anu majeng munggaran Icih, di tengah jalan gentos jalmi ku Unah anu teu ngartos nanaon. Paling ogé kontrak diputus. Keun sina karaoseun"

Mardi anu sirahna masih karasa lieur nyarita ka Udin,
"Din, daék nganteur bapa ayeuna ka Bougenville? Bapa hayang nempo deui imah. Daripada pusing mikiran kajadian bieu"

Icih colohok,
"Pa, pan nembé kamari tiditu, piraku ayeuna ahoyong kaditu deui. Jabi pan bumina masih dibebenah ku Libo"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience