Firman langsung lumpat kaluar bari ningalkeun tapak ciompol anu terus ucrat-acret dina ubin teu madulikeun deui Unah. Sedengkeun Unah metot heula erokna bari luak lieuk sabab éra keur ditarempokeun ku jelema loba. Udin ngabalieur, bari nahan seuri. Kitu deui Icih.
Saenggeus erokna bener deui. Ahirna unah ngalésotkeun selopnya terus dijingjing bari ngiciprit lumpat nuturkeun Firman bari disurakan ku sararéa. Ngadéngé anu saleuseurian tukangeuna Unah asa keur dibeberik ku ratusan anjing galak anu geus asa sagep-gepeun ngegél bujurna bakat ku wirang.
Icih ngaérét ka Udin,
"Kang, Mutiara Sagara perusahaan ageung, akang kedah ati-ati"
Udin unggeuk bari seuri,
"Kawajiban akang pikeun ngaleungitkeun jelema-jelema sombong ti Bandung. Ulah poho, akang maung nyi. Bandung leuweung akang. Saha waé anu wani ngajieun kaributan di Bandung, kudu paadu hareupan heula jeung akang. Nyai teu perlu hariwang"
Icih ogé unggeuk, tapi tetep ngarasa hariwang,
"Abdi uninga, margi disapengkereun akang seueur jalmi-jalmi kiat anu siap ngabéla. Nanging kumaha upami jalmi-jalmi éta parantos ningalkeun akang, naon anu janten andelan akang?"
Udin nyekelan taktak Icih terus ngomong bari seuri,
"Anjeun meunang ragu ka batur, tapi ulah ngaragukeun salaki sorangan. Akang teu saperti anu katempo ku nyai"
Icih unggeuk, reueus ngadéngé Udin anu euweuh kasieun, haténa karasa beuki tentrem deukeut jeung Udin. Katambah Icih ogé kungsi nyaksian kakuatan Udin sawaktu nulungan élsa. Mémang aya parobahan gedé dina diri Udin saprak kawin ka dirina sarta loba anu ngahina, wibawana beuki kaciri. Anu saacana cicingeun, lemah sarta loba ngéléhan. Ayeuna geus jadi lalaki lébér wawanén anu siap dipaké panyalindungan ku icih jeung kulawargana.
Harita di luar kadéngé sora Firman keur cocorowokan. Firman mémang langsung bébéja ka 6 pangawalna sarta ka asisténna ngeunaan kajadian di jero. Sabab ngarasa geus aya anu bakal ngabéla. Firman ngagero ngaran Udin sarta nangtang gelut. Firman jelas dendam lantaran geus diwiwirang ku Udin, saumur-umur kakara ayeuna firman ngarasa harga dirina dileyek ku budak satepak hareupeun jelema loba bari di Bandung.
Ngadéngé ngaranna digeroan sarta ditangtang, Udin kaluar ti aula dituturkeun ku Icih jeung sababaraha jelema anu hayang lalajo. Diluar Udin ngarandeg nempo geus nyampak aya 8 jelema.
"Saha anu bisa méngkoran suku pamuda éta, 10 juta hadiahna ti kuring" ceuk Firman ka para pangawalna bari nunjuk ka Udin.
6 pangawal langsung maju ningker Udin anu geus ngaléngkah ka tempat anu rada lega. Icih jeung anu séjén mah buburu ngajauhan. 6 pengawal siga anu geus teu sabar hayang paheula-heula méngkoran suku Udin sangkan meunang hadiah 10 juta ti dununganna.
"Serang!" Ceuk saurang pengawal méré komando ka 5 baturna.
Ngadéngé paréntah nyerang, pangawal Firman anu geus ningker maju babareng bari ngaheumbatkeun peureupna séwang-séwangan. Sameter deui tepi kana awak Udin, Udin lucat luhur bari but bet ngajejekkeun sukuna kana dada 6 pengawal, kadéngé sora pating derekdek satiap suku Udin keuna kana dada musuh. Sapada harita 6 pengawal ngaracleng bari nyarekelan dadana, sabab tulang igana pararotong. Kabéh ukur narima sajejek éwang tapi meunang abibat anu sarua. Dadana karasa sesek teu bisa ngarénghap jeung Utah getih. Biwir kabéh pengawal ngabulaeh beureum kawas anu keur nyisig.
"Jelema naon anjeun? bisa ngarobohkeun 6 pangawal kuring bari can sempet noél-noél acan kana awak anjeun" ceuk Firman colohok.
"Kuring geus ngajelaskeun ka anjeun di jero, ulah aya anu coba-coba ngadeukeutan maung, komo bari nyerang. Éta akibatna" témbal Udin.
"Sombong!" Ceuk Firman.
"Sombong dihareupeun jelema sombong euweuh bédana. Aya waktuna kuring kudu handap asor, aya waktuna kuring mémang kudu sombong" témbal Udin deui.
Udin anu geus ngabogaan kakuatan tina kitab Ghoib 9 Elmu Karuhun. Ayeuna nyimpen aura gedé dina awakna anu teu bisa ditoong ku batur. Kakuatan éta lain tanaga dalam anu bisa dilatih. Tapi mémang kakuatan gedé anu geus nyayang ngahiji jeung awakna.
Tina 6 pangawal, 3 urang langsung ngusek teu sadar. 3 urang deui neuteup sieun ka Udin. Udin nyampeurkeun ka pengawal anu tadi méré paréntah nyerang,
"Anjeun pamingpina?" Ceuk Udin bari ngajejekkeun sukuna kana suku si pangawal, kadéngé sora ngabeletrok tulang suku anu potong. Si pangawal ngocéak nahan nyeri.
"Kahareupna pikirkeun heula akibatna saacan maréntahkeun batur nyerang, komo bari ngan ukur dibébénjokeun ku hadiah duit 10 juta, saupama dibagi ku genepan, saurang ukur kabagean sajuta leuwih. Mémangna bakal cukup keur ngubaran tulang potong aranjeun?" Ceuk Udin.
Ningali tulang suku baturna dipotongkeun ku Udin kawas anu keur nincak pangpung garing. Dua pengawal anu masih sadar langsung nyuuh sujud. Duanana ceurik bari ménta ampun ka Udin.
"Aranjeun digawé di jelema anu teu boga otak, aranjeun teu bisa ngabedakeun paréntah bener jeung salah. Bieu aranjeun boga niat hayang méngkoran suku kuring. Saupama kuring teu ngalawan. Suku kuring anu bakal péngkor. Sangkan kahareupna anjeun teu bisa méngkoran suku batur, aranjeun kudu péngkor leuwih tiheula" ceuk Udin bari ngaleyekan suku anu 5an, boh anu masih sadar boh anu geus teu sadar. Sanajan Udin teu katémbong bari ngaluarkeun tanaga, tapi jelas pisan kadéngé ku sararéa suku pangawal pating beletrok parotong.
Anu nyaksian pating birigidig, mangwatirkeun sakaligus sieun. Tapi euweuh anu wani nyalahkeun Udin. Sabab tindakan Udin bener sanajan katempona saména-ména.
"Suku dipéngkoran karasa nyeri pan? Tah batur ogé sarua saupama dipéngkoran ku aranjeun" ceuk Udin ka 3 pangawal anu masih sadar.
Firman jeung asisténna ukur bisa murungkut sieun. Firman teu nyangka Udin bakal telenges sarta teu boga rasa kamanusaan. Tapi lamun Udin teu ngalawan, saha anu sabenerna telenges jeung anu teu boga rasa kamanusaan?
Firman geus malik rék lumpat. Tapi puluhan préman anak buahna Bahar geus ngabedega ngahalangan di gerbang kaluar aréa gedung,
"Rék lumpat kamana?" Ceuk Bahar anu harita ngabedega panghareupna.
"Saha anjeun?" Ceuk Firman ka Bahar.
Kang Bahar némbalan ku ngeprétkeun lengeunna kana pipi Firman, Firman ngabangkieung kagigir.
"Kuring Diréktur Mutiara Sagara, anjeun ulah macem-macem" ceuk Firman bari muringis ngusapan pipina anu peureus.
Kang Bahar ngeprét deui pipi Firman anu sabeulah deui,
"Masih rék agul ku jabatan Diréktur Mutiara Sagara, manéh nyaho ieu dimana jeung saha anu geus disinggung ku anjeun?"
Ngan Udin buburu ngiceupan ka Bahar sangkan teu muka jatidirina sabab di dinya aya Icih jeung para pangusaha séjén anu mémang can wawuheun ka Udin. Bahar surti.
"Ukur salah faham, kuring jeung pa Udin ukur salah faham, Kuring moal ngaganggu deui" ceuk Firman bari rék ngaléos.
"Montong waka indit" ceuk Bahar bari nahan taktak Firman.
"Anjeun geus ménta ijin indit ka pa Udin can?"
Firman langsung malik ka Udin, terus nyarita bari ngalengis pikawatireun,
"Pa Udin, hampura kuring. Kuring salah faham, kuring rék indit"
Udin seuri sinis,
"Titadi oge pan geus meunang indit, tapi kunaon saenggeus di luar bet nangtang kuring? Jig indit, bawa para pangawal manéh, ulah ngotoran tempat ieu"
Firman buburu asup kana jero Rolls-Roycena terus diuk di gigireun Unah anu ti awal geus asup tiheula bari nyempod dina jero mobil. Sedengkeun asisténna sibuk bulak balik ngasup-ngasupkeun 6 pangawal dibantuan ku para préman anu datang bareng jeung Bahar. 6 pangawal dipaksakeun asup ka jero Rolls-Royce. Saterusna 2 Rolls-Royce indit rusuh ningalkeun tempat éta. Anu hiji disupiran ku asisténn Firman. Anu hiji deui disupiran ku Firman. Sabab dua supir saméméhna ngarangkep jadi pangawal anu ayeuna sukuna geus parotong.
Saenggeus Firman indit, Bahar buburu nyampeurkeun ka Udin bari manggut,
"Hampura akang telat dén, nepi ka Adén kudu ngotoran leungeun Adén sorangan. Kuduna tugas akang nyingkirkeun jelema-jelema anu kitu mah"
"Teu nanaon kang, naha kang Bahar bet aya didieu? Akang kaasup anu diondang ogé?" Udin nanya bari seuri.
"Salian ti usaha Rumah Klasik, akang ogé ngaberdayakeun para préman pikeun digarawé nyuplai keusik, barangkal, batu sarta taneuh urugan ka sasabaraha proyék perusahaan konstruksi. Saupama teu diwarah kitu, maranéhna rék arusaha naon deui? Tibatan udar ider di jalan. Jadi akang kadieu mémang diondang ku ibu Susi" témbal Bahar.
Udin mémang kungsi ngadéngé. Salian ti supplier resmi, aya ogé supplier-supplier anu nyuplai kabutuhan proyék tapi teu boga bandéra usaha, jadi ngaatas namakeun pribadi atawa masyarakyat, nya meureun salah sahijina saperti kang Bahar.
"Alus. Salila teu ngarugikeun batur, asal gawé halal, kuring ngadukung sarta milu bungah kang" ceuk Udin.
Bahar unggeuk,
"Bener dén. Saprak wawuh jeung Adén, akang ngajarkeun bebeneran ka kabéh anak buah. Adén ulah asa-asa méré tegoran atawa méré paréntah ka akang lamun manggihan aya anak buah akang anu masih kénéh teu eucreug di luaran"
Saméméh balik ka villa Kusumah, Firman nyimpang heula ka rumah sakit pikeun ngubaran dirina jeung Unah sarta ngasupkeun kabéh pangawalna sangkan dirawat. Kusabab Firman jeung Unah ukur tatu diluar, jadi meunang langsung balik. Sedengkeun 6 pangawal kapaksa kudu ngajalanan rawat inap sabab tulang suku jeung tulang igana parotong. Firman teu mariksakeun bobogaanna ka dokter sabab éra.
Ahirna Firman jeung Unah balik ka villa Kulawarga Kusumah. Sedengkeun asisténna jeung hiji mobil ditingalkeun di rumah sakit. Sabab kudu nguruskeun para pangawal anu dirawat.
Jok mobil anu didiukan ku Firman geus jemblong, sabab cai ompolna terus-terusan kaluar. Lantaran bau hangseur anu pengar kacida, sanajan mobil méwah ogé kapaksa kudu dibuka kabéh kaca jandélana sangkan bauna ka angin-angin kaluar. Awak Firman karasa nyareri satulang sandi, utamana bagéan beungeut anu geus ditonjok ku Udin jeung ditampilingan ku Bahar.
"Kang. Salira kedah milarian cara kanggé males ka si Udin. Saupami diantep, kapayunna anjeunna bakal langkung ngalunjak" ceuk Unah.
Firman kekerot,
"Tenang sayang, akang masih boga cara pikeun modaran si Udin, akang ogé karék ayeuna ngalaman dihina sarupa kieu. Jelas moal diantep"
Unah atoh ngadéngéna, leungeunna geus ngaragamang rék ngusapan bobogaan Firman anu keur nyupiran. Tapi buburu dibetot deui lantaran ngarasa rujit, sabab calana Firman baseuh ku cai ompolna sorangan. Jadi Unah nyarita deui,
"Kang. Saupami badé males ka si Udin, ulah hilap ajak abdi. Abdi hoyong si Udin sujud bari nyuhunkeun dihapunten heula ka abdi sateuacan dipaéhan ku akang" ceuk Unah.
"Pasti, tungguan lamun geus tepi kana waktuna" ceuk Firman terus cicing, ngan sakali-kali firman neunggeulan setir Rolls-Royce anu keur dicekelanna sabab masih ngabayangkeun kajadian bieu anu geus diwiwirang ku Udin.
Unah percaya. Ku kabeungharan Firman, Firman bisa waé nyéwa puluhan bodyguard atawa préman keur nyilakakeun Udin.
Firman ogé ngarasa hanjakal indit ka Bandung ukur mawa 6 pangawal jeung saurang asistén. Padahal loba kénéh para pangawalna di Banjar. Tapi da mémang teu nyaho bakal aya kajadian kieu, jadi ukur bisa ngarasa handeueul hungkul.
Nempo Firman anu sakapeung neunggeulan setir, Unah nyarita,
"Kang. Ulah ambek-ambekan nyalira. Langkung saé jagjagkeun heula awak akang. Masih seueur waktos kanggé ngarencanakeun males dendam. Upami parantos dugi ka dibumi, hayu urang ngeueum ku cai haneut sasarengan, supados emosi akang lungsur" ceuk Unah bari ngiceupan.
Ngadéngé Kitu Firman langsung ngajejek pedal gas sangkan bisa buburu tepi ka villa Kusumah. Sanepina ka imah, Firman langsung nungtun Unah naék ka lantéi dua. Teu maliré deui ka Rukmini, Isah jeung Karsidi anu harita keur ngarobrol di rohangan tamu. Isah nepi ka ngélémés éra bari leungeunna nyiwit pingping Karsidi. Sedengkeun Rukmini ukur bisa gogodeg.
"Unah, ulah poho, sugemakeun calon salaki manéh" ceuk Rukmini nyorowok ka Unah anu keur naék kana tangga nuturkeun firman.
Karsidi jeung Isah silih rérét ngadéngé omongan Rukmini. Sabab asa teu pantes ku kakolotana, Rukmini kudu nyarita kitu. Ngahucuh-hucuh incuna sangkan ngalayanan lalaki anu can sah jadi salakina.
Nempo Karsidi jeung Isah jiga anu teu panuju, Rukmini muncereng,
"Kunaon? Naha salah aing ngomong kitu? Si Unah bakal dikawin, wajar lamun diajar ngalayanan calon salakina sangkan biasa. Jadi moal ragab deui dimana geus kawin"
Karsidi jeung Isah ukur tungkul sieun ku Rukmini.
Share this novel