"Lain kuring anu ngajak, pamajikan anjeun anu nawaran lantaran cenah butuh modal. Jadi kuring rék ngabantu" ceuk Mei bari muringis nahan nyeri sabab ranggeuman leungeun Udin beuki tarik.
"Kang leupaskeun" ceuk Icih bari rurat-rérét ka sakuriling lantaran éra ku palanggan séjén, tapi nyatana geus loba jelema anu lalajo.
Udin ahirna ngaleupaskeun ranggeumanna bari seuri. Mei buburu metot leungeuna bari diusapan terus ngalieuk ka Icih,
"Bu, titah balik salaki anjeun. Kuring teu biasa ngobrolkeun bisnis bari ditungguan kieu"
"Kang Udin salaki kuring, lain sasaha. Kahareupna ogé bakal kalibat dina usaha, jadi teu salah ayeuna aya didieu" témbal Icih.
"Mémangna salaki anjeun bakal ngarti kana anu keur dibahas?" Ceuk Mei bari ngarérét sinis ka Udin anu ukur maké calana pondok jeung disendal capit.
"Kang, tiasa kaluar heula sakedap" ceuk Icih ka Udin bari numpangkeun dampal leungeunna kana leungeun Udin.
"Oké. Akang rék pindah diuk" ceuk Udin bari ngarawél kerésékna terus pindah kana korsi kosong di méja séjén anu masih teu jauh, paling jarakna ukur saméter.
Mei nyarita ka Udin,
"Kuring nyaho saha anjeun. Anjeun ukur salaki pangangguran anu teu nyakola. Moal ngarti kana naon anu keur dibahas. Pamajikan anjeun keur usaha pikeun ngahirupan anjeun. Ulah ngahalangan niatna"
"Nya. Ari dijauhan malah ngacaprak" ceuk Udin bari pindah deui diukna jadi saméja deui jeung Icih.
Mei gogodeg terus ngarérét ka Icih,
"Bu. Jujur kuring manglebarkeun ku kageulisan anjeun nepi ka bisa boga salaki siga kieu. Anjeun ibarat kembang anu hirup dina tai munding, unggal poé pasti kabauan"
Udin kerung, nganseuan kélékna sorangan terus naleukeum dina méja bari nanya ka Icih,
"Nyi, Naha enya akang bau kawas tai munding?"
Mei ngomong ka Udin,
"Udin, sasaha ogé geus pada nyaho ka anjeun. Leuwih hadé anjeun néangan pagawéan tibatan timburuan nutur-nutur pamajikan nepi ka dieu"
Ngadéngéna Icih jadi ambek, terus nyarita ka Mei,
"Pa Mei salaki kuring teu nganggur, loba anu dipigawéna di imah anu anjeun teu nyaho. Lamun teu niat ngabantu modal, leuwih hadé cicing. Ulah jadi ngahina salaki kuring"
Mei mencrong ka Udin,
"Mémangna gawé naon di Imah? Masak? Nyeuseuh? Nyaréan pamajikan? Naon anu bisa ngahasilkeun duit? Naha teu hayang digawé dikuring jadi tukang marud sampeu?"
Saterusna Mei ngarérét ka Icih,
"Lamun kuring jadi anjeun, pasti geus ditalapung salaki siga kieu mah" pokna beuki wani sabab keuheul nempo Udin kalah ngahajakeun naleukeum dina méja bari pura-pura saré.
"Kang, gugah, isin ku batur" ceuk icih ka Udin bari leungeun Udin digeubig-geubig.
Udin nguniang hudang, pura-pura heuay, gigisik panon terus nguliatkeun leungeunna ngahaja dilelempeng bari ngeupeul. Anu kénca ka Icih anu katuhu kana beunget Mei, tapi anu kana beungeut Mei mah ditonjokeun rada tarik anu ngakibatkeun irung Mei langsung ngucur getih.
Udin pura-pura reuwas, buburu nyokot tisu tina méja. Getih anu ngucur tina irung dibalurkeun kana beungeut Mei ku keretas tisu. Atuh beungeut Mei jadi beureum kawas si Cepot.
Icih ukur bisa colohok nempona.
"Aduh hampura pa, bieu teu kahaja. Ceuk Udin" bari dampal leungeuna dirapetkeun kawas anu keur nyembah.
Kabeneran saurang pelayan ngaliwat bari nanggeuy 2 mangkok baso dina baki. Ku Udin dicokot samangkok, eusina langsung ditamplokkeun dina sirah Mei.
"Wios ku abdi diwasuh getihna pa"
Jelas buuk Mei langsung ngebul ku cai baso anu panas kénéh. Cai baso ngebul anu ngucur tina buuk Mei ku Udin digélangkeun kana beungeutna. Mei teu nyangka Udin bakal wani ngalakukeunna. Geus ngabalur beungeutna ku getihna sorangan. Ayeuna sirahna diguyur ku baso bari caina disibeungeutkeun anu cenah mah keur meresihan getih.
Icih nyorowok ka palayan ménta cai herang jeung elap. Sabab karunyaeun nempo Mei anu peureum sabab panona peurih ku cari baso anu asup kana matana bari dina buukna ratuy bihun jeung emih.
Sabot Icih riweuh bari nangtung hariwang nungguan pelayan mawa cai jeung serbét. Udin oge riweuh ngocrot-ngocrotkeun saos, kécap, cuka jeung pedes bubuk kana sirah Mei. Jelema anu nempo aya anu nyaleungserikeun kana kalakuan Udin, aya ogé anu mangkarunyakeun ka Mei. Tapi ueweuh anu wani maju pikeun nulungan atawa pipilueun.
Mei sorangan ukur bisa peureum bari gogorowokan. Terus ngaluarkeun hp nelepon.
"Bawa sababaraha jelema ka pujasera cihampelas di warung baso 'Seuhah', burukeun! Kuring keur disiksa!"
Ngadéngé Mei nelepon ménta bantuan, Icih buburu nyarita,
"Pa Mei, hampura. Salaki kuring teu ngahaja"
Mei malah nyarékan Icih,
"Teu ngahaja naon? Nonjok irung kuring, ayeuna ngabanjur sirah kuring ku baso bari dibungbuan kénéh. Naon anu teu dihaja?"
Udin ngelapan leungeuna ku tisu. Terus diuk bari muka palastik dorokdok. Saterusna Udin nambulan dorokdok bari sabeulah sukuna diangkat. Saolah-olah euweuh kajadian nanaon.
Lantaran Mei ambek sarta nelepon baturna, Icih jadi hariwang kana kasalametan Udin. Terus nyarita,
"Akang kaluar heula, masalah ieu wios ku abdi diréngsékeun"
"Antep wé. Hayu urang tingalkeun nyi" ceuk Udin bari nangtung terus nungtun leungeun icih ngajak indit tidinya.
Ngan ku Icih leungeun Udin diképéskeun,
"Pa Mei bos perusahaan ageung, invéstasina seueur dimana-mana. Teu sawios usaha abdi ayeuna gagal. Nanging tetep masalah ieu kedah diréngsékeun ku cara anu sae. Upami henteu, lengkah abdi kapayuna bakal janten heureut kang"
Udin némbalan,
"Akang can kungsi ngadéngé aya bos pabrik aci jadi saurang invéstor"
"Perusahaan alit kumaha?" Icih reuwas ngadéngé omongan Udin anu nyapélékeun Mei. Sabab sakanyaho Icih, sanajan usaha Mei ukur fokus kana Aci. Tapi pabrikna di Banjaran mémang gedé, pagawéna ogé rébuan. Jauh lamun dibandingkeun jeung Palapa. Malah can lila Mei geus mimiti invéstasi dina perumahan rakyat bersubsidi. Kabéh warga Bandung ogé tangtu nyarahoeun. Tapi ku Udin mah dianggap sepélé.
"Kang, pasrahkeun ka abdi urusan ieu. Akang antosan abdi di luar" ceuk Icih keukeuh.
Udin teu némbal deui, nyokot kérésékna terus nurunan tangga langsung kaluar. Haténa ngagerentes,
"Pabrik aci sagedé kumaha anu bisa dibandingkeun jeung Bima Raya milik kuring?"
Sabenerna Udin hayang ngaku saha dirina. Tapi muka idéntitasna hartina geus narima daék balik ka kulawarga Subrata. Sedengkeun Udin can waka hayang aya kontak langsung jeung kulawarga Subrata salila misteri maot kolotna can kaungkap.
Udin meuntasan jalan terus diuk deui dina trotoar bari tanggah nempo ka lantéi dua warung baso hareupeunna, nyérangkeun Icih bari nelepon Asep anu geus aya di Jakarta.
"Wa. Pariksa data pabrik aci milik Mei di Banjaran Bandung. Proyék naon waé anu keur digarapna"
"Mangga dén" témbal Asép terus kadéngé sora kutrak-ketrék keyboard komputer dipencétan.
Teu lila Asép nyarita deui,
"Pabrik aci Mei salah sawios anu nyupplai kabutuhan éksport aci Subrata Group diantawis 6 supplier sanésna. Mei ayeuna ngesub proyék pearumahan menengah ke bawah bersubsidi ti Bima Raya. Adén diréktur Bima Raya, piraku teu uninga?" Ceuk Asép ngehkéh seuri.
"Piraku wa?" Udin colohok sakaligus atoh sabab nyatana Mei kokoréh rejeki ti perusahaana. Udin langsung ngabarakatak seuseurian. Kitu deui wa Asép dina telepon. Terus Udin nyarita serieus,
"Wa bantuan kuring ngawarah Mei sabab geus ngaganggu pamajikan kuring"
"Hoyong dikumahakeun dsn? Peryogi diala nyawana?" Wa Asép nanya.
Udin némbalan,
"Teu kabéh masalah kudu diréngsékeun ku cara maéhan wa. Kasalahan jelema ieu ukur sombong ku pangaboga jeung resep ngaganggu pamajikan batur. Cukup pegatkeun kabéh liang rejekina. Sangkan kahareupna euweuh anu bisa dipaké sombong sarta euweuh kakuatan pikeun pamér ka pamajikan batur"
"Mangga dén, pengiriman Acina tiasa langsung disetop ku uwa ayeuna kénéh. Nanging masalah proyék perumahan, uwa kedah nelepon Susi. Pasihan uwa waktos sababaraha menit" ceuk Asép saterusna telepon ditutup.
Asép mémang jadi tulang tonggong kabéh usaha milik kulawarga Subrata ti baheula. Rajin mantau perkembangan informasi Subrata Group sadunya katut perusahaan-perusahaan anu ngadukungna. Sarta boga databasena sorangan. Ampir sarua jeung Isak, ngan ruang lingkup Isak mah leuwih leutik.
Di warung baso Katempo Icih keur meresihan beungeut Mei ku serbét baseuh bari sababaraha kali ménta dihampura. Udin gereget nempona. Sabab Mei makah beuki ngahajakeun nyokot kasempetan pikeun leuwih deukeut deui nempoan dada Icih.
Bari angger diuk, Udin ménta cai mineral ka kios roko gigireunna, terus nginum. Batur mah moal aya anu nyangka, pamuda anu keur diuk bari ukur maké calana pondok jeung sendal capit sarta nyekelan kerésék eusi deungeun sangu bari diuk dina trotoar sabenerna bos Bima Raya.
Teu lila Mei jeung Icih kalaluar ti warung baso. Mei ngarérét ka Udin anu keur diuk dina trotoar peuntaseun jalan. Terus nyarita ka Icih,
"Bu, kuring bisa ngahampura kasalahan salaki anjeun. Asal ibu daék neruskeun obrolan engké peuting jeung kuring. Kuring bakal nungguan di lobi hotél Lugina jakan Pasteur sarta nyiapkeun dana invéstasi awal 500 juta jeung surat perjanjian kerjasama anu kudu ditandatangan ku duaan"
Saterusna Mei nelepon ngabéjaan baturna sangkan ngabatalkeun rencanana ngawarah Udin. Tapi Mei boga rencana séjén. Réngsé ngasaan awak Icih peuting ieu. Mei bakal langsung nyandera Icih sangkan Udin datang ka hitél, kakara Udin bakal bener-bener disiksa.
Lantaran Icih geus kaluar. Udin buburu meuntas nyampeurkeun ka Icih, terus nyarita.
"Hayu nyi balik, teu kudu akrab jeung jelema anu sakeudeung deui bakal bangkrut. Moal aya modal nanaon anu bisa diharepkeun ti jelema siga kieu"
"Cuih! Geus sangsara, loba bacot. Dijieun tina naon otak sia? Bet bisa nyebutkeun aing bakal bangrut Sagala" ceuk Mei bari kumecrot nyiduh.
"Teu kudu maké otak mikiran nasib sia mah, cukup dipikiran ku ieu yeuh" ceuk Udin bari nyabokan bujurna sorangan.
"Akang nanaonan? Cekap atuh ulah diteraskeun" ceuk Icih.
Anu dipikasieun ku Icih lain masalah kagagalan usahana Din anjangan dana. Tapi hariwang kana kasalametan Udin sorangan. Sabab pasti bakal terus dikakalakeun ku Mei saupama Mei bener-bener kasinggung.
Ningali Udin anu teu eureun-eureun ngahina. Mei ahirna kapancing.
"Udin, aing geus jangjian jeung pamajikan manéh rék panggih deui peuting ieu di hotél pikeun méré dana keur usahana, tapi kuring ogé rek nitip saham dina rahimna. Sangkan anak kuring jaga ngarasa bagja, bisa lahir tina beuteung awéwé geulis" ceuk Mei bari nyakakak bangun anu bungah.
Ngadéngé omongan Mei, Dampal leungeun Icih langsung ngalayang nyabok pipi Mei.
"Kurang ajar, jadi kitu niat sia?" Ceuk Icih ambek. Terus ngaheumbatkeun tuurna kana parabot Mei. Mei jelas langsung muringis bari nyekelan parabotna anu karasa seueul.
Nempo icih ambek, Udin ogé maju. Terus ngadegung-degungkeun tarang Mei nepi ka mundur sababaraha léngkah.
"Rek bangrut ogé masih gedé haté ngaganggu pamajikan batur siah. Ti ayeuna kahareup sia bakal jadi galandangan anu leuwih hina tibatan aing. Moal aya anu ngarérét deui"
Teu lila telepon Mei disada sabab ditelepon ku asisténna. Mei buburu narima teleponna,
"Aya naon?"
Asisténna némbalan,
"Pa, supplai aci ka Jakarta di setop, kontainer urang anu geus siap dimuat kana kapal ogé kabéh dikirim balik deui ka Banjaran ti Tanjung Priuk. Mesin produksi jeung mesin packaging ditarik deui ku Subrata Group. Pabrik ogé ayeuna disegel ku Bank pikeun jaminan hutang, sarta bakal di lélang teu meunang operasi deui. Bandar-bandar pengepul sampeu ménta naék harga. Terus ibu Susi nyabut kontrak perumahan pikeun dipasrahkeun ka pemborong séjén. Perusahaan urang ayeuna di blacklist ku Bima Raya. Kudu kumaha pa?"
Suku Mei ngadadak leuleus, ponsélna ragrag tina leungeuna, késang tiis langsung barijil tina tarangna, beungeutna ogé pias. Terus Mei ngarangkul kana tihang listrik nahan awakna sangkan teu roboh.
Nempo parobahan Mei, Icih reuwas.
"Kang. Kunaon pa Mei sapertos anu teu damang?"
Udin gogodeg,
"Teuing atuh nyi. Paling salatri, sigana teu sarapan heula méméh ka dieu. Atawa geus lila teu manggihan awéwé, matak tihang listrik ogé dirangkul sabab katempona geulis"
Udin jeung Icih mundur ngajauhan. Ngan Udin bari nanya ka Mei,
"Kunaon anjeun Mei? Hayang ngising?"
Share this novel