32. Ditangtang gelut ku Steven

Fantasy Series 36

"Duit naon? Mémangna kamari anjeun balanja ka dieu? Nempo ogé kuring kakara" ceuk pamilik kios bari undur-unduran nepi ka patung kuda porselén tukangeuna kadupak tiguling terus beulah. Katémbong patung kuda ogé palsu, sabab nyatana ukur dijieun tina semén biasa.

"Lamun duit teu dibalikeun, aing rék nelepon pulisi" ceuk Mardi ngancem.

Sabab kerah bajuna keur diangkat ku Mardi, kaméjana ogé rada kaangkat. Saliwat ku Udin katempo dina saku calana pamilik kios aya anu ngajéndol. Jadi buburu ku Udin dikodok terus dicokot.

Udin kerung, sabab anu dicokotna nyatana batu anu bentukna oval ukur sagedé jempol suku, hérang bodas sarta aya gurat abu-abu ipis bari aya tulisan Sunda kuno anu diukir kasar ku pahatan leungeun. Sanajan tulisana goréng tapi masih kabaca nyaéta 'Aman Santosa'

Saliwatan euweuh anu anéh, ngan pas batu dikeupeul ku Udin, Udin ngarasa getihna kawas anu ngagolak sarta jantungna ratug. Sabab aya hawa anéh anu karasa kaluar tina batu, saolah-olah batu keur nafas. Kawas aya énergi atawa médan magnét anu terus gerak disabudeureun batu mungkus lengeuna anu keur ngeupeul.

Miturut kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun anu kungsi di baca ku Udin. Hawa anéh siga kitu ciri ayana énérgi spiritual. Formasi énérgi siga kitu disebut Réiki, anu pangaruhna bisa méré katenangan, ningkatkeun kabugaran fisik sarta moal babari capé.

"Ieu anu anjeun" ceuk Udin nanya ka pamilik kios.

"Enya" témbal pamilik kios.

"Rék dijual?" Udin nanya deui

Pamilik kios nyarita,
"Anjeun moal nanya heula sajarahna? Sabab saupama ku anjeun rék dijual deui, pasti anu meulina bakal nanya heula sejarahna"

"Teu perlu basa-basi, rék dijual moal?" Ceuk Udin nanya deui.

Pamilik kios seuri,
"Kusabab anjeun mah ngarti cara ngabédakeun anu asli jeung anu palsu. Sok ka anjeun mah batu éta 200 rébu sabab batuna asli"

"Anu ngarana batu pasti asli. Buru sabaraha? Naha perlu kuring laporan ka pulisi ayeuna yén anjeun tukang tipu!" Ceuk Udin nyentak.

"20 rébu" ceuk pamilik kios langsung leuleus lantaran sieun.

Udin seuri, terus batu dipésakan kana saku calanana.

Mardi kerung bari ngaleupaskeun ranggeumanna tina kerah baju pamilik kios. Terus nyarita ka Udin,
"Nanaonan meuli batu kitu? Di basisir atawa di toko aquarium ogé balatak batu kitu mah. Jaba pan bieu geus katohian kabéh anu dijual di dieu euweuh anu asli"

"Teu sawios ari mirah mah pa, étang-étang miceun sial" témbal Udin.

"Anjeun bener, batu éta mémang alus, ku kuring rék di beuli" ceuk sora saurang pamuda China bari ngaléngkah asup ka kios dikawal ku 4 pangawalna.

Udin ngarérét ka si pamuda anu karék datang bari kerung.

Nempo aya pamuda asup bari digiringkeu ku 4 pengawal, Mardi mundur ka jero kios sabab sieun. Tapi pamilik kios mah nyampeurkeun bari seuri nanya,
"Steven, Naha teu nelepon heula?"

"Kabeneran ngaliwat, nempo anjeun keur transaksi batu, ahirna kuring asup" témbal si pamuda anu nyatana ngaranna Steven.

Steven ngarérét ka Udin terus nyarita ka pamilik kios,
"Érwin, pénta batuna. Kuring hayang nempo"

Érwin seuri éra,
"Ukur batu biasa, euweuh hargaan, teu pantes keur anjeun mah"

Udin ngarérét kerung ka Érwin. Sabab sigana Érwin ogé teu nyahoeun kana nilai batu anu ayeuna aya dina sakuna.

Érwin buburu nyokot patung naga ukuran leutik anu di jieun tina bahan kaca susu.
"Tah ieu aya barang import anyar ti China, patung naga tina giok murni, leuwih pantes keur anjeun. Hargana 20 juta. Sabab anjeun langganan heubeul, baé bayar wéh satengah harga"

Udin ampir seuri nyakakak ngadéngé Érwin nyebutkeun patung naga anu sabenerna tina kaca disebut tina giok.

Béda deui jeung Mardi, ngadéngé patung naga anu hargana 20 juta rék dijual satengha harga, hartina ngan 10 juta. Haténa jelas hayang ngarontok meuli, sabab salila Mardi meulian barang antik di wilayah éta. Can kungsi aya padagang anu ngajual barangna satengah harga tina harga aslina. Turun saeutik ogé tara daék. Kecuali bieu ka Udin, Érwin mikeun harga batu tina 200 rébu jadi 20 rébu, Kitu ogé lantaran Érwin disentak heula ku Udin bari diancam rék dilaporkeun ka pulisi.

"Pokona Kuring hayang batu anu aya di jelema ieu, tah ku kuring diduitan 2 juta" ceuk Steven bari nunda duit 2 juta luhureun étalase hareupeun Érwin.

Panon Érwin langsung héjo nempo duit loba. Duit dirawu bari diitung. Terus ngarérét ka Udin.
"Jang, kaluarkeun batuna"

Udin seuri sinis ka Érwin,
"Érwin, anjeun teu kudu ngaruksak nilai jual beuli. Kuring anu geus meuli tiheula. Mémang barangna can diduitan, tapi teu bisa anjeun maksa kuring kudu malikeun barang anu geus jadi"

Érwin ogé ngarti kana aturan jual beli. Memang bener anu disebutkeun ku Udin. Jadi Érwin ngarérét ka Steven bari nunda deui duit 2 juta dina étalase,
"Steven, Kuring teu bisa narima duit anjeun, batu geus kajual"

Steven ambek, leungeuna ngagebrag étalase nepikeun ka kacana ngagebros peupeus, terus muncereng,
"Aing balanja di dieu lain kakara, geus jutaan duit aing asup ka sia, ayeuna sia teu nganggap pisan ka aing"

Erwin mundur lantaran reuwas, terus ngalieuk pikarunyaeun ka Udin. Udin nyaho Erwin sieun. Jadi Udin Malik ka Steven. Terus Udin nyarita,
"Batu geus aya di Kuring, ulah ngagokan transaksi, kuring rék mayar"

Saterusna Udin ngaluarkeun duit 20 rébu tina sakuna terus diasongkeun ka Érwin. Nempo Udin rék mayar 20 rébu. Steven langsung nafsu,
"Anjeun ukur rék ngaduitan 20 rébu? Kuring rék mayar 2 juta teu dianggap. Cokot 2 juta ieu ku anjeun, batuna ka kuringkeun. Anggap kuring meuli ti anjeun"

Udin gogodeg,
"Kuring meuli, lain keur dijual deui. Kuring butuh batu ieu, lain butuh duit"

Mardi ngadéngé udin nolak duit 2 juta ngageremet ambek. Ngarasa kesel ka Udin. Geus jelas kauntungan gedé. Tina 20 rébu jadi 2 juta dina waktu memenitan. Haténa ngagerentes bari gagaro sirah,
"Kunaon minantu aing bet jadi belegug kieu?"

Lantaran di jero kios kadéngé aya anu riributan. Diluar jelema geus mimiti ronghok hayang lalajo.

Steven muncereng ka Udin,
"Anjeun rék ngajieun masalah jeung kuring? Tanya ka kabéh padagang di dieu, Saha anu teu nyaho ka Kuring! Kuring anakna Qin Gang. Anjeun moal salamet saupama teu ngéléhan ka kueing. Rék dijual moal?"

Mardi ngarénjag ngadéngé ngaran Qin Gang anu kawéntar pangusaha beunghar bandar bahan ubar anu bisa masok sagala jenis bahan ampir ka kabéh perusahaan farmasi di Indonésia.

Qin Gang pangbeungharna kadua di Bandung saenggeus Kulawarga Nataprawira. Sedengkeun kulawarga Kusumah, Wijaya, Saputra jeng sajabana. Masih jauh pikeun bisa nyaruaan Qin Gang.

"Moal" ceuk Udin gogodeg bari ngalungkeun duit 20 rébu ka Érwin anu geus mundur jauh ngadeukeutan Mardi. Udin nyaho saha Qin Gang, sabab karék kamari panggih basa nganteur Warni. Tapi Udin teu paduli.

Steven mundur bari méré paréntah ka para pangawalna,
"Siksa pamuda ieu!"

Udin lalaunan ngaléngkah kaluar, sabab di jero kios mah hareurin. Tangtu bakal paburantak saupama kudu gelut ngalawan 4 pengawalna Steven. Ningali Udin kaluar, jelema anu geus ngagimbung di luar langsung nyingray méré jalan.

Di luar Udin ngarandeg di tempat anu rada lega terus ngarérét ka 4 pengawal anu nuturkeun sarta ngurilingan dirina. Terus nyarita,
"Sabaraha kali tadi kuring ngomong batu moal dijual, ayeuna rék maksa ku cara kasar. Hasilna moal robah. Kuring tetep moal ngajual batu ieu"

Kabéh jelema anu nyaksian muringis mangkarunyakeun ka Udin anu pastina sakeudeung deui bakal disiksa. Tapi Udin mah kacirina tenang, sabab mémang teu sieun.

"Balanja di toko béda jeung balanja di pelélangan, sigana anjeun can ngarti kana hal éta" ceuk Udin ka Steven anu nangtung tukangeun saurang pangawalna, bari matana tetep waspada ka 4 pangawal anu geus ngurilingan dirina.

"Naon bédana?" Ceuk Steven maju ngadeukeutan ka Udin.

Udin ngajelaskeun,
"Anu béda aturanna! Di palelangan, harga anu nangtukeun, saha anu bisa mayar pangluhurna, manéhna anu boga hak. Sedengkeun balanja di toko, saha anu leuwih tiheula meuli, éta anu hak?"

Steven lain teu ngarti kana hal éta, tapi dirina jelas ngarasa géngsi ari kudu ngéléhan ka jelema pantar Udin anu kacirina secara ékonomi sahandapeunna.

Udin nyarita deui,
"Pikirkeun ku anjeun. Kuayana riributan jeung kuring poé ieu, kahareupna kabéh pedagang moal hayang deui kadatangan ku anjeun. Sabab pasti sarieuneun anjeun ngaganggu pelanggan maranéhna"

Steven nyakakak seuri,
"Ceuk saha? Can kungsi kuring ditolak balanja di dieu kecuali ayeuna. Tah tempo geulang kuring, ieu Bahar asli hargana sajuta, terus ieu gagantél kongkorong kalsédon, hargana 28 juta. Saha toko anu wani nolak kuring balanja" ceuk Steven ujub bari nembong-nembongkeun barang anu dipakéna.

Udin sabenerna teu hayang ngaladénan Steven, sabab tina omongan sarta kalakuanna lolobana pikaseurieun hungkul. Steven sabenerna teu jahat, Ngan masih boga sifat asa aing beunghar, masih resep pamér. Anu ahirna kaciri sombong jeung pikakeuheuleun.

"Anjeun mémang beunghar, tapi geulang anu bieu ditembongkeun, éta palsu" ceuk Udin.

"Ieu geulang mahal, mustahil palsu!" Témbal Steven.

"Lamun teu percaya, sok tanyakeun ka jelema loba anu ayeuna keur lalajo. Ieu jelema datang ka dieu néangan barang antik, pasti ngalarti kana nilai barang. Malah aya sababaraha manager jeung pemilik toko" ceuk Udin.

"Lamun ieu palsu, kuring bakal ngaku salah sarta deku ménta dihampura hareupeun anjeun!" Ceuk Steven

"Satuju" ceuk Udin bari seuri sabab ngarasa lucu.

Steven rurat-rérét ka kabéh jelema anu lalajo. Terus nyorowok ka dua padagang,
"Erwin, Kartawi, pariksa geulang kuring. Asli atawa palsu?" Ceuk Steven ngagupayan jelema anu ngarana disebut.

Érwin jeung Kartawi maju bari silih rérét. 4 pangawal anu tadi geus ngurilingan Udin ayeuna nyarisi deui, caricing tukangeun Steven.

"Kuring mémang teu ngarti kana barang, tapi kuring percaya, beuki mahal harga barang, kaasliana teu diragukeun deui. Sok di pariksa geulang kuring!" Ceuk Steven bari nyodorkeun leungeunna ka Érwin. Erwin tungkul lantaran éra.

Ningali Érwin siga anu asa-asa. Steven ngomong deui,
"Ulah asa-asa, lamun bener palsu, Kuring moal nungtut anu ngajualna. Moal ménta dibalikeun deui duitna. Sabab éta jelas kabodoan kuring. Saksina jelema loba" ceuk Steven deui

"Sabenerna Kuring duaan ogé teu ngarti barang, Kuring ukur bisa ngajual" ceuk Kartawi.

"Naon? Hartina salila ieu aranjeun bohong ka kuring?" Ceuk Steven ambek.

"Lain bohong, tapi kadang-kadang anjeun anu teu percaya, di béjaan barang palsu ogé tetep dibeuli, jeung tara daék dibéré harga murah, kudu mahal waé" ceuk Érwin bari tungkul.

Udin seuri nyakakak,
"bener, karasa ku kuring. Bisnis jeung jelema beunghar mah susah. Di béré harga murah majar ngahinakeun"

Kartawi ngomong deui,
"Geulang anu dipaké ku anjeun, Bahar jieunan, lain asli"
Érwin ogé unggeuk ngabenerkeun.

Steven ngarénjag, bari ngilikan geulangna.

"Jadi kumaha? Masih hayang kana batu anu aya di kuring? Kadéngé pan bieu, anu di jarual ku maranéhna barang palsu? Atawa mémang anjeun keur hobi kukumpul barang palsu, sampe ka nafsu hayang ngapimilik barang kuring?" Ceuk Udin nanya

"Oké, lamun bener geulang ieu palsu, tapi gagantel kongkorong kalsédon kuring anu hargana 28 juta ieu piraku palsu kénéh. Sok pariksa. Ieu lain dibeuli di dieu, tapi di Jakarta" ceuk Steven ka Érwin jeung Kartawi. Bari nunjuk kana gagantél kongkorongna.

Udin nyakakak deui,
"Sacara akal séhat wé atuh, lamun kangkalung anjeun asli terus hargana 28 juta. Kangkalung éta geus moal betah lila dina beuheung anjeun. Jelema jahat pasti pada ngincer. Masih untung ayeuna anjeun hirup kénéh. Gagantél kongkorong anjeun lain kalsédon, anjeun teu ngarti kalsédon tapi bisa nyebutkeun yén eta kalsedon. Nyaho timana?"

"Ti anu dagangna" témbal Steven.

"Yeuh ku kuring dijelaskeun, kalsédon atawa kalsédonia, éta bentuk kriptokristalin tina silika. kandungan mineral kuarsa patumpuk jeung moganit. Pasti bakal aya corakkan. Moal polos kitu. Sabaraha taun batu éta geus dipaké ku anjeun?" ceuk Udin.

"3 taun" témbal Steven

"Salila 3 taun, pasti anjeun ngalaman hal anu teu di pikahayang saperti gering parah atawa kacilakaan parah anu rék maragatkeun nyawa. Bener?" Udin nanya deui.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience