111. Udin meuli akar bajakah

Fantasy Series 60

Udin anu ngadéngékeun kabéh obrolan antara Tiandi jeung Ichiro panuju pisan. Haténa beuki yakin Tiandi jelema satia jeung bisa dipercaya. Jadi Udin nyarita,
"Tiandi. Urang Jepang kawéntar pinter jeung licik, persaingan sarta tékad bisnis Jepang pikeun ngawasa industri dunya gedé. Anjeun kudu leuwih ati-ati. Kuring hariwang Ichiro bakal terus néangan cara pikeun bisa mawa ubar anjeun ka Jepang"

Aya film anu judulnya I'm not a god of médicine. Saurang pasien leukemia lantaran teu mampu meuli ubar mahal, ahirna meuli ubar tiruan anu geus diturunkeun khasiatna. Tina film ieu katémbong jahatna kalangan farmasi gedé pikeun nipu jelema teu mampu. Anu kuduna cageur ku ubar asli anu hargana 12 juta, tapi kulantaran teu kabeuli ahirna pasién melian ubar tiruan harga 400 rébuan bari teu cageur-cageur da mémang moal bisa nyageurkeun, nepi ka maotna. Padahal saupama diitung-itung, manéhna geus méakeun duit puluhan juta. Ngaleuwihan harga ubar aslina.

Ubar asli anu 12 juta éta dijieun ukur meakeun biaya 300 rébu. Sedengkeun tiruanna anu dijual 400 rébu, sabenerna ukur butuh modal 40 rébu. Anu untung saha? tangtu pabrik. Jadi resép asli ku kapinteran jeung kalicikanna bisa dijieun jadi sababara level. Kapinteran karuhun bangsa Indonésia dina ngajieun resép, ku maranéhna ukur dijadikeun mésin panghasil duit.

Ichiro geus ngabayangkeun hasil gedé lamun Tiandi daék ngajual resépna. Sabaraha rébu jelema di dunia anu ngarasa sangsara lantaran lumpuh, lain ukur pasiénna, tapi kulawargana ogé pasti ngarasa diriweuhkeun. Lamun nyaho aya ubar anu bisa nyageurkeunna, sanajan hargana ratusan juta ogé pasti bakal dibareuli tanpa ngarasa kapaksa. Malah anu ngajieun ubar pasti bakal dipuji. Meunang untung rébuan kali lipet bari dipuji. Saha anu teu kabita?

"Kuring nyaho, kuring pasti bakal ati-ati. Tapi lamun kuring dirampog kudu kumaha?" témbal Tiandi ka Udin.

"Ubar asli titipkeun heula ka kuring. Kuring rék ngajieun ubar palsu anu mirip. Lamun anjeun dirampog, bikeun" témbal Udin.

Kabeneran ubar paméré ti Udin dibabawa terus ku Tiandi, jadi harita kénéh ubarna langsung dititipkeun ka Udin. Udin yakin Ichiro bakal nékad. Udin boga niat rék ngajieun ubar palsu anu hasiatna tibalik anu sabenerna mah racun. Géjalanya moal kanyahoan, sabab efek munggaran pasién memang bakal cageur tina lumpuhna, tapi selang sababaraha jam bakal langsung sakarat. Éta pantes keur ngawarah jelema jahat.

Sanajan Udin teu nyaho bener henteuna bapana Ichiro lumpuh, tapi tetep ubar palsu rék dijieun. Lamun bener Ichiro boga niat ngarampog Tiandi, Ichiro bakal rugi gedé sabab tangtu bapana anu bakal paéh.

Udin langsung ngetik bahan-bahan ubar anu dibutuhkeun keur ngajieun ubar anu khasiatna tibalik téa, sarta dikirim ka Qin Gang, terus Udin ngarérét ka Qin Gang anu masih marengan,
"Qin Gang. Lantaran kuring jeung Tiandi rék miluan lélang. Weyahna ayeuna anjeun siapkeun bahan-bahan ubar anu bieu dikirim ku kuring kana ponsél anjeun. Béjaan kuring lamun kabéh bahan geus aya"

Qin Gang unggeuk terus indit ka stanna. Teu lila Qin Gang nga WA yén bahan geus siap. Udin buburu ka stan Qin Gang. Kulantaran di stan Qin Gang ogé aya alatna, ubar langsung diracik ku Udin ku bahan anu geus disiapkeun.

Geus jadi ubar dibawa ka Tiandi langsung dibikeun.
"Ieu 4 ubar anu sabenerna racun. Ukur keur ngajaga bisi bener Ichiro boga niat teu hadé ka anjeun. Bikeun kabéh racun ieu teu perlu ngalawan" ceuk Udin ngaharéwos bari seuri.

Tiandi colohok, teu sangka ubar bakal langsung jadi bari mirip pisan jeung ubar aslina.

Lélang geus dimimitian, MC mimiti muka acara,
"Hadirin lélang rék dimimitian, tapi saacanna kuring ngondang tabib Tiandi pikeun nganilai akar bajakah ieu. Ka tabib Tiandi dihaturanan naetk kana panggung"

Tiandi nangtung manggut ka sararéa terus naek sarta nyokot akar bajakah terus ditempoan kalawan taliti pisan. Saenggeus sababaraha menit tiandi nyarita,
"Hadirin, akar ieu sabenerna diala tina tangkal anu umurna geus 350 taun, jadi dumasar kana tetempoan Kuring, ieu akar anu qualitasna paling hadé"

Kabéh peserta lélang colohok. Udin ogé muji dina haténa, sok sanajan anu diucapkeun ku Tiandi béda jeung tetempoan batinna, tapi bédana teu jauh. Udin maké mata batin, sedengkeun Tiandi ukur nyabak bari diilikan.

MC ngomong deui,
"Tabib Tiandi ieu nyaéta ahli dina widang médis tradisional jeung modern. Tabib kawéntar anu geus mampu ngubaran panyakit lumpuh total. Aranjeun kabéh geus ngadéngé penjelasanna ngeunaan akar bajakan ieu. Hatur nuhun tabib" ceuk MC manggut ka tiandi terus nitah tiandi turun deui.

Saenggeus Tiandi turun tina panggung sarta diuk deui, Aya sora kadéngé tukangeunna.
"Tabib Tiandi, lumpuh total can aya ubarna. Kumaha anjeun bisa nyageurkeunna? Kuring teu percaya"

Tiandi ngarérét ka tukang sarta langsung seuri, sabab jelema anu ngomong Bruce. Saurang tabib anu ahli dina ngajieun ubar tradisional ti Ambon, geus kawéntar sa Maluku jeung Indonesia timur séjénna.
"Bruce, anjeun keur naon didieu?

"Kuring datang sabab hayang ngabuktikeun béja, kuring masih can percaya" témbal Bruce.

Tiandi seuri,
"Anjeun bener, ukur béja, jadi teu perlu percaya"

MC geus muka penawaran,
"Harga awal dibuka 50 juta sarta kanaékan 10 juta. Ka anu minat, aranjeun bisa mimiti ngajukeun panawaran!"

"100 juta!" Kadéngé Baréna nawar pangheulana. Baréna nyaho hargana pasti moal kurang ti 300 juta. Jadi langsung ngagebrag ku harga luhur.

"110 juta" ceuk saurang aki-aki.

Baréna ngarérét ka aki-aki, sabab teu nyangka bakal aya anu ngalawan kana panawaranna. Jadi buburu nyorowok deui,
"150 juta!"

"160 juta!" Saurang anu diuk pangtukangna nyorowok.

"250 juta" Ceuk Baréna deui. Ngadéngé kanaékan panawaranna, jelas Baréna katempo hayangeun pisan bisa ngapimilik akar éta. Sabenerna Baréna ngawakilan Firman, jadi teu asa-asa nawar sabab firman anu bakal mayarna.

Sararéa colohok teu nyangka ngadéngé harga anu langsung naék ka angka 250 juta dina kurang ti 3 menit. Sawaréh anu geus nawar mimiti mundur. Anu can nawar ogé jadi murengked teu wajib milu nawar.

"300 juta!" Ceuk Udin.

Can ogé béak kareuwas jelema, geus ngadéngé deui panawaran anu leuwih luhur ti Udin. Jelas kabéh ngarérét ka Udin.

Baréna jeung Firman teu nyangka Udin bakal ngabégal panawaranna. Jadi buburu haténa nyorowok,
"400 juta!" Ceuk Baréna.

Firman geus mimiti hemar-hemir sabab Aya Qin Gang di gigireun Udin. Disangkana Udin dimodalan ku Qin Gang pangna wani nawar luhur. Firman jelas moal mampu saupama kudu ngalawan kabeungharan Qin Gang sabagé jelema nomer dua sa Bandung.

Ngan Baréna teu nyahoeun kana kasieun Firman. Baréna masih nawar,
"450 juta"
"500 juta!" Ceuk Udin deui. Udin teu hariwang sabab dina saku bajuna aya cék samilyar anu ti Warni téa. Jadi Udin teu sieun éléh. Tibatan kabikeun deui ka Lastri.

Firman ambek, terus ngaharéwos ka Baréna,
"Si runtah sigana ngahaja sangkan panyakit kuring teu bisa cageur. Tapi kuring moal sanggup ngalawan duit Qin Gang"

"Bener. Lamun teu boga niat ngahalangan, keur naon manéhna meuli akar bajakah. Meni geus ateul leungeun kuring hayang modaran. Mun teu dihalangan ku Boyo, di Brilliant Club, si runtah kudu geus modar" ceuk Baréna milu ambek. Saterusna Baréna nyorowok deui,
"600 juta"

"800 juta" Témbal Udin. Bari ngarérét ka Firman terus seuri.

Sabab ngarasa dikadék ku Udin. Firman nyorowok tanpa nungguan Baréna deui,
"900 juta!"

Baréna ngarénjag, terus ngaharéwosn ka Firman,
"Panawaran anjeun teu asup akal. Mémangna anjeun boga duit sakitu?"

Firman gogodeg,
"Teu boga. Tapi kuring hayang ngabangrutkeun jelema anu geus ngabékingan si Udin ku cara terus naékeun harga"

"Samilyar" ceuk Udin.

Firman muncereng ka Udin,
"Udin naon maksud anjeun?" Pokna bari nangtung, ambekna geus teu kabendung deui.

"Kuring butuh pisan akar éta keur ngaganjel panto dapur kuring. Pasti kuring moal mundur tibatan dipaké ngubaran bobogaan anjeun" témbal Udin bari seuri sinis.

"Koplok! Kéna-kéna dibékingan ku jelema beunghar. Dasar tukang tipu" ceuk Firman ambek.

Firman ngarérét ka MC,
"MC! Anjeun kuduna ngusir jelema éta. Sabab anu dipaké lain duitna, teu adil"

Tiandi langsung nangtung,
"Panitia pelélangan teu boga hak nanya asal usul duit, anu penting bisa mayar. Kusabab anjeun geus nuduh pa Udin teu adil. Kuring sadia mangmayarkeun"

"Kuring ogé, siap mangmayarkeun" ceuk Qin Gang bari ngacungkeun leungeunna.

Kabéh peserta lélang jelas colohok, saha Udin? Qin Gang jeung Tiandi nepi ka sadia ngabékingan dana.

Sabab pada melong, Udin ogé ngarasa teu ngeunah haté. Jadi Udin nyarita,
"Ukur samilyar, kuring masih mampu mayar maké duit kuring sorangan. Aya cék samilyar dina saku kuring anu ampir kapiceun"

Firman nyakakak,
"Ulah nganggap kabéh jelema bodo, timana anjeun boga duit samilyar? Dasar tukang tipu?"

Udin ngaluarkeun cék lecek samilyar, terus ditémbongkeun ka sararéa.
"Pariksa cék ieu, bisi disangka palsu" pokna bari ngabébérkeun cék anu geus kusut.

Kabéh jelema euweuh anu teu kerung, sabab duit samilyar ukur mangrupa cék lecek bari geus kusut. Saha anu percaya.

Saurang panitia maju pikeun mariksa cék. Saenggeus ditempoan terus nyarita,
"Cék ieu nilaina samilyar, asli!"

Kabéh gogodeg, ngarasa milu manghariwangkeun. Cék samilyar ukur disakuan. Kumaha saupama cék éta leungit atawa kaseuseuh? Kumaha saupama murag kana closét sawaktu modol? Cék samilyar éta teuing geus sabaraha lila aya dina sakuna nepikeun ka robah warna jeung bentukna.

Firman diuk leuleus, dugaana salah. Sabab nyatana Udin teu dibékingan ku sasaha. Ngan timana jeung ti iraha Udin boga duit sakitu?

"Jadi kumaha akarna, geus bisa jadi milik kuring?" Ceuk Udin nanya ka panitia.

MC unggeuk, terus nyarita ka sararéa maksudna lélang rék ditutup,
"Kulantaran geus euweuh deui anu nawar, jadi..."

Ngan can parat ngomongna Firman nyorowok,
"Ké heula, Kuring masih rék nawar!"

Kabéh ngarérét bingung ka Firman. Harga dibuka 50 juta, saterusna harga geus naék jadi samilyar. Tapi Firman masih wani nawar kénéh.

"Firman, ulah! Harga samilyar teu asup akal, anjeun ulah gagabah" ceuk Baréna ngingetan.

"Lamun teu kabeuli ku kuring, kumaha nasib bobogaan kuring?" Ceuk Firman ka Baréna.

Harita saurang lalaki botak nyampeurkeun rusuh ka Baréna, terus ngaharéwos,
"Pa Baréna, tadi abdi ngantosan heula hasil panalitian di laboratorium, hapunten telat sumping ka dieu" Ceuk Jelema botak anu nyatana kepala apotéker Triman.

"Jadi miturut anjeun kumaha? Perlu teu akar bajakah ieu dibeuli? Hargana ayeuna samilyar" Baréna nanya.

"Hah! Samilyar?" Kepala apotéker colohok. Terus gogodeg,
"Upami hargana sakitu ulah pa. Akar bajakah Papua mémang langki, nanging hasiatna teu bénten sareng bajakah kalimantan. Janten tiasa digentos ku bajakah kalimantan anu yuswana 100 taun. Kaleresan bajakan Kalimantan mah seueur. Pasti salah sawios stan di dieu ogé ngical"

"Yakin bajakah Kalimantan bisa nyageurkeun panyakit Firman?" Baréna nanya deui panasaran.

"Perkawis éta abdi ogé teu patos yakin margi teu acan diujicobakeun. Nanging dibanding bajakah Papua anu 300 taun ieu. Daripada salira miceunan artos samilyar, langkung saé artosna digaleuhkeun kana bajakah Kalimantan. Asal panyulinganna leres, khasiatna tangtos sabanding" témbal si botak.

MC nanya ka Firman,
"Kumaha pa Firman? Anjeun rék ngajukeun panawaran sabaraha?"

"Teu jadi! Ukur jelema idiot anu wani meuli samilyar" témbal Firman bari nangtung terus gura-giru kaluar ti paméran dituturkeun ku Baréna jeung si botak.

Kontan Firman disurakan ku peserta séjén.
"Ngomong wé teu boga duitna woy!"
Tapi Firman teu maliré.

"Oké. Pemenang lélang bapa Udin, kajual samilyar!" Ceuk MC bari nutup acara.

Saenggeus mikeun cékna jeung narima barangna. Udin nangtung terus pamitan ka Tiandi rék balik.

Tiandi ogé nangtung,
"Hayu dianteur deui ku kuring"

"Teu kudu, kuring bisa balik sorangan. Didieu anjeun loba wahuh jeung tabib-tabib séjén. Leuwih hadé anjeun ngobrol heula" ceuk Udin nolak dianteur.

Qin Gang ogé hayang nganteur, tapi sarua ditolak ku Udin.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience