103. Baréna jeung Unah diwarah ku Udin

Fantasy Series 60

Baréna murungkut sieun teu ngalawan, tapi Baréna ngarasa perlu ngajelaskeun. Jadi Baréna nyarita,
"Mang. Pariksa deui. Kartu dina leungeunna VVIP all access. Si Udin lain kulawarga Nataprawira. Naha bet boga kartu VVIP all access? Hartina kartu éta meunang maok atawa palsu pan?"

Disambung ku Unah,
"Bener. Jelema ieu katelah tukang tipu, tukang bohong, loba pangusaha beunghar anu geus katipu ku manéhna. Nipu geus jadi pagawéanna, jadi keur manéhna tangtu moal hésé ngajieun kartu palsu"

Awak Boyo beuki ngadégdég, amarahna ampir budal kabéh ngadéngé omongan Baréna jeung Unah,
"Déngékeun aing! Aya saurang diluar kulawarga Nataprawira anu boga hak keur sakabéh wangunan gedung ieu, nyaéta guru Udin. Atanjeun ngarti?"

Baréna jeung Unah ngarénjag, terus silih rérét. Sabab nyatana omongan Udin bener. Aya level-5 salian 4 level anu dijual. Nyaéta level anu dihususkeun keur Udin jeung pemilik Brilliant Club.

"Guru, Kuring geus teu sabar hayang nyiksa 2 jelema ieu. Hukuman naon anu pantes. Béjaan kuring guru" ceuk Boyo ka Udin bari kekerot.

"Lantaran sungutna garoréng patut, leuwih bau tibatan cubluk, jadi kudu diberesihan" témbal Udin.

"Lamun kitu rék diinuman parfum ku Kuring" ceuk Boyo.

"Ulah. Parfum cairan kimia konséntrasi tinggi, disemprotkeun saeutik moal nanaon, tapi lamun diinumkeun bisi paéh. Kuring teu hayang aya jelema sakarat terus jadi bangké di gedung anyar anu karek diresmikeun ieu" ceuk Udin.

"Jadi kudu kumaha guru?" Boyo kerung.

Udin ogé kerung mikir. Sedengkeun Baréna jeung Unah beuki sieun, awakna ngadégdég bari leungeunna silih cekel nungguan anu bakal diucapkeun ku Udin. Unah mah malah geus ceurik ngageungeuik pikarunyaeun.

Ahirna Udin ngomong,
"Kieu! Sungutna bau lantaran ucapanna. Sangkan jadi seungit, kudu ngadahar heula anu bau-bau. Lamun geus kitu pasti maranéhna bakal nyeungitkeun sungutna sorangan. Naha disikat atawa nginum parfum, terserah ari dilakukeunna ku manéhna kénéh mah. Jadi bawa duanana ka toilét lalaki, titah ngalamotan urinoir! Lamun teu daék, jejelan sungutna ku tai jelema"

Boyo unggeuk, langsung nangtung sarta ngarérét ka 4 sécurity anu marenganna. Terus nunjuk dua security,
"Anjeun Duaan, tutup toilét lalaki anu paling mineng dipaké di lantéi-1. Alihkeun tamu ka toilét séjén"

Dua security langsung lumpat ngalaksanakeun paréntah Boyo, teu lila kadéngé sora tina HT,
"Toilét clear"

"Bawa dua jelema ieu, sina ngalamotan kabéh urinoirna nepi ka beresih" cek Boyo ka 2 sécurity anu masih aya didinya.

Baréna ngarérét sedih ka Unah anu keur ceurik, duanana pasrah diséréd ka toilét di lantéi-1 bari ngabayangkeun siksaan anu bakal disinghareupan. Saumur hirupna, duanana can kungsi ngimpi kudu ngalaman ngalamotan urinoir.

Urinoir di toilét gedung pasti loba lain ngan ukur hiji. tiap urinoir pasti geus diompolan ku sababaraha jelema, sanajan gedung karék diresmikeun poé éta, lain hartina urinoirna can dipaké. Sababaraha Minggu saacana pasti geus diparaké. Komo ayeuna geus soré, can aya cleaning servis anu ngaberesihanna.
Can deui anu ngarompol teu kabéh jelema séhat. Pasti aya ogé anu boga panyakit kencing manis, atawa panyakit kelamin. Karék ngabayangkeunna ogé duanana geus arongkék rék Utah.

"Mang. Leupaskeun mang. Ngalétakan urinoir teu manusiawi" ceuk Baréna ka Boyo bari ceurik.

"Mémangna manéh ngarasa manusa? Manusa mah moal boga ahlak kawas sia. Maké jeung wani mapatahan aing teu manusiawi sagala" ceuk Boyo bari ngajejek tonggong Baréna.

Baréna jeung Unah geus andéprok dihareupeun urinoir bari disaksian ku 4 sécurity, Boyo jeung Udin, dijero toilét lalaki anu geus dikonci. Duanana asa-asa rék ngamimitian ngalamot sabab geuleuh. leungeunma ogé teu wani nyekelan-nyekelan acan.

"Koplok malah ngajarédog, buru lamotan!" Ceuk Boyo nyentak.

Lantaran masih kénéh caricing, Boyo beuki ambek,
"Tampilingan duanana!" Ceuk Boyo ka sécurity.

Dua security langsung maju ngaranggeum kerah baju Baréna jeung Unah terus duanana ditampilingan. Cukang irungna ogé ditojok nepi ka duanana nangkarak bengkang. Geus katempo ngagolér, duanana ditajongan.

"Mang, Kuring anggota sénior di Brilliant Club, geus Mayar 50 juta. Bapa kuring jeung anjeun salembur. Piraku téga memperlakukeun kuring kawas kieu?" Ceuk Baréna bari nutupan irungna anu geus ngucurkeun getih. Unah diuk murungkut, kaciri sakuriling matana geuneuk, beungeutna geus pinuh ku getih anu kaluar tina irungna.

"Anjeun mémber sénior tapi wani ngahina angota VVIP. Naon hartina duit 50 juta? Saméméh aranjeun balik, 50 juta anjeun bakal dipulangkeun, anjeun dicabut tina hak kaanggotaan, di blacklist ti Brilliant Club!" Témbal Boyo.

Boyo nyokot botol parfum tina mesin semprot otomatis anu napel dina témbok toilét.
"Buka sungutna! Seprotkeun sing loba kana sungutna sangkan euweuh alesan urinoir bau" Ceuk Boyo ka sécurity bari mikeun botol parfum toilét.

Dua security muka sungut Baréna jeung Unah, gadona dibetot paksa sangkan calawak badag, anu saurang deui nyemprotkeun parfum loba pisan parfum kana jero sungut duanana. Sengit parfum langsung nyambuang di jero toilét, Unah ngajerit peuriheun sabab cairan parfum ngabaseuhan biwirna anu soéh lantaran ditonjok bieu. Sedengkeun Baréna ngacay babalongkéngan utah uger sabab létahna karasa pait.

"Inum! Lumayan keur nyeungitkeun eusi peujit anjeun. Bisi kurang loba, kuring rék nyokot anu leteran di gudang!" ceuk Boyo bari najong beungeut Baréna.

Baréna jeung Unah euweuh anu hayang paéh, duanana ngorondang ngadeukeutan urinoir.
"Ulah diinuman deui parfum, kuring rék ngalétakkan urinoir" ceuk Unah.

"Guru, anjeun rék lalajo?" Boyo nanya ka Udin.

"Enya, kuring rék nyaksian tidieu" témbal Udin anu keur nangtung nyarandé kana panto toilét anu nutup.

Dijero toilét aya 16 urinoir, 8 di kénca, 8 di katuhu. Baréna geus nyekelan urinoir ka-1 jajaran kénca ku dua leungeunna, létahna geus mimiti kaluar rék ngamimitian ngalamotan, tapi masih ngarandeg asa-asa. Sabab bau hangseur langsung kaseuseup ku irungna. Beuteungna murel deui hayang Utah.

Una di gigireunna ogé mimiti tungkul kana urinoir, tapi buukna anu panjang milu asup ngarumbay ka jero urinoir, sababaraha kali buukna dikatukangkeun tapi ragrag deui ragrag deui ka jero urinoir. Unah ngarasa hanjakan teu mawa jepit atawa beungkeut buuk.

Ningali duanana masih silih séréd di satempat bari can aya anu ngalétak, Boyo keuheul,
"Lamun masih kénéh hararésé, saurang pindah ngalétakkan closét!"

Duanana beuki ngadégdég, sabab urinoir waé geus geuleuh, komo closét. Sanajan dijieun tina porselen bodas tapi da lain tempat anu beresih.

Baréna langsung ngalétak, tapi karék sakali langsung Utah. Unah anu nempo Baréna Utah deui, langsung ngarti panyababna. Éta pasti kulantaran Baréna beunta. Jadi unah langsung meureumkeun panonna bari ngamimitian ngalétakkan sababaraha kali. Lamun nempo Unah lutak létak bari peureum dina situasi séjén pasti bakal ngahudangkeun gairah kalalakian Baréna. Tapi ieu di toilet, nempo Unah ngalétakan urinoir sababaraha kali bari tenang siga anu nikmat, Baréna malah ngabirigidig geuleuh.

"Kuring geus ngalétak, ayeuna leupaskeun kuring" ceuk Baréna.

Boyo ngaérét ka Udin ménta jawaban.

"Ngan salétak? Tempo si Unah tuh, leuwih ngarti tibatan anjeun" ceuk Udin ka Baréna.

"Jadi kahayang anjeun naon deui? Nitah ngalétak urinoir geus dilaksanakeun" ceuk Baréna teu ngarti.

"Pindah ka barisan urinoir séjén sangkan teu parebut. Jadi Saurang kabagéan 8 urinoir. Létakan kabéh nepi ka beresih" témbal Udin.

Kabéh colohok ngadéngé paréntah Udin. Tapi Unah tetep anteng ngalétakkan, sabab geus nyaho sifat Udin lamun geus nyiksa jelema. Pasti moal méré ampun saacan kahayangna digugu. Bari merebeykeun cipanonna sarta ngantep buukna anu ngarumbay ka hareup kabaseuhan. Unah terus ngalamotan urinoir, ampir bérés anu kahiji. Letahna geus asa paéh rasa.

Baréna ogé ceurik, terus ngorondang ka jajaran 8 urinoir katuhu. Mereumkeun panonna nurutan Unah, sabeulah leungeuna dipake mencét irungna, terus ngamimitian ngalétak. Unah geus pindah kana urinoir ka dua bari saacana ngelapkeun heula biwirna jeung buukna kana leungeun bajuna.

"Unah, anjeun salah, barisan éta keur Baréna, urinoir anjeun anu aya tukangeun anjeun" ceuk Udin.

Unah langsung andéprok leuleus, padahal geus nganggeuskeun 1 urinoir. Hartina pagawéanna bieu jadi sia-sia jeung miturut itungan Unah jadi kabagéan 9 sedengkeun Baréna ukur 7. Jelas Unah protés,
"Udin. Naon maksudna? Anjeun teu adil" pokna bari ngajerit.

"Sapasang kakasih kudu sauyunan, anjeun hawek geus miheulaan tanpa ngajak pasangan anjeun. Wéyahna bikeun bonus hiji ka Baréna" ceuk Udin.

Baréna jeung Unah ngarasa keur narima panghinaan gedé saumur hirupna. Sakumaha telengesna jelema, moal aya anu nyiksa batur ku cara ngaletakan urinoir.

Saenggeus duanana tukeur tempat sarta katempo mimiti ngalétakkan urinoir tanpa asa-asa deui. Udin ngarérét ka Boyo,
"Boyo. Lamun 16 urinoir ieu geus beresih kabéh, leupaskeun duanana"

"Siap guru, duanana moal leupas tina pangawasan kuring" témbal Boyo.

Udin geus muka panto rék kaluar tapi ditahan ko Boyo,
"Guru, hampura kajadian tadi, kuring geus teu sopan ka anjeun. Pasti anjeun ambek ka kuring. Kuring rumasa salah. Ulah dilaporkeun ka néng Warni"

"Teu nanaon, ngan ulah sakali-kali deui. Awaskeun terus wéh dua jelema ieu sangkan téréh béreés. Kuring moal bébéja ka sasaha" témbal Udin seuri

Boyo unggeuk, reugreug ngadéngéna,
"Siap guru, nuhun"

Udin nyaho Boyo teu salah, Boyo ukur dimanfaatkeun ku Baréna. Kasalahan Boyo ukur kurang taliti jeung terlalu percaya ku laporan safihak. Tapi pasti Boyo bisa ngoméan kasalahanna.

Udin indit ka kantorna Warni pikeun méré nyaho hasil gawéna. Warni ngarasa kuciwa ngadéngé ceuk Udin dékorasi intérior gedung boga pamor anu biasa waé. Padahal Warni geus ngagawékeun designer kondang pikeun nata kabéh rohangan. Sarta geus ngondang ahli féngshui ti China pikeun mariksa. Harga hiasan jeung furniture ogé euweuh anu murah.

"Kang. Salira kagungan cara kanggé ngarobihna?" Warni nanya ka Udin.

Udin seuri,
"Di lobi. Pas asup pangunjung geus disampakkeun ku dua tangkal Camara gedé. Hadéna ganti duanana ku jenis palma, Naha palem, korma, kalapa atawa waregu terserah mana anu pantes miturut anjeun keur hiasan intérior, anu penting jenis Palma. Terus dua pilar batu motif maung diluar, hadéna ulah bikang jeung jalu, kudu jalu duanana. Nyinghareupna ogé ulah sajajar ka jalan raya, pahareup-hareup ogé goréng, tapi kudu rada nyérong 45⁰ ka arah datangna pangunjung. Saolah-olah dua punggawa karaton anu keur ngabagéakeun tamu anu datang"

Warni unggut-unggutan.
"Hartosna wibawa luar gedung kedah langkung ditonjokeun nya kang?"

Udin unggeuk,
"Asup ka gedung anu pamorna kuat, bakal mawa sumanget gedé keur saha waé anu datang. Jadi para pangusaha anu datang kadieu pikeun ngahabas bisnis bakal kapangaruhan ku pamorna sarta bakal ngarasa nyaman aya dijero"

Warni kerung, sabab métode Udin can kungsi kadéngé saacanna. Umumna para ahli dékorasi jeung ahli féngshui pasti bakal ngutamakeun bagéan jero.

"Ulah poho salian pajak ka nagara, zakatkeun sabagéan tina hasilna sasuai jeung hakna. InshaAllah gedung ieu bakal barokah jeung gedé manfaatna pikeun kabéh mémberna" ceuk Udin deui.

"Nuhun kang. Sadayana bakal jadi catetan abdi kanggé dilaksanakeun" témbal Warni.

Udin ngarérét kana arlojina, geus waktuna Udin pikeun balanja sayuran jeung masak. Jadi Udin nyarita,
"Kuring kudu balik" ceuk Udin.

"Mangga kang, ku abdi di jajapkeun" ceuk Warni bari maturan Udin kaluar sarta nitah pagawé nyokot mobilna di basement.

"Tungguan didieu, Kuring rék ka toilét heula" ceuk Udin bari manggut ka Warni terus leumpang ka toilét lalaki anu dipaké ngawarah Unah jeung Baréna.

"Kuring nungguan anjeun dina mobil" ceuk Warni ka Udin anu geus leumpang. Udin ukur ngacungkeun jempolna.

pas Udin datang, Unah jeung Baréna karék nepi ka urinoir ka-3. Beungeut duanana geus pias sabab sababaraha kali Utah.
"Naha meni asa Lila?" Udin nanya ka Boyo.

Share this novel

Guest User
 


NovelPlus Premium

The best ads free experience