Isukna, isuk kénéh Bahar geus datang nyampeur tapi teu turun tina mobilna sabab Udin kabeneran geus diluar, jadi buburu ngajak Udin asup langsung ngabiur ka imah Warni.
Dina mobil Bahar nyarita,
"Kuring ngadéngé aya dukun ti Banyuwangi geus datang ogé. Adén kudu milu nalingakeun bisi aya nanaon ka néng Warni"
Terus Bahar ogé nambahkeun,
"Néng Warni incu awéwé hiji-hijina ti anak cikal Soni Nataprawira. Kusabab incu pangkolotna, geus tangtu bakal jadi pawaris usaha kulawarga Nataprawira. Saupama usaha urang ayeuna hasil, pasti bakal aya manfaatna keur urang kahareupna"
Udin seuri,
"Kang, ongkoh kamari ngomong hayang mantuan lantaran hayang males Budi, ayeuna malah ngarepkeun manfaat. Jadi sabenerna maksud akang kumaha?"
Kang Bahar éra ditanya kitu, jadi buburu ngajelaskeun,
"Males budi tetep tujuan utama kuring, tapi lamun aya jalan sangkan hubungan bisa leuwih deukeut deui, naon salahna? Kuring ogé boga impian hayang leuwih ngamajukeun usaha kuring. Kulawarga Nataprawira pqngusaha nomer hiji sa Bandung. Pangaruhna gedé pisan. Teu mustahil impian kuring bakal laksana lamun aya dukungan terus ti kulawarga Nataprawira. Kuring teu butuh ku duitna. Tapi butuh jalan pikeun bisa muka usaha séjén"
Udin unggeuk,
"Tapi saupama dukun ti Banyuwangi bisa méréskeun, Kuring ogé moal bisa kukumaha"
"Kuring yakin Adén leuwih mampu" ceuk kang Bahar.
Udin mémang kungsi ngadéngé, para dukun ti Banyuwangi kawéntar jarago, utamana dina urusan teluh jeung santét. Saupama bener Warni di santét, kuduna dukun ti Banyuwangi boga panangkalna. Saupama bener dukun ti Banyuwangi hadé, Udin boga recanana hayang balaka ngeunaan buku 9 Élmu Karuhun, sarta hayang tatanya sababaraha masalah anu can bisa difahami ku dirina tina buku éta.
Imah warni aya di pasisian kota Bandung. Gedé jeung sigrong sarta di wangun di dina tanah datar anu lega. Harita di buruan imahna saurang lalaki maké pakéan palayan datang nyampeurkeun kana mobil kang Bahar anu karék parkir. Kang Bahar buburu muka jandéla terus nanya,
"Boyo, néng Warni Aya?"
"Aya kang, aya perlu naon? Soalna ndén Warni teu ngabejaan ka kuring yén anjeun bakal datang" ceuk Boyo.
Bahar unggeuk,
"Mémang kuring teu jangjian, Matak bieu nanya, bisi néng Warnina keur euweuh. Béjakeun Kuring datang mawa Guru métafisika"
"Tapi ndén Warni keur narima tamu ti Banyuwangi kang, Kuring teu wani ngaganggu" témbal Boyo.
"Boyo, ieu pa Udin lain sasaha, néng Warni ogé geus wawuheun. Pa Udin rék nulungan kasusahna" ceuk kang Bahar ngajelaskeun.
Ngan Boyo katempona curiga,
"Sasaha ogé bisa ngaku-ngaku wawuh. Kuring kapesenan sangkan teu sambarangan narima tamu. Sabab Ndén Warni kasieunan panyakitna kiriman ti jelema jahat. Jadi kuring dipapadonan kudu ati-ati. Mémangna kamampuan pamuda ieu bisa leuwih alus tibatan dukun ti Banyuwangi anu ayeuna keur aya dijero? Hampura kuring loba tatanya"
Udin ukur seuri dicuriga sarta disapélékeun ku Boyo. Bahar ogé mimiti keuheul ka Boyo. Ngan kusabab Bahar kungsi ditulungan ku kulawarga Nataprawira, jadi teu wani gagabah ka Boyo. Status Boyo jeung Bahar sarua. Nganggap Warni sabagé dununganna sanajan status maranéhna béda.
"Boyo, anjeun jeung kuring sarua, ngarasa karunya ka néng Warni sarta hayang nulungan. Keur daérah Jawa Timur, mémang dukun anu aya di jero bisa disebut jago. Tapi ieu pan Jawa barat, hadéna ditulungan ku ahli ti urang Sunda ogé" ceuk kang Bahar.
"Tetep Kuring teu bisa ngijinan anjeun asup. Kecuali aya jangji heula jeung Ndén" ceuk Boyo keukeuh.
Kang Bahar gagaro teu ateul, saterusna nyarita deui,
"Boyo, anjeun kungsi nyaho dukun ti Banten anu nasibna goréng saenggeus datang ka Bandung? Tah éta kusabab salah tempat. Élmuna ukur matih di daérahna sorangan. Jadi kuring ogé teu yakin lamun élmu dukun Banyuwangi bakal matih didieu. Ngarti teu anjeun?"
Boyo unggeuk, sabab Warni ogé kungsi nyaritakeun. Élmu Ki Waja teu matih dipaké nambaan Qin Gang jeung Salman Wijaya. Malah ahirna nyawana tamat di Bandung. Ahirna Boyo unggeuk,
"Nya hayu atuh ari kitu mah, tapi tungguan dukun ti Banyuwangi méréskeun heula pagawéanna, ulah waka di ganggu. Lamun manéhna teu mampu, kakara akang maju. Kumaha?"
Kang Bahar unggeuk nyanggupan sarta buburu turun tina mobil dituturkeun ku Udin. Duanana dititah nungguan di rohangan tamu. Bari nungguan, Udin panasaran nanya ka Bahar,
"Kang, kunaon nyinghareupan Boyo akang bisa sabar. Piraku raja préman éléh debat ku saurang palayan?"
"Lain Kitu pa, Kuring ngahargaan néng Warni, lamun lain pagawé néng Warni, titadi geus papisah sirah jeung awakna ku kuring" jawab Bahar bari seuri.
Teu lila Boyo datang deui terus ngajak naék tangga ka lantéi 2 sarta ngajugjug ka hiji rohangan anu pantona muka. Rohangan éta kamar saré pribadi Warni. Dijero nyampak aya saurang lalaki begang umur 40 taunan keur nangtung ngacungkeun keris kahareup bari leuleumpangan gegerenyeman sarta rurat rérét kaditu kadieu kawas keur aya anu ditéangan.
Sabab sakanyaho Warni di imahna salian dirina ukur aya Boyo. Jadi pas ngadéngé aya anu asup, Warni anu keur nukangan panto langsung nanya,
"Boyo, Aya naon?"
Boyo némbalan,
"Ndén, ieu kang Bahar sumping nyandak pa Udin saurna badé ngiring ngabantos méréskeun masalah Ndén"
Ngadéngé aya Udin, Warni curinghak atoh, buburu malik terus seuri,
"Guru, kunaon anjeun kadieu?" Warni nanya bari nitah Udin jeung kang Bahar dariuk. Boyo mah kaluar deui.
Udin ngagebeg nempo parobahan dina awak Warni, padahal karék sababaraha poé teu panggih. Matana carelong jeung rada begang. Udin museurkeun tanaga jerona kana tetempoanna sangkan nyaho kondisi Warni anu sabenerna. Terus Udin kerung. Mémang aya anu teu bérés, sabab pamor Warni rada aleum.
Udin némbalan,
"Kang Bahar méré nyaho ka kuring yén anjeun keur aya masalah. Terus ngajak kuring kadieu"
Lantaran aya jelema séjén anu rék pipilueun nulungan Warni, dukun anu keur nyekelan keris nyarita teu suka,
"Néng Warni. Jelema anu teu ngarti nanaon ulah pipilueun bisi jadi panghalang kana tarékah kuring"
Warni nyaho Udin ngarti élmu, tapi teu nyaho kaasup jenis naon élmu udin. Anu jelas teu sarua jeung dukun. Sabenerna Udin jeung dukun bisa digawé babarengan. Tapi Warni teu hayang aya anu kasinggung. Jadi warni ngarérét ka Udin,
"Hapunten guru, mangga antosan di handap deui. Upami pa Legi parnatos réngsé, tangtos salira diwartosan"
Sabab inget kana pesen kang Bahar sangkan milu nalingakeun Warni, Udin némbalan,
"Warni, béda jelema béda cara, sabab anjeun babaturan kuring, ijinkeun kuring tetep didieu. kuring moal pipilueun. Kuring hayang lalajo heula kana cara anu dipaké ku pa Legi ieu. Lamun masalahna bisa dibéréskeun, tangtu kuring ogé milu bungah. Tapi lamun henteu, kuring anu bakal méréskeunna"
Ngadéngé omongan Udin, Legi protés.
"Kuring ngadukun lain sataun dua taun. Anjeun karek borojol kuring geus ngadukun. Masalah anu kieu mah perkara gampang" pokna bari ngasupkeun keris kana carangkana terus diselapkeun dina cangkéngna.
Ngadéngé omongan Legi jiga anu kasinggung dibarengan ku nada omonganna anu sombong, Udin teu kasinggung, tapi seuri.
"Sok teruskeun pa Legi, kuring moal ngaganggu"
"Bener pa Legi, teruskeun" ceuk Warni ka Legi.
Legi anu masih nangtung ngaluarkeun kanjut kundang. Terus nyomot bubuk menyan anu dikodok tina jero kanjut kundang diawur-awurkeun ka kabéh juru rohangan sababaraha kali bari terus gegerenyeman. Terus ngarandeg dihareupeun tangkal bonsai anu aya deukeut jandéla. Terus nyarita,
"Neng Warni. Nyatana masalahna aya didieu, jandéla ieu nyinghareup ka wétan tempat datangna cahaya panon poé isuk-isuk. Lawang rejeki anjeun kahalangan ku bonsai ieu"
"Jadi kudu digeserkeun atawa dipiceun bonsaina?" Ceuk Warni nanya.
Legi némbalan,
"Teu kudu, cahaya panon poé ukur simbol, bonsai ogé ukur simbol. Jadi lawang rejeki mangrupa jandéla anu kahalangan ku bonsai ogé simbol. Aya cara séjén pikeun nganétralisir pangaruhna"
"Kunaon pa?" Ceuk Warni nanya deui.
Legi ngaluarkeun batu hideung tina tasna saukuran endog puyuh.
"Ku ieu néng, batu ieu kudu ditunda dina pot bonsai. Tapi kuring ngan ukur boga hiji, sarta hargana mahal"
Warni katembong atoh jeung Surti kana maksud Legi,
"Sabaraha hargana pa? Teu nanaon mahal ogé ku kuring dibeuli"
Legi ogé katembong bungah,
"Sanajan ukur batu, tapi ieu sabenerna batu mustika anu dicokot tina hamperu oray cobra, teu kabéh hamperu oray aya mustikaan. Mustika ieu ogé ku kuring geus dipuasaan salila saminggu. Jadi 150 juta geus cukup keur maharna, bubuhan ka anjeun, keun baé 100 juta wéh"
Warni seuri bari buburu nulis cék,
"Duit teu masalah keur kuring" ceuk Warni bari mikeun cék ka Legi.
Legi narima cék terus ditempoan, terus ditilepkeun diasupkeun kana sakuna.
"Isuk pasti geus katempo hasilna" Ceuk Legi seuri bari nunda batu hideung dina pot terus sila hareupeun bonsai bari gegerenyeman lila.
Warni ngarénghap panjang ngarasa reugreug ngadéngé omongan Legi. Sabab geus sababaraha poé Warni teu tibra saré sarta mineng ngimpi goréng. Ditambah sababaraha kali cilaka jeung usahana ogé loba masalah. Anéhna kajadian ieu karasa ti saprak ulang tauna anu ka-24. Matak Warni ngahaja ngondang Legi, dukun anu geus dipercaya ku Kulawarga Nataprawira.
Nempo kalakukan Legi, Udin ukur seuri. Dina haténa mah lain ukur seuri, tapi nyakakak bari gugulitikan. Sabab ngarasa lucu ku polah Legi pikeun ngahasilkeun duit gedé bari teu kudu capé. Lian ti éta, Udin ogé nempo anu dilakukeun ku Legi lain ngaleungitkeun masalah anu aya, tapi justru nambahan ngadatangkeun masalah anyar.
Bieu basa sararéa fokus merhatikeun Legi. Ngolebat dina pikiran Udin saolah-olah aya anu nitah pikeun ngaluarkeun kai kaboana. Matak ku Udin buburu kai kaboa anu sagedé curuk dikeupeul dina leungeun katuhuna bari nyalurkeun énérgi spiritual tina awakna. Hal anéh langsung karasa.
Panon Udin saolah keur lalajo dua TV dina hiji layar. Anu hiji TV berwarna, anu hiji deui TV Hitam-Putih. Anu berwarna némbongkeun kahirupan alam nyata anu aya di kamar éta, anu Hitam-Putih némbongkeun kahirupan alam séjén tapi masih di kamar éta kénéh.
Dina tampilan alam séjén, Udin ogé kakara ayeuna ngalaman. Udin nempo yén di kamarna Warni aya siluman oray bodas anu keur gugulusuran kaditu kadieu hayang bijil ngaliwatan jandéla, tapi kahalangan ku tangkal bonsai. Basa Legi nunda batu hideung dina pot, anu katempo ku Udin batu hideung éta mangrupa siluman oray hideung anu ayeuna nyicingan bonsai. Matak Udin tadi seuri, nempo Legi teu ngusir oray bodas. Malah nambahan nunda oray séjén. Jelas masalah keur ditambahan deui ku masalah.
Ngan Udin can nyaho, Naha Legi ngahaja, atawa mémang teu nyaho jeung teu ngarti. Udin bisa nulungan, tapi nungguan paréntah ti Warni. Jadi samentara kaayaan diantep heula bari nyaksian kajadian saterusna.
Wajar rejeki Warni seuseut da teu bisa asup lantaran aya énérgi jahat tina oray bodas di kamarna. Wajar ogé Warni teu bisa saré, mineng ngimpi goréng sarta mineng kacilakaan, sabab oray anu kakurung di kamarna teu daék cicing, terus-terusan ngaluarkeun énérgi gangguan sangkan bisa kabur ti kamar. Saupama siluman oray bodas éta teu buburu diusir, nasib Warni moal aya robahna.
Bonsay anu dipiboga ku warni nyaéta Caringin anu dikerdilkeun. Caringin hiji simbol kahirupan jeung kakuatan. Énérgina jadi pager anu leuwih kuat tibatan énérgi anu dipiboga ku siluman oray. Matak pantes oray teu bisa kabur da kahalangan. Kakurung di jero kamar.
Batu ogé simbol kakuatan, batu hideung anu ditunda ku pa Legi secara langsung nambahan kakuatan bonsai Caringin. Parahna, batu hideung éta aya eusian nyaéta siluman oray hideung. Ayeuna jadi aya 2 siluman di kamarna Warni. Anu nyicingan bonsai, Jeung anu mémang geus aya saacanna sarta kakurung jeung terus adug-adugan di kamar hayang kabur.
"Néng, pagawéan kuring geus réngsé" ceuk Legi ka Warni.
"Hartina kuring ayeuna geus aman?" Warni nanya.
"Aman néng, teu kudu salempang deui" témbal Legi.
"Terus kangkalung kuring anu leungit bisa kapanggih?" Warni nanya deui.
Legi kawas anu bingung,
"Ngalacak barang leungit lain kaahlian kuring néng"
Beungeut Warni katémbong kuciwa,
"Nya teu nanaon, hatur nuhun kana bantuanna pa" ceuk warni bari manggut
Share this novel