49. Steven ambek ka Udin

Fantasy Series 36

Alan némbalan,
"Kuring lain ahli métafisika, kuring ukur koléktor anu resep kukumpul barang antik. Lamun anjeun hayang jadi pamingpin atawa dianggap guru ku para ahli supranatural, kari pék. Euweuh urusanna jeung kuring"

"Lamun anjeun rék indit, kudu aya jaminan barang anu ditingalkeun keur kuring" ceuk Ki Waja tiis.

Alan jelas ambek,
"Naon maksud anjeun? Éta ngarana meres! Anjeun geus ngalakukeun prakték kajahatan!"

"Juragan, wios abdi anu maju" ceuk Gugun ka Alan bari ngaléngkah ka hareup nyampeurkeun Ki Waja.

"Kuring Gugun ti Garut" ceuk Gugun bari ngaheumbatkeun peureupna kana beungeut Ki Waja.

Kabéh reuwas, sabab nyangkana Gugun maju pikeun nunjukkeun barang sarta mamérkeun kakuatan barangna. Teu nyangka bakal langsung nyerang Ki Waja sacara fisik.

Ki Waja anu teu nyangka bakal diserang ngadadak, langsung ngagiwarkeun sirahna bari nepak tonggong Gugun. Tonjokan Gugun ngeplos nonjok angin, malah awakna langsung roboh nangkuban teu bisa usik. Padahal ukur ditepak ku Ki Waja. Ukur matana anu mureleng ceuceub ka Ki Waja.

Nempo kajadian éta, kabéh tamu sadar yén maranéhna keur dijebak ku acara Ki Waja. Dipaksa titah miluan kana alur drama anu diciptakeun ku Ki Waja. Anu pastina ogé keur kapentingan Ki Waja sorangan.

Warni geus teu genah cicing, ngarasa hanjakal ngajak Udin ka acara éta. Udin sorangan mah malah haré-haré, sabab ti awal datang, geus nyangka ahirna bakal kieu. Ngan Udin can wani tampil téh sabab hayang nongton heula, sakalian bari maca kamampuan Ki Waja. Sabenerna Ki Waja hébat, umur jeung pangalamanna ogé pasti loba. Kalemahana ukur kasombongan. Éta anu bakal dipeupeuh ku Udin.

Mémang Udin ogé nempo, tonjokan Gugun ka Ki Waja teu bisa dianggap sapéle, sabab pasti dibarengan ku tanaga jero. Udin kungsi maca kaleuwihan Gugun sawaktu munggaran panggih basa Udin diajak Warni nempo Mirah delima. Malah kungsi nyarankeun ka Gugun sangkan diajar deui, sabab élmuna can sabaraha. Jelas jauh kénéh pikeun bisa ngéléhkeun Ki Waja.

Kabéh euweuh anu nyaho, Élmu naon anu geus dipaké ku Ki Waja pikeun ngalumpuhkeun Gugun.

"Aki-aki bangkar warah! Sihir naon ieu?" Ceuk Gugun nyorowok bari satékah polah hayang nangtung. Tapi teu bisa, awakna tetep nangkub teu bisa usik.

"Moal aya anu bisa cucungah ka déwék. Pék ngagogog satarikna. Ti mimiti ayeuna anjeun ukur pinter ngagogog. Kajeun nepi ka pegat tikoro, moal bisa ngomong deui" ceuk Ki Waja nyéréngéh bari nyintreuk punduk Gugun.

Gugun nyorowok deui rek nyarékan Ki Waja. Tapi anéh, sora anu kaluar jadi ngagogog kawas anjing. Nyaho aya parobahan dina sorana, Gugun ceurik, tapi sora anu kaluar ukur gagaikan, kawas sora kirik anu hayang nyusu ka indungna.

Nempo nasib Gugun, Alan leuleus ngudupruk diuk dina taneuh. Umur Gugun 50 taun, ayeuna ukur bisa gagaikan bari nangkuban di gigireun Ki Waja. Suasana jadi simpé, kabéh sieun ku Ki Waja anu geus némbongkeun Élmu ngaramalna jeung Elmu sihirna. 2 ahli geus éléh bari euweuh perlawanan.

Badra ngaharéwos ka Udin,
"Tingali gerakan leungeun kénca Ki Waja anu keur ngodok sakuna. Pasti ieu teluh, mang Gugun keur diteluh maké barang anu dicoo ku leungeun Ki Waja dina sakuna"

Udin unggeuk,
"Kuring nyaho, Ki Waja maké téhnik bonéka. Pasti dina sakuna aya bonéka jénglot anu keur dicoo. Anjeun teu perlu hariwang, sabab moal ngabahayakeun nyawa mang Gugun. Sifatna ukur sementara"

Ki Waja keprok bari seuri,
"Cukup sakitu, ieu ukur conto pikeun jelema anu wani cucungah ka kuring"

Bareng jeung dicabutna leungeun kénca Ki Waja tina sakuna lantaran keprok. Gugun ogé ngoréjat diuk terus lumpat ka Alan.
"Jelema éta sétan gan, lain manusa!" Ceuk Gugun bari nangtungkeun Alan anu diuk leuleus dina taneuh. Terus Alan di diukeun dina korsi.

Salman neuteup ka Gugun,
"Anjeun geus éléh Gugun! Naon barang anu rék dibikeun ka Ki Waja?"

"Kuring teu mawa nanaon kadieu!" Témbal Gugun.

Tapi Ki Waja geus teu maliré ka Gugun deui. Panona ngarérét ka Udin,
"Udin! Anjeun geus ngarebut kerang aing di palélangan. Ayeuna anjeun geus nempo kakuatan aing. Duit mémang rumasa aing éléh. Ayeuna naon anu rék ditémbongkeun ku anjeun ka kuring didieu?"

Udin seuri ipis terus malik nanya,
"Kuring kakara nempo dua pangabisa anjeun, mémangna euweuh deui?"

Warni buburu nyekelan leungeun Udin,
"Pa, atos pa. Ulah macing-mancing. Kahébatan Ki Waja seueur. Ulah dugi ka pa Udin janten korban katilu"

"Anjeun siga budak bolon. Tadi aing anu nanya. Kunaon bet malik nanya? Panasaran hayang ngasaan kaluhungan élmu kuring anu séjén?" Ceuk Ki Waja morongos.

Udin seuri sinis,
"Ngasaan? Mémangna aya anu pantes pikeun diasaan ku kuring?"

Anu ngadéngé kabéh reuwas. Geus sidik kalimah Ki Waja nangtang Udin. Tapi Udin siga anu teu gimir. Malah omonganna siga anu teu difikir heula. Beungeutna ogé tenang teu kaciri sieun.

Ki Waja maju ka hareupeun Udin. Terus nanya,
"Anjeun datang kadieu ukur rék nganteurkeun nyawa ka aing?"

Udin némbalan,
"Hirup paéh kuring lain anjeun anu ngatur. Ulah waka gedé haté"

Sabot Udin jeung Ki Waja keur hog hag paadu omong. Sababaraha jelema asup ka jero acara. Kabéh tamu ngarérét. Singhoréng Steven bari dituturkeun ku 10 pangawalna langsung nyampeurkeun ka Udin.
"Udin! Anjeun geus nipu samilyar leuwih duit bapa aing pikeun ngawiwirang Ki Waja anu geus ngabongkar kapalsuan jimat keretas anjeun. Kuring datang rék nagih karugian" ceuk Steven bari tutunjuk kana beungeut Udin.

Teu lila Qin Gang ogé asup dibarengan ku Auxé. Qing Gang langsung metot leungeun Steven terus ditampilingan,
"Aing geus sababaraha kali ngomong ka sia. Lamun masalah can jelas, ngajedog heula"

Udin ngarérét ka Qin Gang. Qing Gang anu direret ngadadak sakujur awakna tiis, ngarasa boga salah gedé ka Udin, sabab haté leutik Qin Gang masih percaya yén Udin jujur. Matak niatna ukur rék ménta penjelasan, teu nyangka Steven bakal miheulaan nanya ku cara teu sopan.

Qin Gang buburu ngabongkokeun awakna ka Udin,
"Pa Udin, hampura anak Kuring. Kuring ogé sarua hayang ménta penjelasan ka anjeun. Tapi cara Steven bieu mémang kurang ajar. Kuring teu bisa ngabenerkeun"

Udin unggeuk,
"Saupama anjeun ngarasa dirugikeun. Kuring bisa malikeun kabéh duit anjeun iraha wae. Rék ayeuna?"

"Lain Kitu pa. Kuring teu ngamasalahkeun duitna. Kuring ukur hayang nyaho geus tepi kamana anjeun rék ngabantu kuring. Sabab sababaraha poé kuring teu nempo aya anu dilakukeun ku anjeun. Tapi hak éta bisa dijelaskeun ka kuring saenggeus urusan anjeun jeung Ki Waja rsngsé. Kuring nungguan" ceuk Qin Gang bari diuk dina korsi kosong, terus nitah Auxé jeung Steven ogé sangkan dariuk. Sedengkeun para pangawal Steven kabéh mundur, nangtung nempo ti kajauhan.

Nempo Qin Gang anu masih hormat ka Udin, ki Waja seuri terus ngomong,
"Qin Gang! Anjeun datang kadieu pikeun nanyakeun bantuan ti budak ieu? Anjeun masih sangsi kana batuan ti kuring? Leuwih hadé lalajoan, ayeuna kuring jeung budak ieu rék ngadu jajatén. Bakal katempo saha anu pantes disebut jago. Aing anu paéh, atawa budak ieu anu paeh"

Udin paling teu resep kalimah anu ngandung tarohan. Ayeuna dipaksa kudu milih masalah paéh jeung hirup antara dirina atawa Ki Waja. Ahirna Udin nangtung,
"Ki, lamun bener anjeun ngarepkeun aya anu paéh. Jelas anjeun anu bakal paéh"

Ningali Udin nangtung. Ki Waja atoh. Terus nyampeurkeun ka Salman méré paréntah,
"Salman, siapkeun parukuyan, purulukan menyam bodas. Siapkeun ogé serutan kai cendana jeung pedang haur konéng kuring. Kuring rék ngalawan budak ieu!" Ceuk Ki Waja ka Salman.

Salman teu talangké, langsung muka peti Ki Waja ditukangeun korsina buburu ngabijilkeun barang-barang anu disebutkeun terus digawéan sasuai paréntah Ki Waja. Saenggeus areng dina parukuyan hurung, menyan bodas pipuruleukkeun, disusul ku serutan kai cendana. Haseup bodas seungit menyan pacampur jeung seungit cendana ngebul nyambuang ka sakabéh taman.

Ki Waja ngangkat haur konéng anu mangrupa pedang, diacungkan bari gegerenyeman mapatkeun jangjawokan. Tapi panona ngarérét ka Qin Gang.

Udin ngabéjaan ka Qin Gang,
"Qin Gang, ati-ati. Serangan Ki Waja ditujukeun ka anjeun. Lain ka kuring"

Qin Gang teu némbalan sabab sirahna ngadadak lieur.
"Ki Waja. Kunaon anjeun bet nyerang Kuring?" Ceuk Qin Gang bari ngarames sirahna ku dua leungeun.

"Pangaruh sihir tina batu Voodoo masih nyésa dina awak anjeun. Ayeuna keur dihudangkeun ku ki Waja. Tahan!" Ceuk Udin ka Qin Gang.

Ngadéngé penjelasan ti Udin, Qin Gang ukur bisa ngegél biwirna nahan nyeri dina sirahna. Tapi beuki di tahan sirahna beuki nyeri siga anu rék bitu. Malah nyerina mapay ka sakujur awakna. Jantungna karasa gegeberan. Tapi teu lila karasa tina saku kaméjana aya hawa haneut nembus kana dadana langsung kana jantung terus ngalir kana sirah sarta sakujur awakna. Sapada harita rasa nyeri dina sirah jeung awakna langsung leungit.

Qin Gang ngarampa saku kaméjana bari ngarérét ka Udin. Sabab saméméh indit dirina mémang nyakuan kulit kerang anu buleud ipis ti Udin tea. Tadina Qin Gang rék nanyakeun ka Udin naha duit samilyar ukur jadi barang siga kitu. Tapi ayeuna manfaatna geus karasa langsung. Nyatana Udin geus nyalametkeun nyawana.

Ki Waja nyuruput cai hérang tina gelas terus disebrotkeun kana pedang haurna. Pedang dikupat kapitkeun dina luhureun parukuyan kawas anu ker meulahan haseup bodas anu ngelun ngebul.

Qin Gang ayeuna ngarasa sirahna asa dibabukan ku balok kai gedé. Ceuli jeung irungna nepi kaluar getih. Steven buburu ngarangkul bapana anu rék rubuh tina korsi. Qin Gang teu bisa ngomong nanaon. Sungutna ukur bisa gegerungan.

"Ki Waja, naon anu dilakukeun ka bapa Kuring?" Steven nyorowok nanya ka Ki Waja.

Sabenerna Ki Waja ngahaja nyerang Qin Gang sabab ngarasa kasinggung nempo Qin Gang masih ngahargaan ka Udin. Harepanna mudah-mudahan Udin kapancing pikeun ngabéla Qin Gang. Didinya Ki Waja bakal nyaho Élmu anu dipiboga ku Udin. Tapi 2 kali seranganna ka Qin Gang, Udin masih can némbongkeun nanaon. Ki Waja teu wani gagabah nyerang langsung ka Udin.

Pikeun nutupan kacurangana, Ki Waja buburu némbalan pertanyaan Steven,
"Kuring keur ngusir jin anu ngarasuk dina jasad bapa anjeun. Moal nanaon. Awak bapa anjeun ukur média. Sabab jin Aya dina awakna, geus pasti bapa anjeun bakal ngarasakeun nyerina"

Steven buburu lumpat ka hareupen Ki Waja bari deku,
"Nuhun Ki. Lamun kitu, teruskeun. Beresihan jin dina awak bapa kuring"

Sabab rangkulan Steven lésot, Qin Gang geus teu bisa nyaimbangkeun deui awakna. Korsi anu didiukanna langsung ngajengkang. Qin Gang ogé utah getih. Sakali deui, kulit kerang dina sakuna nunjukeun réaksina. Rasa nyeri dina sirah jeung awak Qin Gang lalaunan leungit deui. Ukur Qin Gang sorangan anu bisa ngarasakeun perobahanna. Anu séjén mah euweuh anu nyahoeun. Matak wajar lamun Steven beuki ceuceub ka Udin.

Barda kerung,
"Ki Waja bener-bener bisa ngusir jin dina awak Qin Gang. Hébat!"

Udin nyarita lalaunan,
"Mata anjeun kurang seukeut Barda. Ki Waja justru keur nyiksa Qin Gang, lain keur ngusir roh jahat"

Nempo bapana ngagubrag, Steven balik deui,
"Pa, hayu calik deui" pokna bari ngangkat Qin Gang sangkan diuk deui dina korsi. Terus Steven malik ka Udin.
"Udin! Balikeun duit bapa kuring. Anjeun tukang tipu!"

"Masalah duit pasti dipulangkeun. Tapi Kuring moal bisa nulungan deui bapa anjeun" ceuk Udin.

"Maksud anjeun, kumaha pa?" Qin Gang nanya.

"Buka dampal leungeun katuhu anjeun. Pasti aya garis beureum" ceuk Udin.

Qin Gang buburu muka dampal leungeuna, bener wé, aya garis beureum ngagurat siga anu geus nyekelan kawat panas.

"Naon ieu? timana asalna? saméméhna mah euweuh" ceuk Qin Gang reuwas.

Udin ngajelaskeun,
"Gurat lahir dina leungeun tiap jelema ngagambarkeun jalan kahirupanna. Ayeuna Ki Waja keur nyoba nyorét gurat lahir dina leungeun anjeun, Hartina jalan kahirupan anjeun rék dihapus ku Ki Waja. Umur anjeun moal lila deui"

Kabéh anu ngadéngé penjelasan ti Udin ngarénjag. Terus sararéa neuteup ka Ki Waja. Ki Waja ogé reuwas sabab kalakuanna kabongkar ku Udin.

"Ki Waja! Cabut sihir anjeun ti bapa Kuring" ceuk Steven molotot ka Ki Waja.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience