42. Dudung diusir ti palélangan

Fantasy Series 36

"Pariksa surat ondangan 2 jelema ieu, Kuring curiga ondanganna palsu" ceuk Dudung ngajelaskeun.

Keur ngajaga privasi, kabéh ondangan mémang teu maké ngaran. Ngan ukur di tapelan barcode. Kudu maké alat pikeun mariksana. Jadi moal katempo sacara kasat mata asli atawa palsuna. Jadi security ukur bisa ngarérétan jelemana. Rét ka Dudung anu maké jas jeung dasi. Yakin mémang jelema beunghar. Tapi rét ka Udin jeung Mardi anu ukur maké kaméja biasa, security rada kerung. Pantes Dudung rék curiga ogé, bet dirina sabagé security ogé rada curiga.

Jadi security nyarita ka Udin jeung Mardi,
"Tiasa nambut ondanganna? Ku abdi badé di parios di payun ngangtge alat"

Udin seuri,
"Saupama kuring teu daék némbongkeun ondangan kumaha?"

Security némbalan,
"Sebutkeun ngaran aranjeun, ti kulawarga mana? Kuring bisa mariksana dina daftar ondangan resmi"

Dudung buburu némbalan,
"Anu kolot ieu uwa kuring Mardi kusumah ti kulawarga Kusumah, anu ieu ngarana Udin minantuna, tukang ngaduk. Tapi kulawarga Kusumah ukur meunang 1 ondangan anu di wakilkeun ka kuring, Dudung Kusumah"

Security unggut-unggutan, terus neuteup ka Udin jeung ka Mardi,
"Hartina aranjeun asup ilegal. Wéyahna kudu kaluar"

"Teu bisa" ceuk Udin.

"Kuring ukur ngalaksanakeun aturan. Kadieukeun ondangana, béré kuring kasempetan pikeun mariksa. Lamun henteu anjeun duaan kudu diusir" ceuk security teges, bari ngagupayan saurang baturna. Ayeuna 2 security geus siap ngusir Mardi jeung Udin.

Mardi rampang reumpeung ngarasa hariwang , beungeutna katembong geus pias lantaran sieun jeung éra, sabab bisi bener ondanganna palsu. Lantaran lamun asli, Udin sabenerna teu kudu hésé mikeun, kari tembongkeun ondangana, bérés. Dari pada kudu digiringkeun kaluar bari diusir.

"Hayu balik Din" ceuk Mardi.

"Pa, ari kitu bapa moal ninggal acarana?" Udin nanya ka Mardi.

"Hayang, tapi euweuh gunana lamun ahirna diusir, pasti bakal wirang" ceuk Mardi.

Udin unggeuk, terus malikeun awakna ngaléngkah ka panto kaluar, dituturkeun ku Mardi.

Nempona Dudung nyakakak seuri,
"Kunaon kabur? Pasti sieun lantaran rumasa salah nya? Wawanian asup ka acara jelema beunghar. Dikira gampang"

Udin teu maliré, tetep leumpang ka panto kaluar bareng jeung Mardi. Bari dilalajoan ku ondangan séjén anu ti awal mémang milu merhatikeun. Can jauh Udin jeung Mardi ngaléngkah, Warni jeung saurang lalaki anu kakara datang asup. Anu lalaki langsung mawa buku tamu anu geus di vérifikasi tina méja security bagéan hareup.

Warni katémbongna geulis pisan, maké gaun malam warna hideung anu napel kana awakna anu lempay bodas, matak pikaserabeun jeung pasti uruy pikeun mata lalaki anu nempona. Dudung ogé nepi ka neureuyan ciduh nempo Warni datang. Warni dibaturan ku asisténna anu ngarana Barda.

Warni langsung asup ka aula acara, bari ngarérétan korsi VIP di jajaran hareup. Katempo masih aya 2 korsi anu kosong. Warni kerung, terus nanya ka Barda.
"Barda! Saha 2 tamu VIP anu can datang?"

Barda buburu mariksa buku tamu.
"Non, kedahna tamu anu dimaksad Aya, Margi ulemanna parantos divérifikasi, nanging duka kamarna?" Saterusna Barda ngagero saurang security anu tugasna mémang di aula.

Security gura-giru nyampeurkeun, terus nanya,
"Aya anu peryogi di bantos gan?"

Barda nunjuk kana 2 korsi VIP anu masih kosong.
"Kamarana 2 tamu VIP anu kuduna diuk di dinya?"

"Tamu VIP?" ceuk security reuwas, beungeutna langsung pias. Sabab tadi saacan di usir ku dirina, Udin jeung Mardi mémang rék dariuk di dinya, ngan dihalangan ku Dudung.

"Enya!" Ceuk Barda.

Security teu wani ngabohong, jadi langsung nyaritakeun kajadian saacan Warni jeung Barda asup. Warni anu ngadéngé penjelasan ti security ngarénjag. Terus ngarérét ka Barda,
"Barda, Kuring kudu nyusulan tamu kuring. Anjeun di dieu, béréskeun heula masalah ieu" saterusna Warni ngaléngkah ka lawang kaluar rék nyusulan Udin jeung Mardi.

Barda langsung ambek bari ngagusur security ka sisi,
"Nanaonan ari sia, wani ngusir tamu ondangan. Matak bisa asup ogé hartina ondangana geus di pariksa"

"Jelema anu maké jas coklat itu anu nitah kuring pa" ceuk security bari nunjuk ka Dudung.

Nempo kasalahan di teumbleuhkeun ka batur, Barda ambek. Jekuk! Beuteung security ditonjok, terus Barda muncereng,
"Ti yayasan mana sia? Kaluar! Aing rék nungtut yayasan sia pikeun mecat sia jeung yayasan kudu mayar kompénsasi tina karugian ieu"

"Ampun pak, hapunten abdi, abdi teu uninga duanana tamu penting" ceuk security handeueul ku kasalahanna.

Tapi Barda teu méré ampun, security digusur kaluar terus di jejek tonggongna,
"Mantog!"

Barda asup deui bari ngagero ka security séjén,
"Bawa lalaki anu maké jas coklat itu ka kuring" pokna bari nunjuk ka Dudung.

Dudung harita geus diuk dina korsi ondangan bari sura-seuri sabab bagja geus bisa ngusir Mardi jeung Udin ti aula. Ningali Aya saurang security nyampeurkeun, Dudung kerung,

"Punten, anjeun diantos ku pak Barda diditu" ceuk security ka Dudung bari nunjuk Barda anu nangtung di sisi nungguan dirina.

Ngadéngé ngaran Barda, Dudung buburu nangtung bari nempo ka Barda terus seuri manggut ti kajauhan, terus buburu nyampeurkeun. Geus lila Dudung nyaho yén Barda asistén kapercayaan kulawarga Nataprawira dina urusan acara-acara penting kulawarga.

"Pa Barda. Tos lami abdi ngadangu Nami salira. Nembé ayeuna tiasa pendak. Nepangkeun. Abdi Dudung Kusumah" ceuk Dudung bari nyolongkrong ngasongkeun leungeunna ngajak sasalaman.

Tapi lain narima leungeun Dudung, Barda langsung ngajejek beuteung Dudung nepi ka ngajengkang diuk,
"Oh jadi sia anu wani ngusir tamu dunungan kuring hah!"

Satadina Dudung hayang wawuh ka Barda, ngajieun jalan pikeun ngaraketkeun hubungan antara kulawarga Kusumah jeung kulawarga Nataprawira. Teu nyangka Barda ujug-ujug najong beuteungna nepi ka Dudung ngajengkang diuk.

Buburu Dudung nangtung terus ngeprukan calanana bari rurat-rérét kaditu kadieu sabab éra ku ondangan séjénna,
"Pa, Aya kasalah fahaman naon ieu?" Dudung nanya.

"Ceuk sia salah faham? Kulawarga sia anu salah ngutus sia datang kadieu. Jelema teu gableg mata!" Ceuk Barda bari nampiling pipi Dudung nepi ka ngabangkieung ambruk diuk deui.

Barda nyampeurkeun terus ngajejek dada Dudung anu rék nguniang hudang.
"Nyaho manéh saha tamu anu geus diusir ku sia?" Ceuk Barda bari ngadedetkeun sukuna kana dada Dudung.

"Ampun, Kuring teu ngusir tamu, Kuring ukur ngusir dua galandangan anu susulumputan asup maké ondangan palsu" témbal Dudung.

Suku Barda anu nincak dada Dudung di tajongkeun kana gado Dudung, disusul ku peureupna nonjok puhu irung Dudung,
"Goblog! Galandangan anu disebut ku sia éta tamu VIP anu ngahaja di ondang langsung ku non Warni Nataprawira"

Saterusna Barda ngarérét ka security,
"Gusur jelema ieu kaluar, mimiti ayeuna salian ti dua tamu VIP anu keur disusulan ku non Warni. Teu meunang aya deui anu asup. Komo ngaku ti Kulawaga Kusumah. Langsung tolak!"

Dua urang security langsung nyekel suku Dudung kénca katuhu, terus digusur kaluar dina kaayaan irung ngucur getih, sabeulah pipina bareuh jeung jas lebah tonggongna ogé ahirna rangsak. Di luar Dudung hudang ngaléngkah rarampéolan bari nyekelan beuteungna anu masih karasa nyeri nuju kana mobilna anu di parkir rada jauh, terus balik.

Dudung teu nyangka, Udin jeung Mardi datang lantaran di ondang langsung ku Warni sabagé tamu VIP. Teu kapikir ku Dudung kumaha Mardi jeung Udin bet bisa wawuh ka kulawarga Nataprawira, bet dirina ogé can wawuh.

Basa Udin jeung Mardi kaluar ti BCC, duanana langsung balik. Dina mobil Mardi nyarita ka Udin,
"Din, bapa mémang hayang ngahadiran acara lélang. Tapi lain hartina anjeun kudu ngajieun ondangan palsu"

Bari nyupiran Udin némbalan,
"Pa, sanés perkawis ondanganna, da ari ondanganna mah asli. Nanging abdi haroréam upami kedah pendak sareng jalmi sombong anu teras-terasan ngahina kamiskinan batur. Abdi teu kiat"

"Numatak, Lamun embung terus-terusan di hina batur. Sok atuh di gawé da anjeun téh ngora kénéh. Témbongkeun yén anjeun oge boga martabat. Ulah pangedulan teuing" ceuk Mardi mapatahan.

Tanpa sadar hiji Rolls-Royce keur ngebut ngudag tukangeunna, nyiap langsung motong jalan terus eureun. Nempo mobil Warni ngerém hareupeunna. Udin ogé eureun. Warni kaluar tina Rolls-Royce milikna terus leupang nyampeurkeun ka Udin anu keur nyekelan setir BMW. Udin buburu muka kaca jandéla. Warni napelkeun dua dampal leungeunna bari ngabongkokkeun awakna,
"Pa Udin, abdi leres-leres neda dihapunten ku kajantenan nembé. Abdi teu uninga. Mangga mulih deui ka BCC"

Udin seuri,
"Lain kasalahan anjeun, security kuduna leuwih taliti deui mariksa ondangan"

"Barda asistén abdi pasti parantos ngawarah jalmi-jalmi anu kalibat. Hayu mulih deui, salira kedah nyaksian lélang" ceuk Warni ngolo sangkan Udin daék balik deui.

"Hampura, Kuring teu bisa, minat kuring geus di ruksak ku sababaraha oknum. Ijinkeun kuring balik ka imah" ceuk Udin.

"Mangga atuh upami kitu mah, ulah kirang-kirang ngahapunten ka abdi" ceuk Warni bari ngodok tasna sarta ngaluarkeun cepuk kai.

"Tampi ieu, ulah pegat silaturahmi mung gara-gara kajantenan nembé" ceuk Warni.

Aya aura gede anu karasa ku Udin tina eusi cepuk kai, buburu ku Udin di tarima.

Ningali Udin narima, Warni seuri bungah,
"Abdi badé ngabatalkeun acara lélang sakantenan badé nyarios ka Barda supados tiasa langkung waspada dina ngatur padamel. Acara badé diayakeun deui saupami salira parantos siap kanggé ngahadiranna. Wartosan wéh abdi"

Mardi ukur bisa colohok. Saenggeus Warni naék kana mobilna, buburu Mardi nanya ka Udin,
"Din, awéwé bieu pemilik toko barang antik anu kendina dipeupeuskeun ku bapa téa pan? Wani ngabatalkeun acara demi anjeun?"

"Sanés mung pamilik toko pa, anjeunna ogé anggota ti kulawarga Nataprawira. Piraku bapa teu uninga?" ceuk Udin bari majukeun deui mobilna.

"Laun kitu buburu atuh béjana. Iraha anjeun siapna? Urang datang deui" ceuk Mardi bari ngageubig-geubig leungeun Udin siga anu teu sabar.

Udin gogodeg bari nicak pedal gas teu maliré ka Mardi.

"Naon eusi cepuk bieu, buru buka Din, bapa hayang nempo" ceuk Mardi deui.

Udin unggeuk, cepuk ditunda dina lahunanna terus dibuka ku leungeun kéncana. Pas cepuk dibuka, aura gedé langsung mangaruhan awak Udin. Sababaraha baris kalimah Tina buku 9 Élmu Karuhun langsung ngaraliwat dina jero sirahna saolah-olah méré nyaho.

Mardi ngarahuh,
"Naon ieu? Sugan téh barang mahal siga paméré ti Qin Gang, nyatana ukur areng sapotong"

Udin ngarérét kana lahunanna. Di jero cepuk mémang aya batu hideung anu teu puguh rupana. Leuwih mirip batu bara. Wajar lamun Mardi nyangka barang éta ukur areng. Jadi Udin ukur mésem, sabab Udin nyaho, éta mangrupakeun fosil dahan kai anu potong lantaran kungsi kabéntar gelap rébuan taun ka tukang terus kakubur anu ahirna ngabatu.lnataran prosés alam.

"Pa, ieu mémang areng, nanging yuswana rébuan taun" ceuk Udin ngajelaskeun bari nutupan deui cepuk terus disakuan.

Mardi kerung, sabab sanajan umurna jutaan taun, naon istiméwana? Pasti moal aya hargaan. Kecuali kabuleun ku inten atawa giok.

Udin terus ngabayangkeun batu dina cepuk, énérgi anu aya di jero batu tangtu asalna tina énérgi béntar anu nyamber terus kakurung dina kai éta nepi ka ngabatu. Lamun henteu pasti kai éta geus kudu bubuk jadi lebu. Jeung kaina ogé tangtu kai teuas tina tangkal anu geus ratusan taun umurna. Udin ngagerentes,
"Iraha-iraha, kuring kudu nyoba ngaluarkeun énérgina, sabaraha gedé kakuatanna"

Jadi masih aya 2 pigawéeun keur Udin ayeuna. Muka rusiah kai kaboa, jeung muka rusiah batu hideung ieu. Ari ubar mah Udin kari néangan bahan keur praktékna, da ari téorina mah geus ngarti. Kabéh aya dina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

Pas duanana asup ka Imah, Imah dina kaayaan kosong. Sabab Icih ngalembur, sedengkeun Lastri keur judi jeung batur-baturna.

Udin buburu asup ka kamarna bari muka deui cepuk kai ti Warni. Batu dikaluarkeun, karasa aya hawa haneut kana leungeuna, hiji ciri yén batu ngandung énérgi. Saterusna Udin sila dina samak, batu ditunda dina dampal leungeunna, panona peureum sabab kudu nuturkeun metode dina buku 9 Élmu Karuhun pikeun mindahkeun énérgi batu kana awakna.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience