34. Steven jeung Auxé ménta di hampura

Fantasy Series 36

"Oh, hartina anjeun aya di dieu ogé kusabab keur néangan barang, terus nyaho kuring keur meuli batu. Ahirna ngutus Steven pikeun meunangkeun batu ieu ti kuring. Bener?" Udin nanya.

Qin Gang unggeuk, beungeutna bareureum lantaran ngarasa éra geus kanyahoan,
"Kamari dihareupeun Alan, neng Warni, Gugun jeung Masduki. Anjeun geus némbongkeun pangarti dina masalah batu. Nempo anjeun keur meuli batu kuring kabita sabab pasti anjeun moal salah milih batu. Kuring nitah Steven, bari nungguan di kios gigireunna. Ngan teu nyangka Steven ngalakukeuna ku cara kasar. Hampura kuring pa. Kuring miharep pa Udin bisa nulungan kulawarga kuring"

Terus Qin Gang ngaharéwos ka asisténna méré paréntah. Asistén Qin Gang langsung indit nuju kana mobilna.

"Qin Gang, anjeun kudu méréskeun urusan anjeun jeung kulawarga anjeun ku sorangan. Euweuh kaitanna jeung kuring" témbal Udin

Udin ngarasa Qin Gang karék wawuh jeung can bisa dipercaya. Ditambah ku kalakuan Steven anu bieu geus ngajéngkélkeun.

Qin Gang ngabongkokkeun awakna ka Udin,
"Sanajan teu sacara langsung ngabantu kulawarga kuring, sugan anjeun bisa méré bongbolongan, naon anu kudu ku kuring dilakukeun pikeun ngoméan nasib kulawarga kuring"

Nempo bapana ménta tulung ka Udin. Auxé ogé buburu nangtung terus ngabongkokkeun awakna ka Udin siga bapana,
"Kang, naon anu nembé disebatkeun ku pun bapa leres, parantos 3 taun kulawarga Qin Gang aya dina rupi-rupi masalah anu teu aya lirenna, usaha rugel, kacilakaan demi kacilakaan tumiba ka sadaya anggota kulawarga. Upami masalah ieu teras-terasan tumiba, sanaos mung sataun deui ka payun. Abdi teu uninga bakal kumaha jantenna kulawargi abdi. Nyuhunkeun di bantos kang"

Lantaran Auxé anu geulis milu nyarita, Udin ngarasa karunya. Ngan sanajan ngora jeung geulis ogé tapi da lain pamajikanna, lain dulur lain baraya. Jadi Udin ogé masih haré-haré teu maliré kana paméntana.

Nempo Udin anu haré-haré, Auxé malik ka Steven.
"Kang! anjeun anu jadi panyababna, anjeun anu geus mawa barang kotor éta ka imah urang. Ayeuna anjeun geus nyinggung kang Udin"

Ngarasa jadi paneumbleuhan. Steven ogé teu bisa ngabantah pikeun ngabéla dirina sorangan. Sabab mémang rumasa dirina anu salah. Jadi Steven nyarita ngalengis bari tanggah ka Udin,
"Pa Udin, bapa jeung adi kuring geus ménta anjeun pikeun mantuan nuntaskeun masalah di kulawarga kuring. Ayeuna kuring sorangan anu ménta anjeun kalayan ikhlas, tulungan" kituna téh bari sujud ceuik dihareupeun Udin.

Asistén Qin Gang datang bari mawa cepuk kai. Terus dibikeun ka Qin Gang. Ti Qin Gang buburu cepuk disodorkeun ka Udin bari tutupna dibuka,
"Pa, ieu geulang giok karék meuli poé ieu ti Émily. Ku kuring ayeuna di hadiahkeun ka anjeun sabagé tanda daméi, ti mimiti poé ieu jeung kahareupna kulawarga kuring moal ngajieun masalah deui ka anjeun atawa ka kulawarga anjeun, sarta bakal pada mopohokeun sagala rupa kajadian saméméhna. Wéyahna tarima pa"

Udin ngarérét kana batu anu dimaksud, dina cepuk mémang kaciri aya batu mangrupa geulang. Udin kungsi ningali geulang éta waktu meuli kongkorong keur Icih di Emily. Ku pangarti anu geus di piboga ku Udin ayeuna, Udin nyaho Giok éta asli. Hérang ngagenclang kawas kristal kaca. Harita mah Udin teu nyaho nanaon. Disangka ukur kaca biasa. Mun teu salah hargana sakitar 300 juta. Masih sahandapeun harga Kongkorong anu geus dibeulina.

Kabéh jelema colohok bingung, sabenerna saha Udin? Nepi ka pangusaha beunghar saperti Qin Gang wani mangmeulikeun barang ti Émily sabagé hadiah. Kabéh pada nyaho barang anu dijual di Émily pasti barang mahal jeung qualitasna ogé geus pasti nomer hiji.

Mardi ogé colohok, karék ayeuna aya jelema sangsara ditawarkan upeti ku jelema beunghar. Mardi ukur bisa ngadu'a, mudah-mudahan Udin teu nolak.

Sanajan geus ditempo, tapi Udin masih can narima. Udin nanya sabab panasaran,
"Pa Qin, kunaon anjeun yakin kuring bisa ngabantu kulawarga anjeun méréskeun masalah anu diakibatkeun ku batu Voodoo milik Steven?"

Di jero haténa Udin ngarasa yakin bisa. Sabab salian jenis batu jeung éfék batu, dina buku 9 Élmu Karuhun ogé dijelaskeun cara pikeun nganétralkeun éfekna. Ngan Udin hayang nyaho heula alesan Qin Gang pangna ngarasa yakin kana kamampuan dirina. Bari nungguan jawaban ti Qin Gang, Udin nyokot cepuk tina leungeun Qin Gang. Bari ngabayangkeun saupama geulang éta dipaké ku Icih, tangtu bakal pantes pisan.

Kulawarga Qin Gang sabenerna lain Kulawarga jahat, can kungsi kadéngé aya masalah jeung kulawarga atawa jeung perusahaan séjén. Persaingan usahana ogé séhat. Jadi eweuh alesan pikeun Udin nolak. Ahirna Udin nyarita deui,
"Teu nanaon, teu kudu di témbalan, kuring bakal ngabantu" saterusna cepuk ditutupan ku Udin terus dipésakan.

"Pak Udin, hatur nuhun. Saupama kulawarga kuring bisa leupas tina masalah ieu. Kahareupna Kuring bakal ngalayanan sagala pangabutuh anjeun" ceuk Qin Gang bungah.

Anu lalajo ngaguruh, kabéh teu nyangka ngadéngé ucapan Qin Gang anu reké nyumponan sagala pangabutuh Udin.

Udin seuri,
"Tapi kuring ukur rék ngabantu sakali, kadituna tetep anjeun anu kudu méréskeun sésana. Teu meunang saterusna gumantung ka kuring. Hayu milu ka kuring"

Saterusna Udin metot leungeun Érwin sangkan asup ka kiosna. Udin ménta keretas jeung pulpén ka Érwin saterusna Udin nulis dina keretas sababaraha kalimah maké huruf Sunda. Keretas dibikeun ka Qin Gang anu nuturkeun bari ngajelaskeun,
"Kuring muslim, sanajan teu sakayakinan jeung anjeun. Anjeun kudu narima ieu sabagé média, ulah nganggap keretas ieu isim atawa jimat anu ahirna bakal mawa kana sirik. Ieu ngan ukur keretas jeung tulisan leungeun kuring. Kayakinan anjeun tetep kudu ka pangéran anjeun. Selapkeun keretas ieu dina kusén luhureun panto utama imah, éta geus cukup. Tiap kaluar ti imah, ulah poho ngadu'a, ménta ka pangéran sangkan anjeun jeung imah anu ditingalkeun dijauhkeun tina sagala marabahaya. Lumaku keur kabéh, kaasup anak-anak anjeun. Iraha-iraha, kuring pasti bakal nganjang ka imah anjeun"

Qin Gang atoh, keretas ti Udin buburu ditarima bari nganuhunkeun,
"Kabéh piduduh ti pa Udin kaharti pisan, nuhun pa"

Udin ngajieun hiji deui, nulis dina keretas séjén, terus leumpang ka luar. Keretas di ceumpalkeun kana gagantél kongkorong anu tadi di balangkeun ku Steven. Saterusna keretas dibungkuskeun. Saenggeus dikeupeul-keupeul. Keretas anu dijerona aya kongkorong sarta gagantélna langsung dialungkeun ku Udin ka walungan Cikapundung anu teu jauh ti dinya.

Pas batu ngecemplung ragrag kana cai, Steven ngarasa awakna rada béda, rasa kasedih sarta kakeuheulna ngadadak leungit. Awakna karasa leuwih seger jeung gairah. Steven bungah kacida. Qin Gang jeung Auxé ogé ngarasakeun hal anu sarua. Rereged dina dirina asa kangsung ngararemplong.

"Jang, Kuring ogé butuh bantuan anjeun. Kuring geus kolot tapi can ngalaman boga pamajikan" ceuk Érwin anu nuturkeun deui Udin ka luar.

Udin seuri,
"Babari, anjeun kudu jadi lalaki, terus ulah loba nipu batur. Tangtu bakal aya awéwé anu resep ka anjeun"

Auxe nyikikik seuri. Anu séjén oge ahirna ngabarakatak sareuri ngadéngé jawaban ti Udin. Sedengkeun Érwin ukur kulumas-kelemes ngarasa éra.

Qin Gang buburu nyarita deui ka Udin,
"Pa Udin, sakali deui Kuring ngahaturkeun nuhun. Lamun anjeun bisa, isukan soré datang ka imah kuring. Kuring husus ngondang anjeun pikeun makan-makan"

"Hampura pa Qin, Kuring moal bisa. Isukan kuring loba uruseun pribadi anu masih kudu dibéréskeun" témbal Udin.

Qin Gang kuciwa, jarang aya jelema anu wani nolak kana ondanganna, tapi ahirna Qin Gang bisa ngamaklum. Jadi Qin Gang nyarita deui,
"Pa Udin, Imah kuring sarua Imah anjeun ogé, iraha waé anjeun hayang datang, asal saméméhna ngabéjaan heula, kuring pasti bakal nyempetkeun sangkan aya di Imah pikeun narima kadatangan anjeun. Kabaran wé pa"

Saterusna Qin Gang mikeun kartu namana. Udin unggeuk bari narima kartu nama terus dipésakan. Langsung malik ka Mardi ngajak balik. Jelema hiji-hiji mimiti bubar, Érwin ogé mérésan deui kiosna anu paburantak. Sedengkeun Qin Gang jeung dua anakna masih narangtung melong Udin jeung Mardi naék kana mobilna, terus mobil indit nepi ka teu katémbong deui.

"Mimiti ti ayeuna, dimana waé aranjeun panggih jeung pa udin. Jaga sikep, ulah ngajieun masalah deui" ceuk Qin Gang mapatahan Steven jeung Auxé.

Duanana unggeuk. Auxé mimiti resep ka Udin, ngora, kasép tur jagoan. Auxé hayang wawuh leuwih deukeut deui. Masih kénéh kabayang kumaha tadi Udin nalapung bujurna tapi jelas lain hayang nyilakakeun, ukur ngahindar tina sépakanna sanajan Auxé ahirna kudu labuh nangkuban. Inget ogé sawaktu dirina ngabangkieung mundur lantaran tonjokanna ditangkis ku Udin, awakna ditahan ku awak Udin anu ngakibatkeun sakabéh tonggongna nyarandé kana awak Udin. Karasa pisan awakna anu keker.

Steven nanya ka Qin Gang,
"Bapa yakin bantuan ti pa Udin ngaliwatan keretas bieu bisa ngaleungitkeun pangaruh goréng di kulawarga urang?"

Qin Gang unggeuk,
"Kudu yakin, kabéh kudu yakin. Ulah yakin kana barangna, ulah yakin ka jelemana. Tapi kudu yakin ka pangéran anu geus méré jalan. Ibarat dokter, pa Udin ukur méré ubar. Anu nyageurkeun mah tetep pangéran. Tapi lamun euweuh dokter, panyakit moal kapanggih. Wajar urang kudu ngahormat ka pa Udin. Ngan hanjakal..."

"Hanjakal naon pa?" Auxé nanya sabab panasaran.

"Hanjakal pa Udin geus kawin, lamun encan, tangtu anjeun cocok keur pamajikanna" ceuk Qin Gang ka Auxé.

Beungeut Auxé ngadadak beureum éra,
"Pa, abdi masih SMA kelas dua, teu acan ngémutan ngarumah tanggi. Ulah ngabahas picarogéeun ka abdi"

Di jalan. Sarébu pertanyaan muter dina sirah Mardi, naon anu kasaksianna bieu loba anu teu kapikir ku akalna. Saurang pangusaha beunghar nomer dua sa Bandung. Bisa hormat ka minantuna.

"Din, manéh teu keur ngabohongan batur pan?" Ceuk Mardi hariwang.

"Ngabohong sakedik mah sawios atuh pa, anu penting urang salamet" témbal Udin bari nyupiran.

Mardi ngarénjag, terus nyarita lantaran keuheul,
"Belegug! Ngabohongan jelema beunghar sarta narima hadiah geulang mahal. Éta ngarana nyiar-nyiar pipaéheun. Anjeun keur aya dina masalah gedé din, lamun aya nanaon, ulah mamawa bapa jeung kulawarga!"

Udin seuri,
"Nagara urang nagara hukum pa, hukum moal mandang mana beunghar mana miskin. Upami kapendak kabohongan abdi, nya kantun diuihkeun deui wé geulangna"

Mardi murungkut ngadéngé Udin anu nganggap sapélé kana masalah. Malah bieu geus pura-pura jadi dukun, maké jeung ngajieun keretas isim sagala.

Tepi ka Imah, Udin buburu asup ka kamarna, terus sila dina samak ngabijilkeun batu harga 20 rébu ti Érwin. Batu dikeupeul deui ku leungeunna. Karasa deui aya hawa panas anu sarua persis jeung tadi sawaktu di kios Érwin. Saolah narima paréntah anu ngereteg dina haténa, Udin ngaluarkeun tanaga jerona bari di bimbing ku tuntunan tina buku 9 Élmu Karuhun dina otakna.

Kakuatan batu disedot sapinuhna kana awakna. Késang ngagarajag tina awak Udin dibarengan ku kokotor anu kaluar. Kaciri tina bajuna anu tadina bodas beresih ayeuna jadi baseuh bari kuleuheu. Ngan saenggeusna awak Udin karasa asa hararampang sarta riléx.

Sabot keur ngararasakeun pangaruh rasa riléx tina batu, sakabéh awakna ujug-ujug ngageter, aya aliran haneut anu ngajalar tina keupeulan leungeunna ka sakabéh awakna. Udin atoh, sabab miturut katerangan tina buku 9 Élmu Karuhun, éta prosés kultivasi, ciri ayana énérgi spiritual anu asup kana awakna. Énérgi batu keur pindah ka dirina ngahiji jeung aliran getihna. Ngan aura batu mah moal kabawa asup.

Lalaunan keupeulan leungeunna dibuka, mémang bener aura batu mah katempona masih angger, tapi énérgina geus euweuh. Ahirna batu dipésakan deui, Udin can ngarti sapinuhna kana prosés bieu. Naha bakal méré manfaat alus atawa justru sabalikna. Udin kudu lewih ningkatkeun deui kamampuan kultivasina.

Sabab awakna karasa cepel ku késang, Udin buburu mandi, harita waktu geus jam 5 soré. Peutingna Udin boga niat rék nyobaan éfék anu bisa di timbulkeun ku kai kaboa. Sabab barang éta ogé kudu di tést.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience