Udin kuciwa nempo Icih geus kahakan ku alur drama Rukmini. Jadi buburu Udin ngomong,
"Ni, mang, bibi. Lamun sararéa geus guyub rék pindah ka villa Kusumah, kuring ogé moal nolak" Udin ngahaja ngomong tarik sabab hayang merhatikeun réaksi masing-masing jelema. Sabab bakal jadi énding tina drama anu keur dimaénkeun ku maranéhna.
Bener wé, Dudung langsung kapancing ku omongan Udin,
"Tapi Nini hayang ngumpulkeun kulawarga Kusumah, sedengkeun anjeun Saha? Euweuh hak milu ngomong. Ditanya ogé henteu"
Rukmini ngarénjag ngadéngé omongan Dudung, langsung malik bari napiling pipi Dudung,
"Manéh anu euweuh hak ngomong mah koplok! Kaputusan kabéh aya di aing"
Dudung langsung mundur ngajauhan, sabab kakara sadar bieu kaceplosan ngomong anu ampir ngagagalkeun rencana Rukmini.
"Hampura Din, kuring salah" pokna ka Udin.
Udin seuri, sakali deui Udin ngetést,
"Teu nanaon ukur pindah imah, da mémang sakuduna sadudulur mah kudu ngariung sauyunan. tapi ulah mangaruhan Icih sangkan balik ka Palapa. Icih geus boga usaha sorangan, pagawéanna ogé geus mimiti loba"
Rukmini colohok,
"Naon? Teu bisa Kitu! Bener Kuring hayang ngariung, tapi kakuatan kulawarga ogé kudu dipulihkeun deui ku cara digawé babarengan. Balik ka kulawarga Kusumah tapi teu babarengan ngurus Palapa, sarua waé jeung masih paaing-aing"
Udin seuri ipis,
"Ni, anjeun anu bieu ngomong sorangan, sararéa kudu balik sangkan bapa aya anu ngurus keur mulihkeun kaséhatanna. Kabéh geus nyanggupan balik kaasup kuring. Tapi pindah imah lain hartina kudu pindah gawé pan?"
"Teu bisa! Ngarana balik ka kulawarga Kusumah, kabeh kamampuan kudu ditamplokeun keur kulawarga Kusumah" ceuk Rukmini keukeuh.
Udin ngarérét ka Icih,
"Nyi, kantor anjeun karék diresmikeun, Warni jeung Susi ogé geus nawarkeun pagawéan. Sangkan Nyai teu kaéraan, sok duanana teleponan ayeuna, kabéh pagawéan anu ditawarkeunna tolak. Terus kantorna tutup deui. Sabab nini rék ngajamin hirup Nyai"
Icih asa kageuingkeun ku omongan Udin. Kakara sadar ninina keur masang eurad sangkan dirina kajiret. Jadi Icih nyarita ka Rukmini,
"Ni, naon anu disebatkeun ku kang Udin leres, abdi keresa uih, nanging alim ari kedah ningalkeun usaha abdi nyalira mah"
Rukmini kekerot ambek,
"Icih, anjeung ngéwa kunaon geuleuh ku naon ka Nini? Naha bet kudu ngadéngé omongan si Udin? Anjeun teu ngahampura kana kasalahan Nini?"
Icih ngarahuh,
"Sanés masalah ngahampura atanapi teu ngahampura. Nanging masa depan hirup abdi kedah abdi nyalira anu nangtoskeun. Ayeuna parantos aya jalan usaha kanggé abdi, Nini teu tiasa maksa abdi mulih ka Palapa"
Mardi jeung Lastri anu teu sempet nyaksian peresmian kantor Icih. Nganggap omongan Icih kaleuleuwihi. Jadi Lastri nyarita ka Icih.
"Cih, naon anu bisa diandelkeun tina usaha anjeun anu tanpa modal, kunaon teu balik deui ka Palapa anu jelas-jelas kari neruskeun"
"Ema ogé sami sareng Nini, teu tiasa ngatur hirup abdi" ceuk Icih tatag.
Rukmini langsung deku bari nyekelan suku Icih anu keur diuk. Kabéh ngarénjag, sabab karék ayeuna nempo Rukmini kudu sembah depong ka incuna sorangan.
"Nini nanaonan? Tatih!" Ceuk Icih reuwas.
Rukmini ceurik deui,
"Nini rumasa geus salah gedé ka anjeun. Nini ménta dihampura. Kulawarga Kusumah ayeuna rék bangkrut, ukur anjeun anu bisa ngajaitna deui. Hayu balik, urus deui Palapa"
Nempo Rukmini deku dihareupeun Icih, Karsidi, Isah, Dudung jeung Unah ogé nurutan. Sanajan adegan ieu euweuh dina scenario anu geus direncanakan ku Rukmini. Tapi lamun teu sarua kompak, bisa jadi masalah gedé. Rukmini pasti bakal ngamuk.
Nempo sararéa deku, haté Icih mimiti goyah deui, teu nyangka kabéh ngandelkeun dirina.
Nempo Icih bingung, Rukmini nyarita deui,
"Hayu bageur, balik deui ka Palapa. Hirup paéh kulawarga Kusumah aya dina leungeun anjeun"
Udin keprok, bari nyakakak.
"Nini, anjeun sutradara anu hadé. Ampir Icih kapikat ku alur carita anu geus diréka ku Nini. Kuring salaku wawakil kulawarga, nganuhunkeun ku kadatangan aranjeun ngalongok mitoha kuring, sarta méré tongtonan gratis anu pikasediheun. Hanjakalna penongton kuciwa lantaran pemeran utama jeung artis pendukungna lain ahli, teu bisa menjiwai peranna masing-masing sarta teu kompak. Jadi alur caritana gampang ditebak. sabab geus tamat, lewih hadé aranjeun baralik" ceuk Udin bari nunjuk kana panto bangsal anu masih muka.
Rukmini nangtung langsung nyangangang ka Udin,
"Udin, basa salaki aing nyeumpal sia tina wadah runtah, aing anu méré nginum jeung dahar sia, aing ogé anu méré baju jeung tempat cicing keur sia. tapi sia euweuh rasa rumasa, kilangbara ka nganuhunkeun. Ngahargaan jasa aing ogé tara"
Udin nyakakak,
"Lain Ni. Teuing anjeun anu pikun atawa mémang geus teu boga otak keur mikir! Ti saprak kuring milu ka aki Wawan Kusumah, kuring saminggu dititah saré di pabéasan ngahiji jeung beurit, lain dijero villa Nini, anu nyaho kuring lapar jeung sok nganteuran dahareun iwal ti Icih. Tepi ka ayeuna icih masih méré dahar ka kuring. Anu méré baju jeung sok ngeupeulan duit ogé ukur aki Wawan. Ngan sakali kuring nincak villa nyaéta waktu diakadan kawin ka icih, isukna langsung diusir ti villa, anjeun mah ukur bisa ngahina yén kuring runtah anu euweuh guna. Kudu nganuhunkeun naon kuring ka anjeun?"
Rukmini geus pasrah. Sabab niatna geus kabongkar ku Udin. Padahal Udin teu kaasup jelema anu diperhitungkeun, asal Icih beunang, Udin pasti nuturkeun. Nyatana dugaanna salah. Rukmini kerung lantaran bingung. Terus neuteup ka Icih,
"Nya teu nanaon ari anjeun embung balik ka Palapa mah, hayu urang jalankeun 2 perusahaan sakaligus babarengan silih bantu"
Udin nyakakak deui,
"Nya sarua waé ni, pada ahirna kabéh bakal tibalik jadi gumantung ka perusahaanna Icih, bener teu?"
Ngadéngé omongan Udin, Karsidi ambek,
"Udin, ati-ati lamun nyarita. Perusahaan Icih lain perusahaan manéh, jadi ulah pipilueun. Keun sina Icih anu mutuskeun"
Udin malik ka Icih,
"Nyi. Inget kénéh kana kajadian anu geus kaliwat? Dua kali nyai geus dibohongan. Kahiji, nyai rék diangkat jadi diréktur palapa, tapi dina acara sukuran, malah Dudung anu diangkat. Kadua, nyai anu meunang kontrak ti Bima Raya, geus kaciri kontrakna mimiti jalan, nyai ditajong ti Palapa. Hartina nyai ukur dimanfaatkeun. Hayang ngalaman anu katilu kalina? Gara-gara tugas ti Nini. Nyai ogé rék cilaka di Majalaya. Incu jeung anak-anakna anu séjén mana? Euweuh anu paduli ka nyai pan?"
Dudung langsung panas,
"Udin. Bieu bapa aing ngomong, sia eweuh hak mangaruhan. Antep sina Ceu Icih anu mutuskeun"
Udin molotot ka Dudung,
"Naha? Kuring pan salakina. Lamun Icih aya masalah, angger lumpatna ka kuring. Geus sabaraha kali kuring dipusingkeun ku anjeun, lamun kuring teu karunya, anjeun geus moal bisa ngajedog deui di Bandung. Sakali kuring nitah kang Bahar, anjeun geus moal bisa tibra saré. Sa Bandung pasti bakal diubek kabéh ku para préman pikeun néangan anjeun, rék nyumput dimana?"
Dudung seuri sinis,
"Kang Bahar bisa diparéntah lantaran geus ditipu ku sia. Sakali kanyahoan, justru sia anu bakal dibeberik ku kang Bahar"
"Trik kuring mah rapih, moal babari kapanggih. Teu kawas trik anu dijieun ku Nini anjeun bieu" ceuk Udin seuri.
"Ku aing dibéjakeun siah ka kang Bahar" ceuk Dudung ngancem.
Udin ngaluarkeun ponsélna, terus nelepon ka nomer kang Bahar langsung di loudspeaker. Ponsél diasongkeun ka Dudung,
"Yeuh béjakeun ayeuna"
Dudung langsung pias bari mundur.
"Kuring bieu heureuy Din, ulah dianggap nyaan. Anjeun salakina Ceu icih, berarti anjeun lanceuk kuring ogé"
"Tapi kuring teu hayang boga adi kawas anjeun" témbal Udin
Telepon ka kang Bahar ahirna nyambung, kadéngé kang Bahar nanya,
"Aya deui anu perlu dibantu ku kuring dén?"
Udin seuri,
"Aya anu hayang silaturahmi jeung akang. Sabaraha anak buah akang anu siap diparéntah?"
Kang Bahar nyakakak,
"Satiap jeungkal kota Bandung aya dina wilayah kakawasaan akang, adén butuh sabaraha ratus urang? Sebutkeun ngaran targétna. Diina itungan menit pasti geus bisa kapanggih pikeun digusur ka kuring saupama bener hayang silaturahmi jeung kuring"
Dudung langsung ceurik, terus deku di hareupeun Udin.
"Ampun Din, kuring bohong, tadi ukur heureuy"
Nempo anakna deku bari ceurik ka Udin, Karsidi jadi ambek,
"Udin, anjeun katerlaluan, geus wani nipu batur, ayeuna wani rék nyilakakeun anak aing?"
"Oh. Jadi anjeun ogé sarua, nuduh kuring tukang tipu?" Ceuk Udin nanya. Terus Udin nyarita deui kana ponsél,
"Kang Bahar, aya saurang deui anu hayang silaturahmi jeung akang. Nyaéta bapa jeung anak"
Kang Bahar némbalan,
"Siap dén. Percayaeun ka akang. Asal adén nyebutkeun ngaranna, tong boro ukur dua, sanajan sapuluh, moal lila pasti bakal kapanggih sarta kudu silaturahmi jeung kuring"
Ngadéngé Udin bener-bener ngomong jeung Bahar. Rukmini ogé jadi sieun. Jadi buburu nyarita,
"Udin, sararéa rék baralik. Anggap kuring can kungsi datang kadieu"
"Anjeun pan aya didieu, piraku rék dianggap can kungsi kadieu?" ceuk Udin kerung.
"Naon kahayang anjeun?" Rukmini nanya.
"Didieu aya mitoha kuring. Hadéna jelaskeun heula tujuan aranjeun anu sabenerna pangna daratang kadieu. Ulah pura-pura ngalongok padahal aya tujuan séjén. Lamun jujur, aranjeun bisa balik. Tapi lamun henteu. Aranjeun kudu silaturahmi heula jeung kang Bahar" témbal Udin.
"Ni, jelaskeun. Kuring betah kénéh hirup" ceuk Dudung ngalengis ka Rukmini
"Ma, béjakeun ka Mardi jeung ka Lastri tujuan urang. Kuring ogé betah kénéh hirup" ceuk Karsidi ka Rukmini.
Rukmini ngarénghap panjang, terus nyarita bari neuteup ka Mardi jeung ka Lastri,
"Mardi, Lastri. Naon anu diomongkeun ku si Udin bener. Kadatangan Ema kadieu lain iklas ngalongok. Tapi sangkan maranéh karunya ka ema terus daek baralik deui ngurus Palapa, utamana si Icih. Hampura Ema. Ema anu ngarencanakeunna, tapi..."
"Cukup! Kabeh geus jelas, sok baralik" ceuk Udin.
"Anjeun moal ngadéngékeun alesan Nini? Nini ayeuna geus sangsara Din" ceuk Rukmini.
"Sangsara akibat kasarakahan anu dipelak ku anjeun sorangan. Anjeun anu melak, anjeun ogé anu kudu ngadahar buah tina kasarakahan anjeun, ulah ngangajak batur" ceuk Udin.
Mardi jeung Lastri colohok, teu nyangka Rukmini boga niat jahat siga Kitu.
Udin nyarita deui kana ponsélna anu can ditutup,
"Kang Bahar. Lamun anjeung ngadéngé ngaran Rukmini ti kulawarga Kusumah datang ka pamajikan kuring sarta maksa sangkan pamajikan kuring kudu balik deui ka Palapa. Culik anak jeung incuna anu ngarana Karsidi jeung Dudung pikeun silaturahmi jeung akang"
"Siap dén, ulah hariwang, ti mimiti ayeuna kuring rék nunda anak buah pikeun niténan imah Kulawarga Kusumah. Sanajan sadetik, moal aya anu bisa lolos tina pangawasan kuring. Sakali kanyahoan, nyawa Karsidi jeung Dudung bakal dicabut tina awakna"
"Oke kang. Kuring percaya ka akang" Telepon ahirna ditutup ku Udin.
Rukmini geus teu bisa kukumaha, ahirna ngajak anak, incu jeung minantuna baralik,
"Hayu balik!"
Saenggeus rombongan Rukmini kaluar, Mardi ngarénghap panjang, terus ngomong laun,
"Sanajan teu tega nempona, mudah-mudahan Ema kapok"
"Lamun bener-bener hartana béak, manéh ogé geus moal bisa ngaharepkeun warisanna" ceuk Lastri ka Mardi
"Saha anu ngarep-ngarep warisan? Saprak diusir, aing mah geus tara mikiran warisan" témbal Mardi bari muncereng ka Lastri.
Icih ngarérét ka Udin,
"Kang. Haturnuhun. Upami teu digeuing ku akang, sapertosna abdi bakal kapangaruhan ku pangolo Nini"
"Akang salaki nyai, teu kudu nganuhunkeun" témbal Udin bari seuri.
"Sababaraha poé kahareup, bapa sina istirahat heula didieu. Keun baé akang anu nungguan mah, nyai kudu ngamimitian digawé, ulah hayang dicacampah deui ku batur" ceuk Udin nyumangetan Icih.
"Sumuhun kang, ti danget ayeuna, abdi kedah langkung giat didamel" témbal Icih.
Tepi ka Imah, Rukmini geus siga jelema édan. Diuk ngalamun mikiran nasib kukawargana anu asa ngimpi. Asa karék kamari Palapa kerjasama jeung Bima Raya, terus ngayakeun sukuran, tapi ayena justru malah bangkrut. Kerjasama diputuskeun bari diblokir, kas geus béak, barang-barang kantor geus dijualan.
Loba bayareun tapi panghasilan euweuh. Kudu mayar séwa gedung Palapa, ngagajih karyawan sanajan kari sababaraha urang deui, hutang ka bank, ka matrial. Can kabutuhan sapopoé, dahar, listrik, mayar cai ledeng jeung sajabana. Sirah Rukmini asa béjad mikiranna.
Kulawarga Kusumah ayeuna lir ibarat balong bedah, euweuh cai asup tapi bocor dimana-mana. Kari nungguan caina saat, kabéh laukna pasti bakal paraéh. Unah anu sakuduna senang kawin jeung Ibro sarta bisa ngangkat martabat kulawargana, malah ditingalkeun.
Share this novel