Tapi Bahar anu harita aya dina antrian tukangeun Ibro langsung ngeprét dua leungeun Unah nepi ka leupas tina beuheung icih, terus awak Unah diangkat kaluhur ku dua leungeuna, dibalangkeun dina koridor nepi ka ngagolosor sajauh 5 metér dina ubin neunggar suku Rukmini anu harita geus rada jauh nepi ka Rukmini ogé labuh.
Murad jeung Komar anu karék datang nempo Bahar ngabalangkeun Unah, tanpa diparéntah langsung ngadeukeutan Unah. Komar ngajenggut buuk Unah sangkan nangtung, sedengkeun Murad geus siap rék nampiling. Tapi rukmini buburu ngorondang tetus nyekelan suku Murad,
"Incu kuring bodo, hampura, ulah dinanaon deui. Kuring kabéh rék indit"
Murad teu jadi nampiling, tapi Komar tetep ngajenggut pageuh buuk Unah. Murad ngarérét ka Bahar nungguan paréntah. Bahar masrahkeun ka Icih,
"Bu, Awéwé éta geus wani nyekék anjeun, kudu dikumahakeun?" Ceuk Bahar nanya bari manggut ka Icih.
Karsidi anu nempo Unah can dileupaskeun langsung ngomong ka Icih,
"Cih, leupaskeun, dilain-lain ogé Unah dulur manéh. Digedékeun bareng, kungsi ulin bareng, kungsi sakola bareng. Piraku anjeun téga"
Icih unggeuk ka Bahar,
"Leupaskeun kang. Manéhna teu boga niat nyilakakeun kuring, tindakana bieu lantaran kadorong ku kabingungna sorangan"
Udin unggeuk,
"Omongan pamajikan kuring sarua jeung omongan kuring, gugu!"
Komar buburu ngaleupaskeun buuk Unah terus mundur, Murad ogé buburu mundur.
Rukmini rék nangtung, tapi hararésé sabab bieu sukuna kateunggar ku awak Unah, iteukna ogé geus mecleng jauh. Ahirna dibantuan ku Karsidi jeung Isah, Unah anu buukna geus acak acakan urut dijenggut langsung lumpat deui ka Icih,
"Aing moal indit, aing rék modaran heula sia!" Bari leungeuna geus rék ngajenggut buuk Icih.
Sakilat suku Bahar diangkat terus dijejekeun kana beuteung Unah. Awak Unah langsung ngalayang terus ragrag ngagolosor balik deui ka tempat anu tadi.
Dudung buburu ngahudangkeun Unah ku sabeulah leungeuna,
"Enggeus ceu, hayu urang balik"
Niat Rukmini hayang ngahina Icih sangkan sumangetna turun terus daék balik deui ka Palapa, ahirna neunggar cadas. Rukmini kudu balik bari nandangan wiwirang gedé. Rukmini ngaléngkah ngajauhan bari digendéng ku Karsidi jeung Isah. Unah ogé disangkéh ku Dudung bari sabeulah leungeun Dudung masih dibungkus ku pereban. Kabéh ondangan anu ngabaris panjang dina koridor nyisi méré jalan bari marelongkeun.
Icih ngarénghap panjang, haténa geus ngarasa ngemplong. Tapi nempo antrian anu masih panjang kénéh, malah jumlahna geus ngaleuwihan kapasitas korsi anu disadiakeun di jero. Daék teu daék jadi geumpeur deui, sabab bingung rék nitah dariuk dimana.
Udin oge teu nyangka bakal jadi loba anu daratang. Padahal taksiranna paling loba ukur 60 jelema. Tapi nyatana anu datang geus leuwih ti 100 jelema. Bari kalolobaana mémang pangusaha sanajan sawaréh mah malah teu wawuh.
Sabenerna teu anéh, sabab las pengelola Wings Star ngadéngé tina speaker gedung Wakil Diréktur Bima Raya datang. Kabéh stafnya langsung dititah datang ka acara peresmian kantorna Icih, kitu deui perusahaan-perusahaan séjén anu geus nyéwa di dinya leuwih tiheula. Langsung kabéh atasan-atasanna daratang. Tujuana ngan ukur hayang wawuh jeung para gegedén anu tadi disebutan ngaranna ku resépsionis.
Ngan untungna pembagian tugas anu di atur ku Warni geus diperhitungkeun, supply catering anu jadi tugas Bahar teu béak-béak. Teu nungguan kosong, méja patasmanan langsung dieusian deui, korsi ogé ditambahan nepi kaluar kantor minuhan koridor hareupeun kantor. Kabéh saruka bungah dahar jeung nginum sapuasna. Organ tunggal ogé mimiti dimaénkeun dina panggung leutik anu aya di juru rohangan.
Susi ngadeukeutan ka Icih anu geus rada nyalse,
"Bu, gedung Wings Star kagungan Bima Raya, kumargi salira milih tempat didieu, aya anu kedah diuningakeun ku abdi ka ibu"
Terus Susi ngageroan saurang lalaki umur 40an,
"Bu, ieu namina Suba. Anjeuna manager pengelola Wings Star, abdi parantos maréntahkeun Suba dimana kapayuna kantor salira tos berkembang, lantai-2 ieu lami-lami kedah dikosongkeun sacara bertahap kanggé dianggé ku salira sadayana. Upami salira peryogi nambihan karyawan, hoyong ngarékrut karyawan anu ahli, pasrahkeun sadayana ka Suba. Parabot kantor anu tadi dikintun ku Treuk box, éta hadiah ti Bima Raya kanggé salira, sawios Suba anu ngatur penempatanna saatos acara ieu réngsé, sakantenan beberesih tilas acara"
Icih ngarérét ka Suba bari manggut, terus ngalieuk deui ka Susi,
"Bu Susi, upami salantéi, abdi moal sanggém mayar pangaos séwana. Sawios, sakieu ogé parantos cekap"
Suba buburu ngomong bari ngaluarkeun cék tina saku jasna,
"Ibu icih, ieu artos séwa anu kamari dibayarkeun, ku abdi diuihkeun deui. Ti danget ayeuna kapayun, teu kedah aya pembayaran nanaon deui, utility, biaya properti, AC, sadayana tos janten tanggungan Wings Star"
"Abdi teu tiasa namoi perlakuan istiméwa kieu" témbal Icih bari nolak cék ti Suba.
Tapi Udin buburu nyarita,
"Nyi. Bu Susi ikhlas méré kaistiméwaan ka nyai, kunaon maké ditolak?"
"Abdi isin kang" témbal Icih.
Udin nyokit cék tina keungwun Suba, terus dikeupeulkeun kana leungeun Icih,
"Lantaran Bu Susi jeung Suba geus ngomong kabéh gratis, jadi leuwih hadé paké duit ieu keur kaperluan séjén. Bima Raya grup gedé, méré fasilitas sakieu can sabaraha. Komo deui ka hareupna anjeun bakal kerjasama jeung Bima Raya. Teu hadé ditolak"
Icih unggeuk terus ngarérét ka suba jeung Susi bari manggut,
"Ibu Susi, pa Suba, hatur nuhun"
Susi seuri,
"Perusahaan salira bakal janten rekanan Bima Raya, abdi sareng Bu Icih ogé parantos lami kenal. Parantos sawajarna urang duaan kedah silih bantos"
Icih ngarérét ka Udin bari mikeun cék,
"Simpen ku salira kang, anggéan abdi teu aya sakuan"
Cék ditarima ku Udin terus disakuan, terus Udin nyarita,
"Hayu Nyi, urang nepungan néng Warni, Manéhna keur boga proyék rénovasi, nyai bisa ngobrol sakalian tatanya, sugan aya anu bisa dipigawé ku Nyai"
Icih sabenerna teu hayang loba ngobrol jeung Warni, sabab di hareupeun Warni Icih rada minder. Salian ti éta, aya firasat anu teu pati kaharti ku dirina. Dina rindatna, seurina sarta ucapan Warni. Siga aya rasa séjén anu keur disumputkeun. Ngan Icih teu nyaho naon panyababna.
Icih ngarérét kana arlojina, geus hampir jam 11 tapi dua kolotna can datang waé. Asa piraku Lastri masih saré kénéh mah. Ahirna Icih nyarita ka Udin,
"Kang, bapa sareng ema teu acan sumping kénéh, cobi telepon atuh, taros nuju dimana"
"Kajebak macet sigana mah" ceuk Udin bari ngaluarkeun ponsélna. Tapi kaburu kadéné HP Icih disada. Nyatana telepon ti Lastri.
Saenggeus diangkat kadéngé sora Lastri hariweusweus,
"Cih, mobil ema kacilakaan, bapa kudu asup ka rumah sakit, buburu kadieu"
"Hah! Kacilakaan? Kumaha kaayaan bapa ma? Di rumah sakit mana?" Ceuk Icih reuwas.
"Di RSHS, bapa anjeun koma, buburu kadieu!"
Icih teu nyangka, acara can réngsé, tapi aya béja anu pikareuwaseun.
"Muhun ma, abdi kadinya ayeuna"
Saterusna Icih ngarérét ka Udin,
"Kang. Énggal jajapkeun abdi ka RSHS, bapa kacilakaan"
Udin buburu nangtung, terus nyarita ka para ondangan,
"Perhatian keur sararéa, hampura kuring jeung pamajikan rék indit heula sabab aya perlu penting. Aranjeun tetep didieu, anu masih dahar, teruskeun daharna. Anu ngobrol teruskeun ngobrolna" ceuk Udin terus ngaharéwos ka Isak mihapekeun para tamu ondangan. Tuluy duanana leumpang rusuh kaluar ti gedung.
Isak unggeuk. Kabéh ondangan pating rarérét, kabéh ngaduga hal anu sarua, pasti mémang aya masalah anu kacida pentingna. Lamun henteu, pamohalan tuan rumah ningalkeun acarana kitu waé.
Tepi ka RSHS, saenggeus tatanya, Udin jeung Icih langsung ka bangsal ICU, terus nyurungkeun panto. Mardi keur ngagolér dina kaayaan teu sadar. Sedengkeun Lastri keur diuk dina korsi bari ceurik nyihareupan ranjang dina kaayaan bajuna pinuh ku getih tapi katingalina teu kunanaon. Ukur tarang anu geuneuk, beungeutna pias jeung siga anu bingung.
"Ma, kunaon bapa?" Ceuk Icih langsung nanya ka Lastri.
Lastri ngajelaskeun bari sisimekeun,
"Mobil ditabrak ku treuk runtah ti gigir di parapatan. Meneran pisan pas lebah bapa nyupiran..."
Can tamat Lastri nyarita, dokter asup. Jadi Icih langsung nanya ka dokter lantaran hariwang ka Mardi,
"Dok, kumaha kondisi pun bapa"
"Masih ditaliti, sementara dinyatakeun aman, teu aya tatu luar anu serieus, tapi..." témbal dokter teu kebat bari mariksa perkembangan Mardi.
"Tapi naon dok?" Icih beuki hariwang.
"Tulang tonggong bapa anjeun potong, bisa sadar tapi paraplégia, lumpuh ti beuheung ka handap" témbal dokter.
Ngadéngé penjelasan ti dokter, Icih langsung ngaleketey leuleus sarta sirahna ngadadak lieur, bumi alam asa muter. Ningali Icih rék rubuh, Udin buburu nangkeup awak Icih terus diukeun dina korsi.
Lain ukur icih. Udin jeung Lastri ogé sabenerna sarua reuwas. Sabab lamun bener Mardi bakal lumpuh, Hartina saumur hirupna bakal terus ngagolér dina tempat saré atawa dina korsi roda. Icih jelas moal bisa narima kanyataan siga kitu.
Udin nanya ka dokter,
"Dok, cedera tulang tonggong bisa dicageurkeun?"
Dokter gogodeg,
"Can aya ubarna, jeung can kungsi aya béja pasién anu bisa cageur tina paraplégia. Sababara kasus mémang aya anu nepi ka bisa diuk sorangan. Tapi kalolobaana lumpuh total. Anjeun kudu siap méntal"
Icih nyegruk cerik, ngulahék leuleus dina korsi bari cipanonna terus murubut teu kabendung.
"Bu, salira teu kunanaon?" Udin nanya ka Lastri.
"Ema mah teu kunanaon, barang jol geus langsung dipariksa. ukur sirah masih nyeri jeung lieur alatan tidagor kana kaca panto gigir" témbal Lastri bari nyusutan cipanonna.
Tanpa ditanya Lastri langsung ngajelaskeun kronologi kacilakaan. Ti mimiti meuntasan parapatan sabab lampu keur héjo terus diteunggar ti gigir ku treuk runtah anu ngurunyung ti katuhu norobos lampu mérah. Mobil BMW kaséréd nepi ka sisi jalan tapi treukna langsung kabur, malah Lastri inget kana plat nomerna sagala. Nepi ka ahirna duanana teu sadar sarta geus nyampak di rumah sakit.
Lastri bisa disadarkeun, aya geuneuk dina tarang jeung taktakna. Tapi Mardi teu daék sadar, salian sirahna garetihan lantaran kasebrot ku kaca mobil anu peupeus, dadana ogé geuneuk ngabadug kana setir jeung aya soéh dina kulit leungeunna anu geus dijait 6 jaitan.
Udin ngarahuh, ngarasa mangwatirkeun kana nasib Mardi. Sanajan ngedul, gagabah, bedegong jeung teuas hulu tara daék narima pendapat batur. Tapi sabenerna Mardi mah masih kawilang bageur. Masih sok milu mikiran nasib kulawargana. Teu pati musingkeun kawas Lastri anu pupujieun, resep judi méakeun duit, sapopoéna ukur sibuk mikiran dirina sorangan, resep ngabohong jeung angkuh. Nepi ka Udin mikir, Naha teu Lastri waé atuh anu lumpuh téh? Kulawargana pasti bakal ayem tengtrem. Tapi buburu Udin istighfar. Sabab ieu geus gurat nasib.
Saenggeus mariksa Mardi, dokter kaluar. Ti luar dua urang asup. Udin kerung sabab anu asup Junaédi, nyaéta manager gedung anu diteunggeulan sarta diusir ti paméran mobil. Malah biwirna ogé masih jeding sarta aya jaitan, pipina masih garareuneuk. Saurang deui Udin teu wawuh, tapi kaciri ngajingjing tas ubar anu aya lambang palang mérah diluarna sarta tulisan tur logo 'Ikatan tabib Indonésia'.
"Ma, saha anu miwarang jalmi ieu sumping?" Icih nanya ka Lastri, sabab teu nyangka Junaédi bakal datang. Padahal rasa ambék jeung nyeri haté Icih ka Junaédi masih can leungit.
"Ema anu nitah, Junaédi boga dulur ahli ngubaran ti majaléngka. Kabeneran keur aya di Bandung" ceuk Lastri.
"Jun, kadieu diuk deukeut bibi" ceuk Lastri ka Junaédi bari seuri marahmay. Padahal kakara bieu geus ceurik.
"Wios abdi didieu bi" témbal Junaédi teu wani deukeut sabab aya Udin nangtung bari ngusapan taktak Icih anu keur diuk.
Nempo kaakraban Icih jeung Udin, Junaédi beuki ambek jeung timburu. Sabab sanajan kumaha Junaédi ogé boga rasa ka icih. Éta pangna saméméhna satiap pagawéanna sok dibikeun ka Palapa. Ngadéngé Icih geus boga usaha sorangan ogé tetep diuudag sangkan Icih anu migawéna. Malah saperti anu dijangjikeunna basa dipaméran, Junaédi mémang hayang méré hadiah mobil ka Icih keur mikat haténa.
"Jun, bibi keur bingung, si mamang ceuk dokter paraplégia, bakal lumpuh" ceuk Lastri ngajelaskeun ka Junaédi.
Share this novel