21. Udin ngawarah Ibro

Fantasy Series 36

Ahirna Udin némbalan,
"Euweuh waktu Bro, sapopoé waktu kuring béak dipaké ngurus imah mitoha, nyeuseuh, masak, balanja sayuran jeung sajabana. Ditambah ayeuna kudu antar jemput icih ngantor, saacan indit kudu pangistrikakeun heula baju Icih, balikna kudu mencétan Icih. Hésé keur ijazah SMP hayang digawé merenah salian balik deui jadi kuli ngaduk" ceuk Udin. Ngajawab kitu téh ngahaja ngarah Ibro sugema, tepi kamana manéhna ngahina, rék terus dilayanan.

Anu ngadéngé jawaban Udin, kabeh pating cakakak nyeungseurikeun kaasup Ibro. Iwal ti Darwin, Élsa jeung Icih. Komo Icih mah langsung tungkul, beungeutna bareureum balas éra. Leungeun Icih nyepengan kana leungeun Udin bari ngomong lalaunan,
"Tos atuh kang, ulah dijéntrékeun teuing"

"Dasar kandel beungeut, euweuh ka éra, sapopoé ukur jadi beban pamajikan" ceuk Ibro.

"Tapi pan kuring teu maling, teu ngarampas, teu ménta. Jeung Icihna ogé ikhlas. Naha maké kudu éra?" Ceuk Udin.

Anu séjén masih saleuseurian ngadéngé satiap jawaban ti Udin. Karék ayeuna manggihan lalaki siga Udin. Bisa meunangkeun pamajikan geulis bari sagalana dicukupan ku pamajikan. Intina, kabéh ngarasa sirik, iri, jeung geuleuh ku cara kahirupan Udin.

Harita Darwin jeung Lili naék deui kana panggung. Pasangan anu nararumpang ieu kaciri kontras pisan boh dina dedegan ogé dina sifat. Darwin anu jangkung bodas jeung sopan nangtung pagigir-gigir jeung Lili anu pendek gendut kawas anu euweuh beuheungan bari angkuh.

Dawin maju saléngkah mimiti biantara,
"Haturnuhun geus daratang nyumponan kana ondangan kuring bari méré kado anu sakieu lobana. Lili jeung kuring bungah, sakali deui hatur nuhun" terus mundur deui salégkah bari nitah Lili maju.

Lili maju,
"Kanggé ngahormat ka anu parantos masihan kado, abdi badé ngumumkeun detail eusi kado anu parantos katampi"

Kabéh ngarénjag, ngarasa reuwas yén eusi kado bakal diumumkeun. Padahal teu lumrah dilakukeun di acara naon waé, sabab sarua jeung muka aib batur. Tapi aya ogé anu kaciri bungah sarta ngeprokan tanda satuju. Jelema kieu biasana pupujieun. Salah saurang anu ngeprokan nyaéta Ibro. Darwin sorangan teu nyangka Lili bakal ngumumkeun eusi kado di hareupeun anu méréna.

Bari nyekelan keretas, Lili ngamimitian,
"Sadayana aya 25 kado, Haturnuhun ka Toni anu parantos masihan artos 500 rébu, haturnuhun ka Dian anu parantos masihan 2 gram geulang emas, haturnuhun ka Ling-Ling anu parantos masihan ukiran patung naga tina kai jati, haturnuhun anu kacida ageungna ka saderek Ibro anu parantos masihan artos sajuta, ieu mangrupikeun hadiah pangageungna" ceuk Lili bari keprok heula saacan neruskeun macakeun daftar saterusna. Dituturkeun ku sora keprok ti kabéh jelema. Sawaréh pada muji ka Ibro.

Ibro anu ngarasa dirina keur diperhatikeun ku sareréa, buburu nangtung bari manggut. Terus diuk deui.

"Nuhun ogé ka Udin sareng Icih anu parantos masihan lukisan" ceuk Lili neruskeun macakeun daftar, ngan teu kebat maca daftar saterusna lantaran kaburu ngaguruh sora seuri patingcakakak diruangan nyilep sora Lili. Udin pada nyurakan.

"Udin, anjeun mampu meuli BMW 520, mampu ogé ngamodifna. Tapi kunaon méré kado ka babaturan sorangan ukur lukisan anu hargana tangtu teu sabaraha" ceuk Ibro anu mémang diuk saméja jeung Udin.

Jep ruangan jempling ngadéngé ibro nyarita ka Udin, kabéh hayang nyaho naon jawaban ti Udin.

"Anjeun teu nyaho nilai barangna, kunaon geus bisa ngira-ngira harga?" Témbal Udin kalem.

"Kuring nyaho alesan anjeun meuli lukisan, sabab harga lukisan mémang teu bisa ditebak. Tapi mustahil jaman kiwari masih aya karya orisinil hasil seniman top anu masih dijual di toko. Paling ukur duplikatna. Lukisan asli mun teu dijual dipaméran pasti dipalélangan. Moal sagawayah" ceuk Ibro.

"Saleresna sabaraha pangaos lukisan éta kang?" Ceuk Icih anu mémang teu nyaho sabaraha Udin meuli lukisan.

"Pokona hargana moal sabanding jeung barang-barang anu geus disebutkeun bieu ku Lili, sanajan kabéh dijumlahkeun moal bisa ngéléhkeun harga lukisan éta" témbal Udin.

Ibro nyakakak,
"Geus jelas ceuk Lili Kuring anu panggedéna méré sajuta, manéh henteu keur ngimpi mah? Aya 25 kado anu tadi disebutkeun, hartina 24 anu kudu diitung, ti Kuring sajuta, saupama anu 23 kado deui dirata-ratakeun 500 rébuan, 24 kado éta nilaina geus 12,5 juta. Mémangna aya harga lukisan anu saluhureun 12,5 juta?"

Kabéh saleuseurian deui ngadéngé penjelasan Ibro anu dianggapna bener. Lili ti luhur panggung nanya ka Udin,
"Udin, saleresna éta lukisan saha?"

"Lukisa karya seniman top di Jogja" témbal udin

"Oh, kaleresan pun bapa ahli seni ogé, seueur ngoléksi barang antik, anjeuna tiasa nganilai pangaos barang mung tina ningal rupana. Pun bapa namina Hérman Wiranata, sadayana tangtos pada uninga kana namina pan? Ké urang sauran heula, kaleresan anjeunna aya didieu" ceuk Lili bari turun tina panggung terus naék kana tangga nuju ka lantéi dua ngageroan bapana.

Élsa ngarénjag,
"Herman Wiranata? Saurang Arkéolog, Ahli dina widang arkéologi sareng peninggalan budaya. Abdi kantos ningal anjeunna dina TV"

"Leres. Tah ieu pun bapa" Ceuk Lili anu keur turun dina tangga dituturkeun ku saurang aki-aki maké kacapanon kandel.

"Lamun kitu, hayu urang saksian sabaraha sabenerna harga lukisan ti Udin, lamun bener hargana bisa ngaleuwihan harga kado ti 24 urang, kuring rék ngadahar méja ieu" ceuk Ibro nangtung bari nepak méja hareupeuna. Terus diuk deui.

"Hag siah! Manéh bakal neunggar cadas Din, teu nyangka pan bakal aya ahli budaya didieu?" ceuk Ibro lalaunan ka Udin.

Dihandapeun méja leungeun Icih tipepereket nyekelan leungeun Udin sieun Udin kawiwirangan, tapi ku Udin leungeun Icih buburu diusapan méré kodeu sangkan Icih tenang.

Icih rék teu hariwang kumaha, sabab dina mobil basa indit kadinya, Udin nyebutkeun yén harga lukisan téh mémang murah. Malah nyarita, harga teu penting, anu penting méréna ikhlas.

"Lantaran anjeun teu percaya, urang pasrahkeun ka ahlinya. Siap-siap wéh kabéh nyaksian anjeun ngadahar meja" ceuk Udin énteng.

"Ulah gede haté, Aing tadi diwiwirang dina balap, ayeuna bagéan anjeun kudu wirang" ceuk Ibro ka Udin

Toko asal lukisan dibeuli lain toko biasa, Garasi Opa pamohalan ngajual barang palsu. Éta anu jadi kayakinan Udin. Élsa kerung bari melong beungeut Udin. Haténa ngagerentes,
"Kang Udin pinuh ku kayakinan satiap nyinghareupan masalah. Kajadian di Rumah Klasik, dina balapan mobil, terus ayeuna masalah lukisan. Kabéh disinghareupan ku kayakinan tanpa kaciri hariwang"

Harita Hérman Wiranata geus aya diluhur panggung nangtung diantara Darwin jeung Lili anu aya di kénca katuhueunna. Terus nyarita,
"Nuhun ka kabéh anu geus ngahadiran acara peresmian restoran anak jeung minantu kuring. Kuring turun kadieu kulantaran ngadéngé béja aya hiji hadiah lukisan kuno anu kudu dinilai jeung diidéntifikasi hargana. Kadorong ku profésionalisme Kuring sabagé ahli budaya. Kuring hayang nempo lukisanna"

"Pa, ieu lukisanna, sadayana naksir hargina mung puluhan rébu. Naha leres?" Ceuk Lili bari ngasongkeung gulungan lukisan ka Hérman Wiranata.

Hérman Wiranata narima lukisan tina leungeun Lili, ngagusur korsi terus diuk. Lukisan lalaunan dibuka dibébérkeun. Bari ngangsrodkeun kacamatana, Hérman mariksa detail lukisan, ti mimiti jenis kaén, cét anu dipakéna jeung sababaraha bagéan séjén ogé dipariksa, euweuh anu kaliwat. Kabéh cicing bari marelong ka Hérman, teu sabar narungguan hasil penilaianna.

Katempo Herman ngarénjag, tapi ahirna seuri. Lukisan digulung deui kalawan ati-ati pisan kawas memperlakukeun harta anu kalintang mahalna. Saterusna dibikeun deui ka Lili.
"Jaga lukisan ieu ulah nepi ka ruksak"

Anu saterusna Hérman Wiranata nangtung,
"Ti saha lukisan éta kuring moal tumanya. Tapi anu méré lukisan tangtu jelema sederhana anu embung némbongkeun gedéna kanyaah ka babaturan. Sobat anu teu bisa dimomorékeun" ceuk Hérman Wiranata, terus ngarénghap jero.

Hadirin silih rérét, bari ngalenyepan arti tina omongan Hérman. Herman nyarita deui,
"Lukisan ieu henteu kuno, umurna karék sababaraha taun, tapi dilukis ku pelukis terkenal Jogja anu ngarana Syam Térrajana. Lukisan Syam rata-rata dijual harga jutaan, malah dina hiji pelélangan lukisanna kungsi aya anu tembus ampir samilyar. Keur lukisan ieu, Kuring naksir hargana sakitar 60 nepi ka 80 juta, 4 atawa 5 taun kahareup, bisa naék deui jadi ratusan juta" ceuk Hérman bari turun tina panggung terus leumpang naék deui ka lantéi dua.

Kabéh colohok bari ngarérét ka Udin. Rata-rata neuteup ku teuteupan reueus. Ukur Ibro jeung Lili anu kaciri teu panuju.

"Din, keur naon anjeun méré barang mahal ka kuring padahal anjeun sorangan lain jelema mampu?" Ceuk Darwin ngarasa kagagas ku Udin.

"Win, kado masalah haté, kuring teu paduli ku harga. Kaikhlasan kuring anu méré jeung kaikhlasan anjeun anu narima éta geus cukup nembongkeun yén hubungan antara anjeun jeung kuring lain sakadar babaturan biasa, tapi mémang bener-bener sobat" témbal Udin bari seuri ka Darwin.

Kabéh unggut-unggutan, euweuh deui anu wani ngahina Udin komo nyeungseurikeun. Lili anu nyaho saha bapana, pamohalan bapana bohong. Jadi Lili ogé tungkul, sabab éra ku omongan Udin bieu jeung ku panilaianna sorangan saméméhna.

