Disebut anjing, si lalaki maju bari ngangkat korsi rék dibabukeun ka Darwin. Ngan Udin buburu asup ngarebut korsi bari molotot ka si lalaki,
"Wani nyiksa sobat kuring anu geus teu walakaya. Sia bakal modar!"
"Saha anjeun?" Ceuk si lalaki nyorongot ka Udin.
"Ngarana Udin, anu méré lukisan" ceuk Lili bari memener BHna anu tadi dikodok.
"Kaluar, ulah pipilueun kana urusan batur" ceuk silalaki bari tipopolotot ka Udin.
"Nitah kuring kaluar? Memangnya anjeun saha?" Témbal Udin kalem.
"Aing Mamat Kacang. Anu nyekel terminal Lémbang" ceuk si lalaki anu nyatana ngaranna Mamat.
Barakatak teh Udin seri,
"Payus jeung ngaran siah. Ngaran Mamat Kacang, kabeukina ogé kacang. Kuring teu paduli saha anjeun. rék Mamat Kacang, Mamat obéng, atawa Mamat Sendal. Anu puguh anjeun geus ngajieun kueing kesel. Anjeun kudu ménta dihampura ka Darwin, dibonusan suku anjeun kudu potong sabeulah ku kuring. Lamun henteu, anjeun bakal modar"
Lili muncereng ka Udin,
"Udin, jaga omongan anjeun. Dasar tukang ngaduk teu nyakola. Ngomong padu engab"
Udin seuri sinis,
"Anjeun teu perlu milu ngomong, bisi awak buleud anjeun dikempésan ku kuring"
Lili langsung ngarenghik ka Mamat,
"Sayang, si Udin ngahina. Teunggeulan atuh yang, ulah diantep"
"Kuring moal ngotoran leungeun sorangan, tungguan saha nu bakal datang" ceuk Mamat bari ngaluarkeun HPna terus nelepon.
"Datang ka rumah sakit, bangsal umum A11, bawa balad sing loba. Aya teunggeulaneun didieu" ceuk Mamat.
"Aéh, Ari sugan téh heueuh wani neunggeulan kuring. Dikira ku anjeun kuring ogé teu boga titaheun?" ceuk Udin bari ngaWA Bahar
"Datang ka Hasan Sadikin kang, bangsal A11. Kuring rék aya anu maéhan"
"Atosan dén, moal lami" Bales kang Bahar.
"Anjeun nga SMS saha?" Ceuk Mamat nanya ka Udin.
"Jelema anu bakal modaran anjeun" témbal Udin.
Darwin dina ranjang usek-usekan maksakeun rék diuk.
"Buburu indit din, ulah ngalayanan jelema ieu. Anjeun bakal cilaka" ceuk Darwin ka Udin.
"Sarékeun, cicing, ulah hariwang ka kuring" ceuk Udin bari nyarékeun deui Darwin.
"Anjeun moal bisa ngalawan Din, lewih hadé ingkah tibatan cilaka" ceuk Darwin deui.
Udin seuri,
"Jelema anu bisa nyilakakeun kuring can lahir" saterusna Udin mesék cangkang jeruk terus jerukna dihuapkeun sapasi kana sungut Darwin, sapasi deui dihuapkeun kana sungutna sorangan.
"Kumaha amis?" Ceuk Udin nanya ka Darwin bari ngagayem jeruk.
Darwin unggeuk bari ngagayem jeruk. Udin nanya deui,
"Bapana Lili, Hérman Wiranata nyahoeun anakna zinah terus anjeun diteunggeulan?"
Darwin unggeuk,
"Nyahoeun, sabab ditelepon. Ngan jawabanna teu asup akal 'eta urusan budak ngora, bapa moal pipilueun' pokna téh"
Udin kerung, terus nanya,
"Kungsi anjeun ménta deui duit anjeun anu 100 juta ka bapana Lili?"
Darwin unggeuk deui,
"Saenggeus kuring di dieu sabab butuh biaya, ngan bapana teu ngaku yén kuring kungsi mikeun duit 100 juta, persis jeung ucapan anakna bieu" témbal Darwin bari ceurik deui ngagukguk.
"Keterlaluan! teu anéh lamun gablég anak tukang lacur. Sabab bapana ogé setan!" ceuk Udin ambek.
Sabenerna saupama paadu hareupan langsung jeung Mamat ogé Udin moal éléh. Salian ti postur awak Udin anu leuwih jangkung. Udin ogé teu ngaroko, unggal poé olahraga naék sapédah, masak, sasapu jeung sajabana. Ditambah ku Élmu Kanuragan tina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu geus aya dina uteukna sanajan can dipraktékeun ogé.
Béda jeung Mamat, Mamat leuwih pendék, jaba playboy anu sok gonta ganti pasangan. Sanajan awakna badag tapi sukuna pacér. Beuteung bucitreuk ogé lantaran loba nginum alkohol. Olahragana ukur dina ranjang hungkul bari sok ngaroko.
Keur leutik, Udin kungsi diwarah penca silat ku bapana, salila di asuh ku ma Éméh oge dikursuskeun diajar karaté. Jadi dasar-dasar beladiri mah sabenerna geus cukup. Ditambah fisikna beuki alus lantaran diolah di proyék. Jadi kuli beurat, ngaduk, manggul semen, jeung sajabana. Jadi sanajan bégang, tapi awak Udin keker.
Udin ogé ngaWA Isak di Padma.
"Mang, Téangan asal-usul Mamat Kacang"
Teu lila Isak ngabales,
"Ngaran bapana Suparman usahana jual beuli imah, boga pabrik batako. Tapi si Mamat sorangan pangedulan anu sok majegan angkot di terminal Lémbang. Juragan aya masalah jeung manéhna?"
"Enya, tapi kang Bahar rék datang. Aya tugas husus keur mamang" témbal Udin.
"Naon gan?" Isak nanya.
"Bawa bapana si Mamat ka Hasan Sadikin jeung saurang lalaki kolot maké kaca panon kandel di réstoran Sans Co dago. Ulah lila teuing. Ku kuring ditungguan di rumah sakit Hasan Sadikin bangsal A11" ceuk Udin.
"Mangga juragan" témbal Isak.
"Ulah ku mamang, nitah pengawal atawa saha waé. Mamang saurang diréktur, teu pantes nguruskeun masalah siga kieu sacara langsung, jeung mamang mah teu perlu datang ka dieu" ceuk Udin.
"Siap juragan" témbal isak.
Udin ngarérét ka Mamat, terus nyarita,
"Ceuk béja anjeun ukur anak tukang ngajieun batako, tapi kunaon rék coba-coba némbongkeun sihung ka Kuring? Kolot aranjeun duaan ayeuna bakal datang kadieu, ngarah nyaksian kumaha cara kuring ngadidik anak anu bener"
Réngsé Udin ngomong, panto bangsal aya anu najong ti luar, 8 préman asup. Mamat curinghak bungah, buburu méré paréntah ka para préman éta bari nunjuk ka Udin,
"Bantuan Kuring podaran jelema ieu"
"Anjeun boga masalah jeung dulur kuring?" Ceuk préman anu panghareupna muncereng ka Udin.
Udin unggeuk
"Enya, anjeun rék ngabéla?"
Préman mencrong Udin rada asa-asa. Sabab karék ayeuna aya saurang pamuda biasa nyinghareupan 8 préman tapi teu kaciri sieun.
"Timana asal anjeun?" Ceuk préman nanya.
"Bandung imah kuring" témbal Udin.
Préman ngaléngkah ngadekeutan,
"Sebutkeun kahayang panutup anjeun saacan modar"
Udin seuri sinis,
"Kahayang Kuring, aranjeun saupama hayang salamet, deku sarta ménta dihampura ka Kuring ayeuna keneh!"
"Naon?" Ceuk préman molotot.
"Gobang! Deku terus ménta di hampura, piraku teu jelas!" ceuk Bahar anu geus nyampak ngabedega dina lawang panto.
Beungeut préman anu disebut Gobang langsung pias pas ngadéngé sora Bahar tukangeunna. Tapi can wani ngalieuk.
Bahar asup dituturkeun ku Murad jeung 4 préman séjénna. Malah masih aya 4 préman deui diluar.
"Tutup panto terus konci. Ulah Aya nu asup!" Ceuk Bahar ka Murad.
Murad nurut, buburu panto ditutup terus di konci tijero. Bahar ngaléngkah ka hareupeun Gobang bari nukangan Udin. Bahar ukur mencrong beungeut Gobang bari teu nyarita nanaon. Dipencrong kitu ku Bahar bari teu nyarita, Gobang buluar-balieur teu wani nempo beungeut Bahar.
Mamat kerung nempo sikep gobang. Jadi Mamat nanya,
"Kang Gobang, Naha cicing? Saha aki-aki gendut ieu?"
Sakilat siku gobang ngajebrod beungeut Mamat nepi ka Mamat langsung ngajengkang ka tukang bari beungeutna baloboran getih anu kaluar tina irungna.
"Goblog! Sia geus mamawa aing kana masalah ieu" ceuk Gobang ambek ka Mamat.
Bahar ngangkat tuur satarikna Kana bobogaan gobang anu ngakibatkeun Gobang ogé langsung rubuh deku muringis bari dua leungeuna nungkup bobogaana anu seueul.
"Tah kitu deku, ulah hararésé" ceuk kang Bahar.
Saterusna Bahar ngarérét ka Murad,
"Murad! Anu 7 jelema deui titah deku"
Tanpa némbalan Murad langsung nonjokan beuteung 7 préman séjénna anu datang bareng jeung Gobang. Kabéhanana langsung moyongkod deku bari pating puringis euweuh anu wani ngalawan.
"Tah ayeuna kabéh geus deku, saterusna lakukeun anu di pénta ku pa Udin" ceuk Bahar bari ngaléngkah ka gigireun Udin.
Gobang buburu ngarapetkeun dua dampal leungeuna dina luhureun sirah,
"Hampura Kuring pa Udin" diturutan ku préman-préman séjénna.
"Dén, hampura akang telat datang" ceuk Bahar ka Udin bari rengkuh hormat.
Gobang sarta préman-préman séjénna ngarénjag nempo Bahar anu sakitu sopana ka Udin nepi ka nyebut adén. Kabéh beuki sieun.
Mamat sadar dirina keur neunggar cadas. Jadi teu wani deui loba omong, murungkut dijuru bangsal bari nyusutan getih dina beungeutna ku leungeun bajuna. Lili ogé sarua, murungkut émok dijuru bari ngadégdég tungkul.
"Akang wawuh ka para preman ieu" Udin nanya ka Bahar.
"Si Gobang jeung anak buahna anu biasa di terminal cicaheum Dén. Jelema anu teu boga mata sampé ka teu nyaho saha anu keur disinghareupanna. Naon anu kudu ku akang dilakukeun ka jelema-jelema ieu Dén?" Bahar nanya.
"Bubarkeun wéh, titah arindit. Maranéhna teu boga dosa kang, ukur dimanfaatkeun ku jelema itu" ceuk Udin bari nunjuk ka Mamat.
Kang Bahar méré kodeu ka Murad ku leungeuna. Nempo kang Bahar méré paréntah. Murad buburu muka panto terus nalapungan si Gobang jeung anak buahna sangkan buburu kaluar.
Kang Bahar ngaléngkah ka Mamat. Kerah baju Mamat diangkat ngarah nangtung. Terus nanya ka Udin,
"Lamun teu salah, ieu si Mamat, préman di terminal Lémbang. Kumahakeun jelema ieu Dén?"
Udin nunjuk ka Darwin,
"Tingali babaturan kuring dina ranjang kang, sukuna potong, beungeutna ruksak, sakujur awakna tatu. Ieu lantaran kalakuan si Mamat. Kuring hayang manéhna ngarasakeun hal anu sarua"
Mamat anu kerah bajuna keur diranggeum ku kang Bahar ngomong,
"Udin, hampura Kuring. Kuring moal sakali-kali deui ngaganggu anjeun jeung Darwin"
Lili ogé sarua, deku bari acong-acongan nyembah ka Udin ménta dihampura.
"Aranjeun ukur anjing sajodo anu euweuh hargana. Ménta di hampura saenggeus wareg ngagogog, nyaho naon akibatna geus wani ngagogog ka kuring?" Ceuk Udin muncereng.
Kadéngé panto di ketrokkan ti luar, di susul ku sora saurang lalaki,
"Buka panto, Kuring pengawalna pa Isak"
"Kang Murad, buka panto" ceuk Udin ka Murad.
Panto dibuka, dua urang maké jas hideung asup bari masing-masing manggul saurang aki-aki anu geus di bangkol leungeunna. Beungeutna barareuh balas diteunggeulan sarta dina kaayaan teu sadar.
"Juragan, ieu jalmi anu dipesen ku juragan" ceuk saurang pengawal Isak bari ngalungkeun duanana ka hareupeun Udin.
Mamat jeung Lili leuleus nempo kolotna dibawa kadinya bari kaayaan teu sadar, diborgol sarta beungeutna geus ruksak. Herman Wiranata jeung Suparman.
Udin nyokot cari mineral terus dibanjurkeun kana beunget 2 aki-aki anu ngagolér hareupeunna. Teu lila duanana sadar terus luak lieuk.
"Pak Hérman, anjeun nyaho anak anjeun geus zinah?" Ceuk Udin bari nagog nanya ka Hérman.
Hérman ngarérét ka Lili bari gogodeg,
"Teu nyaho, kuring teu nyaho"
Udin nanya deui,
"Minantu anjeun geus ngabejaan tina telepon tapi anjeun ukur ngajawab 'étamah urusan budak ngora' masih rék ngomong teu nyaho?!"
"Bener teu nyaho" ceuk Hérman keukeuh.
"Murad péngkoran suku kéncana" ceuk Udin ka Murad.
Murad nyabut beusi anu nyelap dina cangkéng tukangnya langsung diheumbatkeun kana tuur Hérman Wiranata. Sora ngabeletrok tina tulang tuur kadéngé tarik dituturkeun ku sora ngocéakna Hérman.
Udin nyokot perban anu ngagolér dina meja,
"Cocokan sungutna sangkan teu gogorowokan" bari mikeun kaén kasa ka Murad. Kaén kasa langsung dijejelkeun kana sungut Hérman ku Murad.
Lili nu nempo bapana disiksa buburu ngorondang ngarontok bapana bari ceurik,
"Pa hampunten abdi, ieu sadayana kalepatan abdi"
Hérman ukur gugulitikan nahan kanyeri, tapi geus teu bisa gogorowokan deui lantaran sungutna geus dijejelan perban. Senggeus katempo cicing, Udin nanya deui,
"Anak anjeun boga salaki, tapi wani salingkuh tukangeun salakina. Artina euweuh warahan bener ti anjeun salaku bapana, kusabab anjeun salah, kapaksa kudu daék narima akibatna, sangkan anjeun ngarti kumaha cara anu bener pikeun ngawarah anak"
Hérman geus kolot. Dirina teu nyangka ayeuna bakal dihakimi ku batur lantaran kasalahan anakna. Rumasa salila ieu Hérman memang geus teu paduli ka anakna. Anteng dina profésinq sabagé ahli budaya jeung koléktor barang-barang antik. Ujub ku pangabisa, bisa asup kana TV ngarah dipihormat ku batur. Jadi ngadéngé Udin ngomong, Hérman ukur unggut-unggutan, ngarasa handeueul.
Perban ku Murad dicokot tina sungutna,
"Jawab, ulah ukur unggut-unggutan" ceuk Murad.
"Jang Udin, kuring ngaku salah. Mimiti ayeuna kuring bakal leuwih teges deui dina ngawarah anak anu kurang ajar ieu. Kuring moal ngantep anak kuring ngalakukeun Maksiat" ceuk Herman bari ngageunggeuik ceurik.
Udin unggeuk,
"Alus, euweuh anu ngarana telat. Tapi kuring rék nanya deui hiji hal ka anjeun. Darwin sobat kuring, manéhna geus nunda modal dina réstoran 100 juta, kunaon anjeun euweuh niat malikeun padahal nyaho éta lain hak anjeun. Jawab?!"
Share this novel