47. Ki Waja ngayakeun acara

Fantasy Series 36

Udin ngarénghap reugreug. Icih mémang teu resep kana barang méwah anu gugurilapan. Kangkalung giok ti Émily ogé jarang dipaké. Matak wajar lamun geulang mutiara éta disebut geulang sederhana. Sabab saliwatan mah mémang jiga anu teu pira. Jeung Udin ogé teu hayang ngabéjakeun hargana ka Icih.

Tong boro dina kaayaan biasa, sanajan ka ondangan ogé Icih mah tara mentingkeun perhiasan. Nga make up beungeut oge paling cukup ku wedak ipis jeung lipen saulas.

Lastri anu ngintip ti kamarna lantaran ngadéngé Udin méré geulang ka Icih, buburu nyampeurkeun bari langsung nempo geulang anu keur dipaké ku Icih. Terus seuri sinis,
"Ukur geulang tasbéh, ari sugan téh barang alus"

Udin seuri teu kasinggung, malah bungah. Sabab saupama Lastri nyaho hargana samilyar, pasti bakal dipénta deui.

Saterusna Udin asup deui ka kamarna nyokot kartu ATM mikik Qing Gang jeung kulit kerang anu geus dijieun jadi buleud ipis téa. Terus diasupkeun kana amplop. Udin pamitan kaluar ti imah, di luar Udin nelepon ojég online pikeun nganteurkeun amplop ka Imah Qin Gang.

Balik ti palélangan, Ki Waja diondang ku Steven ka imahna. Jadi harita Ki Waja keur diuk di rohangan tamu Imah Qin Gang, keureut beungeutna masih kuciwa lantaran éléh ku Udin di palélangan. Lantaran inditna ka Bandung demi kerang. Pamikirna euweuh gunana buburu balik ka Banten lamun teu mawa kerang anu dimaksud. Ki Waja meres otakna néngan cara sangkan bisa ngarebut kerang ti Udin.

Qin Gang jeung Auxe kaluar ti jero pikeun nepungan Ki Waja lantaran dibéjaan ku Steven. Saméméh dariuk, duanana manggut jero ka Ki Waja.

"Kuring teu nyangka Ki Waja daék nincak ka imah kuring" ceuk Qin Gang muka obrolan.

Saacan ngomong Ki Waja nginum cai etéh anu saméméhna geus ditunda dina méja ku palayan,
"Kuring panggih jeung Steven di palélangan, terus kuring diondang pikeun datang ka dieu lantaran cenah aya masalah kulawarga anu kudu dibéréskeun ku kuring"

Qin Gang ngarenjag, terus ngarérét ka Steven teu panuju. Haténa ngagerentes ambek,
"Dasar anak kurang ajar, di kerem di kamar masih sempet kabur ka palélangan bari mawa balik Ki Waja sarta nyaritakeun masalah kulawarga anu sabenerna dirina biang masalahna"

Ahirna Qin Gang unggeuk ka ki Waja,
"Ki Waja, anjeun bener. Kulawarga kuring mémang keur aya dina masalah gedé"

Ki Waja nangtung, lalaunan leuleupangan ngurilingan rohangan tamu bari rurat-rérét, terus karérét ku dirina aya keretas nilep nyelap dina luhureun panto. Saterusna Ki Waja unggut-unggutan bari mimiti ngaréka omongan,
"Aya nu ngirim teluh ka imah ieu, lain ngan ukur harta banda anjeun anu bakal béak, tapi nyawa aranjeun ogé aya dina bahaya"

Sabab aya kamiripan jeung anu kungsi dijelaskeun ku Udin, Qin Gang, Steven jeung Auxé curinghak. Udin can méré kaputusan, jadi maranéhna can nyaho iraha Udin bakal datang pikeun ngabantu. Euweuh salahna saupama masalah di kulawargana dipasrahkeun ka Ki Waja.

"Ki, anjeun bisa ngabantu méréskeunna?" Qing Gang nanya.

"Bisa" témbal Ki Waja.

Kabéh silih rérét bungah, terus cicing hayang ngadéngékeun naon solusi anu bakal diomongkeun ku Ki Waja saterusna. Ki Waja diuk deui terus nyarita,
"Jujur ka kuring. Naha ahir-ahir ieu aya jelema anu méré isim atawa jimat ka anjeun? Lamun aya, éta barang sihir anu jadi panyababna"

Qin Gang ngahuleng, sabab ukur Udin hiji-hijina anu ahir-ahir ieu méré, nyaéta tulisan dina keretas anu geus diselapkeun dina kusén luhureun panto. Ki Waja nyaho timana?

Jadi Qin Gang, unggeuk,
"Aya, ti pa Udin. Tapi anjeun salah lamun barang éta panyababna, justru sawareh masalah kuring beres ku eta barang. Jeung barangna ogé lain isim. Ukur kereta biasa anu ditulisan langsung dihareupeun kuring"

Ngadéngé ngaran Udin, Ki Waja anu mémang keur dendam ka Udin jadi ambek deui,
"Jadi anjeun leuwih percaya kana cara si Udin? Lamun kitu, euweuh gunana Kuring diajak ka dieu" ceuk Ki Waja bari nangtung rék ngaléngkah indit.

Qin Gang buburu nyarita,
"Kéheula Ki. Jelaskeun heula ka kuring naon salahna cara anu dipaké ku pa Udin?"

Ki Waja diuk deui terus nyarita,
"Kuring ménta cai hérang kana mangkok!"
Qin Gang buburu nitah pembantuna mawa cai anu dimaksud. Mangkok anu eusi cai dijampéan ku Ki Waja bari dipurulukan menyan. Geus kitu ramona dianclomkeun kana cai, terus dikepretkeun Kana beungeut Qin Gang.

Qin Gang ngusap beungeutna anu baseuh ku saputanganna. Tapi ngagebeg nempo ruang tamu ayeuna kawas anu dipinuhan ku haseup hideung.
"Aya naon ieu Ki?" Ceuk Qin Gang reuwas.

Qin Gang ogé nempo beungeut anakna Auxe jeung Steven siga zombie, pias pikasieuneun. Tapi nempo beungeut Ki Waja mah normal.

"Kuring geus muka mata batin anjeun. Anu katempo ku anjeun ayeuna nyaéta aura mistis anu ngahaja dikirim ku jelema jahat" ceuk Ki Waja.

Qin Gang ngadegdeg, dirina sieun.
"Kudu kumaha Kuring Ki?" Ceuk Qin Gang nanya bari sorana ngageter.

"Anjeun teu kudu hariwang, éta urusan kuring. Untung kuring didieu. Nasib anjeun alus kénéh" ceuk Ki Waja ngayakinkeun Qin Gang.

Ki Waja ngaluarkeun 3 jimat persis jeung anu geus dibagikeun ku dirina di palélangan. Dibikeunan hiji-hiji ka Qin Gang, Auxe jeung Steven. Bari nutup deui mata batin Qin Gang.

Bari narima jimat ti Ki Waja, lalaunan tetempoana Qin Gang normal deui. Qing Gang beuki yakin kana kakuatan isim anu ayeuna aya dina leungeunna. Saterusna Qin Gang nyarita,
"Anggeuskeun Ki, tuntaskeun masalah Kuring. Kuring sanggup mayar sabaraha waé anjeun ménta"

Ki Waja némbalan,
"Hiji jimat 5 juta, tapi teu cukup ukur keur aranjeun tiluan hungkul. Kabéh pagawé anjeun ogé kudu maké. 3 ieu ku kuring digratiskeun. Tapi sesana kudu dibayar"

Qin Gang ngadayagdag nyarandé leuleus kana korsina. Kabeh pagawena ampir 900 jelema. Hartina 4,5 mikyar kudu dikaluarkeun keur meuli jimat bari can tangtu kabéh pagawéna percaya kana isim.

Nempo bapana cicing, Steven nyarita,
"Ceuk Kuring ogé naon pa, si Udin ukur tukang tipu. Duit bapa béak dipaké balanja di palélangan lewih ti samilyar. Kudu buburu dilaporkeun ka pulisi"

Auxe kerung, sabab Auxé mah malah ngarasa anu keur nipu justru Ki Waja. Hal éta sabab Auxé nganggap Udin ukur jelema bodo, ngomongna ogé saperluna, kajujuranna babari katoong. Béda jeung Ki Waja anu geus kolot jeung loba pangalamanna, leuwih hésé nebak eusi haté sarta kalicikanna.

"Manéh ngajedog!" Ceuk Qin Gang ambek ka Steven. Terus malik ka Ki Waja.
"Nuhun Ki, masalah keur pagawé, kuring butuh waktu pikeun mikir"

Ki Waja unggeuk bari seuri,
"Talian isim ti kuring, terus kangkalungkeun. Kuring pamit. Saupama anjeun geus siap, bejaan kuring" ceuk Ki Waja terus pamitan.

Ti mimiti ngaléngkah asup ka Imah Qin Gang, sabenerna Ki Waja geus bisa ngarasakeun ayana aura gedé anu asalna tina barang luhureun panto anu kaliliwatan. Saolah-olah Imah Qin Gang keur dijaga ku mahluk anu teu katempo. Ngan ku sabab panasaran, Ki Waja ngahaja mancing Qin Gang sangkan balaka timana asalna barang éta. Saeungeus nyaho yén éta keretas anu asalna ti Udin, Ki Waja mimiti ngarasa gimir ku Udin. Sabab kakuatan keretas nyatana jauh leuwih kuat tibatan isim jieunan dirina.

Sabab Ki Waja leuwih mentingkeun dunya. Matak ngahaja teu nitah Qin Gang miceun keretas tapi méré isim. Harepanna sangkan Qin Gang yakin yén kakuatan éta asalna tina isim ti dirina, padahal anu sabenerna mah lain. Tapi tina keretas jieunan udin. Lamun Qin Gang geus yakin. Bakal babari pikeun Ki Waja meres harta Qin Gang.

Bari ngaléngkah kaluar. Saacan indit, Ki Waja ngarandeg heula dina lawang panto. Kakuatan keretas dina luhur lawang anu karasa nimbulkeun rasa sieun anu gedé dina haténa. Jadi Buburu ki Waja ngagedig indit sangkan kasieunna teu katempoeun ku Qin Gang.

Saenggeus Ki Waja teu katempo deui, Steven nyarita,
"Pa, Ki Waja geus kawéntar. Teu bisa dibandingkan jeung si udin. Ki Waja geus daék ngabantu sarta méré 3 isim gratis. Sedengkeun si Udin geus méakeun samilyar leuwih tanpa méré bantuan nanaon, jelas bapa keur ditipu"

Qin Gang teu némbalan, haténa mimiti kapangaruhan ku omongan Ki Waja jeung Steven. Teu lila satpam imah asup bari mawa amplop,
"Juragan, ieu dikintun ku ojég"

Qin Gang buburu narima amplop terus dibuka. Dijerona aya kartu ATM anu kudirina dibikeun ka Udin jeung kulit kerang buleud ipis sagedé duit récéh. Qin Gang yakin éta kiriman ti Udin. Amplop diketrukeun kana méja, bisi aya deui barang séjénna. Nyatana mémang aya, nyaéta Keretas sacuwir jeung tulisan sagurat. Terus dibaca,
"Gantung di ruang tamu keur ngusir pangaruh jahat"

Steven nempo Udin ukur mulangkeun kartu jeung kulit kerang sagedé bénggol langsung koméntar,
"Dasar tukang tipu, mulung timana barang kieu patut! Mana kerang jeung mutiara anu tadi dibeuli di palélangan? Samilyar ukur jadi kieu?" Ceuk Steven bari nunjuk kana kulit kerang jieunan Udin.

Saterusna Steven nyarita deui,
"Pa, hayu bawa pangawal. Urang pénta deui duitna. Lamun si Udin kabur. Bakal hésé deui néanganna" ceuk Steven ngajak bapana bari nangtung.

"Sia ngajedog heula, aing ogé keur mikir" ceuk Qin Gang bari nyokot kulit kerang terus ditempoan. Teu katingali kaanéhan nanaon.

Qing Gang ahirna ngomong ka Auxé jeung Steven,
"Ieu masalah hirup jeung paéh kulawarga urang. Isukan bapa rék ngadatangan pa Udin pikeun ménta penjelasan sarta rék ngamimitian maké isim ti Ki Waja. Lamun pa Udin teu bisa méré penjelasan, kapaksa bapa rék make cara kasar"

"Kuring milu pa, si Udin geus ngawiwirang kuring di palelangan. Kuring hayang miteskeun sukuna" ceuk Steven.

Qin Gang muncereng,
"Kawas anu heueuh siah. Gelut ogé teu becus. Tapi lamun bener rék milu bawa pangawal. Ngan ulah gagabah, lamun masalahna can jelas, ulah ngahaja ngajieun masalah tiheula"
Steven unggeuk. Qin Gang ngomong deui,
"Sanajan kulawarga urang can kungsi nyiptakeun masalah. Tapi lain hartina kudu cicing. Teu bisa ngantep tukang tipu. Tukang tipu kudu dibales. Lamun kabukti pa Udin nipu. Bapa moal bisa ngahampura"

Saenggeus balik ti Imah Qin Gang, Ki Waja langsung ngajieun rencana. Ki Waja ayeuna geus nyaho kakuatan Udin, tapi lain hartina kudu mundur. Kerang tetep kudu bisa karebut. Ahirna Ki Waja boga niat rék ngajieun hiji acara, sarta bakal ngondang sababaraha jelema beunghar jeung ahli-ahli kabatinan di Bandung. Pikeun ngawiwirang Udin ku cara ngadu élmu. Sabab lamun disinghareupan ku gelut, Ki Waja teu yakin bakal meunang. Lamun acara ieu sukses, ngaran dirina bakal lewih kaangkat jeung dipikasérab ku batur.

Saperti biasa, pasosoré Udin kudu ka pasar deui, meuli sayuran keur dahareun Peuting. Karék oge saboséh sapédahna maju, teleponna disada. Pas di tempo, singhoréng telepon ti Warni. Jadi buburu ku Udin ditarima. Kadéngé sora Warni,
"Pa Udin, Ki Waja parantos ngulem jalmi-jalmi ti golongan ahli ramal, métafisika, ahli barang pusaka sareng kolektor barang antik kanggé ngahadiran acara anu bakal diayakeun ku anjeuna di bumina kulawarga Wijaya. Pa Udin hoyong ngahadiran?"

"Di kulawarga Wijaya?" Udin nanya bari kerung. Sabab sakanyaho Udin kulawarga Wijaya kuduna geus bangkrut, indungna Ibro geus dipenjara. slFredi geus balik ka Australia, Salman ogé gering stroke, sedengkeun Ibro kuduna masih dirawat di rumah sakit. Ngan teuing kétang ayeuna mah. Udin mémang can nyaho kumaha kaayaan kulawarga Wijaya ayeuna.

Warni némbalan,
"Muhun, kulawarga Wijaya. Anjeuna keluarga kelas menengah. Kagungan 2 putra pameget, Ibro sareng Fredi. Upami pa Udin badé sumping. Ke dikenalkeun ku abdi"

"Naha acarana bet didinya?" Udin nanya panasaran.

Warni ngajelaskeun,
"Ahir-ahir ieu kulawarga Wijaya seueur nampi cocobi. Usahana sababaraha kali bangkrut, nyawa anggota kulawargana ogé dina bahaya. Sababaraha kali kacilakaan nimpa ka anggota kulawarga. Malih ibuna dugi ka ayeuna masih di penjara. Kumargi hal éta, kulawarga Wijaya ngulem Ki Waja supados linggih di bumina salami aya di Bandung. Nanging abdi curiga ondangan Ki Waja ieu ngahaja kanggé sarana meres artos kulawarga Wijaya sareng ti uleman sanésna"

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience