38. Icih titirah ku Rukmini

Fantasy Series 36

Rukmini anu karék asup ngadeukeutan ka Élsa,
"Élsa, Mun aya nanaon béjaan Nini. Penjahat anu nyulik anjeun teu ngalakukeun nanaon pan?"

"Salah saurang penjahat nusuk pingping kuring ku péso ni, untung kuring ditulungan ku saurang pamuda" témbal Élsa geus teu make adab deui.

"Anu nulungan anjeun pamuda?" Rukmini nanya deui bari paromanna siga anu curiga.

"Maksud anjeun naon ni? Enya ku pamuda, ngan anu jelas lain incu Nini" témbal Élsa keuheul sabab pananya Rukmini jelas kawas anu nyuriga teu bener ka dirina.

Rukmini kerung ngadéngéna. Sabab tangtuna pamuda éta ogé anu geus mawa Élsa ka rumah sakit. Jadi Rukmini ngagerentes,
"Cilaka! Saupama Élsa nepi ka resep ka pamuda anu nulunganna. Harepana kuring pikeun ngajodokeun Dudung pasti bakal beuki hésé"

Dudung ogé curiga, terus nanya,
"Élsa, pamuda mana anu daék nulungan anjeun? Anjeun pan anyar aya di Bandung. Mustahil aya anu wawuh sarta daék nulungan lamun euweuh pamrih. Jujur, anjeun teu di kukumaha ku pamuda éta pan?"

Ngadéngé Nini jeung incuna ngaromong kitu, Élsa hayang ngajerit satarik-tarikna pikeun ngusir maranéhna kaluar. Haté Dudung mémang keur dibungkus ku rasa timburu, nepi ka teu bisa nyaring omonganna sorangan anu pangrasana mah bener.

Ngan anéhna pikiran Rukmini, Unah, karsidi jeung Isah ogé sarua. Sapamikiran jeung Dudung. Awéwé geulis di tulungan ku pamuda dina kaayaan sukuna tatu parah akibat di tusuk péso bari kudu nyinghareupan heula 5 penjahat. Katambah ti peuting. Saha lalakina anu wani ngajual nyawa lamun euweuh pamrih.

Di parelong ku 5 jelema anu teuteupanna pinuh ku rasa curiga sarta pikakeuheuleun. Élsa ukur bisa meureumkeun panona bari ngeupeulkeun leungeunna tipepereket. Haténa kukulutus,
"Koplok! Si Dudung lain gan ukur kabur, tapi ayeuna datang mawa kulawargana bari kabéh nuduh kuring teu bener"

Saterusna Élsa nyarita tarik lantaran keuheul,
"Kuring teu diculik! Déngékeun ku aranjeun. Dudung geus ngajieun riributan jeung saurang lalaki di réstoran. Nepi ka kuring di cegat diluar sawaktu balik. Anu nulungan kuring lain pamuda hina, manéhna nyaho cara ngajaga harga diri awéwé. Malah sabalikna Dudung, kunaon Dudung kabur saenggeus ngajieun masalah bari ngantep kuring jadi korban. Sifat kitu leuwih hina tibatan jelema panghina-hinana"

Kabéh colohok. Teu nyangka kajadian sabenerna siga kitu. Nyatana Dudung anu geus ngajieun masalah tiheula terus ningalkeun Élsa nepi ka ahirna pingpingna di tubles. Padahal Dudung bébéjana ka sararéa mah Élsa ukur diculik tanpa nyaritakeun sabab musababna.

Harita kénéh pipi Dudung langsung dicabok ku Rukmini
"Dasar incu koplok, rék kumaha manéh bisa di pikaresep ku awéwé lamun kalakuan manéh kawas kitu bari ngabohong ka aing"

"Ni, hampura. kuring ngaku salah" ceuk Dudung bari murungkut ngusapan pipina.

Ahirna kabéh baralik kulantaran éra bari teu pamit-pamit acan ka Élsa. Élsa ogé sabenerna geus bisa balik, sukuna teu nanaon jeung geus bérés di jait sarta diperban. Ngan kusabab geus peuting. Kapaksa Élsa ménta ka dokter sangkan diijinan bisa istirahat sapeuting di rumah sakit.

Udin ti Palapa langsung balik ka imah, mikeun berkas ka Icih bari teu nyaritakeun nanaon deui. Icih ogé teu loba tatanya sanajan Udin rada telat balik. Lantaran teu nyahoeun kajadian anu geus tumiba ka Élsa.

Mémang saenggeus pisah imah ti kulawarga Kusumah, kulawarga Mardi geus ampir putus hubungan jeung kulawarga Kusumah, tara aya béja nanaon. Hubunganna ngan sawates urusan Palapa hungkul. Sedengkeun masalah kulawarga geus masing-masing. Padahal Mardi anak cikal Rukmini. Kuduna Rukmini ngabéjaan ka Mardi sabab nyaho Élsa sobatna Icih.

Sabab kapeutingan, Udin teu jadi rék ngetést kai kaboa téa tapi langsung saré. Isukna Icih hudang subuh sabab kahudangkeun ku telepon ti Rukmini.
"Cih, poé ieu wéyahna indit ka toko wangunan Tianhao, olo kumaha carana sangkan bisa nganjuk heula barang 100 jutaeun mah. Béjakeun ngalunasanna lamun Palapa geus meunang pamanjer ti Bima Raya"

"Ni, Tianhao sanés matrial alit. Anjeunna supplier bahan wangunan ageung. Sanés mung ukur ngalayanan urang hungkul. Mustahil keresa dianjukkan" témbal Icih.

"Kudu bisa, Palapa teu boga modal gedé, lamun teu nganjuk, rék timana bisa meunang barang. Éra atuh ngimitian proyék tapi balanja bahan kudu kasbon heula ka Bima Raya" ceuk Rukmini.

Icih teu némbalan, sabab bingung.

"Cobaan heula, olo Tianhao kumaha carana. Anu penting bisa méré nganjuk" ceuk Rukmini maksa.

Icih ngarahuh pasrah,
"Mangga ni, abdi badé siap-siap heula. Kedah angkat ayeuna kumargi tebih, perjalanan sajam langkung"

"Alus! Nini percaya anjeun bisa" ceuk Rukmini terus nutup teleponna.

Icih buburu bébéja ka Udin anu keur masak di dapur, ngajelaskeun kudu ka luar kota ngadatangan Tianhao. Udin ukur unggeuk, bari nanya,
"Kunaon teu kasbon ka Bima Raya, lamun di jelaskeun ka Bu Susi, pasti bisa ngamaklum, piraku rék ngagawéan proyék teu méré uang muka"

Icih gogodeg,
"Isin atuh kang, teu acan aya anu di pidamel tapi tos wantun nagih uang muka"

Udin hayang ngomong,
"Anjeun pamajikan diréktur Bima Raya, saha anu wani nolak kana paménta anjeun?"
Tapi omonganna éta ngan ukur kahayang, teu bisa di kedalkeun.

"Lamun kitu, akang rék maturan" ceuk Udin.

"Kirang saé atuh kang. Piraku badé nyarioskeun bisnis perusahaan kedah nyandak salaki" témbal Icih nolak.

Udin teu bisa maksa. Sabab nyaho sifat Icih anu teges. Tapi Udin bari rék ngadédéngékeun. Saupama Icih gagal, kapaksa Udin kudu nelepon Susi sangkan ngaluarkeun uang muka keur modal awal Palapa.

Réngsé sarapan Icih nelepon ka Tianhao ngabéjakeun yén dirina rék datang. Tianhao nyaéta perusahaan pamasok bahan wangunan panggedéna sarta pangkumplitna sa Bandung. Husus ngalayanan proyék-proyék gedé, jadi lain matrial écéran biasa. Ngaran anu bogana Zoe Tianhao saurang katurunan China pantar Mardi.

Zoe lain jelema beunghar, tapi pamajikanna anu asalna ti kulawarga beunghar. Pamajikanna lain jelema anu soméah, keur mah goréng patut jeung leuwih kolot ti salakina, pamajikan Zoe ogé boga sifat timburuan jeung galak ka salaki. Matak saumur-umur Zoe ngan ulukutek di perusahaanna tara kamamana pisan. Malah kabéh karyawanna ogé lalaki kabéh sabab teu meunang aya awéwé. Tapi di lingkunganna Zoe kawéntar salaki bageur jeung nurut ka pamajikan.

Perusahaan Tianhao aya dipasisian kota Bandung, nyaéta di Majalaya. Belasan gudangna ngadeg dina lahan héktaran anu kabéh eusi bahan wangunan hungkul.

Tepi ka anu dituju, mobil Icih diparkir di hareupeun kantor. Lantaran saméméhna geus di telepon. Nyampak Zoe geus nungguan di lobby kantorna. Tapi katingalina kantor sepi, euweuh jelema séjén salian Zoe. Ningali Icih anu geulis geus asup, Zoe langsung nangtung ngajak sasalaman,
"Wilujeng sumping di Tianhao ibu Icih Kusumah" ceuk Zoe soméah, tapi panona ngarérétan kana awak Icih ti luhur nepi ka handap.

Icih ngarasa teu genah haté awakna di rérétan siga kitu, Komo bari leungeun Zoe pageuh ngaranggeum lengeunna bari teu dilésotkeun. Buburu Icih metot leungeunna.
"Pa Zoe, aya naon ieu?" Ceuk Icih mimiti curiga.

Ditanya ku Icih Zoe buburu sadar,
"Oh, hapunten Bu, parantos lami abdi ngadangu di kulawarga Kusumah aya widadari geulis anu nikah ka kuli ngaduk, teu nyangki geuningan salira. Jujur némbé abdi kasima ku kageulisan ibu. Mangga calik"

Sabenerna Icih hayang balik deui, ngan kusabab lalampahanna pikeun tepi ka Tianhao jauh, jaba meunang tugas pikeun ngolo Tianhao ngarah Palapa bisa nganjuk barang. Ahirna Icih diuk.

"Kumaha upami ngobrolna di rohangan abdi waé, supados langkung lalauasa" ceuk Zoe bari ngajak Icih ka rohangan kantorna. Zoe ngaléngkah ti heula. Icih rada asa-asa, tapi nuturkeun Zoe ka rohanganna.

Saenggeus nempo Icih asup sarta diuk di sofa pendék anu aya di jero, Zoe buburu nutupkeun panto terus diuk hareupeun Icih bari panona terus mencrong kana bagéan erok pondok Icih.

Sabab ngarasa éra, Icih ngarapetkeun pingpingna bari mindahkeun tas anu nyoléndang dina taktakna kana lahunanna. Leungeun Icih ogé ditilepkeun kana luhur tas pikeun nutupan dadana.

"Bu, bentuk kerjasama kumaha anu badé di badantenkeun sareng abdi?" Ceuk Zoe muka obrolan.

Sanajan éra, tapi Icih mémang kudu jujur. Ahirna Icih ngajelaskeun,
"Pa, perusahaan kuring 'Palapa' ti jaman masih dipimpin ku aki kuring 'Wawan Kusumah', geus taunan kerjasama jeung Tianhao. Sagala kabutuhan bahan kabéh di pasok ti tempat ieu. Jeung tara kungsi aya masalah. Tapi sataun katukang Palapa tara ngagarap proyék deui lantaran aki gering. Tah ayeuna kuring salaku pingpinan anyar di Palapa bakal ngamimitian migawé proyék hotélna Bima Raya. Kukituna lantaran sataun pareum, modal Palapa ipis. Kadatangan kuring kadieu rék ménta kabijaksanaan ka Tianhao pikeun bisa nginjeuman barangna. Dimana kuring narima bayaran ti Bima Raya, pasti langsung dilunasan"

"Nganjuk?" Ceuk Zoe seuri sinis bari ngahuleng. Anu jadi pikiran Zoe nyaéta pamajikanna, Zoe sieun kanyahoan, tada teuing pamajikanna bakal ambek saupama kanyahoan Zoe nganjukkeun barang. Zoé ngajelaskeun,
"Ibu ogé tangtos uninga, Tianhao ti kapungkur tara nambutkeun barang, aya artos aya barang, teu aya artos nya wéyahna"

Icih unggeuk,
"Bener. kuring nyaho sarta bisa ngamaklum pisan. Tapi proyék anu ku kuring digarap ieu proyek gedé anu butuh material loba. Tangtuna kauntungan keur Tianhao ogé bakal gedé"

Zoe nyakakak seuri,
"Bu, Tianhao sanés mung ngalayanan hiji proyék, nanging puluhan proyék di Bandung hungkul. Malih dugi ka Sumedang sareng Garut. Sadayana kontan teu aya anu nambut. Janten moal aya pangaruhna kanggé Tianhao upami abdi nolak Palapa"

Icih langsung kuciwa,
"Jadi kumaha? Palapa ditolak?"

Zoe unggeuk,
"Mémang penting kanggé Tianhao ngalayanan sapinuhna ka proyék Bima Raya, margi bakal ningkatkeun kapercantenan kontraktor-kontraktor sanésna. Nanging saupami kontraktor sanés uningaeun abdi nambutkeun barang ka Palapa. Kapayunna tangtos bakal seueur kontraktor anu ahirna wantun nambut ogé. Tah abdi alim kedah nampi akibat éta"

Icih geus béakeun akal, Sagala cara geus buntu. Icih Ngan ukur ngahuleng leuleus. Kumaha deui cara ngolo Zoe sangkan haténa léah. Nempo Icih ngalamun, Zoe ngomong deui,
"Seueur matrial sanés anu ahirna bangkrut margi wantun nambut-nambutkeun barang. Abdi mung ngajagi Tianhao supados tetep jalan. Ibu kedah ngartos kana posisi abdi"

Icih unggeuk leuleus,
"Lamun kitu, kuring rék pamit. Kuring kudu méré laporan ka Nini sarta néangan injeuman duit. Hampura geus ngaganggu anjeun"

Ningali Icih rék nangtung, Zoe buburu ngomong bari seuri cunihin. Tapi nyaritana geus teu maké adab deui,
"Ké heula ulah waka rurusuhan, anjeun can nginum-nginum acan. Béré waktu sakeudeung keur kuring mikir" saterusna Zoe nangtung ngaléngkah ka minibar anu aya didinya.

Icih kerung,
"maksud anjeun kumaha?"

Zoe ngaléngkah kaditu kadieu siga bener anu keur mikir tarik, ngan sabenerna mah lain mikiran masalah kerjasama. Tapi mikiran kumaha carana hayang bisa ngasaan awak Icih. Ku Zoe kabingung Icih rék di manfaatkeun.

Mangtaun-taun Zoe ukur nyaho hiji awéwé, nyaéta pamajikanna anu goréng patut, kolot, galak jeung timburuan. Jauh lamun di bandingkeun jeung Icih anu sopan dina omongan, geulis, ngora kénéh tur pinter. Haténa ngarasa manghanjakalkeun kunaon awéwé sampurna siga Icih bet kudu kawin ka kuli ngaduk. Beuki lila Zoe mikiran Icih, beuki gedé nafsunya pikeun bisa ngagadabah awak Icih.

Ahirna Zoe nyarita,
"Aya kénéh cara séjén sangkan kabutuhan anjeun bisa laksana"

"Kumaha?" Icih curinghak bungah.

Zoe malik nanya,
"Sabaraha modal anu ayeuna aya di Palapa? Kuring bisa méré barang saharga duit éta heula keur tahap awal. Barangna tepi kudu langsung dibayar, ka dituna ogé kitu. Jadi kuring bakal ngalayanan secara bertahap, moal sakaligus. Ieu ogé kulantaran anjeun anu datang, lamun lain anjeun, Kuring pasti moal méré"

Sanajan teu sasuai jeung harepanna. Icih curinghak bungah, terus unggeuk,
"Oké. Lamun kitu kuring rék nelepon heula Nini anu nyepengan kas kantor, tungguan" saterusna Icih nelepon Rukmini.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience