"Kang. Naon anu kudu dilakukeun ku urang ayeuna?" Ilyas nanya ka Baréna.
Baréna muncereng,
"Geus sabaraha kali aing ngomong, ulah nyebut akang, Aa, atawa naon waé ka aing. Aing lain lanceuk sia, lain dulur sia. Leuwih hadé sia balik, ulah nutur-nutur aing" ceuk Baréna bari naék kana mobilna terus indit ningalkeun Ilyas sorangan di sisi jalan.
Sapaninggal Baréna, Ilyas ngawanikeun manéh datang deui ka klinik Tiandi. Nempona sécurity nanya,
"Kunaon anjeun balik deui? Indit! Ulah nepikeun ka kuring ambek"
"Aya hal pribadi anu ku kuring kudu diomongkeun ka tabib. Kuring pasti indit saenggeus nyarita ka tabib, teu kudu diusir" témbal Ilyas bari manggut sababaraha kali.
Security kerung, sabab Ilyas ngomongna sopan naker. Daék manggut ka pantar sécurity. Béda jeung jelema-jelema séjénna anu nganggap security ukur kacung atawa anjing tukang jaga.
"Tabib Tiandi teu hayang narima anjeun. Mémangna aya kapentingan pribadi naon?" Sécurity nanya leuleuy.
Ilyas deku deui dina lawang panto,
"Ijinkeun kuring ngobrol jeung tabib. Kuring Ilyas dididik disiplin ku suku Amungme di Papua, Ilyas bakal terus cicing didieu saacan bisa nyarita langsung ka tabib"
Tiandi anu keur naék kana tangga rék ka kamarna langsung ngarandeg pas ngadéngé sora Ilyas. Ilyas mémang béda, Ilyas ngarti kana tata krama. Saprak 2 kali nempo Ilyas diperlakukeun kasar ku Baréna, Tiandi mémang geus ngarasa karunyaeun.
Ahirna Tiandi balik deui. Nempo yén Baréna geus indit jeung mobilna ningalkeun Ilyas sorangan. Tiandi ukur bisa gogodeg.
"Hayu ka jero" pokna ka Ilyas.
"Hatur nuhun tabib" Ilyas bungah, buburu nangtung terus nuturkeun Tiandi ka jero.
Nepi kajero, saenggeus dititah diuk, Ilyas buburu ngodok tasna sarta ngaluarkeun kanjut kundang tina kaén hideung, terus ngaluarkeun eusina nyaéta akar ginséng warna bodas.
Ginseng diangkat ku dua leungeunna sarta ditémbongkeun ka Tiandi,
"Tabib Tiandi, ieu ginséng salju Indonésia anu ukur hirup dina taneuh tropis sarta geus kakubur ku lapisan és. Ieu titinggal almarhumah indung Kuring. Umurna 1000 taun ti puncak jaya papua. Ieu barang hiji-hijina anu diwariskeun ka Kuring. Kuring nyaho anjeun hormat ka pa Udin. Kuring hayang mikeun ieu ka pa Udin ngaliwatan leungeun anjeun. Sangkan anjeun jeung pa Udin daék nulungan kasusah bapa kuring"
Tiandi ngarénjag nempo ginséng salju anu ngan saukuran jempol. Ginséng umumna dipelak atawa hirup liar di nagara China jeung Koréa. Tapi mémang di Indonesia ogé aya, ngan jarang pisan, malah ampir euweuh. Tiandi sorangan can kungsi nempo dikieuna, Tiandi ukur nyaho tina buku-buku medis jaman baheula.
Bakat ku bodas, ginséng dina leungeun Ilyas ampir tembus pandang. Éta kulantaran geus aya lapisan lilin alami anu ngabungkus ginséng. Hiji tanda umurna mémang geus kolot pisan. Tiandi teu nyangka dirina bakal bisa nempo wujud nyata tina ginséng salju.
"Ieu bener milik anjeun? Naha bet bisa boga bahan ubar anu istiméwa jeung langka kieu?" Tiandi nanya.
Ilyas unggeuk,
"Tabib. Indung kuring asli suku amungme désa amui deukeut puncak Jaya, kacamatan Tembagapura Papua. Kulawarga ti indung kuring usahana mémang tukang nyiar bahan ubar. Ginséng ieu ti buyut kuring anu geus diwariskeun ngaliwatan sababaraha katurunan, ahirna tepi ka leungeun kuring. Baheula Atang, bapa kuring. Sok kaditu nyiar bahan ubar. Nepi ka kapincut ku indung kuring, terus ningalkeun kuring sawaktu kuring masih aya dina jero kandungan kénéh. Jadi kuring digedékeun di Papua. Pas indung kuring gering parna, umur kuring karék 12 taun. Lantaran sieun kuring hirup sorangan, indung kuring nyuratan aki, anu ahirna kuring dijemput ku bapa terus dibawa ka Bandung. Saacan indung kuring maot, anjeunna ngawariskeun ginséng ieu ka kuring. Ku kuring disimpen lantaran kuring nyaho ginséng ieu berharga. Bakal dikaluarkeun dina situasi darurat. Ayeuna kaayaan keur darurat. Jadi punten, pangmikeunkeun ka pa Udin"
Tiandi ngarénjag ngadéngé riwayatna. Tiandi ukur nyaho Ilyas adi téré Baréna. Tapi teu nyangka aya carita kitu disatukangeunna.
Ilyas can kungsi nyaritakeun pangalaman hirupna ka sasaha. Karék ka Tiandi ayeuna. Salila di Bandung dirina dikucilkeun, diapi lain. Malah teu dianggap adi ku Baréna. Atang ogé salaku bapa teges masa bodo. Teu jarang Ilyas disiksa, dihina. Tapi kabéh diteureuy kalayan sabar.
Ilyas geus sabar nungguan nepi ka dirina bener-bener bisa ditarima ku kulawarga. Ayeuna aya kasempetan pikeun bisa jadi pingpinan Triman Pharmaceutical sok sanajan syaratna kudu bisa nyalametkeun kulawargana tina anceman Firman. Matak Ilyas teu lebar mikeun hiji-hijina barang titinggal almarhumah idungna ka Udin.
Ginséng umur 1000 taun moal aya di pasaran, jeung can kungsi aya anu dilélang. Sakanyaho Tiandi, paling kolot ginséng bodas anu kungsi aya umur 300 taun, bari harga normalna geus 500 jutaan. Komo ieu anu 1000 taun, teuing sabaraha milyar harga normalna. Komo lamun dilélangkeun, bisa puluhan kali lipet ti harga aslina. Sabenerna Ilyas bisa langsung beunghar ku cara ngajual ginseng éta. Tapi anu kapikir ku Ilyas nyalametkeun kulawarga leuwih penting tibatan hirup beunghar tapi sorangan.
Tiandi nyaho Udin bisa ngamurnikeun ubar, ginséng bodas umur 1000 taun ieu pasti bakal jadi bahan anu manfaat pisan keur Udin. Matak teu talangké, Tiandi langsung nelepon Udin.
Harita Udin keur ngamurnikeun ubar anu bahan utamana tina akar bajakah anu dibelinya saharga samilyar téa. Ditambahan ku 30 jenis bahan séjén anu geus dipesen saméméhna ti Qin Gang. Ditaksir bakal ngahasilkeun 30 ubar anu khasiatna salével leuwih luhur ti ubar saméméhna. Karék ogé réngsé, Tiandi nelepon.
"Guru, Ilyas adi téréna Baréna rék ménta tulung ka anjeun pikeun ngubaran Firman. Lamun anjeun daék, aya ginséng salju umur 1000 taun anu rék dibikeun ka anjeun sabagé hadiahna" ceuk Tiandi.
"Ginséng 1000 taun? Naha bener barangna aya?" Udin nanya sabab ngarasa teu yakin. Bet ginséng biasa anu umur 300 taun ogé geus langka. Komo ieu ginséng salju, jaba umurna 1000 taun.
Udin atoh, sabab dina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun disebutkeun yén ginséng salju Indonésia anu umurna 500 taun waé geus bisa dipaké keur ngaracik ubar lével-8 ti 9 lével anu aya. Ubar anu bieu diracik maké akar bajakah umur 300 taun karék mampu naék nepi ka lével-3. Teu mustahil ginsetng bodas 1000 taun bisa dijieun ubar lével ahir, nyaéta level 9.
"Guru. kuring ogé saumur hirup karék nempo ayeuna. Sanajan kuring teu yakin umurna pas 1000 taun. Tapi dumasar kaahlian kuring dina nganilai barang, geus bisa dipastikeun umurna leuwih ti 500 taun" ceuk Tiandi.
Udin percaya pisan ka Tiandi, sabab sawaktu naksir umur akar bajakah dipaméran ogé perhitungan Tiandi jeung Udin ukur béda 10 taun.
"Tiandi. Kuring atoh ngadéngéna. Kabeneran kuring karék téngsé nyampurnakeun ubar ku akar bajakah téa. Bawa kadieu ginséngna. Keur hadiah, kuring rék méré anjeun 1 ubar anyar keur ngaganti ubar anjeun anu dititipkeun ka kuring"
"Guru, kuring teu bisa ngaramu ubar hadé. Geus sawajarna barang istiméwa ieu kudu jadi milik anjeun" ceuk Tiandi.
"Kabeneran di imah keur euweuh sasaha, bawa ginséngna kadieu ayeuna. Kuring hayang mastikeun bener henteuna 1000 taun" ceuk Udin deui.
"Siap guru" témbal Tiandi. Terus telepon ditutup.
Tiandi ngarérét ka Ilyas,
"Ilyas. Pa Udin can ngomong narima, tapi pa Udin hayang mastikeun heula umur ginseng ieu. Jadi anjeun kudu milu jeung kuring ka imah pa Udin ayeuna"
"Nuhun tabib" témbal Ilyas manggut bungah.
"Kuring rék ngahubungken anjeun ka pa Udin. Lamun pa Udin daék, nganuhunkeunna ka pa Udin. Ulah ka kuring" ceuk Tiandi.
Ilyas unggeuk,
"Abdi ngartos tabib"
Saterusna Tiandi ngagero Zofia,
"Zofia. Supiran aki ka imah pa Udin!"
Ngadéngé kudu nyupiran ka imah Udin, Zofia jelas atoh,
"Hayu Ki" témbal Zofia bari lumpat tiheula kana mobilna terus muka panto keur Akina jeung Ilyas.
Ilyas ngasupkeun deui ginséng kana kanjut kundangna. Tuluy gura-giru nuturkeun Tiandi kaluar. Sararéa asup kana Audi anu anyar dibeuli ku Zofia.
Saprak Tiandi nékadkeun haté matun di Bandung. Klinik sarta imahna anu di Jakarta langsung dijual. Sawaréh dibeulikeun mobil. Sesana masih disimpen keur meuli imah lamun ruko geus béak masa kontrakna.
Selang 10 menit tiluanana geus narangtung dina téras imah Udin. Méméh ngetrokan panto, Tiandi ngomong ka Ilyas,
"Lanceuk anjeun boga masalah jeung pa Udin. Anjeun kudu sopan hareupeun pa Udin"
"Teu kudu hariwang tabib, kuring ngarti" témbal Ilyas unggeuk.
Tiandi seuri, terus ngetrokan panto. Panto dibuka ku Udin, tiluanna ngabongkokkeun awakna,
"Wilujeng siang pa Udin" ceuk Zofia.
"Kuring Ilyas pa" ceuk Ilyas bari manggut.
Udin seuri,
"Kuring kungsi nempo anjeun basa dijejek ku Baréna di paméran. Hayu asup!"
Ahirna sararéa asup, terus dititah dariuk. Sedengkeun Udin buburu ka dapur nyiapkeun 4 gelas cai nginum.
Keur anu tiluan, kabéh kakara nyaho kaayaan di jero imah Udin. Sederhana, euweuh barang méwah, sanajan bararesih jeung sareungit. Teu nyangka jelema anu boga pangaruh gedé sarta loba kabisa daék cicing di imah sederhana siga kutu. Teu kaciri aya sécurity atawa palayan.
Malah Ilyas mah nyangkanya udin milyarder, sabab bisa meuli bajakah harga samilyar. Teu percaya Udin cicing di tempat siga kitu.
Teu lila Udin datang bari nanggeuy baki. Udin teu nyaho naon anu keur dipikiran ku para tamuna. Saenggeus nunda baki Udin diuk terus ngareret ka Ilyas,
"Béjana anjeun aya perlu ka kuring?"
Ilyas unggeuk bari buburu ngaluarkeun kanjut kundangna terus ngaluarkeun ginséng salju sarta diangkat ku dua leungeuna disodorkeun ka Udin,
"Kuring boga ginséng salju titinggal almarhumah Ema, umurna 1000 taun. Dina leungeun kuring, barang ieu teu mangfaat. Kuring yakin dina leungeun anjeun mah bakal béda. Jadi kuring rék mikeun ieu keur anjeun"
Udin teu buburu narima, tapi melong ginséng dina leungeun Ilyas. Sanajan ukur dipelong, Udin geus bisa ngarasakeun ayana énérgi spiritual anu gedé. Udin ogé langsung nyaho umur sarta asal muasal sabenerna. Bener-bener hiji harta langka anu euweuh duana. Ku pemanasan global, lapisan és geus beuki ipis di puncak jaya, jadi asa mustahil jaman ayeuna masih aya ginséng salju.
Udin teu bisa nyumputkeun rasa atohna, salian ubarna bakal bisa disampurnakeun deui nepi ka lével ahir. Ku nginum ubarna, lével kakuatan udin ogé bakal bisa nembus nepi ka puncakna sasuai jeung anu ditulis dina kitab Ghoib 9 Élmu Karuhun.
Udin narima ginséng, diasupkeun deui kana kanjut kundang, terus digolérkeun dina méja.
"Ilyas. Naon anu kudu dilakukeun ku kuring?"
Ilyas ngajelaskeun, bari tungkul.
"Pa. Firman boga panyakit impotén, tapi saprak nginum ubar anu dijieun ku apotéker Triman, bobogaana malah jadi buruk sarta kaluar nanah. Rumah Sakit ngavonis amputasi, sabab inféksina teu bisa dicageurkeun. Ayeuna kulawarga kuring diancem pikeun masrahkeun kabéh aset sarta kakayaan keur kompénsasi ka Firman. Atawa ngubaran panyakitna. Bari ukur dibéré waktu sapoé ieu. Diantara Kuring jeung Baréna, saha waé anu bisa méréskeun masalah ieu, bakal jadi pawaris perusahaan. Éta jangji bapa kuring"
Udin némbalan,,
"Kuring nyaho perlakuan kulawarga anjeun ka anjeun. Ginséng ieu hargana milyaran, ku naon teu dijual terus hirup beunghar sorangan. Anjeun bisa muka usaha anu leuwih gedé tibatan Triman. Anjeun teu pantes kudu ngorbankeun diri keur nulungan kulawarga jahat kawas kitu"
Share this novel