Icih noél ka Udin bari nanya lalaunan
"Saleresna sabaraha akang ngagaleuh?"

"Akang teu meuli nyi, éta paméré ti babaturan" témbal Udin

"Lukisan puluhan juta dipasihkeun cuma-cuma ka akang?" Ceuk Icih melong beungeut Udin teu percaya.

"Nya meureum babaturan akang sarua jeung si Ibro, disangka lukisanna euweuh hargaan anu ahirna dibikeun ka akang" témbal Udin.

Udin nangtung bari neuteup ka Ibro
"Jadi kumaha cara anjeun neureuy méja anu sakieu gedéna, Naha kudu diragajian heula jadi laleutik sangkan kateureuy?"

Ibro bener-bener éra, sirahna ngeluk kawas bueuk meunang mabuk. Haténa ngagerentes,
"Aing teu ngimpi modol, tapi naha poé ieu bet ngalaman sabaraha kali kawiwirangan ku jelema anu paling dipikageuleuh? Mobil kaduruk bisa meuli deui, tapi Ngadahar méja jelas Mustahil"

"Bro, anjeun sorangan anu ngajangjikeun rék ngadahar méja. Naha bet cicing? Hanjakal?" Ceuk saurang lalaki.

"Enya, kabéh keur narungguan yeuh" ceuk saurang deui.

Ibro nangtung bari matana bareureum,
"Aranjeun kabéh babaturan kuring, tapi kunaon teu baroga perasaan?"

"Hor. Anjeun anu geus ngajieun jangji sorangan, témpona ditagih kuanaon jadi nuduh ka batur teu boga perasaan?" Ceuk Élsa kasinggung ku omongan Ibro.

"Kuring ngaku salah sarta ménta dihampura ka saréréa, hususna ka Udin jeung Icih. Naha teu bisa maranéh ngahampura ka Kuring?" Ceuk Ibro carindakdak.

Ningali Ibro ménta dihampura kabéh cicing. Jeung mémang mustahil saurang jelema kudu ngahakan méja. Udin nyarita ka sararéa,
"Teu gampang keur saurang Ibro anak jelema beunghar ménta dihampura. Jelas kajadian langka. Jadi hargaan. Ulah diparaksa deui ngadahar méja. Kuring jeung Icih tangtu bisa ngahampura. Kumaha aranjeun?" Ceuk Udin.

"Satuju, anggap euweuh kajadian nanaon. Leuwih hadé urang dalahar, béakeun kabéh hidangan dina méja. Ngan omat, Ulah didahar jeung méjana" ceuk Darwin bari seuri nyakakak.

Kabéh ahirna milu saleuseurian ngadéngé omongan Darwin. Ibro ngarasa ngemplong, terus diuk. Tapi lalaunan ngaharéwos ka Udin,
"Din, ieu can réngsé, iraha-iraha pasti dibales ku kuring"

Udin ukur seuri bari ngaluarkeun HPna ngirim pesen ka Susi. "Susi, cék wakil manager bagian umum, audit hasil pagawéanna, sabab kuring curiga aya kongkalikong jeung usaha salakina dina masalah pengadaan bahan bangunan. Lamun kabukti aya panyimpangan. Geus teu kudu loba tatanya deui ka kuring. Langsung pecat"

"Mangga juragan" bales Susi.

Sabot sararéa keur balakécrakan dahar bari saruka bungah. panto kaca digedor ti luar bari langsung disurungkeun ku saurang jelema anu kacirina préman. Kabeh reuwas bari ngalieuk ka lebah panto asup. Dina lawang geus ngabedega 3 urang préman, sarta sababaraha urang deui narungguan diluar.

Saurang anu diduga pamimpinna nyampeurkeun ka Darwin langsung ngaranggeum kerah baju Darwin, terus nyarita tipoporongos,
"Muka réstoran anyar bari euweuh béja pisan ka kuring, kurang ajar!"

Lili anu diuk digigireun Darwin langsung pias, terus nanya bari sorana ngageter,
"Aya naon ieu kang?"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience