108. Udin digoda ku Élsa

Fantasy Series 60

Icih jeung Elsa ogé ahirna dariuk dipeuntaseun Udin, ngeueum nyarande kana sisi balong bari ngarobrol. Tapi kaciri panon Élsa mineng maling maling nempo ka Udin. Sadar dirina dirsrétqn terus ku Élsa, Udin malik nonggongan bari naleukeum dina sisi balong meureumkeun panona. Udin sieun Icih salah sangka.

Di kolam éta ngan ukur maranéhna tiluan, sabab Isak geus ngatur saacana. Pangunjung séjén dialihkeun ka kolam-kolam séjén anu mémang loba sumebar di area résort.

Icih jeung Élsa geus teu ngarobrol deui, lantaran awakna mimiti ngarasa riléks, ahirna timbul tunduh. Élsa jeung Icih mémang pagawé, Icih loba nguruskeun kantor anyarnya jeung sibuk néangan proyék. Sedengkeun Élsa saprak ditunda di bagéan pemasaran ampir teu boga waktu istirahat dina jam gawéna. Pantes lamun duanana langsung tunduh. Icih hanjat tina balong nyokot anduk terus diamparkeun disisi balong langsung nangkuban saré.

Udin anu keur naleukeum di sisi balong ngarasa aya ombak cai anu nenggar kana tonggongna. Barang ngalieuk, nyampak Élsa keur ngojay nyampeurkeun terus ngagéndéng gigireunna adek kana awak Udin.

Karék oge Udin rék nanya biwir Élsa langsung nyium biwir udin, atuh Udin reuwas bari mundur. Tapi Élsa ngacungkeun curukna kana biwir udin.
"Ulah nyarios kang, Icih nuju kulem, bilih kaganggu"

"Sanajan Icih saré, ulah deukeut-deukeut ka akang" ceuk Udin.

"Mémangna kunaon?" Ceuk Élsa bari ngusapan dada Udin anu kakeueum ku cai.
"Abdi hoyong nganuhunkeun, nembé akang tos nyalametkeun abdi deui"

Ningali kalakuan Élsa anu beuki wani, Udin hanjat. Terus diuk sisi balong, ukur bitisna ka handap anu masih ngeueum,
"Wajar akang ngabéla, sabab Icih ogé diganggu ku si Salim" témbal Udin.

Élsa ngahajakeun pindah ka hareupeun Udin persis dina sela-sela suku Udin bari dua leungeuna muntangan kana pingping Udin kénca katuhu,
"Pokona mah abdi nganuhunkeun. Upami akang teu ngiring duka kumaha kajantenanna" bari leungeun Elsa dirameskeun kana pingping Udin.

Udin buburu ngaleupaskeun leungeun Élsa terus hanjat nagog sisi balong bari melong beungeut Élsa anu keur ngeueum sabeuheung dina cai.
"Ulah kikituan! Lamun Icih nempoeun. Akang bisa paséa"

"Akang ogé pan kantos ngarampa pingping abdi malah keuna kana gagaduhan abdi pan? Naha abdi teu kénging?" Ceuk Élsa

"Harita niat akang nulungan, euweuh maksud nanaon" témbal Udin.

"Lungsur deui kang, abdi hoyong nangkeup akang. Sawios Icih ningal ogé, supados akang tiasa énggal-énggal ceréi teras hirup sareng abdi" ceuk Élsa bari nyekelan bitis Udin anu nagog.

"Anjeun téga nganyenyeri sobat sorangan?" Udin nanya kerung.

"Ulah ngabohongan diri nyalira kang, mémangna kabagjaan naon anu kantos dipasihkeun ku Icih ka akang?" Élsa Malik nanya.

Sabab Udin teu daék turun deui, Élsa ahirna hanjat terus diuk malik ka balong bari ngaucang-ucangkeun sukuna kana cai,
"Abdi uninga akang nikah ka Icih akibat paksaan ti Wawan Kusumah. Sanés dumasar kana cinta, akang nyaah margi ngaraos asa kagungan rayi pan? Antawis akang sareng Icih, ku abdi teu katawis kaakraban sapertos carogé sareng bojona"

Élsa cirambay,
"Kanggé naon akang nikah upami mung silih pikanyaah hungkul mah? Ceréi, teras pilari deui istri anu tiasa ngurus akang lahir sareng batin. Sanés mikanyaah nanging akang dibabukeun"

"Anjeun teu ngarti nanaon. Hadéna cicing. Ulah loba ngoméntaran hubungan antara akang jeung Icih. Ukur akang jeung Icih anu nyaho sarta bisa ngarasakeunna" ceuk Udin

"Teras peraosan abdi ka akang, akang teu ngartos?" Élsa nanya.

Udin ungeuk,
"Akang ngarti, tapi teu bisa narima, hampura"

"Naha?" cipanon Élsa beuki merebey,
"Kunaon akang teras bertahan dina rumah tangga anu sapertos kitu?"

"Akang kungsi ngajelaskeun masalah éta ka anjeun sawaktu balik ti pasar. Sanajan akang kudu ceréi jeung Icih, akang teu bisa milih anjeun. Komo deui akang teu boga niat nyeréikeun. Anjeun ukur miceunan waktu sorangan" témbal Udin.

"Abdi réla miceunan waktu demi akang, dugi ka iraha waé abdi tetep bakal ngantosan. Cinta abdi ukur ka akang" ceuk Élsa.

"Anjeun bodo. Ratusan juta lalaki di dunya. Piraku euweuh anu cocok keur anjeun" ceuk Udin.

Panon Élsa peureum tipepereket sabab haténa karasa peurih, terus Élsa ngomong deui bari nginghak,
"Haté abdi tos aya di akang. Ti kawit kajantenan di taman dugi ka ayeuna. Haté abdi masih aya di akang. Moal tiasa dikabaturkeun"

Tapi Elsa ujug-ujug ngalieuk ka Udin, ngusapan cipanona terus seuri,
"Malah tadi wengi abdi ngimpenkeun akang, meni asa nyata"

Nempo Élsa seuri, Udin oge maksakeun seuri pait,
"Ngimpi naon?"

Élsa tungkul
"Ngimpen akang nepangan abdi ka bumi anu di Jakarta. Teras urang duaan nikah, teras..."

"Tuluy?" Udin panasaran

"Teras abdi kagungan orok pameget lintuh sareng sehat, mirip pisan sareng akang" ceuk Élsa pipina bareureum.

"Ngarana ogé ngimpi, kembangna saré, anu ngarana kembang pasti endah ngan can tangtu jadi buah" ceuk Udin.

"Nanging sanaos orokna istri ogé teu sawios, sami waé" ceuk Élsa saolah malaweung teu ngadéngé omongan Udin.

Udin nepak tarangna, lantaran nyatana dosa kabawa ku impianna sorangan anu ahirna jadi ngomong sorangan,
"Élsa, anjeun keur ngalaman halusinasi, anjeun teu ngarti ka akang"

Panon Élsa melong ka tempat anu jauh,
"Upami teu ngartos lami-lami ogé bakal ngartos. Teu nanaon akang teu nyeréikeun Icih, abdi tisa nyumput ti Icih, moal ngareksak sosobatan antawis abdi sareng Icih"

Udin cicing mikiran maksud Élsa.
"Jadi salingkuhan? Teu bisa!" Gerentes Udin.

Udin nyaah ka Icih, sabab Icih ogé nyaah ka dirina. Mémang kawinna dijodokeun ku Akina icih, tapi duanana teu ngarasa kapaksa. Sanajan ku anu séjén dihina, diseungseurikeun, tapi Icih jeung Akina mah masih ngahargaan ka Udin.

Ma Éméh gering nepi ka dirawat, Icih ogé loba ngabantu, mayaran biaya perawatanna, nebusan resépna, nepi ka daék nungguan mondok moék di rumah sakit maturan ma Éméh. Sok sanajan pas kudu dioperasi teu bisa ngabantu da biayana mahal. Tapi Udin bisa ngamaklum. Udin moal bisa mopohokeun kitu waé. Kumaha rék bisa salingkuh ka Elsa? Jelas Udin moal téga

Harita Icih lilir, terus rurat-rérét néangan Udin. Tapi saenggeus Udin katempo. Icih sare deui. Élsa ngagejeburkeun awakna kana cai terus ngojay jauh.

Udin nangtung ngadeukeutan ka Icih, terus ngajanteng bari melong awak Icih anu nangkuban pules. Sabab ngarasa aya anu nangtung di gigireunna Icih beunta terus ngalieuk ka gigir. katémbong suku Udin, Icih buburu malikeun awakna.
"Alhamdulillah kang, raos ogé dibobokeun sakedap"

Terus Icih néangan Élsa. Élsa masih ngeueum bari lalaunan ngadeukeutan ka Icih.
"Anjeun teu saré?" Ceuk Icih nanya ka Élsa bari seuri.

Élsa ngusap beungeutna ku cai,
"Rék kumaha bisa saré. Caina seger pisan" ceuk Élsa bari nyebrotkeun cai ka Icih ku leungeunna.

Icih ngoréjat hudang. Bari ngabetot leungeun udin ngagejeburkeun manéh bareng kana cai. Icih males Élsa nyebrotkeun cai ku leungeunna. Ahirna duanana cicirihilan bari silih sebrot ku cai. Teu disangka ku Udin duanana malah nyebrotkeun cai kana beungeut Udin, leungeun Udin pakupis ngabales. Bari milu seuseurian.

Bari perang cai, sabab deukeut, katempo ku Udin dada Élsa mémang leuwih montok tibatan Icih, tapi pakulitan Icih leuwih beresih sarta leuwih mulus tibatan Élsa. Sirah Udin ngarasa puyeng ngabayangkeunna, daripada mikiran anu lain-lain, ahirna Udin milih nyilem terus ngojay ngajauhan.

"Wéw, éléh kabur" ceuk Élsa bari ngaléléwé Udin. Icih ogé milu nyeungseurikeun Udin.

Udin ahirna hanjat, terus ngagélang buukna ku anduk.
"Akang enggeusan ah. Mun betah kénéh ngojay mah sok wé ngojay. Akang rék mesen heula cai nginum" ceuk Udin bari ngaléos.

"Pangnyandakkeun abdi Coca-Cola tiis kang" ceuk Icih nyorowok.

"Abdi sprite" ceuk Élsa nurutan.

"Sip" témbal udin bari ngacungkeun jempolna terus indit.
Bari leumpang udin gogodeg saolah teu percaya kana pangalamanna ayeuna. Aya dua awéwé gelis, anu hiji pamajikan anu hiji deui sobatna. Duanana pikagemeseun. Pamajikanna teu daék disaréan, sobatna malah meréan. Sirah Udin bener-bener jangar sabab duanana ukur bisa ditempo tapi teu bisa dihakan.

Harita Salim jeung awéwéna geus aya dina treuk anu rék ka pasar ciroyomkeun. Kapaksa maranéhna balik numpang kana treuk sabab lamun kana angkot atawa beus, pasti batur bakal nempo tulisan dina tarangna. Salim ngahaja diuk disisi bari tungkul leungeuna dipaké nutupan tarangna.

Sanajan tungkul, angger wé supir anu mawanancuriga sabab nempo Salim nyekelan waé tarangna jaba dina kaméjana loba getih garing.
"Jang! Anjeun geus tidagor?"

"Lain urusan manéh, nyupiran mah nyupiran wé, ulah loba tatanya, dasar jelema sangsara!" Ceuk Salim.

Supir kerung bari nyodorkeun box tisu,
"Elapan getihna, montong ngotoran mobil aing"

"Dasar jelema sangsara, pira ogé treuk, cuih!" Ceuk Salim bari nyiduh. Mémang geus jadi kabisaan, kalimah 'jelema sangsara' masih terus diucapkeunna.

Supir anu tadinya nyoba sabar ahirna ambek,
"Sia teu nyakola? Ngomong asal ngajeplak!"

"Dasar jelema sangsara! Tutupan sungut ulah ngocoblak waé bisi dipodaran ku aing!" Ceuk Salim.

Supir beuki ambek, 10 méter ti parapatan treuk ngahaja nyisi, terus supir turun asup ka pos polantas pikeun laporan,
"Pa. Dina treuk kuring aya jelema numpang ti Sari Ater. Awéwé jeung lalaki, anu lalaki tarangna getihan sarta ngancem rék maéhan kuring. Kuring hariwang manéhna mawa senjata. Pangnéwakkeun pa"

Tilu pulisi buburu kaluar ti pos langsung ngepung mobil bari nodongkeun péstol ka lebah salin anu diukna mémang sisi jandéla,
"Aranjeun duaan tunda leungeun dina sirah, kaluar tina treuk!"

Salim sadar geus dilaporkeun ka pulisi, ahirna nurut, kaluar tina treuk lalaunan,
"Dasar jelema sangsara!" Ceuk Salim kukulutus.

Salim mencrong ka saurang pulisi, sanajan leungeun di kana sirahkeun sasuai paréntah pulisi, tapi leungeun anu sabeulah tetep nutupan tarangna.
"Rék naon? Mana supirna? Buru anteurkeun aing balik!"

Ngadéngé omongan salim anu kasar sarta aya getih garing dina kaméjana, pulisi beuki yakin yén Salim jelema jahat,
"Malik kana mobil, angkat leungeun duanana, cangégangkeun suku!" Ceuk pulisi bari ngadeukeutan, nodongkeun pestol sarta ngaluarkeun borgol.

Anu Awéwé ngagugu, buburu malik. Tapi Salim teu ngagugu, malah nyarita,
"Aing nyaho saha komandan anjeun, telepon, béjakeun aing Salim. Anak pangusaha"

"Hah! Anak pangusaha? Tapi naha numpang kana treuk? Mémangna kolot manéh teu mampu mangmeulikeun mobil?" Ceuk pulisi nyakakak teu percaya.

"Dasar jelema sangsara! Telepon heula komandan manéh, sangkan nyaho aing saha" ceuk Salim nyorowok.

"Anjeun ngahina penegak hukum, kapaksa kuring kudu kasar" ceuk pulisi bari maksa Salim malik, dua leungeunna diborgol dihijikeun katukang. Kitu deui anu awéwé, duanana sarua diborgol.

Pas leungeun anu nutupan tarangna leupas, saurang pulisi nyorowok ka baturna,
"Woy tempo, dina tarangna aya tulisan jeLemA sAngSara" pokna bari nyakakak seuri.

"Naon ieu? Tato lain, barcode lain, tanda lahir ogé lain" ceuk baturna bari sarua nyakakak.

"Teu anéh titatadi ngomong jelema sangsara sababaraha kali, singhoréng geus kudrat" ceuk pulisi katilu bari maksa Salim jeung anu awéwé nagog.

Salim buburu tungkul pikeun nyumputkeun tarangna. Tapi angger teu bisa buni. Saurang pulisi nelepon Réskrim sangkan ngirim mobil pikeun mawa Salim jeung si awéwé.

Maklum di parapatan, loba jelema anu ngaliwat. Ningali aya penjahat ditewak kontan jadi tongtonan gratis. Kabéh jelema euweuh anu teu seuri nempo tarang Salim. Kadéngé sora anu maca tulisan 'jelema sangsara'. Nu séjén ogé loba anu maca ucapan éta.
Salim bener-bener teu nyangka omongan jelema sangsara terus-terusan kadéngé hareupeunna saolah-olah keur ditujukeun ka dirina. Malah aya anu wani motrét jeung midéokeun beungeutna sagala.

Salim nyarékan jelema anu motrét jeung midéokeun dirina,
"Dasar jelema sangsara! Mantog! bubar!"

Ngadéngé dicarékan ku kalimah jelema sangsara, anu lalajo beuki cacalakatakan bari nyurakan salim. Lantaran disurakan ku jelema loba, ahirna cicing pasrah. Ngarasa hanjakal naék treuk, padahal aya taxi, gocar, grab, ojég jeung sajabana.

Teu lila aya mobil BMW taun kolot eureun, tijero kaluar saurang pamuda langsung nyampeurkeun ka Salim.
"Salim, aya naon? Aduh, tarang anjeun getihan. Saha anu ngukir tulisan jeLemA sAngSara?"

Ningali aya anu wawuh ka dirina, Salim tanggah,
"Montong dibaca koplok! Saha manéh?" Salim nanya teugeug.

"Kuring Dudung Kusumah, anjeun kungsi diondang basa pengangkatan direktur Palapa. Teu inget?" Ceuk Dudung

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience