7. Icih difitnah ku Dudung

Fantasy Series 36

"Cih, Aya hiji hal penting anu masih kénéh kudu dilakukeun husus ku anjeun" ceuk Rukmini ka Icih.

"Perkawis naon ni?" Témbal icih

"Anjeun kudu datang secara langsung ka Bima Raya pikeun ngondang Diréktur jeung wakilna. Ulah maké perantara surat ondangan, telepon atawa SMS, sabab aranjeunna bakal jadi tamu kahormatan kulawarga urang. Lamun bisa hadir, Palapa bakal terkenal. Kaharti?" Ceuk Rukmini méré paréntah.

"Nanging abdi teu acan kantos tepang sareng dirékturna ni. Nembé sareng wakilna, nyaéta ibu Susi. Sareng deui upami abdi sumping kaditu ngahaja ngulem supados nyumpingan acara salametan méwah. Naha moal dianggap kaleuleuwihi? Proyékna teu acan jalan, nanging urang tos foya-foya" témbal Icih.

"Nya ulah bébéja sukuran alatan kontrak, tapi sukuran pengangkatan Diréktur anyar Palapa. Jadi wajar diayakeun méwah" tembal Rukmini ngajelaskeun.

"Upama Dirékturna teu bisa datang, nya teu nanaon, kadatangan ibu Susi hungkul ogé geus cukup pikeun ngajieun Palapa terkenal. Sabab jarang pajabat Bima Raya daék hadir ka acara-acara perusahaan leutik" ceuk Rukmini deui.

Sareréa anu hadir ukur ungut-unggutan. Kabéh anu diterangkeun ku Rukmini mémang kaharti pisan.

"mangga ku abdi dicobi" témbal Icih unggeuk.

"Ulah ukur dicoba, tapi usahakeun sangkan datang" ceuk Rukmini.

Icih unggeuk terus ngarérét ka Udin,
"Kumaha kang upami Dirékturna teu keresaeun sumping, teras ibu Susi ogé teu keresaeun?"

"Cobaan heula telepon Bu Susi, saha anu nyaho daékeun" témbal Udin lalaunan.

"Moal nanaon kitu upami ditelepon langsung?" Icih rada asa-asa.

"Moal, da sarua jelema, sok telepon" ceuk Udin nyumangetan.

Icih kerung, sabab sakapeung Udin sok gagabah dina nyarita, ngagampangkeun, tapi loba benerna. Pamikir Icih, anu rék diondang saurang ningrat katurunan Subrata, pamohalan daék datang. Tapi Udin masih nganggap sapélé kénéh. Ku Rukmini teu meunang dibéjaan via telepon, tapi Udin malah nitah nelepon.

"Upami Dirékturna kumaha kang? Sami ditelepon ogé ku abdi?" Icih nanya deui.

Udin seuri,
"nya ulah atuh, keun wé sina ibu Susi sorangan anu ngabéjaana. Saha nu nyaho Dirékturna jelema anu tara hayang diganggu, anu sapopoéna ukur cicing di Imah, masak, nyeuseuh jeung ngistrika"

"Mémangna sadaya pameget sapertos akang" ceuk Icih seuri bari nyiwit pingping Udin.

"Nya saha anu nyaho" témbal Udin bari muringis.

Icih buburu kaluar ti rohangan rapat terus diuk dina korsi gawéna sorangan di rohangan staf. Bari nyinghareup kana komputer Icih nelepon Susi, telepon langsung nyambung.

"Halo Bu Icih" ceuk Susi ti peuntas.

"Halo Bu Susi, Aya anu badé didugikeun ku abdi, mugian teu janteng pamengan" ceuk Icih.

"Mangga sebatkeun, teu kedah asa-asa" témbal Susi.

"Manawi Diréktur aya waktos, enjing wengi dihaturanan sumping ka acara pelantikan Diréktur énggal Palapa, tangtosna ogé kedah sumping sareng salira. Perkawis alamatna, ku abdi di sharelok kana WA ibu" ceuk Icih ngajelaskeun.

Susi némbalan,
"Abdi teu tias jangji, namung mangga ayeuna kénéh ku abdi didugikeun ka anjeuna. Antosan"

"Haturnuhun, hapunten dirérépot ku abdi" ceuk Icih.

"Teu sawios bu" témbal Susi.

Telepon ditutup. Terus Icih ngirim alamat villa Kusumah tina WA. Di rohangan rapat, HP Udin disada, udin reuwas sabab poho teu mareuman HP-na. 'Pasti ti Susi' Ceuk fikirna. Sangkan anu séjén teu curiga, udin teu kaluar ti rohangan. Telepon diangkat didinya kénéh sanajan Udin nyaho saenggeus nempo layar, anu nelepon mémang Susi.

"Saha ieu?" Ceuk Udin.

Ngadéngé cara ngomong jeung nada dunungana anu béda, Susi ogé ngarti, jadi teu wani nyarita panjang lebar,
"Abdi Susi, Aya uleman ti Palapa énjing wengi, juragan tiasa sumping?"

"Oh siap" témbal Udin bari buburu nutup telepona.

Icih anu masih diuk dina tempatna rada teu genah haté, sok sieun Direktur Bima Raya nolak. Bari rét deui-rét deui kana layar HP anu digolérkeun dina méja. Teu kungsi Lila HP téh disada, telepon ti Susi.
"Ibu Icih, Diréktur keresa sumping" ceuk Bu Susi.

"Alhamdulillah, haturnuhun kana bantosan ibu Susi sareng haturnuhun ogé ka bapa Diréktur. Diantos pisan kasumpinganana énjing wengi, alamat parantos disharelok nembé ku abdi kana WA ibu" ceuk Icih bungah.

Saenggeus nutup teleponna, Icih lumpat ka rohangan rapat bari ajrét-ajrétan bungah,
"Ni, Diréktur Bima Raya badé sumping"

Ngadéngé béja ti Icih, sareréa ampir kompak ngucapkeun "Alhamdulillah"

"Bubar, bubar. Sok sariapkeun sagala rupa anu dibutuhkeun keur salametan isukan. Ulah nepi ka aya anu kaliwat, ulah ngérakeun!" ceuk Rukmini bari miheulaan kaluar.

Saenggeus Rukmini kaluar, sareréa teu langsung bubar, tapi babagi tugas heula antara Icih jeung Unah. Unah anu pangalaman dina hal humas kabagéan ngondang rélasi. Sedengkeun Icih, néangan katering, ténda, dékorasi jeung sajabana. atuh sakedapan mah rohangan rapat téh sibuk sabab duanana kudu neleponan kaditu kadieu sasuai jeung tugasna séwang-séwangan.

Ukur Dudung jeung Udin anu cicing teu ngalakukeun nanaon. Udin mah pantes lantaran ukur incu minantu jeung lain pagawé Palapa. Tapi Dudung mah béda, kuduna Dudung mantuan, tapi malah katempona siga anu teu paduli.

"Matak naon atuh nya acara téh diayakeun di hotél, atawa Dibalai pertemuan, jadi geus teu kudu riweuh néangan katering, ténda jeung sajabana, cukup neleponan ondangan" ceuk Dudung kukulutus.

"Teu sagampang éta atuh kasép! Hotel jeung gedung can tangtu boga jadwal kosong keur peuting isukan, kudu di booking heula. Sedengkeun Nini hayang buburu" témbal Udin ka Dudung, bari geregeteun hayang nyabok.

Dudung teu maliré kana jawaban ti Udin, langsung ngajéngkat kaluar terus asup ka rohangan kerja Rukmini. Saenggeus nutupkeun panto sarta diuk. Dudung nyarita ka Rukmini,
"Ni, leres Diréktur badé dipasrahkeun ka téh Icih?"

"Nini geus jangji, Naha salah?" Témbal Rukmini.

"Ulah atuh ni" ceuk Dudung.

Rukmini kerung,
"Naha? Icih anu ngaloloskeun kontrak. Manéhna pahlawan keur Palapa, jadi pantes pikeun narima jabatan Diréktur"

"Mémangna Nini teu uninga saha anu saleresna parantos ngabantos téh Icih?" Ceuk Dudung.

Rukmini beuki kerung, terus nanya sabab panasaran,
"Baruk aya anu ngabantuan? Saha?"

"Juragan Iyus ni, abdi nampi wartos saurna juragan Iyus tadi wengi sumping ka bumina uwa Mardi, lajeng ngawengi diditu. Matak téh Icih sumpingna ka Bima Raya kasiangan da pastina ogé capéeun. Ngartos panginten Nini ogé naon anu parantos dilakukeun ku Iyus sareng téh icih sawewengi" ceuk Dudung ngabohong teu euleum-euleum.

"Si siah! Ari nyarita téh sok kamana waé. Pan aya si Udin, aya kolotna, teu asup akal lamun si Icih ngalakukeun rucah di imahna sorangan" ceuk Rukmini rada ambek.

"Upami Nini teu percanten, sok telepon juragan Iyus ayena kénéh, leres teu tadi wengi ka bumi uwa Mardi" témbal Dudung.

Terus Dudung nyarita deui,
"Upami kajantenan ieu kadangu ku batur, teras nyebar pawartos-wartos. Nini pasti bakal wirang sareng hanjakal parantos ngangkat téh Icih janten Diréktur Palapa"

Rukmini ngahuleng, Rukmini percaya pisan kana omongan Dudung. Sabab, saenggeus difikir deui, kabéh mémang saolah aya pakuat-pakaitna. Geus lila Rukmini nyaho Iyus tara nyerah ngungudag icih. Réngsé Wawan Kusumah dikurebkeun, Iyus datang méré duit 5jt jeung bukét kembang sanajan ukur nitahan supirna. Éta maksudna pasti pikeun narik simpati icih.

Réngsé rapat tadi peuting ngeunaan saha anu rék mawa panawaran ka Bima Raya, Iyus mémang datang nepungan Rukmini. Malah buburu pamitan saenggeus dibéré nyaho yén Icih anu bakal indit ka Bima Raya. Matak Rukmini percaya kana omongan Dudung yén Iyus langsung ngadatangan icih.

"Sok émutan deui ku Nini, meungpeung sadayana teu acan katalanjuran" ceuk Dudung deui.

Rukmini geus kapangaruhan ku omongan Dudung, Rukmini ahirna mimiti mikiran calon séjénna keur ngajabat Diréktur anyar. Rukmini neuteup ka Dudung,
"Anjeun siap-siap jadi Diréktur. Tapi inget, sagala kaputusan Palapa tetep aya di Nini. Teu meunang ngalakukeun naon waé tanpa disatujuan ku Nini. Ngarti?"

"Siap ni, teu sawios abdi janten diréktur bonéka ogé. Anu penting ulah dugi ka ragrag ka téh Icih" ceuk Dudung bungah.

"Dina acara isukan, anjeun kudu dangdan sing rapih, sabab bakal dilantik jadi Diréktur. Tapi inget, Nini bisa ngangkat, Nini ogé bisa mecat, jadi ulah macem-macem" ceuk Rukmini negeskeun.

Balik ti kantor Palapa, Udin jeung Icih laleumpang mapay trotoar. Icih katingalina sumanget jeung bungah pisan, sabab sagala kahariwangna poé éta teu jadi kanyataan. Bari nangkeup cangkéng Udin, Icih nganuhunkeun pisan ka Udin.
"Nuhun nya kang, upami sanés pangrojong ti akang, pamohalan abdi tiasa ngaréngsékeun tugas ti nini dinten ieu" ceuk Icih ka Udin.

Udin seuri terus gogodeg,
"Éta kabéh lantaran usaha nyai sorangan, teu kudu nganuhunkeun ka akang. Akang ogé rék méré hadiah ka nyai, kabeneran sakeudeung deui pas sataun kawinan urang, akang hayang ngajieun acara husus"

"Akang badé masihan kejutan ka abdi?" Icih nanya panasaran.

Udin unggeuk bari imut.

"Upami Kitu, abdi moal seueur tumaros deui" ceuk Icih bari ngarangkul beuki pageuh kana cangkéng Udin.

Udin ngusapan buuk Icih bari mikiran, naon anu kudu dipigawé keur nyenangkeun Icih dina raraga sataun umur perkawinanna. Basa kawin, Udin dina kaayaan masih balangsak, nepi ka teu bisa méré nanaon pisan ka Icih. Tong boro babawaan perhiasan atawa parabot kawas batur. Ipekah jeung biaya hajat ogé kabéh ditangkes ku Wawan Kusumah.

Teu lila Udin nyarita,
"Nyi, wéyahna balik tiheula nya. Akang rék ngider heula" ceuk Udin bari nyegat taxi nitah Icih asup. Udin sorangan nyegat taxi séjén. Anu dituju ku Udin nyaéta jalan Astana anyar. Udin turun dihareupeun toko perhiasan Émily Jewelry.

Émily Jewelry bisa kasebut toko perhiasan gedé tur kumplit, emas bodas, emas konéng, platinum, berlian jeung sajabana kabéh aya. Udin hayang meuli perhiasan heula, terus rék langsung néangan hotél pikeun nyéwa tempat keur acara ulang taun perkawinanna.

Asup ka toko, Udin euweuh anu maliré, katingali sababaraha pelayan ukur melong ku teuteupan curiga, hiji ogé euweuh anu nyampeurkeun nanya. Udin rurat rérét ka sakabéh perhiasan anu dipajang boh anu dina étalase, atawa anu aya dina lomari kaca.

Matana melong kana hiji kongkorong platinum ukuran leutik. Gagantélna bentuk kembang mekar jeung aya mataan tina berlian beureum, sigana pantes pisan saupama dipaké ku Icih anu pakulitanna bodas.

Kongkorong anu dimaksud dipajang nenggang dina lomari kaca anu dikonci. Udin ngamaklum, sabab berlian beureum mémang kaasup berlian langka jeung hargana ogé pangmahalna saupama dibandingkein jeung berlian jenis séjénna. Geus pasti moal dipajang sambarangan.

Udin nempo harga anu ngagantél dina kongkorong. 250 juta. Harga sakitu ku Udin dianggap wajar, sabab Udin ogé nyaho harga platinumna waé 700 rébuan sagram, berlian beureumna 130 jutaan sakarat.

Jadi Udin buburu ngagero saurang palayan toko.
"Cik nempo kongkorong anu éta" pokna bari nunjuk kana lomari kaca.

"Oh, koncina aya dimanager, ké antosan sakedap pa" témbal palayan bari ngaléos ka lebah méja kasir terus mencét bél anu aya dihandapeun méja.

Saurang awéwé ngurunyung ti jero bari satengah lumpat. Dina dada kenca bajuna aya ngaran 'Yéni'

"Bapa ieu hoyong ningal kongkorong anu ieu" ceuk palayan ka Yéni bari nunjuk kongkorong anu dimaksud.

Yéni melong saliwat ka Udin, terus metot leungeun palayan sangkan ngajuhan udin. Terus nyarita ngaharéwos,
"Anjeun teu keur heureuy?"

"Henteu, bapa éta leres hoyong ningal kongkorong" témbal palayan bingung.

"Anjeun percaya? Na teu nempo, piraku dangdanan siga kitu rék meuli kongkorong mahal? Cik mikir atuh. Mustahil jelema beunghar ukur maké kaméja murah bari baseuh ku késang, calana belél bari disapatu kéts, jaba teu maké kaos kaki kaos kaki acan terus rék meli kongkorong harga ratusan juta!" Ceuk Yéni bari nulak cangkéng gogodeg.

Ngarasa keur diomongkeun Udin nyampeurkeun bari nanya tarik,
"Dijual teu kongkorong téh? Kuring hayang nempo!"

"Dijual pa, tapi lain keur anjeun. Anjeun pasti moal mampu meuli" ceuk Yéni teugeug.

Udin kerung,
"Hor! Pan kuring geus ningali bandrolna, Matak hayang nempo ogé kuring mampu meuli"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience