Saenggeus pepetasan diamparkeun, Ibro mariksa kabéh panto mobil jeung kacana. Geus yakin kabéh nutup rapet, sesuai jeung jangji tarohan. Ibro metot dua sumbu tina rantunyan pepetasan anu hareup jeung anu tukang, dipurilitkeun sangkan ngahiji terus dibeuleum, geblug panto terahir ditutupkeun, terus ibro mundur ngajauhan.
Teu lila kaciri kokolébatan seuneu sarta sora pating beledugna pepetasan dina jero mobilna. Kawantu mobil mahal anu boga peredam alus. Sora pepetasan téh teu matak ngagareuwahkeun jelema anu jauh.
Awalna tina kaca mobil ukur kaciri seuneu leutik bari patingburisatna busa barijil tina jero jok mobil. Tapi lila kalilaan, dijero mobil geus teu katempo nanaon deui, ukur warna bodas anu asalna tina haseup pepetasan anu terus-terusan bitu. Sajongjongan kabéh anu lalajo caricing merhatikeun, sedengkeun Ibro mah ngudupruk diuk dina taneuh bari tungkul.
Sababaraha jelema mimiti mantengkeun HPna ka lebah mobil pikeun ngarékam sarta boga niat rék mosting kajadian langka éta kana YouTube atawa platform séjénna.
Ahirna sora pepetasan lila-lila mimiti ereun. ukur hiji dua anu masih bitu. Jadi saraéa surak. Ngan teu disangka hiji kaca mobil peupeus, haseup bodas anu tadi ukur katempo dijero ayeuna mimiti ngelun kaluar dituturkeun ku seuneu beureum ngagulidag tina lebah dashboard, jok jeung intérior séjenna anu keur ka beuleum.
Ibro ngarénjag, buburu ngoréjat hudang bari nyorowok,
"Telepon pemadam! Telepon pemadam!" Pokna bari lulumpatan ngurilingan mobilna. Dua leungeuna dipaké ngarames buuk sabab mémang euweuh anu bisa dilakukeun ku dirina. Saterusna Ibro mundur sabab kabéh kaca mobil ahirna peupeus.
Ibro teu nyangka éfék tina pepetasan bakal ngaduruk sagala rupa anu aya dijero mobil sarta meupeuskeun kabéh kacana. Saméméhna Ibro boga anggapan paling jokna hungkul anu bakal rangsak.
Seuneu terus ngarémbét ka bagéan luar mobil, cét mobil geus hurung, ban ogé mimiti kaduruk. Bau karét kabeuleum sarta haseup hideung mimiti ngumbul ka langit. Ahirna mobil kateureuy ku seuneu gedé saenggeus téng bénsin ogé bitu. Jadi pas mobil damkar datang, mobilna geus jadi rongsokan. Geus teu katempo deui gagahna BMW 530.
Ibro ceurik kokoséhan dina taneuh ningali mobilna disemprot ku damkar. Saterusna bangké mobil digusur ku mobil dérék kaluar ti parkiran pikeun dibawa indit. Euweuh éksprési nanaon dina beungeut Darwin sanajan kajadianna aya dilingkungan réstoranna. Malah Darwin ngarasa lucu, bari tanpa sakanyaho batur ngacungkeun jempolna ka Udin tanda panuju. Terus Darwin nyampeurkeun ka Ibro, leungeunna disodorkeun sangkan Ibro nangtung,
"Geus tong dipaké hanjakal, waktu beuki nyérélék, hayu ka jero"
Ibro sabenerna hayang langsung balik kusabab éra. Tapi Udin pasti bakal leuwih atoh saupama dirina balik. Ahirna muntangan leungeun Darwin terus nangtung bari neger-neger manéh,
"Ukur kaleungitan mobil hiji, teu nanaon" ceuk Ibro bari ngeprukan kokotor dina calanana.
"Bener, Ibro beunghar, naon hartina ukur hiji BMW" ceuk saurang baturna.
Ahirna saraéa laleumpang ngabring nuturkeun Darwin asup ka jero réstoran anu geus disulap jadi rohangan acara keur peresmian. Di rohangan geus nyampak sababaraha méja buleud anu masing-masing dikuriling ku 4 korsi, tiap méja pinuh ku sagala rupa dahareun. Dijuru rohangan aya panggung leutik sarta spanduk anu digantung, tulisanna reuni jeung peresmian réstoran.
Darwin nitah sararéa diuk. Sedengkeun dirina langsung naék kana panggung. Saméméh dariuk, kabéh ondangan hiji-hiji nyalampeurkeun ka Darwin, mikeun kadona séwang-séwangan bari sasalaman ngucapkeun salamet. Udin jeung Icih ogé maju mikeun kadona,
"Suksés terus nya win, ieu hadiah ti kuring duaan" ceuk Udin
Icih ogé ngomong,
"Suksés nya win, mudah-mudahan usahana maju sarta bisa muka cabang dimana-mana"
"Hatur nuhun" témbal Darwin bari ngadeukeutkeun biwirna kana ceuli Udin, terus ngaharewos,
"Geus sataun anjeun kawin, rék iraha batian?"
Sanajan ukur ngaharéwos, tapi ku Icih anu deukeut kadéngé jelas. Atuh Udin jeung Icih ukur silih rérét bari seuri. Saterusna Icih némbalan,
"Can waktuna win, can kafikiran boga budak, fokus heula néangan duit jeung boga Imah. Maenya rék ngagedékeun anak di Imah kolot"
"Bener pisan, sapimikiran jeung Kuring" ceuk Darwin bari ngagupayan saurang awéwé pendék gendut sarta maké makeup kandel anu keur ngobrol jeung Élsa,
"Itu pamajikan kuring" ceuk Darwin nunjuk reueus. Saterusna Darwin ngagupayan ka awéwé anu di maksud.
Udin jeung Icih ngalieuk terus duanana kerung nempo awéwé butikeuk nyampeurkeun anu ceuk Darwin éta téh pamajikanna. Sabab meni asa nararumpang. Asa manglebarkeun Darwin anu jangkung tur kasép bisa meunangkeun pamajikan siga kitu. Tapi rasa éta teu ditémbongkeun, Udin jeung Icih buburu manggut ka si awéwé bari imut.
"Darwin, Saha ieu?" Ceuk si awéwé nanya ka Darwin.
"Ieu Batur sakola, ngarana Icih, anu ieu Udin, salakina" ceuk Darwin ngajelaskeun. Terus malik ka Udin,
"Din, Cih, ieu pamajikan kuring, ngarana Lili"
"Oh, anu baheula dijodokeun ku Akina téa lain?" Ceuk Lili.
Beungeut Dawin ngadadak pias ngadéngé pananya Lili. Terus ngarérét ka Udin jeung ka Icih bari muringis éra. Untung Udin jeung Icih Surti duanana teu némbongkeun riuk kasinggung. Malah Icih mah langsung unggeuk,
"Muhun pisan, éta abdi"
Sabab éra. Darwin buburu nitah Icih jeung Udin sangkan diuk. Saterusna Darwin narimaan deui kado jeung ucapan salamet ti batur-baturna anu séjén anu geus ngantri satukangeun Udin jeung Icih.
Karék ogé Udin jeung Icih ngaléngkah turun tina panggung. Lili langsung mencrong kana tumpukan kado dina méja, néangan kado ti Udin. Saenggeus kapanggih kado dicokot terus dibuka. Katempo aya gulungan kaén heuras dijerona.
"Ieu naon?" Ceuk Lili nanya ka Darwin anu harita masih sibuk kénéh narimaan kado jeung ucapan selamat ti 5 urang deui anu masih nyésa dina antrian.
"Cik dagoan sakeudeung atuh, ieu can bérés" témbal Darwin bari ngadelek ambek.
Ditémbalan kitu ku Darwin, Lili baeud, terus ngodok eusi kado, gulungan kaén dibébérkeun, bréh hiji lukisan abstrak katémbong. Lili langsung nyarita teugeug ngarasa teu suka,
"Nanaonan ieu? Méré lukisan budak ukur curat-corét, nya bau cét, nya warna kaéna geus kusem Jaba teu maké pigura. Paling hargana ngan sapuluh rébu"
"Montong nganilai paméré tina harga, ieu simbol kanyaah ti babaturan ka kuring" ceuk Darwin bari ngarebut lukisan tina leungeun Lili terus digulungkeun deui.
Lili kukulutus,
"Babaturan sakelas siga kitu teu kudu dideukeutan, euweuh untungna. Tempo tuh kana méja makan, sabaraha biaya hidangan anu ku urang disadiakeun. Anu didahar ku maranéhna teu sabanding jeung paméréna, pan rugi. Jelema naon anu téga ngarugikeun babaturanna sorangan?"
Darwin medenghel ambek, terus molotot ka Lili,
"Katerlaluan. Dina acara kieu anjeun masih ngitung untung rugi?"
Lili males molotot bari nulak cangkéng,
"Nya jelas atuh, sabab bapa kuring anu ngamodalan réstoran ieu, anjeun nyumbang naon?"
Darwin cicing bari luak-lieuk ngarasa hariwang aya babaturanna anu merhatikeun. Darwin teu némbalan deui omongan Lili sangkan teu kapapanjangan.
Kurunyung Ibro naék kana panggung sarta kacirina geus bisa mopohokeun kajadian tadi. Ibro mémang ngahaja maneurikeun manéh. Sabab kadona milu kaduruk dina bahasi mobil. Ngan untung tas pingganna anu eusina duit mah masih meulit dina cangkéngna. Katambah kabeneran aya duit tagihan perusahaan anu masih diamplopan kénéh.
Jadi Ibro nyarita ka Darwin bari ngeupeulkeun amplop,
"Win, restoran anjeun geus diresmikeun, tapi kuring bingung rek méré barang naon ka anjeun sabab kado anu geus disiapkeun ku kuring tadi kaduruk dina bahasi mobil. Jadi wéyahna tarima ieu mangrupa duit"
Lili langsung ngajéwang amplop tina leungeun Ibro, terus ditimang-timang bari dirampaan. Ngarasa amplop téh beurat, Lili seuri ka Ibro,
"Nuhun ya kang"
Tanpa sadar Ibro ngabirigidig nempo awéwé butikeuk bari maké makeup kandel nyéréngéh seuri ka dirina. Jadi buburu nyarita deui ka Darwin,
"Win, Tadi kacirina hadiah ti si Udin geus dibuka. Naon eusina?"
Darwin geus calangap rék némbalan. Ngan dipiheulaan ku Lili,
"Ukur rongsokan lukisan, paling hargana ngan 10 rébuan"
Ibro seuri sinis,
"Jelema miskin mah nya kitu, geus teu anéh" pokna bari pamitan turun tina panggung terus rurat-rérét néangan korsi kosong.
Udin diuk saméja jeung Icih katut Élsa. Sabab masih kénéh aya hiji bangku kosong, Ibro ahirna milu diuk didinya. Saenggeus diuk, Ibro nanya ka Élsa,
"Élsa, majar ayeuna anjeun digawé di Bima Raya. Bener?"
"Enya, karék asup" Élsa unggeuk.
Ibro seuri,
"Kabeneran atuh, indung kuring ogé digawé di Bima Raya. Jabatanna wakil manager di divisi umum"
Sababaraha urang anu ngadéngé omongan Ibro curinghak. Saurang lalaki muji,
"Wah hébat, wakil manager umum di Bima Raya?"
Ibro ngarérét ka anu nyarita,
"Enya, karék sataun dipromosikeun jadi wakil manager. Saacanna mah ukur staf administrasi"
Si lalaki nyarita deui,
"Gajih wakil manager di Bima Raya mah pasti gedé atuh"
Ibro gogodeg,
"Ah, ukur belasan juta ari gajih mah. Ngan sampinganna loba, utamana tina proyék. Ayeuna Bima Raya keur boga proyék ngawangun hotél tahap awal. Tina proyék éta waé indung kuring geus kacéprétan sakitar 20 jutaan. Can tina proyék séjénna"
"Pantesan anjeun beunghar. Bapa usaha, indung ogé wakil manager" ceuk si lalaki beuki muji.
Ibro unggeuk,
"Perusahaan bapa kuring rada pareum saprak di blacklist ku Bima Raya, ngan untungna indung kuring masih digawé di dinya. Jadi tina satiap proyék anu diténderkeun ku Bima Raya. Bapa kuring masih kabagéan keur pengadaan barangna ngaliwatan jalur jero, jadi lumayan lah, sanajan di blacklist, teu pati karasa"
Si lalaki nyarita deui,
"Kuring ogé sabenerna hayang digawé di Bima Raya, malah geus ngirimkeun lamaranna, ngan geus sababaraha minggu can aya kabarna. Bisa teu indung anjeun nulungan sangkan kuring ditarima?"
Ibro unggeuk,
"Siap, jieun wéh lamaran anyar, kirim kana émail kuring, ké ditémbongkeun ka indung kuring"
Udin kerung ngadéngéna. Jadi buburu Udin nanya,
"Kulantaran indung anjeun bisa nulungan Batur digawé, Naha teu ngasupkeun anjeun ka Bima Raya?"
Ibro seuri,
"Teu hadé indung jeung anak aya di hiji perusahaan anu sarua, atuh bakal jadi perhatian batur. Indung kuring ogé pasti moal ngarasa nyaman"
"Jadi anjeun ayeuna digawé naon?" Udin panasaran.
Ibro ngajelaskeun,
"Saprak perusahaan bapa kuring di blacklist, ayeuna mah geus teu ngagawéan deui téhnik konstruksi, tapi jadi pamasok bahan wangunanna ngaliwatan indung kuring. Tah ayeuna kuring babantu bapa néangan bahan wangunan anu dimaksud"
"Kuring ngarti, hartina kulawarga anjeun meunang kauntungan double tina proyék anu sarua" Ceuk Icih,
"Proyékna pan dibagi jadi 2 ténder, konstruksi jeung dékorasi. Pasti Indung anjeun ngarékoméndasikeun perusahaan bapa anjeun ka kontraktor konstruksi dina hal pengadaan bahan wangunanna pan? Jadi kauntungan bapa anjeun tina selisih harga bahan, terus indung anjeun ogé meunang komisi ti kontraktor. Éta sababna bisa kacéprétan 20 juta. Bener?"
Ibro ngacungkeun jempolna,
"Pinter, bener pisan. Ieu karék tina hiji proyék hotél anu kakara dimimitian. Can tina proyék-proyék séjénna. Kari itung wé sabaraha kauntungan anu bisa di kedukan ku indung jeung bapa kuring ti Bima Raya"
Ibro inget basa panggih jeung Udin di Bima Raya rék ngalamar gawé, anu tangtuna langsung ditolak ku Bima Raya,
"Manéh sorangan kumaha Din, jadi lalaki téh kapokan, rék iraha ngalamar gawé deui?"
Udin teu buburu némbalan. Dina fikirnana, Udin nyarita sorangan.
"Duh euweuh robahna ieu jelema, geus diusir ti Bima Raya bari diteunggeulan ku satpam terus perusahaan bapana di blacklist, adina malah disiksa ku anak buahna kang Bahar, bieu mobilna kaduruk masih sempet kénéh ngabolékérkeun prakték curang indungna di Bima Raya. Ayeuna mimiti muka masalah deui jeung aing"
Share this novel