121. Ilyas ngadatangan Tiandi

Fantasy Series 60

Isak geus matuh lila di Bandung, jaringan intelijénna ogé hadé. Matak buburu némbalan,
"Firman tadi peuting ka RSUD, divonis kudu amputasi"

Udin seuri,
"Manéhna gagabah dina nginum ubar"

"Bener gan, Triman ngajieun ubar anyar. Firman daék dijadikeun kelenci percobaan. Akibatna kitu" témbal Isak.

Udin unggeuk, sabab jadi nyaho kondisi Firman ayeuna. Ubar naon waé anu diinum ku Firman. Kabéh bakal jadi racun keur dirina saacan ditulungan ku Udin.

Terus Isak ngomong deui,
"Wuki ayeuna di RSJ, bapana jeung adina ogé geus aya di Bandung mawa sababaraha ahli pikeun nyageurkeun. Tapi can manggih carana. Kuring awalna teu percaya aya panyakit siga kitu, tapi saenggeus lalajo vidéona kuring jadi yakin"

"Kumaha posisi bapa jeung adina di kulawargana?" Udin nanya.

"Pengaturan perusahaan kulawarga Sanjaya masih aya dina leungeun akina Wuki. Tapi kusabab Rénal anak cikal, jelas warisan bakal turun ka Rénal. Rénal nyaéta bapana Wuki. Lamun Rénal euweuh, turunna pasti ka Wuki sabagé anak cikalna. Umur Wuki jeung adina si Roger ukur beda sataun leuwih. Lamun panyakit Wuki teu cageur pasti Roger anu maju jadi Patriark Kulawarga Sanjaya" ceuk Isak.

Udin unggeuk, mimiti ngarti kana jujutan silsilah kulawarga Sanjaya anu kakayaanna mémang ngaluhuran Kulawarga Nataprawira. Tapi Udin teu gimir. Sabab ku udin kakuatan finansialna geus kaukur.

Mobil Isak geus tepi ka Imah Udin.
"Mang. Anjeun pasti capé sabab sapeupeuting diajak begadang ku kuring. Ayeuna Istirahatkeun, jaga kaséhatan" ceuk Udin ka Isak bari kaluar tina mobil.

Isak unggeuk bari seuri,
"Teu nanaon gan, geus jadi tugas mamang. Nuhun"

Udin asup ka imah langsung ka kamarna. Terus nyokot bajakah 300 taun ti kolong ranjang anu dibeuli samilyar ti palélangan di paméran. Akar ditempoan kalawan taliti. Udin seuri, sabab ku bajakah éta ubarna bisa leuwih disampurnakeun deui anu tangtuna khasiatna ogé bakal leuwih hadé tibatan ubar-ubar saméméhna.

Salian keur ngubaran batur, tiap Udin nyampurnakeun ubar pasti Udin ogé nginum hiji. Kabukti, ayeuna kamampuanna geus jauh leuwih hadé tibatan saméméhna. Sanajan sapeupeuting teu saré, Udin teu ngarasa tunduh. Udin niat rék ngolah bajakah éta jadi ubar sagancangna.

Icih ngahaja teu digawé, sabab basa lilir isuk-isuk nyampak Udin geus euweuh. Malah inditna teu biasa, samak urut saréna oge teu dibérésan heula. Icih nungguan Udin balik, bisi keur ka pasar, tapi teu balik-balik. Sok sanajan Udin can kungsi saré sagebrug, tapi sabenerna Icih nyaah jeung geus mimiti resep. Wajar lamun hariwang.

Pagawéan anu biasa dipigawé ku Udin ahirna kabéh dianggeuskeun ku Icih. Ayeuna ukur Udin anu jadi baturna, sabab indung bapana unggal poé sibuk ku urusanna séwang-séwangan. Euweuh Udin, Icih ngarasa kaleungitan pisan.

Lastri sabenerna teu kamamana, tapi réngsé sarapan teu kaluar deui ti kamarna. Mardi ogé sarua teu kamamana. Harita Mardi keur ngamandian mobil.

Icih karék réngsé nyaitan popoéan, nempo Udin geus balik sarta aya di kamar, icih bungah. Sanajan teu panggih ukur jam-jaman, tapi geus asa sono pisan. Icih asup ka kamar, nempo Udin anu keur sila dihandap. Icih diuk ngaréndéng bari ngaléndéan.

"Akang timana wae? Wengi kaluar tabuh sabaraha?" Icih nanya.

"Subuh, akang nyokot ieu ti imah Qin Gang" ceuk Udin bari nembongkeun akar bajakah.

Can ogé Icih tatanya lewih jauh, panto kamar muka,
"Keur naraon weyah kieu masih papaduduan dikamar?" Ceuk Lastri nanya teugeug.

"Har! Mémangna kunaon ma?" Icih nanya panasaran.

"Ema tadi peuting ngimpi manéh boga anak ti si Udin, awas ulah macem-macem" ceuk Lastri.

"Mémangna lepat upami abdi kagungan putra ti kang Udin?" Icih nanya sabab teu ngarti kana maksud Lastri.

"Ema embung manéh boga turunan ti si Udin" témbal Lastri.

Icih ngarenjag,
"Ma. Abdi sareng kang Udin parantos nikah. Naha masalah putra waé kedah Ema anu ngatur?"

"Manéh dilahirkeun ku Ema. Kabéh jelas aya hubunganna jeung Ema. Ema teu hayang boga incu ti si Udin" ceuk Lastri.

"Ma. Émut saha anu parantos nyalametkeun Ema?" Icih nanya.

"Ulah ngungkit-ngungkit kajadian anu geus kaliwat. Ulah pedah geus nulungan Ema terus si Udin kudu boga budak ti manéh. Barina ogé Ema teu ménta ditulungan ku si Udin" ceuk Lastri keukeuh. Terus nyarita deui,
"Inget, anu kudu leuwih ditingkatkeun tina diri manéh nyaéta kapinteran, kageulisan, jeung penampilan. Sangkan babari néangan salaki jelema beunghar keur gaganti si Udin. Ceréikeun si Udin"

Icih jelas ambek terus nangtung,
"Abdi tos haroréam ngadangu cariosan ema anu ngaco sareng teras-terasan maksakeun kahoyong nyalira" saterusna Icih nutupkeun panto kamar.

"Buka. Teu sopan, anjeun pan keur dipapatahan ku indung" ceuk Lastri ti luar kamar.

Tapi ku Icih teu di déngé. Icih langsung ngageunggeuik ceurik bari nangkuban dina kasur.

Udin ukur gogodeg.
"Mitoha iblis, sakali-kali kudu di warah" Gerentesna.

"Nyi, indit ka kantor. Tenangkeun pikiran Nyai di kantor. Akang teu kunanaon" ceuk Udin ngaharéwos lalaunan ka Icih.

Icih ngagugu, nguniang hudang terus ngarangkul Udin bari ménta dihampura. Sanajan geus beurang Icih dangdan rék digawé. Tujuanna ukur hayang ngajauhan Lastri anu keur kanceuh.

Lastri nyampeurkeun ka Mardi anu aya diluar.
"Kang, anteur kuring ka villa Bougenville ayeuna"

Mardi colohok, terus gogodeg,
"Rék naon? Ké ogé lamun dékorasina geus réngsé sarta geus bisa dipindahan bakal dibéjaan ku si Udin"

"Teu paduli. Kuring rék ménta pagawé méréskeun heula sakamar sangkan bisa dipindahan, kuring geus teu betah cicing didieu" ceuk Lastri.

"Embung, mobil karék dikumbah, barina ogé manéh euweuh hak tutah titah ka pagawé dékorasi. Keun wé geus aya anu ngurus ieuh" témbal Mardi.

Tapi Lastri tetep maksa,
"Ulah loba alesan, buru salin baju. Lamun henteu, kabéh barang antik anjeun dipiceunan ku kuring!"

Sabab Lastri ngancem rék miceunan barang antikna. Daék teu daék sanajan kapaksa Mardi unggeuk,
"Montong sok kamana waé siah, dagoan, aing salin baju heula"

"Kitu atuh, ulah pangedulan kawas si Udin. Nganganteur pamajikan waé hararésé! Kudu diancam heula karék ngagugu" ceuk Lastri.

Teu lila Mardi geus kaluar bari jamedud, langsung indit ti Imah jeung Lastri maké BMW.

Ningali geus euweuh jelema di Imah, Udin nelepon Qin Gang sangkan nyiapkeun 30 jenis bahan ubar keur ngajieun deui ubar anu levelna leuwih luhur deui ti ubar saméméhna sabab geus aya bahan intina nyaéta akar bajakah. Qin Gang bungah ngadéngéna, langsung nyatujuan sarta rék nganteurkeun pesenan Udin ku sorangan.

Teu lila Tiandi ogé nelepon Udin,
"Pa, kumaha kabarnya urang Jepang anu geus maling ubar ti kuring tadi peuting?"

"Ulah hariwang, geus dibérésan" témbal Udin.

Tiandi ngarénjag, terus nanya deui,
"Kuring ngadéngé ti babaturan médis yein Masao Kobayashi maot tadi isuk akibat karacunan ubar. Naha aya pakaitna jeung ubar anu dipaling ti Kuring?"

"Bener, éta lain ubar, tapi racun" témbal Udin.

Tiandi mémang geus ngaduga, nanya sotéh hayang ngayakinkeun hungkul.
"Guru, cara anjeun ngaganti ubar asli ku racun mémang hadé. Ayeuna anu katudingan pasti Ichiro"

Teu lila kadéngé sora Zofia dina telepon,
"Ki, Baréna sareng Ilyas sumping"

"Rék naraon?" Tiandi nanya.

Udin anu ngadéngé langsung seuri,
"Firman kamari nginum ubar jieunan Baréna, bonogaanna beuki buruk. Paling rék ménta tulung ka anjeun"

"Oh. Pasti ku kuring ditolak" ceuk Tiandi.

Diluar Baréna jeung Ilyas dihalangan ku sécurity, Akibat kajadian kamari, Tiandi mémang jadi leuwih waspada ka tamu-tamuna.
"Aranjeun boga jangji?" Ceuk sécurity nanya.

"Kuring Baréna, Kuring boga kasalahan ka tabib Tiandi di paméran ubar. Kuring rék ménta dihampura" témbal Baréna anu dampal leungeun kencana dibeulit ku perban siga maké sarung tinju alatan ramo-ramona geus tipites-piteskeun ku Firman.

"Ukur anu geus aya jangji saméméhna anu bakal dilayanan. Wéyahna anjeun kudu balik deui" ceuk sécurity.

"Coba sopan saeutik. Anjeun ukur sécurity, euweuh hak ngusir kuring. Kuring Diréktur Triman Pharmaceutical" ceuk Baréna.

"Didieu klinik, teu ngabéda-bédakeun status. Sanajan anjeun Présidén, lamun can aya jangji moal dilayanan" témbal sécurity bari nyurungkeun Baréna anu rék maksa asup.

"Ulah kasar, kuring datang ku cara hadé" ceuk Baréna. Anu kapikiran ku Baréna mémang kudu bisa ngolo Tiandi sangkan daék nyageurkeun Firman. Nasib Triman Pharmaceutical jeung kulawargana aya di Tiandi. Matak Baréna kudu ati-ati jeung kudu sabar.

Ilyas teu wani ngomong, sabab sieun ku lanceuk téréna. Tapi haténa sarua, ngarepkeun Tiandi bisa nulungan kulawargana ku cara ngubaran Firman.

Awalna Ilyas anu boga ideu nepungan Tiandi, sabab Ceuk Atang, saha waé anu bisa nganggeuskeun masalah Firman sarta bisa nyalametkeun Triman sangkan teu dijabel. Bakal boga hak pikeun jadi pamingpin di Triman. Ngan kusabab Baréna nyarék Ilyas Sangkan teu pipilueun, kapaksa Ilyas ngéléhan sarta nutur-nutur Baréna.

"Tabib Tiandi! Kuring rék ménta tulung. Ijinkeun kuring asup!" Ceuk Baréna cocorowokan ti luar.

Security ambek,
"Kuring geus ngabéjaan, ukur anu boga jangji saméméhna anu bakal dilayanan. Anjeun teu éra cocorowokan diluar?"

Tiandi anu karék réngsé nelepon Udin leumpang kaluar. Terus nanya ka Baréna,
"Nanaonan cocorowokan di klinik kuring?"

Ningali Tiandi kaluar, Baréna langsung nyurungkeun security anu ngahalanganna,
"Tabib, kuring butuh bantuan anjeun" ceuk Baréna.

Ningali tindakan kasar Baréna ka securityna, Tiandi kerung,
"Di paméran, anjeun teu sopan ka pa Udin, ayeuna wani teu sopan ogé ka pagawé kuring"

"Ulah salah Faham, kuring mémang boga kakeuheul ka si Udin tapi ka anjeun henteu" témbal Baréna.

"Pa Udin bageur ka kuring, aya anu keuheul ka pa Udin sarua waé jeung keuheul ka kuring. Leuwih hadé anjeun indit, ulah datang deui ka kuring" ceuk Tiandi ngusir.

"Kuring teu boga masalah jeung anjeun. Kulawarga kuring keur boga masalah gedé. Lamun anjeun embung nulungan. Kulawarga kuring bakal binasa" ceuk Baréna.

"Mémang sacara langsung anjeun teu boga masalah nanaon jeung kuring, malah kuring teu wawuh ka anjeun saacanna. Matak leuwih hadé indit, ulah datang deui ka dieu" témbal Tiandi.

Baréna buburu ngarebut cepuk perhiasan anu aya dina leungeun Ilyas anu mémang geus disiapkeun keur Tiandi,
"Tabib Tiandi, anjeun ulah kasinggung, ieu tanda kuring bener-bener ménta dihampura sarta ménta bantuan ka anjeun. Ieu inten atah harga 50 juta. Hadiah keur anjeun" ceuk Baréna bari muka kotak perhiasan hareupeun Tiandi

"Tong boro 50 juta, sanajan 50 milyar lamun tujuanna keur nyogok kuring, kuring moal daék. Balik!" ceuk Tiandi.

Ilyas anu titadi cicing ngarahuh, terus deku hareupeun Tiandi.
"Tabib Tiandi, tulungan kuring jeung kulawarga kuring" ceuk Ilyas bari ngabongkokeun awakna.

Ningali anu dilakukeun ku Ilyas, Tiandi rada kagagas terus seuri marahmay karunyaeun. Sabab béda jeung Baréna, Ilyas leuwih sopan jeung terdidik, jauh tina sifat angkuh.

Tapi Baréna teu panuju, jelas keur jelema sulit ati belang bayah kawas Baréna, dianggapna Ilyas rék ngarebut simpati Tiandi ti manéhna, sangkan bisa jadi pingpinan Triman Pharmaceutical.

Cangkéng Ilyas langsung dijejek satarikna ku Baréna,
"Koplok. Dasar anak haram, boga hak naon ngomong ngawakilan kulawarga?"

Ilyas ngagolépak, nyerina cangkéngna teu dirasa. Buburu nangtung bari ngeprukan bajuna anu kotor. Terus mundur ka tukangeun Baréna bari tungkul.

Baréna nurutan ilyas, manehna oge ahirna deku hareupeun Tiandi,
"Tabib Tiandi, Firman diubaran ku kuring. Tapi panyakitna beuki parna. Kakayaan kulawarga kuring rék dijabel ku Firman lamun panyakit Firman teu dicageurkeun. Tulungan kuring. Ukur anjeun anu bisa"

Tanpa dijelaskeun ogé Tiandi mémang geus nyaho tujuan Baréna jeung Ilyas datang,
"Nyalametkeun Firman? Anjeun jeung Firman saruana. Geus sababaraha kali nyinggung pa Udin. Kuring teu hayang nulungan"

"Sécurity, usir!" Ceuk Tiandi maréntahkeun sécurity ngusir Baréna jeung Ilyas. Tiandi asup ka jero teu ngalieuk deui ka tukang. Sanajan dirina tabib anu kudu tutulung, tapi kéheulaanan ari kudu nulungan jelema jahat mah.

"Lamun anjeun teu indit ti dieu, kapaksa kuring kasar!" Ceuk sécurity bari nyurungkeun awak Baréna.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience