Mardi kerung terus ngomong,
"Bapa inget, anjeun kungsi nebak sagala barang antik kalawan bener, kaasup ngaramal gagantél kongkorong Voodoo si Steven, terus ngabantu Qin Gang ku isim jieunnan. Nepi ka wani nitip duit samilyar leuwih ka anjeun pikeun meuli kulit kerang. Ayeuna kulawarga Wijaya ogé ménta tulung ka anjeun sarta méré villa. Dua kulawarga éta lain jelema biasa, tapi pengusaha baleunghar. Aya deui anu séjén? Bapa sieun sawaktu-waktu kabohongan anjeun kabongkar. Sabab saupama kabongkar bakal ngabahayakeun diri anjeun sorangan jeung kulawarga. Jadi leuwih hadé pulangkeun deui villa ieu. Bapa embung Aya masalah"
Lastri buburu némpas omongan Mardi,
"Ulah! Villa ieu geus dibikeun jeung geus atas nama si Udin. Nanaonan maké kudu dipulangkeun deui? Si Udin teu maling, teu nipu. Villa ieu bakal jadi imah urang sararéa kahareupna"
Icih unggeuk,
"Ma, bapa leres. Kanggé naon urang nampi barang-barang awis nanging ahirna bakal janten masalah kanggé urangna"
Lastri nanya,
"Masalah naon? Lamun arembung caricing didieu. Ema ogé daék nyicinganna sanajan sorangan. Iman heubeul mah jual"
Ngadéngé omongan Lastri, Udin jeung Icih silih rérét bari sarua kerung.
Terus Lastri nyarita deui,
"Udin, lamun bener anjeun bisa ngadukun, jadikeun pagawéan tetep tibatan nganggur. Téangan deui tulunganeun anu séjén sangkan bisa ngahasilkeun duit terus. Villa teu cukup ukur dicicingan hungkul, butuh keur mayaran listrikna, cai, kaamana lingkungan, sampah jeung sajabana. Mobil ogé kudu ganti. Naha teu éra boga imah milyaran ari mobil ukur harga ratusan juta?"
Mardi ambek ngadéngé omongan Lastri,
"Lastri! Aing lain ngomongkeun masalah villana, tapi akibat anu ditimbulkeunna. Naha teu sieun manéh lamun iraha-iraha kabohongan si Udin katohian? Sanajan teu dibalikeun ogé pasti villa ieu bakal dicokot deui ku anu méréna saupama ngarasa ditipu. Daék manéh pada ahirna ngajedog di jalan jadi gémbél?"
Nempo Mardi ambek, Lastri jadi leuwih ambek,
"Ulah mapatahan aing, mémangna sia geus kungsi nyenangkeun aing? Ayeuna si Udin geus boga villa. Ulah dipangaruhan teu bener maké jeung kudu dipulangkeun sagala. Teu suka ka aing, cereikeun! Aing rek milu ka anak. Sia ukur beurit anu ngan ukur bisa ngagorogotan rejeki anak"
Mardi ukur bisa kekerot tapi geus teu bisa kukumaha. Rumasa dirina ogé teu usaha, can bisa nyenangkeun anak jeung pamajikan. Bisa boga imah ogé lantaran dibéré ku bapa. Ahirna Mardi cicing.
Udin ngarérét ka Mardi,
"Pa, teu kedah salempang, villa moal diuihkeun. Kulawarga Wijaya ogé moal wantuneun nyandak deui"
Lastri leleumpangan kaditu kadieu. Sababaraha kali ngajepretkeun foto Selfi bari sura seuri sorangan bari ngalakukeun sababaraha pose maké latar tukang villa. Terus nyarita ka Icih,
"Ema rék pamér ka nini anjeun, sarta rék di posting di médsos jeung grup chat ngarah batur arapaleun ema ayeuna geus jadi jelema beunghar!" Ceuk Lastri bari nembongkeun sababaraha foto hasil jeprétanna ka Icih. Tapi Icih teu maliré.
Icih nanya ka Udin,
"Akang tetep badé nyalikan villa ieu?"
Udin unggeuk,
"Enya nyi, villa ieu rejeki halal"
Icih ngarahuh,
"Abdi percanten ka akang. Nanging ulah sakali-kali deui ngadukun. Ulah nambihan kahariwangan abdi sareng bapa"
Nempo Lastri fofotoan deui sarta nempo Mardi anu diuk ngalamun dina kap mobil. Udin ngagunakeun kasempetan éta keur ngolo Icih.
"Nyi, ayeuna urang geus boga imah, panghasilan nyai ogé geus leuwih ti cukup. Iraha nyai rék méré anak ka akang?" Kituna téh bari beungeut Udin bareureum sabab bari nahan éra.
Icih can méré jawaban sabab Lastri kaburu nyampeurkeun deui terus nyarita ka Udin,
"Din, isukan ema rék nginjeum konci villa nya, ema geus ngondang babaturan ema sangkan daratang kadieu kabeh"
Icih colohok,
"Ma, ieu villa kang Udin, sanes anu ema"
Lastri molotot ka Icih,
"Maksud manéh naon? Ema teu boga hak milu ngabogaan villa ieu? Ema teu meunang cicing didieu? Téga kitu manéh ngantep kolot cicing di imah butut sedengkeun maranéh ngeunah-ngeunah cicing didieu? Villa ieu kamarna loba. Rék dieusian ku saha? Isuk babaturan ema rék daratang, ema geus boga geulang harga 300 juta jeung villa 10 milyar. Pasti isuk ema bakal loba anu muji"
Udin ukur gogodeg, Lastri ogé jiga anu geus poho yén geulang anu di maksud lain anu manéhna.
Di imahna, Ibro geus aya dihareupeun bapana,
"Pa, abdi ngadangu villa di Bougenville dipasihkeun ka Udin. Naha leres?"
Salman unggeuk, terus ngajelaskeun,
"Enya, bapa sadar kana kabéh kasalahan bapa. Saenggeus panggih jeung pa Udin, nempo sikap jeung penampilanna, pa Udin lain jelema jahat anu kudu dipikangéwa. Bapa ogé yakin kabéh kacilakaan anjeun jeung Fredi diakibatkeun ku kasalahan maranéh sorangan. Kukituna mimiti ti ayeuna, ulah coba-coba ngajieun masalah deui ka pa Udin"
Ngadéngé penjelasan Salman, Ibro teu wani tatanya deui masalah villa. Jeung Ibro ogé mémang rumasa, naon anu diucapkeun ku bapana kabéh bener. Aya rasa teu tarima, tapi teu cukup jadi alesan pikeun terus-terusan protés masalah villa.
Mobil anu disupiran ku Dudung ogé geus nepi ka villa Kusumah. Opatanna tarurun langsung ngadatangan Rukmini. Unah langsung ceurik bari nyuuh kana lahunan Rukmini anu keur diuk,
"Ni, abdi teu nyangki si Udin bakal dipasihan villa pangaos 10 milyar ku ramana kang Ibro. Abdi nyuhunkeun penjelasan malah abdi anu diseuseulan. Kulawarga Wijaya parantos teu ngarérét ku sabeulah mata ka Nini. Padahal pan jelas abdi sanés sasaha, nanging tunangan putrana, abdi calon minantuna"
Ngadéngé laporan Unah, Rukmini kekerot,
"Si Udin mémang geus katerlaluan. Wani ngarebut hak incu aing. Bari teu bébéja ka aing ti saméméhna. Kulawarga Wijaya méreéka si Udin pasti lain ka pribadi si Udin, tapi keur kulawarga Kusumah. Teu bisa si Udin ngahak yén villa milikna"
Karsidi oge nyarita,
"Ma, si Udin beuki ngahajakeun. Geus teu boga kaéra. Salaku incu, kuduna si Icih ogé ngabéjaan ka Nini da dilain-lain ogé masih sakulawarga. Ema anu kuduna leuwih boga hak pikeun nangtukeun saha anu kudu nyicingan villa éta"
Rukmini unggeuk,
"Anjeun bener, villa ieu geus kolot, pamor kulawarga Kusumah lalaunan geus rék pareum. Geus waktuna villa diganti pikeun mulangkeun deui kapercayaan batur. Ema ninina si icih, lamun ema hayang milu cicing di villa éta, kuduna manéhna narima"
Karsidi nyarita deui,
"Ma, Kuring ogé boga rencana séjén pikeun nyalametkeun kulawarga kusumah tina kabangkrutan anu leuwih parna. Kuring rék ngirim jelema ka Jakarta pikeun ngondang kulawarga Wisésa sangkan daék datang nganjang kadieu. Kuring rék ngomongkeun perjodohan si Dudung ka Élsa, kumaha menurut Ema?"
Rukmini ngarahuh lantaran masih kuciwa ku kalakuan Dudung,
"Terahir si belegug Dudung geus ngajieun kasalahan gedé ngantep Élsa dicilakakeun ku batur. Leutik harepan pikeun ngajalankeun rencana anjeun. Tangtuna Élsa geus loba nyarita ka kolotna kumaha kalakuan si Dudung"
Karsidi unggeuk,
"Nu matak, sabab jalan ngaliwatan Élsa geus buntu. Kuring rék nyobaan langsung ka kolotna. Susuganan ari kolot jeung kolot anu amprok mah masalah bisa dibéréskeun, da anak mah kumaha kolot. Komo deui ayeuna Palapa keur nguruskeun proyék ti Bima Raya, éta bisa jadi kakauatan urang pikeun nunjukeun yén Kusumah ogé masih boga prospék"
Rukmini ngarahuh deui,
"Nya pék wé atuh jalankeun lamun menurut anjeun éta jalan panghadéna. Ema mah satuju waé. Susuganan keluarga Wisésa daék nincak ka imah ieu"
Mardi gogodeg,
"Lain ka Imah ieu ma, maksud kuring ka villa Bougenville. Ema kudu bisa milu cicing heula diditu. Terus usahakeun sangkan sararéa ogé bisa caricing diditu. Lamun kulawarga Wisésa geus nyahoen urang caricing di villa méwah. Tangtu euweuh alesan pikeun nolak si Dudung"
Rukmini unggut-unggutan bari seuri.
"Bener, anu dirérét pasti kaayaana heula. Lamun kitu, bejaan si Mardi jeung si Lastri, isukan kudu datang ka dieu jeung anak minantuna. Ema rék ngomong"
Karsidi ngarérét ka Isah jeung ka anak-anakna. Ngiceupan bari seuri bungah. Anu kapikir ku Rukmini, Panghasilan Icih masih gumantung ka Palapa, sedengkeun anu séjén teu boga panghasilan nanaon. Tangtu moal hésé pikeun ngolo villa Bougénvile. Saupama maranéhna teu daék narima. Rukmini kapaksa kudu ngancem mecat Icih sarta rék mutuskeun hubungan kulawarga salilana. Diancem kitu ogé pasti maranehna bakal narima.
Isuk kénéh. Mardi, Udin jeung Icih geus aya dina mobil ngajugjug ka villa Kusumah. Lastri mah teu milu sabab sibuk jeung urusanna sorangan, nyaéta ngondang babaturanna ka villa Bougenville.
Di jalan Icih nanya ka Mardi,
"Pa, Tara biasana Nini ngulem, pasti aya hal penting anu bakal dicarioskeun"
Mardi unggeuk,
"Enya, bakal kanyahoan saenggeus urang aya diditu. Kabéh béjana diriungkeun, malah indung anjeun ogé kuduna milu"
"Pasti perkawis villa Bougenville" ceuk Icih.
"Lamun enya masalah villa Bougenville, aya Udin anu bakal ngajelaskeuna langsung" ceuk Mardi.
Tepi ka villa Kusumah, saméméh turun tina mobil. Mardi nyarita ka Udin jeung ka Icih,
"Hayu langsung ka rohangan rapat kulawarga, pasti sararéa geus pada ngadaragoan di dinya"
Tiluannana turun langsung ngajugjug ka rohangan rapat kulawarga. Bener wé, nyampak Rukmini geus diuk sarta 4 kulawarga sejena bari panona kabéh marencrong ka Mardi anu kakara datang.
"Diuk" ceuk Rukmini.
Mardi, Udin jeung Icih langsung dariuk. Ningali suasana anu kaku jeung paroman beungeut anu serius kabéh. Mardi ngarasa kawas anu keur disidang.
Saenggeus bulak-balik ngarérétan beunget Mardi, Udin jeung Icih. Ahirna Rukmini nyarita,
"Caritakeun masalah villa Bougenville ka kuring"
Buburu Mardi némbalan,
"Villa éta hadiah keur Udin ti Salman Wijaya. Lantaran Udin geus ngabantu Salman"
Dudung seuri sinis,
"Lamun si Udin bisa mantuan batur, kunaon teu mantuan kulawarga sorangan?"
Ningali Dudung pipilueun ngomong. Mardi ambek,
"Manéh can aya hak milu ngomong, uwa keur ngomong jeung Nini manéh. Sing sopan!"
Karsidi nyarita ka Rukmini,
"Ma, Salman Wijaya geus ngajelaskeun masalah villa. Memang geus dibikeun ka Udin"
Ngadéngé adina milu ngajelaskeun, Mardi rada reugreug.
Rukmini ngarénghap panjang, terus nyarita deui ka Mardi,
"Mardi. Adi anjeun rék ngajodokeun si Dudung ka Élsa. Sarta boga niat rék ngondang kulawarga Wisésa ka Bandung. Ema rék nginjeum villa Bougenville. Sabab teu pantes lamun diondang ka imah ieu"
Ngadéngé omongan Rukmini, Udin silih rérét jeung Icih.
Mardi kerung, terus nanya,
"Kuring milu bungah sarta ngadukung kana niat éta, tapi Naha kudu di villa Bougenville?"
Rukmini ngajelaskeun,
"Pakaya kulawarga Kusumah jauh saupama dibandingkeun jeung kulawarga Wisésa. Ema embung ngérakeun, Ema teu hayang pada ahirna kaayaan urang jadi bahan hinaan. Ngarti?"
Mardi gogodeg,
"Masalah pakaya sabenerna heus teu perlu disumput-sumput. Sabab Élsa geus nyaho kana kaayaan urang. Justru saupama kanyahoan, éma sorangan anu bakal éra"
Dudung langsung nyamber deui,
"Maksud uwa kumaha? Mémangna aya solusi séjén?"
Mardi unggeuk,
"Maksud Kuring, Naha teu nyewa hotél waé atawa tempat séjén anu leuwih merenah tur nyaman ti imah ieu. Naha kudu di villa Bougenville?"
Rukmini némbalan,
"Sarua waé, tetep pada ahirna kudu nyarahoeun dimana kulawarga urang caricingna. Anu ditempo pasti kaayaana heula, lamun kulawarga Wisésa nyahoeun Nini cicing di villa butut ieu komo nyahoeun ogé Karsidi can boga imah pasti moal sudieun diajak bébésanan"
Mardi nanya
"Jadi villa si Udin rék diaku anu ema?"
Rukmini ngarahuh,
"Keur samentara. Ema ogé hayang meuli, tapi duit timana?"
Icih milu nyarita méré bongbolongan,
"Upami Nini hoyong ngagaleuh villa anu sami, kas Palapa tiasa diketrukeun sadayana kanggé DP. Kedahna mah cekap pan?"
Rukmini molotot ka Icih,
"Ulah ngagampangkeun. Mémangna cukup ku DP hungkul. Terus kumaha mun kulawarga Wisésa nyahoeun Nini cicing di villa kiriditan. Sarua waé jeung ngawiwirang diri sorangan. Aya anu si Udin, kunaon teu dimanfaatkeun?"
Mardi nyarita deui,
"Ma, Udin ukur minantu kuring. Sanajan kuring sorangan sabagé mitohana, moal wani cicing di villa Bougénvile lamun euweuh ijin ti Udin. Kumaha lamun Salman Wijaya nyahoeun villa paméréna dipaké ku barur. Salman pasti moal tarima"
Rukmini nangtung bari ngagebrag méja,
"Batur? Ceuk sia aing batur? Imah si Udin hartina imah si Icih ogé, si Icih incu aing. Aing ninina, hartina aing masih boga hak cicing di villa éta"
Share this novel