Anu jadi alesan pangna masih misah saré nyaéta, harita duanana karék panggih jeung can ngalaman bobogohan. Kawin ogé lantaran dipaksa ku Wawan Kusumah, jaba basa dikawinkeun status Icih masih kuliah seméster ahir. Bérés di wisuda Icih hayang fokus heula kana karir, babantu diperusahaan Akina nyaéta Palapa. Impianna hayang boga heula Imah sorangan, kakara mikiran katurunan. Tah masalah ieu geus mufakat jeung Udin sarta geus jadi rusiah duaan, anu séjén mah teu nyarahoeun.
Duanana teu buburu saré, sabab masih ngabayangkeun kajadian peuting ieu. Icih nanya,
"Kang. Kumaha kaayaan ma Éméh. Abdi kagungan 100 rébu, bilih badé dianggo mah mangga" Ceuk Icih bari nyangigir nempo ka Udin anu ngagolér dihandap gigireun ranjangna.
"Geus dilunasan ku batur, jaba ceuk perawat cenah geus dibawa ka Jakarta, rék dioperasi di Jakarta" témbal Udin bari mencrong lalangit kamar.
"Baruk! Naha bet tiasa dibayar ku batur. Akang uninga saha jalmina?" Icih kerung.
Udin gogodeg,
"Nyéta henteu, tapi da ma Éméh mah salila hirupna gedé amal. Loba budak katalagsara anu kungsi dirawatan. Lain ngan ukur akang hungkul. Matak wajar lamun aya anu mulang tarima"
Icih ngarénghap reugreug,
"Alhamdulillah atuh upami kitu mah, abdi ngaraos reugreug. Akang ogé kedah reugreug. Ulah seueur émutan deui"
"Enya" témbal Udin.
"Abdi badé kulem tipayun kang, ampir sataun ti kawit aki stroke, perusahaan seueur masalah, janten énjing pasti abdi sibuk pisan, margi seueur lereskeuneun" Ceuk Icih.
"Na aya naon Kitu nyi?" Udin panasaran.
Icih ngajelaskeun,
"Pemasukan kas Palapa teu patos lancar, Nini maksa abdi supados ngiringan proyék anu diténderkeun ku Bima Raya. Nanging abdi pésimis, Palapa tangtos moal kiat mayunan kompetiterna"
"Na ari kitu salila ieu Palapa can kungsi kerjasama jeung Bima Raya?" Udin kerung.
Icih seuri,
"Ah akang mah. bujeng-bujeng Palapa. Sok sanaos perusahaan tunanganna Unah atanapi perusahaanna Iyus anu langkung ageung ti Palapa ogé. Paling ukur tiasa ngesub"
Udin ogé nyenghél seuri maur,
"Maklum atuh nyi, akang mah SMA ogé teu tamat, jadi teu pati ngarti kana urusan anu kararitu"
Udin ngahuleng, sabab nyatana Bima Raya rék muka ténder. Mikiran hal éta, Udin mangkarunyakeun ka Icih sarta boga tékad hayang ngabantu. Da di lain-lain ogé icih pamajikan sahna. Geus jadi kawajiban salaki pikeun matuan ngaronjatkeun martabat icih dimata kulawarga Kusumah jeung anu séjéna, Icih ulah nepi ka jadi bahan hinaan saperti anu geus tumiba ka dirina.
"Aing kudu bisa ngajadikeun Icih pangunggulna di Palapa, kabéh kulawarga Kusumah kudu ngahargaan kana kamampuanna" gerentes haté Udin bari meureumkeun panonna, terus saré.
Ngan 3 jam Udin saré, sabab kageuingkeun ku sora adzan Subuh ti masjid, buburu Udin cengkat terus sholat. Réngsé sholat Udin indit ka dapur kaprak-keprek masak keur sararéa saperti anu rutin dilakukeunna. Réngsé masak, kabéh diamparkeun dina méja makan terus asup ka kamar ngaganti baju ku anu rada pantes, mésakan HP jeung maké sapatu.
Rét ka Icih anu masih kénéh tibra, tapi Udin teu wani ngageuingkeun. Ukur nyarita lalaunan,
"Nyi, akang angkat heula, badé ngantor" kituna téh bari ditungtungan ku seuri sabab yakin Icih mah moal ngadéngéueun da tibra kénéh. Pon kitu deui mitohana di kamar séjén, pasti talibra kénéh.
Udin kaluar ti kamar bari nyomot goréng tahu sakeureut tina piring dina méja makan, wel disamualkeun. Bari samutut ngagayem tahu udin ngoréléng ka pipir imah nyokot sapédahna, biur Udin indit. Tujuana nyaéta rék ka kantor Bima Raya Grup.
Tepi ka Bima Raya, Udin markirkeun sapédahna di tempat parkir motor karyawan. Terus ngincid nuju ka loby bari nyusutan késang dina tarangna ku leungeun bajuna.
Reg hiji Mercedes hideung eureun hareupeun loby kantor. Udin nempo sapasang lalaki jeung awéwé kaluar tina mobil. Anu lalaki maké jas, anu awéwé maké setélan blazer bari nyoléndang kantong, lengeun kéncana nyekelan sabotol cai mineral. Pasangan anu dimaksud nyaéta Unah jeung tunanganna, Ibro Wijaya.
Udin teu nyaho aya urusan naon Unah jeung Ibro datang ka ka Bima Raya. Tapi lantaran sieun nimbulkeun masalah, Udin nguliwed heula rék nyumput sangkan teu katempoeun. Mercedes ogé maju deui dibawa ku supirna ka tempat parkir. Teu disangka Unah nyatana geus nempoeun terus nyorowok ka Udin,
"héy, kang Udin!" Pokna bari ngagupayan.
Udin kapaksa nyampeurkeun,
"Unah! Naha anjeun aya didieu?"
Unah nyikikik seuri,
"Rék nepungan ibu Susi, wakil ketua Bima Raya Grup. Astina, perusahaan kulawarga kang Ibro geus lila kerjasama jeung Bima Raya. Dumasar pangalaman éta, ayeuna kang Ibro rék ngabantu Palapa sangkan bisa miluan tender" pokna bari seuri reueus melong kana beungeut Ibro.
Udin kerung, sabab ngadéngé ti Icih mah. Astina teh ukur ngesub, hartina anu kerjasama mah lain Astina langsung. Tapi Udin pura-pura teu nyaho. Udin seuri bari ngacungkeun jempolna. Terus muji,
"Wah! Hebat. Ibro anu gagah anak bos Astina, Unah anu pinter jeung geulis ogé incu bos Palapa. Ayeuna keur silih bantu sangkan bisa miluan tender. Aranjeun mémang kompak jeung serasi"
Ngadéngé Udin nyarita kitu, Ibro mah malah asa dilécéhkeun, bari baeud Ibro ngomong,
"Dasar cucunguk! Karék ogé tadi peuting léwéh nginjeum duit teu dibéré, ayeuna geus bisa seuri"
Bari haténa mah mikir, sabab Ibro teu ngarti ka Icih. Geulis tapi bet milih salaki ka jelema pangedulan tur bodo siga kitu. Coba ka dirina. Meureun ayeuna téh moal bareng jeung Unah anu sagalana jauh sahandapeun Icih.
"Rék naon manéh aya didieu?" Ibro nanya.
"Ngalamar gawé, sugan ditarima" Udin némbalan sabélong béntor.
"Cuih, néangan gawé? Mémangnya manéh ngarasa pantes digawé didieu?" Ceuk Ibro bari kumecrot nyiduh.
"Pantes jeung teu pantes lain urusan anjeun" témbal Udin rada nyeuneu.
Ningali situasi mimiti panas, Unah buburu nyarita,
"Akang kana naon kadieu?"
"Sapédah" Ceuk Udin pondok
"Terus maké ijazah naon akang ngalamar kadieu?" Ceuk Unah nanya deui.
"SMP" témbal Udin deui.
Cakakak Unah nyakakak bari ngalungkeun botol cai mineral anu eusina kari satengah deui ka lebah suku Udin.
"Tah, nginum heula kang, pasti capé geus ngaboséh sapédah ti Sétrasari ka dieu. Jeung deui bisi ngelepek saupama ngadéngé engké lamaran akang ditolak, omat botolna ulah dipiceun, sabab bisa dijual jadi duit saupama dikumpulkeun rada loba mah"
Disambung ku Ibro,
"Moal ari ditolak mah, bisa ké ku kuring dipangmantuankeun nyarita ka ibu Susi, sangkan ditarima jadi tukang meresihan toilét"
Udin seuri sinis,
"Jenis pagawéan naon anu bakal dipigawé ku kuring engké, teu kudu dipikiran ku aranjeun. Justru anu kudu dipikiran mah diri aranjeun sorangan. Perusahaan élit saperti Bima Raya Grup mustahil daék kerjasama jeung jelema anu goréng ahlak siga aranjeun"
"Saha anu goréng ahlak" Ibro molotot
"Sia!" Ceu Udin bari ngaléos asup ka gedung Bima Raya langsung nuju kana lift. Teu maliré deui ka Unah jeung Ibro anu colohok.
"Tungguan!" Ibro ngudag ka jero, dituturkeun ku Unah. maksud Ibro hayang nyabok Udin. Ngan Ibro buburu sadar yén geus aya dijero gedung, teu hadé ngajieun riributan di perusahaan batur. Jadi Ibro ukur bisa nangtung gigireun Udin anu masih nungguan hareupeun panto lift anu can muka.
"Awas siah, Mun panggih deui diluar, dijebrod ku aing" Ceuk Ibro ka Udin lalaunan, sabab bisi kadéngéeun ku batur.
"Teu sieun!" Témbal Udin bari ngaléngkah ka jero lift anu pantona geus muka, nepi ka jero Udin nyenggékeun bujurna bari digitek-gitek ka lebah Ibro jeung Unah.
"Dasar bangsat!" Ceuk Ibro bari ngaléngkah rék asup, ngan kaburu leungeunna dibetot ku Unah.
"Ulah sasarengan sareng jalmi burung kang, hayu ngalih kana lift anu itu" ceuk Unah bari nunjuk panto lift anu séjénna.
Méméh panto lift ditutup, Udin ngajebéngan bari ngagupaykeun leungeunna,
"dadaaaah..."
Ibro téténjrag bari kekerot, tuluy indit ka lift anu ditunjuk ku Unah. Udin langsung nuju ka lantai pangluhurna, ka kantor pingpinan sesuai jeung pituduh anu aya dijero lift.
Jauh saacanna Asép geus ngatur saurang awéwé ngora saumuran Icih anu jadi wakil diréktur pikeun ngabaturan Udin digawé ngajalankeun Bima Raya Grup. Ngarana Susi. Susi masih kaasup kayawan anyar, sabab karék sataun digawé di Bima Raya, tapi réputasina geus kawéntar dikalangan pengusaha sa Bandung. Lain ngan ukur ngora jeung hadé rupa, tapi mémang pinter jeung boga kamampuan. Konstribusina gedé pisan kana kamajuan perusahaan. Matak 3 bulan katukang, dipromosikeun jadi wakil direktur
Sanajan Bima Raya geus diakuisisi ku Udin, Susi tetep siap sadia pikeun ngabantu Udin anu bakal jadi direktur anyar. Jadi pas amprok jeung Udin. Susi colohok kasima, teu nyangka yén dunungan anyarna masih ngora, gagah jeung kasép.
"Juragan! Mangga ka kantor juragan nyalira" pokna bari rengkuh hormat.
Udin ogé sakedapan colohok nempo Susi anu geulis, terus unggeuk nuturkeun Susi asup ka rohangan Diréktur. Saenggeus duanana aya di jero. Susi ngajelaskeun,
"Tah ieu rohangan kerja salira, mangga calik" ceuk Susi.
Udin ngarérétan ka sakuriling rohangan anu dékorasina méwah, terus Udin diuk dina korsi Diréktur bari langsung nyarita ka Susi,
"Kuring moal mineng datang kadieu, jadi sok pingpin ku anjeun sagalana. Jeung omat, ulah ngungkapkeun idéntitas kuring ka sasaha"
Susi unggeuk, sabab sadar yén keur ukuran ningrat saperti Udin Subrata, Bima Raya Grup tangtu ngan ukur cabang usaha. Pasti Udin masih boga pausahaan utama anu leuwih gedé deui ti Bima Raya. Jadi Susi bisa ngamaklum pisan lamun Udin moal hayang ngelola Bima Raya sacara langsung.
Susi unggeuk,
"Mangga upami salira percanten mah, nanging upami kapayuna aya paréntah atanapi aya hal anu kirang panuju tina hasil padamelan abdi, ulah asa-asa nyarios"
Kadéngé panto aya anu ngetrokan ti luar, terus muka. Saurang sékrétaris manggut ka Susi terus nyarita tina lawang panto,
"Ibu Susi, Aya tamu. Jenenganna Ibro, saurna badé nepangan salira"
"Oh, titah tungguan sakeudeung" ceuk Susi bari méré kodeu ku leungeunna sangkan sékretarisna nutupkeun deui panto.
"Anjeung wawuh ka Ibro?" Udin nanya ka Susi bari kerung.
"Kapungkur perusahaanna, Astina janten mitra Bima Raya, nanging parantos sababara kali kawon waé dina ténder, ahirna ngesub ka pemenang ténder" Susi ngajelaskeun.
Udin unggeuk terus nyarita,
"Tah mimiti ayeuna mah, Bima Raya ulah boga hubungan kerja sama nanaon deui jeung Astina. Saupama kanyahoan aya pemenang ténder anu ngasubkontrakkeun ka Astina. Langsung batalkeun kontrakna!"
"Siap juragan" témbal Susi sanajan dina haténa mah reuwas jeung teu ngarti kana maksudna. Tapi Susi teu wani tumanya.
Udin nyarita deui,
"Ayeuna paréntahkeun sékrétaris bieu. Tepikeun ka Ibro yén anjeun teu hayang panggih atawa kerjasama jeung perusahaan anu pingpinanna goréng ahlak, terus usir kaluar" ceuk Udin méré paréntah ka Susi.
Susi unggeuk nurut, terus nelepon sekrétarisna anu aya di luar nepikeun anu bieu diparéntahkeun ku Udin. Diluar, Ibro jeung Unah keur dariuk nungguan di rohangan tunggu husus keur para tamu dirékrut atawa wakil diréktur. Duanana ngarepkeun Susi daék narima kadatanganna. Jadi pas sekrétaris datang nyampeurkeun, duanana langsung curinghak terus narangtung. Ngan teu disangka sékrétaris di kawal ku dua security, Ibro nanya,
"Kumaha, geus bisa kuring nepungan ibu Susi?"
Sékrétaris seuri sinis,
"Hampura, ibu Susi teu bisa narima anjeun. Ti mimiti ayeuna, anjeun teu meunang datang deui ka dieu, komo bari aya maksud hayang kerjasama. Bima Raya moal narima kerjasama dina rupa naon waé jeung perusahaan anu pingpinanna goréng ahlak siga anjeun. Jadi buburu kaluar!"
"Naon?" Ibro molotot teu percaya kana dédéngéanna. Ibro kerung bingung. Sabab ucapanna bet sarua jeung omongan Udin sawaktu masih di luar bieu.
Sékrétaris nyarita deui,
"Ibu Susi ogé nyaritakeun masalah kontrak, saupama aya perusahaan anu ngasubkeun proyék ti Bima Raya ka perusahaan anjeun. Kontrakna bakal langsung diputus"
Share this novel