56. Udin dibéré bahan ubar

Fantasy Series 36

Mardi unggeuk,
"Bapa nyaho. Tapi bapa ukur hayang nempo sakeudeung, teu kudu asup. Lamun henteu bapa moal bisa saré"

Udin ngarti kana tekanan méntal anu keur karasa ku Mardi. Mardi pasti ngan ukur hayang ngabangbrangkeun haténa. Jadi Udin nyarita,
"Hayu pa"

Terus Udin ngarérét ka Icih,
"Nyi, hayu milu. Sakalian bisi aya ideu dékorasi ti nyai. Langsung omongkeun ka Libo sina digawéan"

"Mangga upami kitu mah" Témbal Icih.

"Dupi ema bade ngiring?" Ceuk Icih nanya ka Lastri.

"Pan ema karék balik tiditu, ema capé, rék saré" témbal Lastri.

Ahirna Udin, Icih katut Mardi ningalkeun imah deui. Tepi ka villa mobil diparkirkeun diluar, teu diasupkeun ka buruan villa. Udin kerung, sabab gerbang nutup tapi dijero siga anu loba jelema.

"Aya naon nya kang?" Icih nanya ka Udin.

"Akang ogé teu nyaho, nyai waspada. Akang rék asup tiheula bisi aya nanaon" ceuk udin bari lalaunan ngahésékeun panto gerbang.

Nyampak 6 jelema maraké baju hideung keur ngalung-ngalungkeun parabotan milik pagawé dékorasi ka luar villa.

Mardi langsung nyorowok reuwas,
"Éta para pagawéna ema, pasti dititah ku ema"

Ngadéngé yén jelema-jelema anu keur ngalung-ngalungkeun parabot titahan Rukmini. Udin ambek bari ngagedig nyampeurkeun,
"Saha anu ngijinan aranjeun asup kadieu?"

"Aing!" Ceu Dudung kaluar ti jero villa bari leungeun kénca nyekelan linggis, leungeun katuhuna anu tadi diparieuskeun ku Udin mah geus dibungkus pereban kandel bari diaiskeun kana pundukna.

Udin mencrong seukeut ka Dudung anu kaluar ti jero villa.

Dudung muter-muterkeun linggis bari nyarita ka Udin,
"Udin, dasar sia mah runtah, geus di usir ku kulawarga Kusumah hartina geus euweuh hak deui kana villa ieu. Kabéh rohangan geus diberesihan kari anu di kamar, mana kartu-kartu aksés ka kamar. Bikeun ka aing"

"Dasar euweuh kaéra, teu dibéré nginjeum rék ngarebut" ceuk Icih nyorowok ti tukangeun Udin.

Mardi nyarita ka Dudung,
"Dudung, villa ieu dibikeun ti kulawarga Wijaya ka Udin, lain ti Salman ka Nini sia. Can ngarti keneh?"

Dudung kumecrot nyiduh,
"Cuih, teu kitu aturanna. Paméré ti hiji kulawarga pasti ka kulawarga deui. Ayeuna saria lain kulawarga Kusumah. Naon hakna ngaku-ngaku deui"

Mardi ambek, terus ngaléngkah maju, tapi awakna ditahan ku Udin sangkan mundur deui. Dudung ngacungkan linggisna dipaké nunjuk kana beungeut Mardi,
"Sia geus lain uwa aing. Euweuh hak mapatahan"

Udin nanya ka Dudung,
"Dimana Libo?"

Dudung nyakakak,
"Di jero, tapi geus ruksak diteunggeulan ku aing. Anjeun teu tarima?"

Udin ngarénjag,
"Naon? Manéh nyiksa Libo?" Ceuk Udin bari ngaléngkah maju hayan nempo ka jero imah sabab ngarasa hariwang kana kaayaanna. Ngan ku Dudung di halangan.

Libo jelema anu dipercaya ku Salman pikeun ngurus villa. Tangtu kahareupna Libo bakal jadi pagawéna Udin. Matak wajar Udin nanyakeun kaayaan Libo leuwih tiheula. Panggih munggaran ogé Udin geus resep, salian ti Libo satia jeung sopan, nempo Libo Udin asa nempo wa Asép. Tapi Aki-aki Umur 60-an éta ayeuna geus disiksa ku Dudung. Jelas Udin moal ngantep, Udin teu bisa nahan amarahna.

Dudung nyakakak deui,
"Aing tadi ka si Libo ukur ngabéjaan yén dununganna ayeuna aing, lain sia. Tapi si Libo teu tarima bari terus nananyakeun sia. Kapaksa ku aing disiksa"

Udin geus teu bisa nahan amarahna, ngan sakilat peureup Udin geus meupeuh cukang irung Dudung. Linggis lésot tina leungeunna. Dudung teu kaburu ngagiwar. Irung anu masih kénéh ditutupan ku kapas ayeuna bocor deui, sababaraha huntuna ogé maruragan tina sungutna. Dudung mundur sababaraha lengkah bari ngegerungan nutupan beungeutna. Nempona, jelema-jelema anu maraké baju hideung maju ngepung Udin bari kabéh mesat belati tina cangkéngna séwang-séwangan.

Dudung nyarita ka Udin,
"Aing nyaho sia bisa gelut, tapi awak sia lain beusi, masih dijieun tina kulit jeung daging. Serang!" Ceuk Dudung bari langsung nyorowok méré paréntah ka para pagawéna anu geus ngepung Udin.

Mardi jeung Icih anu aya di tukangeun Udin buburu mundur ngajauhan bari silih cekelan. Udin teu gimir, matana ngarérétan kana beungeut satiap jelema anu ngepung. Kanu duaan Udin nyaho, éta badéga anu geus diéléhkeun di Imah Rukmini. Tapi anu séjén Udin kakara nempo. Sigana para security ti Palapa.

Udin meureupkeun dua leungeuna. Teuing maké gerakan naon, awak Udin nyaho-nyaho ngabelesat kaditu kadieu. Gerakanna hampir teu bisa katempo ku panon. Belati pating garepluk maruragan, 6 lalaki ujug-ujug geus ngagalolér Din taneuh bari leungeun kéncana nyarekelan pigeulang leungeun katuhuna anu kabéh geus ngaraplek parotong. beungeutna kabéh teu béda jauh jeung kaayaan Dudung. Irung jeung biwirna garetihan pating calengir nahan nyeri bari huntuna arompong.

Euweuh anu bisa nangkis, euweuh anu bisa ngagiwar. Malah euweuh anu sempet ngalawan sabab teu nyaho iraha datangna peureup Udin, ujug-ujug pigelang leungeun maranéhna potong, belati ogé murag sarta beungeutna karasa kawas diadu jeung tihang.

Udin molotot,
"Anjing jeung 6 anak anjing ayeuna geus narima hadiah anu sarua ti kuring. Masih aya anu wani maju?"

Dudung colohok nempo 6 anak buahna ngagalolér bari kabéh tatuna sarua kawas dirina. Pigeulang leungeun katuhuna potong, irung gétihan, biwir soeh sarta huntu arompong. Dudung nyaho Udin jago gelut, tapi teu nyangka masih bisa ngéléhkeun 6 urang anu kabeh nyarekel belati sakaligus bari Udin sorangan teu kunanaon.

Awak Dudung langsung ngadarégdég sieun. Ngarasa hanjakal nurut kana parentah Rukmini datang ka villa Bougenville pikeun ngosongkeun eusi villa tina parabotan nu geus aya. Rukmini boga niat langsung pindah nyicingan villa saeungeus narima laporan ti Dudung yen villa geus dikosongkeun. Tapi teu nyangka Udin bakal datang.

Nempo para anak buahna Dudung geus dariuk bari gésod mundur sarta euweuh anu wani maju deui. Udin ngarérét ka Dudung anu nangtung bari sukuna ngadarégdég. Terus Udin leumpang ngadeukeutan.

Nempo Udin nyampeurkeun, beungeut Dudung pias,
"Rek naon?" Dudung nanya bari undur-unduran.

Udin ngajéwang kerah baju Dudung,
"Rék nepi ka iraha sia ngaganggu aing jeung kulawarga aing?"

"Ampun Din, Icih, uwa, tulungan kuring" ceuk Dudung bari ngarérét ka Icih jeung ka Mardi.

"Saha manéh? Kuring teu wawuh!" Ceuk Icih

Mardi ogé nyarita bari sorana ngageter nahan ambek jeung kuciwa,
"Sia anu ngomong aing lain uwa sia deui. Rék naon ménta tulung ka aing?"

Bari masih ngaranggeum kerah baju Dudung, dua ramo leungeun kenca Udin neken kana tarang baga Dudung. Terus nyalurkeun énérgi spiritual tina awakna bari ngaharéwos kana ceuli Dudung,
"Mimiti ayeuna, sia lain lalaki"

Dudung awalna teu ngarti kana maksud omongan Udin, tapi karasa aya hawa tiis anu asup kana tarang bagana terus nyaliara kana bobogaanna. Dudung ngarasa bobogaanna baal teu bisa ngarasakeun nanaon deui, seolah-olah bobogaanana geus leungit. Tapi calanana ngadadak baseuh, padahal Dudung teu keur ngompol. Sadar bobogaanna geus dol, Dudung langsung ceurik ngageunggeuik. Sabab kabayang saumur hirupna kudu terus mamaké pempers.

Udin buburu nelepon kantor pamasaran,
"Kuring ti A05, kunaon imah kuring bisa kabongkaran! Mana kaamanan double anu dijangjikeun ku pengembang! Keprakkeun kabéh kaamanan anjeun kadieu. Aya 7 bangsat didieu"

Saterusna Udin lumpat ka jero villa néangan Libo. Nyampank Libo keur naghunjar, leungeun jeung sukuna ditalian. Biwirna dijelelan kaos kaki. Untung teu kunanaon, ukur pipina hungkul anu gareuneuk, sigana balas ditampilingan. Tali anu nalian lengeun jeung sukuna dilésotkeun ku Udin. Tapi Libo nolak dibawa ka rumah sakit.

Lantaran Libo teu kunanaon. Jeung Dudung sarta anak buahna ogé geus ditéwak ku fihak kaamanan Bougénvile Villa. Ahirna Udin pamitan balik. Tepi ka Imah geus burit. Nyampak Lastri keur diuk lalajo TV bari beungeutna buni katutupan ku masker kecantikan.

Udin jeung Icih langsung arasup ka kamar. Sedengkeun Mardi sosoloyongan siga anu lieur, buburu diuk di gigireun Lastri. Leungeunna nyingraykeun buukna terus ngusapan tarangna anu masih bonconong kénéh urut dibalédog ku asbak.

Mardi nyarita ka Lastri,
"Lastri. Bawa kuring ka kamar. Kuring hayang ngagolér. Tadi sirah dibalédog ku ema maké asbak. Lieurna karék karasa ayeuna"

Lastri ukur unggeuk bari nyangkéh cangkéng Mardi terus dibawa asup ka kamar.

Di kamar, Udin nanya ka Icih,
"Nyai geus dipecat ti Palapa, naon rencana nyai saterusna?"

"Énjing badé ngawitan milarian damel kang" témbal Icih bari ngajéwang anduk terus asup ka kamar mandi.

Udin ngaléngkah kana jandéla, terus nelepon Salman bari neuteup kaluar,
"Anak anjeun Ibro, masih rék dikawinkeun jeung Unah Kusumah?

"Enya, ayeuna masih dina masa tunangan. Mémangna aya naon guru?" Témbal Salman sakaligus nanya.

"Kuring lain hayang ngatur kana kaputusan anjeun, tapi sakadar hayang ngabéjaan. Kulawarga kuring geus euweuh hubunganna deui jeung kulawarga Kusumah. Kuring ukur ngarasa hariwang lamun kahareupna Ibro bakal kapangaruhan ku sifat goréng kulawarga Kusumah anu resep ngajieun masalah jeung kuring. Kuring teu hayang mumusuhan deui jeung anak anjeun" ceuk Udin.

"Ulah hariwang guru. Ayeuna kénéh kuring bakal ngirim jelema ka kulawarga Kusumah pikeun ngabatalkeun tunangan" témbal Salman.

"Alus" ceuk Udin tetus nutup teleponna.

Udin seuri, dina fikiranna euweuh deui cara anu hadé. Kulawarga Kusumah mémang kudu diwarah kucara anu teu diduga ku maranéhna. Saterusna Udin nelepon Susi,
"Susi, umumkeun ka média yén Bima Raya nangguhkeun proyék. Éta bisa jadi alesan pikeun mutus hubungan kerjasama jeung Palapa, asupkeun Palapa kana perusahaan blacklist"

Susi némbalan,
"Mangga juragan, ditangguhkeun dugi ka iraha? Teras naon masalahna?"

Udin ngajelaskeun,
"Pamajikan Kuring dipecat ti palapa. Proyék tangguhkeun nepi ka pamajikan kuring muka usaha sorangan. Anu penting putuskeun heula kontrak jeung Palapa"

"Mangga juragan. Abdi ngadamel heula draft-na. Dina 15 menit, beritana tangtos parantos dirilis" ceuk Susi. Saterusna Telepon ditutup.

Udin kaluar ti kamar rék nyokot cai nginum ka dapur, ngan kadéngé Mardi keur gegerungan di kamarna. Jadi buburu disampeurkeun. Nyampak Mardi keur digulanggapér ku Lastri. Bonconong dina tarangna beuki geuneuk, sarta mimiti kaciri sakuriling panona ogé geuneuk. Udin nyarita,
"Aya pembekuan darah, kedah énggal dicandak ka rumah sakit Bu kanggé ngajalanan kraniotomi. Upami diantep hématoma intrakranial bakal ngabahayakeun nyawa bapa"

"Ngomong naon ari manéh? Ema teu ngarti" ceuk Lastri.

Sabab bisi Icih jeung Lastri reuwaseun ahirna Udin ngomong deui,
"Abdi badé milari landong sakedap, jagi bapa Bu" ceuk Udin bari buburu kaluar ti imah.

Loba tehnik médis anu dicatet dina buku 9 Élmu Karuhun, aya resép tradisional keur nurunkeun déprési jeung ngalancarkeun darah, ubar ieu bisa dipaké keur nulungan Mardi. Jadi Udin niatna moal ka apoték. Tapi rék ka toko ubar tradisional néangan jenis ubar anu di maksud.

ngan diluar geus nyampak aya Qin Gang jeung asisténna anu ngajingjing kardus. Jadi Udin nanya,
"Aya naon pa Qin Gang bet aya didieu?"

"Guru, kuring ngahaja ngirim bahan ubar. Bisi anjeun butuh keur kaperluan ngadadak" ceuk Qin Gang bari ngalieuk ka asisténna nyokot kardus anu dicekelanna terus dibikeun ka Udin.

"Buka, terus pariksa eusina" ceuk Qin Gang deui.

Udin buburu muka kardus, dijerona aya belasan bungkus palastik akar-akaran jeung beubeutian. Aya ginséng, akar eurih, panglay jeung sajabana. Aya ogé sabaraha bahan ubar séjén anu mémang geus jarang aya.

Sanajan bahan ubarna biasa, tapi Udin bungah pisan, sabab meni asa ku kabeneran. Kakara ogé boga niat rék meuli ubar keur Mardi, ayeuna malah dianteuran bahanna. Jelas kudu ditarima bari sakalieun rék nyobaan dipraktékkeun nyieun ubar sorangan sasuai jeung pituduh anu aya dina Kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.

"Nuhun pa Qin Gang" ceuk Udin nganuhunkeun.

Qin Gang manggut,
"Kuayana bantuan ti anjeun, ayeuna kuring bisa fokus deui kana usaha. Hasilna lumayan, omset nambahan terus, pelanggan ogé beuki ngalobaan. Usaha kuring mémang nyadiakeun bahan ubar siga kieu. Salian keur nyukupan pangabutuh dalam negri, kuring ogé ngalakukeun éksport ka sababaraha nagara. Saupamana kahareupana anjeun butuh deui bahan ubar, ulah asa-asa ménta ka kuring"

Udin unggeuk.
"Kuring mémang rék nyobaan ngaracik ubar sorangan, saupma butuh, pasti bakal méré nyaho ka anjeun"

Qin Gang ngarénghap reugreug,
"Guru, saupama anjeun aya waktu. Sakali-kali mah kuring hayang kaanjangan ku anjeun"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience